Carpon

You might also like

You are on page 1of 2

Carpon

BABATURAN
Dina hiji wanci, aya dua babaturan anu rakeut kacidaan nyaéta Dinda jeung Rani. Maranéhna
ngabatur geus 3 taun lilana. Malih kalah loba ogé jalma anu nganggap manéhna téh duduluran, da
saking akrabna. Unggal isuk saencan mangkat ka sakola, Dinda sok nyampeur ka imah Rani
sangkan bisa mangkat babarengan ka sakola.
Beurangna manéhna boga jangji yén balik sakola téh rék nyimpang heula ka super markét nu teu
jauh jeung sakolana. Manéhna kadinya téh boga maksad rék meulikeun kuéh jeung baju keur ninina
si Dinda. Ari ninina si Dinda téh jalma bageur, akuan pisan ari ka Rani téh, sanajan lain cucuna ogé.
Lain éta hungkul, kadang mah ninina Dinda ogé sok meré naséhat jeung duit jajan ka maranéhna
duaan.

Wanci geus nunjukeun jam 3 soré, tapi Rani can aya kenéh waé kabarna, Dinda ngadagoan di gang
sakola bari maca novél nu di bawa dina tasna. Maca novél téh émang ka résep Dinda, béda jeung
Rani mah anu leuwih resep maén baskét.Sanajan béda karesep, tapi manéhna kacida akurna. Lamun
aya latihan baskét di sakola, Dinda sok satia ngadagoan Rani latihan, bari ku hayang-hayangna
balik babarengan, kitu ogé sabalikna.

Teu karasa wanci geus nunjukeun jam setengah opat, “Aduh si Rani kamana nya?, Tanya Dinda
dina jéro haténa” Dinda ngarasa bingbang ku sabab geus 3 jam setengah manéhna ngadagoan si
Rani can aya kabar kénéh waé.

Teu kungsi lila aya sora “Dinda…!“ Jol wéh saurang rumaja bari lulumpatan nyamperkeun ka si
Dinda. “Hampura, bieu kuring di titah ngabersihkeun lapangan heula saencan balik sakola, sabab
poho can ngerjakeun tugas matematika“ Tembal Rani tandes naker.

Bari rada ngambek jeung campur karunya sageus ngadéngé alésan ti Rani, ahirna maranéhana jadi
ogé mangkat ka super markét. “Ceuk urang ogé lamun aya pancén di sakola, geura buru gawékeun
petingna” Dinda meré naséhat ka Rani bari rada ngambek saeutik.

Sateupina di tempat nu dituju, manéhna tuluy meuli kuéh jeung pulah pilih naon sakirana kado anu
pantes keur ninina si Dinda. Dinda jeung Rani ahirna meulikeun baju keur hadiah nu rék manéhna
belikeun ka ninina.

Baju nu dipilih warna konéng, sabab nyocokeun jeung warna kulit Nini, béh rada ca’ang mereun
pikirna téh nu nyieun manéhna ngarasa éta hadiah anu paling cocok keur manéhna belikeun jang
ninina.

Keur Rani, Ninina Dinda geus dianggap Ninina sorangan, ku sabab Ninina si Dinda sok nyaruakeun
rasa nyaah jeung kaasihna ka manéhna, Rani mikanyaah pisan ka kaluargana Dinda.

Keur Rani, ngaluarkeun duit sakitu teu jadi masalah asalkeun nini atawa kaluarga Dinda nu lain bisa
bungah. Saréngséna ngabelanjakeun kabutuhan naon waé nu maranéhna hayang, manéhna tuluy
balik sabab maranéhna geus didagoan di imah Dinda. Kusabab kitu, maranéhana buru-buru balik.

Sateupina di imah, manéhna geuwat disambut ku kaluarga Dinda. Kaluarga Dinda geus nganggap
Rani téh salaku kaluargana. Salain bageur, kaluarga Dinda ogé sok nengetan ka Rani. Rasa ka
kaluargaan anu teu bisa dibeunangkeun di kaluarga Rani, bisa dibeunangkeun di keluarga Dinda.

Uyuhan, da atuh Rani mah ngan ukur cicing duduanan jeung bapana. Salain kitu, bapa Rani
mindeng mamangkatan gawé baé ka luar kota. Jadi, Rani sok ngarasa kasepian lamun aya di imah.
Indungna geus lila papisah ti mimiti Rani umur 11 taun. Sa geus bapa jeung indungna pisah, Rani
geus tara kapanggih deui jeung indungna.

Ku sabab kitu ogé, Dinda sok aya waé di dekeut Rani, sabab manéhna embungeun lamun
babaturana ngarasa kasepian, sabab pikirna ari babaturan mah lain ukur di ucapkeun, tapi kudu
dibuktikeun kalayan nyata.

Amanat
Amanat nu bisa di tepikeun dina carpon ieu nya éta urang kudu mikanyaah ka jalma-jalma lian,
sanajan lain dulur, jeung kudu silih ngarti hiji jeung nu liana. (Kita harus saling mengasihi
meskipun bukan saudara kandung sendiri, dan kita harus saling mengerti satu sama lain)

You might also like