You are on page 1of 1

Hadirin Ahli Jum’ah Rohimakumulloh !

Dina ngawitan sasih Syawal atanapi dinten-dinten saatosna lebaran biasana umat Islam
sok disibukkeun ku rupi-rupi kagiatan patarema atanapi pasamoan anu dipatalikeun sareng
idul fitri, di urang mah katelahna acara halal bihalal, bade dina acara tepung wargi atanapi
sok disebat haolan atanapi silaturahmi lembaga/organisasi.

Dina acara halal bihalal kanyataanana mah taya lian ti silaturrahmi sakumaha dianjurkeun
dina agama Islam. Dina acara Halal bihalal geusan silih-lubarkeun dosa, nyuhunkeun
dihampura jeung ngahampura. Silih lubarkeun dosa antara sasama muslim dicirian ku
cara-cara patarema dampal panangann, ieu teh kacida mulya, asal papada jinisna atanapi
sareng mahramna. Kangjeng Nabi SAW dina dawuhanana :

”Teu pati-pati dua jalma muslim anu papanggih tuluy sasalaman kajaba baris dihampura dosana
samemeh duanana papisah deui“. { HR. Abu Daud, Turmudzi, Ibnu Majjah }.

Mudah-mudahan urang sadayana, kalebet hamba-hamba Alloh nu lulus saomna, anu


sanggup ngalawan nafsu pikeun silih lubarkeun dosa sareng salawasna kenging
kani’matan pangampura Alloh. Amiin !.

You might also like