You are on page 1of 4

Ngahartikeun Kecap

Geura ayeuna urang terangkeun sawatara kecap anu aya dina éta bacaan.
1. Teu lega, tapi mani resik, sabab hadé piara.
resik = tempat anu beresih tur endah
2. Kalakay anu marurag sok gancang disapukeun.
kalakay = daun nu geus garing
3. Engkéna bisa dijieun kompos, alus pisan keur ngagemuk pepelakan.
kompos = gemuk (basa Indonésiana pupuk) anu dijieun tina runtah dangdaunan
4. Lamun keur usum kembangan téh matak nambahan hégar.
hégar = tempat anu pikabetaheun
5. Tatangkalan anu aya di dinya sok digemuk, ngarah morontod.
morontod = gancang gedé
6. Teu kaop diantep, tatangkalan téh gancang pisan rigil.
rigil = béak daunna
7. Éta omongan remen kadéngé.
remen = mindeng
8. Atuh barudak gé sok ngagugu.
ngagugu = nurut
9. Tara aya nu mungpang kana panyaram kolotna.
mungpang = ngalawan
10. Jeung barina ogé naon resepna ulin di hulu cai, da tempatna nyingkur.
nyingkur = tempat anu jauh jeung tiiseun
11. Anu disebut hulu cai téh ayana tonggoheun perumahan.
tonggoheun = tempat nu leuwih luhur
12. Dipaké mandi, nyeuseuhan, gégéroh, ngumbah motor, jeung lian ti éta.
gégéroh = ngumbah wadah

Ngeusian Kalimah
Pék ku hidep pilih jawaban anu merenah, terus eusikeun
kana kalimahna.
1. Sanggeus dikosokan mah kamar mandi teh jadi _________.
a. resik b. beresih c. lening

2. Matak betah mun ulin ka tempat wisata anu _________ téh.


a. resik b. beresih c. lening

3. Buruan téh mani ___________ taya runtah salambar-lambar acan.


a. resik b. beresih c. lening

4. Mani seungit timbel sangu beureum nu dibungkus ku________ cau.


a. pucuk b. kalakay c. daun

5. Asép Ruhimat nyoélkeun seupan ________ waluh kana sambel tarasi.


a. pucuk b. kalakay c. daun

6. Mun sapukeun _________ anu ngabarak di buruan téh, Kang Hadi.


a. pucuk b. kalakay c. daun

7. Tangkal paré téh mani __________, sabab remen digemuk.


a.morontod b. meral c. beukah

8. Sanggeus digoréng mah kurupuk udang téh jadi ________ sagedé pisin.
a.morontod b. meral c. beukah

9. Mending ku karét nalian kardus kana bahasi téh ngarah bisa_________.


a.morontod b. meral c. beukah

10. Horéam ulinna ogé ka tempat anu _________ mah, jaba sieun deuih.
a. nenggang b. nyingkur c. jauh

11. Nya ________ nyaba ka Surabaya mah, di jalanna ogé welasan jam.
a. nenggang b. nyingkur c. jauh

12. Di tengah pasawahan aya saung _______ tempat patani reureuh.


a. nenggang b. nyingkur c. jauh

13. Kadé poho, ________ téh kudu sapoe dua kali, ngarah badan séhat.
a. gégéroh b. kumbah c. mandi

14. Mani lila _______ téh, da wadah anu kotorna loba, urut nyuguhan sémah.
a.gégéroh b. kumbah c. mandi

15. Padahal mah _______ sapatu téh, apan poé Senén rék dipaké deui sakola.
a. gégéroh b. kumbah c. mandi

You might also like