You are on page 1of 8

PANGJAJAP BASA

Puji sinareng syukur urang panjatkeun kakhadirat Allah SWT, nu mana mantena
parantos masihan rahmat sinareng hidayah ka urang sadayana, kanggo ngarengsekeun ieu
laporan. Shalawat sinareng salam mugia dilimpahkeun kajungjunan urang sadayana Nabi
Muhammad SAW, kulawargi, sohabat, sinareng umatna anu satia dugi ka akhir zaman.

Dina nyusun laporan ieu urang tiasa maparkeun sababaraha eusi atnapi masalah inti anu tos
ku urang dibahas dina buku sumber anu parantos dipancenkeun. Ieu laporan the eusina jauh
keneh kana kasampurnaan, loba keneh kakurangana. Ku kituna sim kuring kacida nganti –
ngantina kana saran jeung kritikna, sangkan ieu laporan the leuwih munel sakumaha nu
dipiharep ku urang sadayana.

Najan kitu, nju nyusun teu weleh miharep sangkan sisieureun sabeunyeureun ieu laporan the
bisa mere mangpaat ka urang sadayana.
DAFTAR PUSTAKA

1. PENGERTIAN BIANTAR
2. TUJUAN BIANTARA
3. SIFAT-SIFAT BIANTARA
4. PADIKA BIANTAR
5. PERSIAPAN BIANTARA
6. CARANGKA SUSUNAN BIANTAR
7. UNSUR-UNSUR BIANTARA
8. HAL-HAL ANU DIPERHATIKEN DINA BIANTARA
9. METODE BIANTAR
10. CONTOH BIANTARA
1. Pengertian Biantara

Biantara nyaéta hiji kedalan jeung susunan anu alus pikeun ditepikeun ka jelema loba. Conto
biantara nyaéta kawas biantara kanagaraan, biantara ngabagéakeun poé badag, biantara
pembangkit sumanget, biantara pangbagéa acara atawa event, sarta séjén sajabana. Biantara
anu alus bisa méré hiji gambaran positif pikeun jalma-jalma anu ngadéngé biantara kasebut.
Pangabisa pidato atawa nyarita anu alus di hareup umum / umum bisa mantuan pikeun
ngahontal jenjang karir anu alus.

2. Tujuan Biantara

Biantara ngabogaan sawatara tujuan atawa maksud. Di handap ieu dijentrekeun naon anu jadi
tujuan atawa maksud tina hiji biantara :

1. Pikeun mere informasi atawa pamahaman ka batur - Biantara Informatif.

2. Pikeun mangaruhan batur sangkan daek milu kana kahayang anu nepikeun biantara -
Biantara Persuasif.

3. Pikeun ngayakinkeun ka batur ngeunaan hiji perkara atawa pasualan - Biantara


Argumentatif.

4. Pikeun ngagambarkeun ka batur ngeunaan hiji kaayaan - Biantara Deskriptif.

5. Pikeun nyieun batur jadi gumbira - Biantara Rekreatif.

Simak lebih lanjut di Brainly.co.id - https://brainly.co.id/tugas/7660736#readmore

3. Sifat-sifat Biantara

Dumasar dina sipat ti eusi biantara, biantara bisa dibédakeun jadi:

Biantara Bubuka, nyaéta biantara singget anu dibawakeun ku pamaca acara atawa mc.

Biantara pengarahan nyaéta pdato pikeun ngarahkeun dina hiji pasamoan.

Biantara Pangbagéa, nyaéta mangrupa biantara anu ditepikeun dina hiji acara kagiatan
atawa kajadian nu tangtu anu bisa dipigawé ku sawatara urang jeung wayah anu kawates
sacara gunta-ganti.

Biantara Peresmian, nyaéta biantara anu dipigawé ku jelema anu berpengaruh pikeun
meresmikan hiji hal.

Biantara Laporan, nyaéta biantara anu eusina nyaéta ngalaporkeun hiji pancén atawa
kagiatan.
Biantara Pertanggungjawaban, nyaéta biantara anu eusina hiji laporan
pertanggungjawaban.

4. Padika Biantara

Téknik atawa padika dina membawakan hiji pidatu di hareup umum:

Padika menghapal, nyaéta nyieun hiji rencana biantara tuluy ngapalkeunana kecap pér kecap.

Padika sarta merta, nyaéta membawakan biantara tanpa persiapan sarta ngan ngandelkeun
pangalaman sarta wawasan. Biasana dina kaayaan darurat teu terduga loba ngagunakeun
tehnik sarta merta.

Padika naskah, nyaéta pidato kalayan ngagunakeun naskah anu geus dijieun saméméhna
sarta umumna dipaké dina biantara-biantara resmi.

5. Persiapan Biantara

Saméméh méré biantara di hareup umum, aya alusna pikeun ngalakonan persiapan di handap
ieu:

Wawasan pendengar biantara sacara umum

Nyaho lila wayah atawa durasi biantara anu baris dibawakan

Nyusun kecap-kecap anu gampang dipahaman sarta jelas

Nyaho jenis biantara sarta téma acara.

Nyiapkeun bahan-bahan sarta perlengkapan biantara, jsb.

6. Carangka Susunan Biantara

Skema susunan hiji biantara anu alus:

Bubuka kalayan salam pembuka

Pendahuluan anu saeutik ngagambarkeun eusi

Eusi atawa materi biantara sacara sistematis: maksud, tujuan, sasaran, rencana, léngkah,
jsb.

Panutup (kacindekan, harepan, talatah, salam panutup, jsb)

7. Unsur-unsur Biantara

Unsur-unsur dina pidato nyaéta pembicara, bahan/materi pembicaraan, objek atawa


pendengar, sarta téma. Katilu unsur kasebut silih mangaruhan hiji jeung anu séjén. Leungitna
salah sahiji unsur kasebut di luhur, baris ngabalukarkeun ketimpangan dina pidato.
8. Hal-hal anu diperhatiken dina Biantara

Hal-hal anu diperhatikeun dina biantara nyaéta:

Vokal/sora kudu bentes/jelas,

Lentong jeung wirahmana merenah

Kudu nyunda,

Henteu teugeug atawa dialeu-aleu teuing, teu gancang teuing jeung henteu acad teuing,

Kudu miboga pangaweruh anu jembar pangpangna nu patali jeung materi acara anu di
MC-anna katut nu rek ngeusian éta acara boh jalma boh kasenian atawa lianna,

Kudu pinter ngareka basa anu orisinil, surti kana kahayang pamiarsa, kudu miboga sikep
anu hadé (tatakrama, paroman gerik-gerik lianna),

9. Metode biantara, nyaeta :

Metode biantara, nyaeta :

1. Improptu, secara spontan teu make teks

2. Memoriter, ngapalkeun teks

3. Manuscript, ningali naskah

4. Ekstemporan, nyatet poin-poin penting

10. Contoh Biantara

-Biantara sunda tentag Pendidika

Assalàmu’alaikum Wr. Wb.

Assholàtu wassalamu alà ashrofil anbiyà’i walmursalin. Wà’ala alihi washohbihi àzma’in.
Ammà ba’du.

Ibu Guru pangajàr Basa Sunda ànu dipikahormàt ku sim kuring, sàreng rerencangàn sadaya
anu dipikacintà ku sim kuring.

Làngkung tipayun, hayu uràng sasarengan manjatkeun rasà syukur kà Allah SWT kulantaràn
ni’mat sàreng hidayahna uràng sadaya tiasa ngumpul dinà kasempetan ieu. Teu hilàp,
sholawat sinareng salàm mugia salamina dilungsurkeun kà junjungan urang sadayà, Nabi
Muhammad SAW. Kà para kulawargina, ka parà sohabatna, sareng kà urang sadaya salaku
umatnà dugi ka akhir jamàn. Amiin ya robbal ‘alàmin.
Dina kasempetàn ieu, sim kuring bàde ngadugikeun biantarà singget ngeunaàn “ Wajib
Belajar Pendidikàn Dasar “.

Sàpertos anu ku uràng terang, Pamarentah Indonesià entos ngagratiskeun biayà pendidikan
dasar salapàn taun, nyaeta ti tingkàt SD nepi ka SMP. Hàl ieu teh dikàsangtukangan ku
kayaàn ekonomi unggal jàlmi masarakat Indonesia ànu beda-beda. Ayà masarakat ànu
mampu, aya oge màsarakat anu kirang màmpu. Masarakat ànu mampu mah geus tàngtu bakal
sakola kusabàb ayana biaya. Iwàl, seueur pisan masarakàt Indonesia anu kiràng mampu teu
tiasà sakola kusabàb teu aya biayanà. Pamarentàh hoyong sadaya masarakàt Indonesia tiasa
menàngkeun pendidikàn anu layàk, boh anu màmpu boh anu kiràng mampu.

Tujuàn pangna Pamarentàh ngawàjibkeun ka sadayà warga nagarà teh nyaetà sangkan wargà
nagara pàlinter. Bangsà bakal sejahterà mun masarakatnà palinter. Lamun masarakàt
Indonesia bàrodo, bangsa Indonesia moàl bisa ngudàg kamajuan nagarà sejen jeung bakàl
kalindes ku kamajuàn jaman.

Dihàrepkeun dina diayakeunnà program wajàr dikdas salapàn taun, masarakàt Indonesia tiasà
lebih maju, utamanà dina widang pendidikàn. Ieu progràm pamarentah moàl tiasa
kalaksanàkeun upami teu ayà gawe bareng ti sadayà lapisan masarakàt, ti kawit pejabàt dugi
ka sadayà rahayat Indonesià. Ku kituna, urang sadayà kudu gawe bareng ngàlaksanakeun
progràm ieu sangkan menàng hasil ànu nyugemàkeun. Sakitu ànu tiasa didugikeun ku sim
kuring. Hàpunten bilih ayà kalepatan sàreng cariosan nu teu merenàh kanu manàh. Hatur
nuhun kànu sadaya perhàtosannana.

Akhirul kalàm, Wabillahitàufik walhidayah Wassalàmu’alaikum Wr. Wb.

-Contoh biantar sunda tentang Kaberesihan Sakola

Assàlamu’alaikum Wr.Wb

Bismillàhirohmaanirrohin

Bapak kepalà sekolah, bapàk, ibu guru ànu ku simkuring dipihormàt, rerencangàn anu ku
simkuring dimulyàkeun.

Puji sinàreng syukur uràng sanggahkeun kà gusti Allah nu mahà suci, màrgi urang sadayà
tiasà kempel dinà ieu acarà. Sholawat sinàreng salàm mugià dilimpahkeun kà junjungan àlam
kànjeng Nabi Muhammàd SAW. Mudàh-mudahàn dugi kà para sohabatnà, para tabii’n tug
dugi kà urang sadayanà anu nganut kà mantennà.

Bapak Ibu sàreng rerencangàn sadayanà perkawis kabersihàn ngarupakeun hiji hàl anu
peryogi ku uràng diperhàtoskeun, naon marginà? Kabersihàn ieu ngarupikeun hiji konci
kahirupàn uràng di alam dunyà. Dimanà urang bisà ngarawat kabersihan lingkungàn sakola
atanapi lingkungàn rumah tanggi hartosnà urang tos ngalaksanàkeun tina sabagian imàn.
lamun dina hadistnà nyaeta: Anu hartinà: kabersihàn teh mangrupà bagean tinà kaimanan.

Ku kitunà kawajiban urang salàku siswa kedah ngalàksanakeun kabersihan sakola.


Lingkungàn sakola bisa beresih làmun urang bisa ngajaganà. Ku kituna kabersihàn sakola
kudu dipiarà kalawan sae. insyaalloh uràng sadayana anu nempatàn ieu tempat bakàl sehat,
tebih tinà panyakit anu datàng tina kotorna lingkungàn.

Sakitu wàe ti simkuring mugià aya manfaatna khususnà kà simkuring umumna kà urang
sadayà. hapunten bilih ayà kalepatàn sareng kakirangàn.

wabillàhi taufik wàl hidayah. Wassalamualaikum warahmatullahi wabarokatuh


DAFTAR PUSTAKA

https://su.wikipedia.org/wiki/Biantara#Jenis-jenis_/_Macem-macem_/_Sipat-sipat_Biantara

http://contohsimpel.blogspot.com/2014/09/biantara-bahasa-sunda-singkat.html

You might also like