You are on page 1of 2

Bismillahirrahmanirrahim

Assalamu’alaikum warrohmatulloh wabarokatuh


Alhamdulillah wa syukrulillah wa sholatu wa sallamu ‘ala rasulillah sayyidina wamaulana
Muhammadin wa ‘ala alihi wa shahbihi wa mawwalah, amma ba’du.

Sateuacana simkuring ngawaler naon rupi anu tadi didugikeun ku sepuhna calon pangantén
pameget. Langkung tipayun urang sanggakeun puji sinareng syukur ka dzat illahi robbi, Alloh
SWT.

Salam sinareng sholawat mugia salawasna dipaparinkeun ka Habibana Nabiyana Muhammad


SAW. Kasadayana kulawargina, ka para sahabatna. Tug dugika urang anu sami tumut manut
kana ajarana kasinugrahan safa’at ti anjeuna engké di yaumil ahir. Amin ya robbal ‘alamin.
 
Alhamdulillah, kana sagala rupi ni’mat anu parantos dipaparinkeun Alloh SWT. Utamina ni’mat
iman sinareng Islam. Ogé Alhamdulillah ku tiasana urang patepung lawung paamprok jonghok
patepang raray dina ieu waktos.
Disarengan tiasana patarémana dua panangan kalayan aya dina kalancaran sareng kasalametan.
Mugia ieu sing janten salah sawios kani’matan nu parntos dipasihkeun ku mantena ka urang
sadaya. Amin ya robbal 'alamin.

Saéstuna sagala rupina teu aya nu kaleresan, sanaos dinten ieu mangrupi nyumponan patali jangji
anu kantos pasini ati antawis dua kulawargi, utamina calon pangantén sakalih.
Namung jalma saukur kagungan rencana, du’a sareng ihtiar sagalarupina mungguhing Alloh
SWT anu ngersakeuna. Alhamdulillah ku kersan-Na ayeuna laksana.
 
Mugia rohmah, barokah sinareng maghfiroh dipaparinekun ka urang sadaya. kalebet ka dua
calon pangantén. Ogé mugia kempelna urang di ieu patempatan sing kalebet silaturahmi. Amin
ya robbal ‘alamin.
 
Bapa-bapa, ibu-ibu ogé sadaya rombongan anu ku simkuring dipihormat. Teu hilap ka para
sepuh, tokoh masyarakat ogé réngréngan pangurus ieu wewengkon. Ka panata acara anu
parantos maparinan waktos ka simkuring, ka para ustadz-ustadzah, alim ulama anu urang sami
takjim ka anjeuna.

Hususna ka sepuhna ogé ka calon pangantén pameget, haturan wilujeng sumping kasadayana.
Hapunten anu kasuhun tina samudaya kakirangan komo dina kalepatanana. Heug bilih kirang
upami dina panampiana. Ampun paralun anu kasuhun ka sadayana.

Anu salajengna simkuring asmana kulawarga Bapa… (Sebutkan nama bapak calon pengantin
wanita). sareng Ibu…(Sebutkan nama ibu calon pengantin wanita).
 
Ngupingkeun sareng nyakséni kana naon rupi anu tadi didugikeun ku sepuhna calon pangantén
pameget. Ti kawit nyanggakeun cacandakanana dugika nyérénkeun jinisna calon panganténa.
Simkuring anu kapeto ku sohibul makosid, hususna ngawakilan calon pangantén istri anu
wastana néng…(Sebutkan nama calon pengantin wanita), ngaraos bingah anu teu aya wates
wangena.
 
Bingah tiasa kasumpingan tatamu anu sakieu hormateuna, ogé bingah wiréhna calon pangantén
pameget parantos aya dipayuneun urang sadayana.
 
Saéstuna sok sanaos indit ngaligincing, datang teu jingjing teu bawa saur paripaosna. Eta mah
sanés nu utami. Anu langkung utami mah sumpingna Cép … (Sebutkan nama calon pengantin
pria), kalayan salamet.

Diréncangan anu aya dina lebet acingna hé hé hé . *) Hapunten bilih wéh badé ditambihan
heureuy sakedik (Acing/ Lancingan= Celana Bahasa Indonesia).

Tadi kadangu ku urang sadayana, ti kawit dugika réngsé sepuhna Cép... (Sebutkan nama
calon pengantin pria) cumarios anu sakitu écés jentréna.

Badé nyanggakeun cacandakana sareng jinisna. Simkuring asmana ibu ramana sinareng
kulawargina, hususna Néng… (Sebutkan nama calon pengantin wanita).
 
Nampi kalayan kabingahan, éstuning disuhun dina emun-emunan ditarima pisan kudua dampal
panangan tina naon anu tadi disanggemkeun.
Mangrupi pamungkas ieu carita, simkuring sakali deui neda dihapunten bilih kirang upami dina
panampiana.komo deui tina kakirangan sinareng kalepatana.
 
*) Bilih luhur saur bahé carék, aya saur nu teu ka ukur, aya basa pasalia anu kirang merenah kana
manah. Simkuring asmana pribadi sareng kulawargi calon pangantén istri nyuhunkeun
disihapunten saageung-ageungna.
 
*) Bilih aya anu kasiku bujur, katajong bobokong, karumpak taktak, kaléngkahan manah. (Mung
kedah ningali heula kana Sikon).

Mung sakitu anu kapihatur (Tutup Ku du’a sareng salam)

Hapunten kagegelan, saukur kamandangan simkuring ieu mah


- Sakaterang simkuring biantara sambutan dina nikahan mah osok jual meuli. Maksadna antawis
anu nyérénkeun sareng nu nampi nyambung eusina, sanaos teu sadayana.
- Badé dipanjangkeun dipondokeun mangga, mung ilaharna osok kawagel ku waktos sareng
acara liana. Komo saupami aya rundown acara, urang kedah ngiringan kana katangtosana, kitu
panginten.
 

You might also like