You are on page 1of 3

TRADISI SUNDA

Nama : Ningsih
Kelas : XII MIPA 6

 Nanyaan atawa Ngalamar


Narosan atawa ngalamar nyaéta salah sahiji prosés anu dilakukeun ku pihak lalaki ku cara datang ka
kulawarga pihak awéwé bari ménta budak awéwéna jang dijadikeun pamajikan Lamun ditarima,
tuluy aya dituluykeun kana tukeur cingcin, tapi aya ogé anu tuluy nikah sabada dibadamikeun di
antara dua pihak kulawargana, Nalika narosan ti pihak lalaki biasana méré sajumlahing duit ka pihak
awéwé sagédéngeun mawa kadaharan Prosés ieu disebut upacara narosan atawa nanyaan, ku sabab
kanyataanana pihak lalaki datang ka pihak awéwé demi maksudna téh pikeun nanya ka kolot awéwé
budakna geus aya nu nanyaan atawa teu acan. Sabenerna hal éta mangrupa adat hungkul ti pihak
lalaki, sanajan pihak lalaki geus nyaho yén budak awéwé téh masih kénéh léléngohan, can boga
kabogoh malah kadang-kadang duanana geus papada wanoh

Contoh :

 Seserahan
Seserahan hartina masrahkeun, maksudna masrahkeun calon pangantén lalaki ka pihak kulawarga
anu bakal jadi mitohana Ngeuyeuk Seureuh Ngeuyeuk atawa ngaheuyeuk hartina ngatur, ngurus,
atawa migawé Ngeuyeuk seureuh nyaéta migawé jeung ngatur seureuh anu dicampurkeun jeung
barang-barang pangabutuh sapopoé kawas béas, uyah, gula, jeung alat-alat dapur ogé perhiasan

Contoh :
 Sungkeman
Sungkem nyaéta salam ka jalma anu dianggap dipihormat ku pangantén Dina acara sungkem
pangantén salam ka indung bapa ti dua kulawarga jeung sesepuh anu aya Maksudna nyaéta ménta
restu ka dua kulwarga dina ngambah kahirupan rumah tangga anu rék dilakonan

Contoh :

 Saweran
Nyawér asal kecapna tina kecap awér atawa sawér nu hartina cérét. Nalika nyawér pangantén diuk
babarengan pagigir-gigir bari dipayungan nyanghareup ka tukang sawér anu sakali-kali ngalungkeun
bèas, konèng anu dikeureutan,duit récéh ka pangantèn. Duit anu dialungkeun téh diparebutkeun ku
panongton, utamana barudak Inti tina nyawér téh nepikeun naséhat ngeunaan kahirupan rumah
tangga, kawajiban salaki ka pamajikan jeung sabalikna anu ditepikeun ku tukang sawér

Contoh :

 Nincak endog
upacara peupeus endog dina kawinan tradisional Sunda. Prosesi ieu bakal dilaksanakeun saatos
panganten pameget ngalaksanakeun akad nikah. Nincak endog ieu ngalambangkeun kamampuan
panganten lalaki pikeun nyayogikeun turunan pikeun generasi kulawarga .

Contoh :
 Meulem harupat
Panganten awewe urang Meuleum Harupat ngaduruk iteuk harupat anu panganten lalaki dicekel ku
lilin dugi ka hurung. Saatos éta, batang harupat dilebetkeun kana kendi anu dieusi cai anu dicekel
panganten awéwé

Contoh :

 Huap lingkung
Huap lingkung nyaéta silih huapan bari leungeunna ngaléng atawa ngalingkung kana tenggek
pasanganana

Contoh :

You might also like