You are on page 1of 1

PANCEN UNSUR-UNSUR BIOGRAFI

Nama : Arul sahrul


Kelas : XI-GP

1. Karangan biografi
Bapana Si Mamih

Édyana Latief Karung lahir di Tasikmalaya tanggal 14 Juli 1945. Pangna ngaranna
diémbohan “karung”, puguh baé aya kasangtukangna. Éta téh singgetan tina Kerabatan
Kartunis Bandung, teu béda ti BudiRiyanto Karung atawa Eddy Hérmanto Karung nu
papada sok ngagambar kartun.
Sohorna Édyana téh saprak boga Si Mamih. Enya, tokoh kartun awéwé nu awakna
lintuh, maké baju totol- totol jeung buukna jambul. Basa Si Mamih lahir, nu marajianana
Nyi Manglé, da dina éta majalah kartun Si Mamih mimiti dimuatna téh.
Édyana, bapana Si Mamih, kungsi sakola di Akademi Seni Rupa (ASRI)
Yogyakarta, tapi henteu junun. Léos deui ka Seni Rupa ITB, sarua deuih henteu nepi ka
tamat.Tungtungna jadi pagawé negeri, nepi ka pangsiunna ti Kepala Cabang Dinas P &
K Kacamatan Salawu Tasikmalaya. Boga budak lima, incuna hiji.
Karikatur beunang Édyana, mimindengna mah dimuat dina Manglé, Suara Daérah,
jeung majalah SeniBudaya Swara Cangkurileung. Sabada jadi pangsiunan, terus baé
ngamangpaatkeun sésa umur, bari ngawawaas mangsa ka tukang nu pikaseurieun jeung
pikaketireun. Ari ngagambar mah terus dikeureuyeuh, mun geus cangkeul sok
ngejetkeun urat ka wahangan, ngadon nguseup.
Lian ti ngagambar Édyana gé sok kurung-karang. Karanganana mindeng dimuat
dina majalah Manglé, majalah Suara Daérah, majalah Bhinéka Karyawinata, jeung
majalah Seni Budaya.

2. Unsur-unsurna
a) Ngaran : Edyana Latief Karung
b) Tempat, tanggal lahir : Tasikmalaya, 14 Juli 1945
c) Pendidikan : kungsi sakola di Akademi Seni Rupa (ASRI) Yogyakarta, tapi henteu
junun. Léos deui ka Seni Rupa ITB, sarua deuih henteu nepi ka tamat
d) Riwayat pagawean : pagawé negeri, nepi ka pangsiunna ti Kepala Cabang Dinas P
& K Kacamatan Salawu Tasikmalaya
e) Karya/hasil gawe : Sohorna Édyana téh saprak boga Si Mamih. Karikatur beunang
Édyana, mimindengna mah dimuat dina Manglé, Suara Daérah, jeung majalah
SeniBudaya Swara Cangkurileung, lian ti ngagambar Édyana gé sok kurung-karang.
Karanganana mindeng dimuat dina majalah Manglé, majalah Suara Daérah, majalah
Bhinéka Karyawinata, jeung majalah Seni Budaya.

You might also like