Professional Documents
Culture Documents
Medar Perkara Bahasan
Medar Perkara Bahasan
Ku ayana kamekaran téknologi internét nu ngarambah nepi ka tepis wiring, tétéla mawa
pangaruh nu kalintang hadé kana kahirupan basa Sunda. Sanajan téknologi datangna ti
deungeun, tapi lain hartina mareuman basa Sunda. Perkara ieu bisa diimeutan dina sawatara
jejaring sosial, saperti facebook. Réa diantarana anu tara asa-asa deui ngawangkong téh ku
basa Sunda tur bisa kabaca ku balaréa. Malah aya rasa kareueus kana basa Sunda, mangsa
bisa ngawangkong ngagunakeun basa indung. Lebah dieu, bisa dicindekeun yén naon rupa
anu jolna ti deungeun téh henteu salawasna goréng, malah nu hadé ogé kacida réana. Kilang
kitu, kalintang gumantung kana kumaha carana urang ngamangpaatkeunana pikeun kahadéan.
Poé basa indung anu dipiéling saban 21 Fébuari tangtu bakal leuwih haneuteun ku ayana
natrat yén basa indung téh hirup kénéh, dina harti masih diparaké ku masarakat dina
wangkongan sapopoé. Lain baé basa Sunda, da kaasup basa indung sélér séjénna ogé jadi
leuwih hirup ku ayana kamekaran téknologi. Lebah dieu seukeutna sawangan UNESCO téh,
anu antukna netepkeun 21 Fébuari minangka Poé Basa Indung Internasional.
Héabna sumanget pikeun ngamumulé basa Sunda ogé bisa karasa ti kalangan rumaja.
Contona, dina Féstival Drama Basa Sunda (FDBS) Pelajar anu diayakeun ku Téater Sunda
Kiwari, pesertana bisa ngajaul ngaleuwihan targét panitia. Sabada pendaptaran FDBS Pelajar
ditutup, kacatet 49 grup téater rumaja nu miluan dina éta féstival. Lain baé patandang ti Jawa
Barat, da aya ogé peserta anu jolna ti Banten. Basa Sunda henteu bisa dipisahkeun ku wilayah
administratip. Komo deui Banten mah kapan sidik Sunda pisan.
Sajabana ti FDBS Pelajar anu digelar ti tanggal 7 nepi ka 27 Fébuari, di Gedong
Kasenian Rumentangsiang ogé maneuh dipidangkeun rupaning kasenian Sunda, kayaning tari
tradisonal, sandiwara Sunda, longsér, jeung sajabana. Beuki pikabungaheun basa nengetan
personilna leuwih réa didominasi ku kaum rumaja. Sandiwara Sunda mimiti neut-neutan deui,
dipidangkeun sacara maneuh di Rumentangsiang. Grup Sri Murni jeung Ringkang Gumiwang
kaasup dua grup sandiwara nu mindeng ngagelarkeun pintonan di Rumentangsiang.
Ku leuwih hirupna basa Sunda, boh di dunya maya atawa dina kahirupan sapopoé,
dipiharep mawa pangaruh hadé pikeun masarakat. Budaya Sunda tetep bisa kajaga pikeun
ngawangun kahirupan nu silih asah, silih asih, tur silih asuh. Réréongan dina kahadéan,
wanoh jeung baraya katut tatangga, muga leuwih natrat deui. Urang Sunda bisa ngigelan
kamekaran jaman, bari henteu kudu ngaleungitkeun idéntitasna salaku urang Sunda. Pon kitu
deui, taya salahna mikaresep kasenian deungeun kalayan henteu kudu mopohokeun kasenian
banda urang.
Dina mangsa globalisasi kiwari, taya deui pilihan iwal ti kudu wani aub tarung dina
persaingan. Urang Sunda kudu siap tandang makalangan sangkan henteu jadi galandangan di
lembur sorangan. Pangpangna mah nurutkeun data statistik, di lembur sorangan ogé tétéla
urang Sunda méh kaléléd ku para pendatang. Widang ékonomi, pulitik, katut kasenian, ulah
nepi ka kajadian jati kasilih ku junti. Urang Sunda kudu bisa hirup kalayan walagri di lemah
cai Sunda. Ironis kabina-bina mangsa nyaksian urang Sunda nu teu kabagéan pacabakan tur
teu mampuh mibanda pangiuhan. Di sisi séjén, réa nu hirupna medah-meduh, malah ngarasa
bingung kudu kumaha méakeun raja kaya.
Dina kaayaan sarupa kitu, naha kamana atuh palsapah “silih asih” téh jeung sasama téh?
Naha urang bet téga ngantepkeun baraya nu katalangsara di sarakan sorangan? Ku kituna, lain
baé ngamumulé basana jeung kasenianna, tapi nu leuwih utama mah miara ajén inajén jeung
saripati kalinuhungan budayana pikeun dipraktékeun dina kahirupan sapopoé. Lamun “silih
asah, silih asih, jeung silih asuh” geus bisa diterapkeun dina kahirupan sapopoé, tangtu beuki
éndah Sunda téh. Éndah alamna, éndah kahirupanana. Hirup basana, hirup kasenianna, tur
hirup budayana. Apan harti “Sunda” téh éndah. Rék ditarjamahkeun kana basa naon ogé,
“Sunda” mah salawasna éndah tur reumbeuy kahadéan.
Di cutat tina http://www.bandung.eu/2011/05/basa-kasenian-jeung-kahirupan-
sunda.html#ixzz2ryv0mXNp 31 Januari 2014
Bubuka bahasan
Kacida mangpaatna ngajaga tutuwuhan anu aya di sabudeureun urang teh, hususna awi. Lantaran
awi teh mibanda ajen budaya nu di anggap sakral jeung pohara rea mangpaatna pikeun
wawangunan. Awi teh tutuwuhan anu kaitung sakral jeung gede mangpaatna pikeun
kahirupan manusa.
Keur ngungkab asal muasal awi, pantun sri sadana atawa sulandjana anu dipantunkeun ku ki
Atjeng Tamadipura ti Situraja, Sumedang, bisa dipake. Eta carita pantun teh di bukukeun ku
Ajip Rosidi (1970:78). Dina eta pantun diebrehkeun awi teh asalna tina bagian bagian awak
Sri pohaci sabada tilar dunya. Indung leungeuna ngajadi tamiang pugur
Curuk ngajadi haur cucuk
Cingir ngajadi haur kuning
Pingping jadi awi surat
Bitis jadi awi btung
Ramo suku jadi awi tali nu gede nu leutik
...
Eusi bahasan
Ieu cutatan teh netelakeun pikeun masarakat Sunda mah awi teh tutuwuhan nu di anggap sakral.
Kasakralan awi leuwih eces katangen ku ayana kebon awi di Siti Ciburuy. Eta situ ayana di
Kampung Ciburuy, Desa Pamalayan, Kacamatan Bayongbong, Kabupaten Garut. Baheulana,
eta tempat teh skriptorium dina jaman pra islam. Situs kabuyutan Ciburuy teh geus ngarekam
miara, ngajaga, sarta ngariksa budaya karuhun urang baheula dina mangsana.
Pikeun nandeskeun kasakralan awi, urang bisa tingali di baduy. Taun 2008 kuring minangka
mahasiswa program study sastra Sunda Unipversitas Padjadjaran, miang pikeun kuliah kerja
laopangan (KKL) di baduy. Harita kabeneran bisa ningali upacara ngubaran pare. Ieu upacara
teh mibanda tujuan pikeun ngajauhkeun tatanen tina panarajang hama. Ieu upacara digelarna
wanci peuting. Angklung jadi musik pamirig nu utama.
Urang terang angklung teh alat musik nu dijieun tina awi. Angklung anu aya di Baduy beda
jeung angklung pintonan nu sering katingali sapopoe, saperti di Saung Angklung Udjo.
Angklung baduy mah di luhurna teh di rarawisan ku daun hoe. Di baduy mah urang teh ngan
bisa ningali pintonan angklung dina waktu waktu nu geus di tangtunkeun bae, diantarana
waktu upacara adat. Sapopoe mah tara aya pintonan angklung.
Salian ti tutuwuhan nu di anggap sakral, awi ge bisa jadi pakakas fungsional anu luhur ajenna.
Salah sahijina awi teh biasa dimangpaatkeun pikeun jambatan atawa sasak. Sasak awi
sangkan kuat ditalian ku injuk, sasak awi mindeng ka panggih di pilemburan.
Panutup bahasan
Kacida mangpaatna ngajaga tutuweuhan anu aya di sabudeureun urang hususna awi. Lantaran
awi teh mibanda ajen budaya nu dianggap sakral jeung rea mangpaatnapikeun wawangunan,
sarta nilik deui kana kearifan lokal nu bisa dilarapkeun dina kahirupan jaman kiwari jeung nu
bakal datang.
Nu nulis, mahasiswa Program Studi Sastra Sunda Unpad, nganjrek di Garut.