You are on page 1of 2

Saringset Pageuh Iket

Iket atawa totopong téh kabeungharan budaya tutup sirah pangbuhunna di Sunda.
Mun dijujut tina harti kecapna, iket asalna tina kecap ‘saiket', nu hartina sabeungkeutan,
sauyunan dina hiji pakumbuhan.

Silokana nyéré/harupat mun sagagang mah teu bisa nyapukeun nanaon, tapi mun
sabeungkeutan jadi sapu nu bisa kuat nyapukeun rupaning runtah. Kitu ogé jalma, mun
sosoranganan tangtu bakal beurat nyanghareupan hiji pasualan. Sirah minangka subjék nu
diiketna, sedeng pasualan nu datang ti luar jeung jero dirina mangrupa objék nu kudu sayaga
pikeun disanghareupan, sangkan hirup salawasna caringcing pageuh kancing, saringset
pageuh iket.

Mimiti resep kana iket mémang ti bubudak, tapi ari leuwih kataji pikeun nalungtik
leuwih jero mah karék taun 2005. Kitu ogé ladang tatanya ka kolot jeung saha baé nu weruh
kana iket, bari terus ngeureuyeuh ngalalar kampung adat. Najan masih kénéh héngkér
ngeunaan kumaha jero-jerona iket, tina ladang tetelepék téh saheulaanan mah bisa
dicindekkeun yén iket téh ngawengku tilu bagian, nyaéta bahan, corak/motif, jeung wangun
iket.

Leuwih alus bahan tur renyek motif batik dina hiji iket, leuwih mahal hargana.
Biasana nu bogana golongan ménak, contona motif réréng jeung gambir saketi. Sabalikna,
upama iketna polos—saperti wulung di Kampung Dukuh jeung bodas di Baduy Jeroatawa
ukur aya motif batik sisina wungkul (iket sisian), hargana gé leuwih murah tur nu makéna gé
golongan cacah. Sedeng tina wangun iket aya dua bagian, nyaéta iket pasagi jeung juru tilu.
Sabenerna mah ari wangun iket mah pasagi, jadi juru tilu sotéh pédah ditilep atawa dikeureut
tina wangun asal pasagi.

Tina dua wangun ieu bisa kaguar ajén/palsapah hirup. Wangun pasagi nuduhkeun
hirup masagi jeung siloka opat kalima pancer/opat pancer kalima diri urang. Pancer di dieu
nuduhkeun opat madhab (kalér, kidul, wétan, kulon), jeung bahan nu jadi dasar kahirupan
(cai, angin, seuneu, taneuh). Wangun pasagi gé kapanggih dina motif di tengah batik. Béda
jeung samping atawa taplak méja, wangun motif pasagi ieu mah salawasna teu nuturkeun
wangun iketna, tapi lalawanan (diagonal). Mun seug iket ditilep jadi juru tilu, wangun motif
pasagi ieu bakal lempeng (horisontal). Ieu nuduhkeun kapancegan/ kapengkuhan pamadegan
hirup, teu luak-léok miyuni pucuk awi. Ari wangun juru tilu nuduhkeun konsép tritangtu
(ratu, rama, resi). Tangtuna, ieu palsapah hirup téh kudu disurahan kalawan jembar, sangkan
ka dituna teu melengkung bekas nyalahan.

Iket gé bisa dibedakeun nurutkeun kasta/golongan jeung situasi makéna. Golongan nu


maké iket lian ti dibédakeun ku bahan jeung motif, ogé gumantung kana rupa beulitan iket.
Mun seug ditataan, leuwih ti saratus rupa beulitan iket, di antarana waé barangbang semplak,
parékos/paros (nangka, jéngkol, gedang), koncer/paitén, julang ngapak. lohén, ki parana,
udeng, pa tua, kolé nyangsang, porténg, jrrd--kaasup rupa beulitan buhun nu dipaké di
kampung adat tur nu padamikwanoh ku masarakat nepi ka kiwari, jeung rékaan anyar nu
ngahaja nyipta sorangan.
Tina rupa beulitan bisa nuduhkeun golongan nu tangtu, saperti rupa beulitan iket
barangbang semplak ilahar dipaké jawara, kuda ngencar dipaké barudak ngora, parékos/
poros jeung udeng dipaké ku barudak leutik jeung masarakat sapopoé mun rék digawé, jrrd.

Nu matak prihatin, arang langka séntra batik di Jawa Barat nu mroduksi iket. Lantaran
iket pasaranna kurang pisan batan samping kebat upamana. Katambah, saeutik patokoan nu
nyadiakeun batik, antukna masarakat nu mikabutuh iket ukur ngandelkeun tatalepa. Salila ieu
iket réa diprosuksi ku Pekalongan, Solo, nu ngagunakeun téhnik produksi printing, cap, jeung
tulis. Padahal, lamun iket diproduksi luyu jeung potensi motif batik unggal daérah nu aya di
Jabar, tur promosi jeung publikasina dikokolakeun kalawan hadé, tanwandé bakal jadi
kabeungharan lokal jeung daya tarik wisatawan.

Kiwari iket gé geus robah fungsina. Nu méméhna mangrupa tutup sirah nu dianggap
luhung ajénna, kiwari ukur dipaké aksesoris (life style) jeung némbongkeun identitas étnikna.
Najan kitu, tetep kudu jadi kareueus yén nyaah tur mikawanoh kabudayaan Sunda téh teu
kudu sacara paksa, tapi dimimitian ku perkara leutik ngaliwatan nguniangkeun deui kasadar
daék maké iket.

Kiwari nu ngarora gé geus mimiti kataji kana iket, najan enya kudu diwanohjerokeun
jeung eusina, teu sawates ngagugulung cangkang. Salasahiji tarékahna ngaliwatan sanggar
seni Sunda jeung dunya maya (website jeung blog Sunda) nu geus réa ngawanohkeun iket
jeung baju tradisional. Ku cara kitu, iket moal éléh ginding jeung syal nu gambarna grup
musik Barat.

You might also like