You are on page 1of 2

Sérén Taun nyaéta salah sahiji tradisi anu aya di masarakat Sunda, nepi ka kiwari.

Éta tradisi masih


kénéh digelarkeun ku masarakat agraris tradisional sunda, saperti di Sukabumi, Kuningan, Bogor, Banten
jeung daérah séjénna.[1]

Sacara Étimologis kecap sérén taun diwangun ku dua kecap nyaéta kecap sérén jeung taun. Sérén
nyaéta kecap pagawéan mulangkeun, mikeun, nyerahkeun deui naon-naon anu tadina dititipkeun,
dipihapékeun. Sedengkeun taun nyaéta waktu di dunya anu lilana 12 bulan.[1]

Sérén taun atawa serah taun dumasar ma'na kecap, miboga harti sérén sumérén taun nu kamari ka taun
nu bakal datang salaku gagantina.

Di Kuningan sérén taun dilaksanakeun dina tanggal 22 Rayagung anu mangrupa bulan munggaran dina
taun Saka kalénder Sunda. Ieu mangrupa pangbéda anu teu kabilang jauh sabab dina kasang tukangna
sorangan sérén taun diayakeun pikeun ngébréhkeun rasa syukur ka nu Maha Kawasa anu maparin
kasalametan tur kabagyaan ka masarakatna dina sataun katukang utamana dina hasil panén. Pangbéda
ieu gumantung dina daérahna séwang-séwang dumasar kana kapercayaan jeung tradisi di daérahna tapi
biasana waktu dilaksanakeunna teu jauh pisan ukur 2 nika 3 bulan.[2]

Sérén taun mibanda tujuan, di antarana [3] :

Sukuran ka nu Kawasa dumasar hasil tatanén taun ayeuna;

Silaturahmi masarakat jeung masarakat séjén;

Neruskeun tradisi karuhun anu geuh hirup mangabad-abad;

Ngajén jeung ngamumulé tradisi Sunda

Dina kagiatan upacara adat sok aya unsur-unsur anu ngarojong jeung nyoko kana lumangsungna
upacara adat, di antarana dina sérén taun aya sababaraha kagiatan anu sok dipigawé di sababaraha
daérah nyaéta:

Sasajén

Ngado’a

Ngariung/dahar bareng

Ngibing bari mawa paré

Pawéy
Seni wayang/kasenian sejénna

Puasa

Tapa

Semédi

Dialog

Dina enas-enasna mah upacara adat atawa upacara kaagamaan ngawengku opat komponén :

Tempat Upacara. Nu dijadikeun tempat upacara biasana nyaéta di imah gedé kasepuhan atawa di
tempat anu sok dipaké acara-acara gedé saperti Paséban

Waktu lumangsungna Upacara. Ieu hal gumantung daérahna, aya anu maké kalénder Islam, aya ogé nu
maké kalénder Sunda. Anu tangtu mah dina usum panén.

Kalengkepan Upacara. Saperti pakakas, pantun buhun, gondang, dogdog lojor, rengkong, celempung
dina awi, kidung buhun, jeung réa deui.

Jalma anu mingpin. Biasana pupuhu adat atawa pupuhu kasepuhan anu dipercaya turun tumurun
ngaliwatan pancakaki[

Di daérah Kuningan Jawa Barat, sérén taun dimimitian ku upacara ngajayak ( Mapag Paré ), dina tanggal
18 Rayagung anu dituluykeun ku upacara nutu paré nepi ka acara pamungkas dina acarana dina tanggal
22 Rayagung. Ngajayak dina basa sunda hartina narima sarta ngabagéakeun, sedengkeun wilangan 18
anu dina basa sunda dibaca “dalapan welas” miboga harti welas asih anu hartina asih kaasih Pangéran
anu geus maparin kabagjaan pikeun umatna di sakabéh alam dunya.[2] Puncak acara Sérén Taun
mangrupa nutuan paré dina tanggal 22 Rayagung, ieu ogé ngabogaan harti sorangan. Wilangan 22
miboga harti minangka runtuyan, wilangan 20 sarta 2 nyaéta Paré anu ditutu dina acara pamungkas
saloba 22 kwintal nu dibagi 20 kwintal pikeun ditutu sarta dibagikeun ka masarakat sarta 2 kwintal
dipaké minangka binih. Wilangan 20 ngarefleksikeun unsur anatomi awak manusa. Boh lalaki boh
awéwé ngabogaan 20 sipat wujud manusa, nyaéta: 1. getih , 2. daging, 3. bulu, 4. kuku, 5. buuk, 6. kulit,
7. urat, 8. polo atawa uteuk, 9. bayah ataa paru, 10. ari atawa haté, 11. kalilipa atawa limpa, 12.
mamaras atawa maras, 13. hamperu ataun hamperu, 14. tulang, 15. sumsum, 16. lamad atawa lemak,
17. gegembung atawa lambung. 18. peujit atawa peujit. 19. ginjal sarta 20. jantung.[2] Ka 20 sipat di
luhur ngahijikeun organ sarta sél awak kalayan fungsi anu béda-béda, atawa awak ditempo dina hiji
struktur hirup anu ngabogaan prosés kawas hukum adikodrati. Hukum adikodrati ieu saterusna
ngajanggélék jadi jirim ( badan ), jisim ( nurani ) sarta pangakuan ( kuring ). Sedengkeun wilangan 2
miboga harti yén kahirupan téh aya 2 kecap anu patukang tonggong saperti : beurang sarta peuting,
bagja jeung sangsara, alus jeung goréng, jsb.[

You might also like