You are on page 1of 3

PENILAIAN TENGAH SEMESTER (PTS)

Tahun Pelajaran 2021/2022

LEMBAR SOAL

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Waktu :


Kelas/Semester : VIII/2 Hari/Tanggal : , Oktober 2021
I. Jawab pananya di handap, ku cara milih a,b,c atawa d anu dianggap pangbenerna!!!

1. Tanah Sunda, gemah ripah


nu ngumbara suka betah
urang sunda, sing towéksa
nyangga darma anu nyata
………………………….
Rumpaka kawih di luhur téh eusina mangrupa ébréhan rasa cinta ka …
a. kaéndahan alam c. kabogoh
b. indung bapa d. lemah cai
2. Urang Kuningan mah kasohor rancagé. Dina éta kalimah anu kaasup kecap sipat, nyaéta …
a. kasohor c. rancagé
b. Kuningan d. urang
3. …………………..
Diraksukan kabaya
nambihan cahayana
dangdosan sederhana
mojang priangan
……………………..
Téma tina sempalan rumpaka kawih “Mojang Priangan” di luhur téh nyaéta …
a. silihtulungan c. lemah cai
b. kageulisan d. kaéndahan alam
4. Upama urang hayang nyaho poko-poko warta, baca baé …
a. bagian kateranganana c. bagian eusi wartana
b. judulna d. bagian puhu wartana
5. ………………..
Umat-imut lucu
sura-seuri nyari
larak-lirik keupat
mojang priangan
……………………
Sempalan rumpaka kawih di luhur téh kaasup kecap rajékan …
a. dwimurni c. dwiréka
b. dwipurwa d. dwimadya
6. Puisi anu sok dilagukeun, boh dikawihkeun boh ditembangkeun, disebut …
a. kawih c. sajak
b. pupujian d. sisindiran
7. “Permaénan tim Maung Bandung kamari (7/3) di Stadion Kamal Muara Cengkaréng,
katempo leuwih nurun kualitasna.”
Aspék saha dina kalimah warta di luhur nyampak dina bagian ungkara .... 
a. tim Maung Bandung c. kamari
b. Stadion Kamal Muara Cengkareng d. leuwih nurun kualitasna
8. Mojang priangan anu digambarkeun dina éta lagu, keuna kana babasan …
a. awak sabeulah c. awak satilas
b. ngukur awak sorangan d. awak sampayan
9. Di mana-mana di kampung di kota
Geus kakoncara ku nimat rasana
Sampeu asalna teu diréka-réka
Naon namina ku matak kabita
……………………………….
Judul sempalan rumpaka kawih di luhur téh nyaéta …
a. Mojang Priangan c. És lilin
b. Peuyeum Bandung d. Budak jalanan
10. Adegan kalimah mah gumantung kana …
a. caritaanana c. kateranganana
b. pangrandapna d. jejerna
11. . Dina warta aya unsur-unsur anu disebut …
a. 1W + 5H c. 5H + 1W
b. 5W + 1H d. 1H + 5W
12. “Ema keur ……………. masak di dapur”.
Kecap rajékan trilingga anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur, nyaéta …
a. pak – pik - pek c. dag – dig – dug
b. dar – dér – dor d. plak – plik – pluk
13. Kawih “Mojang Priangan” téh eusina nyaritakeun …
a. Nyaah ka lemah cai c. pasipatan jalma
b. Nyaah ka sasama d. kaéndahan alam
14. Kawih “Tanah Sunda” téh sanggian …
a. Iyar Wiyarsih c. Koko Koswara
b. Sambas Mangundikarta d. Ibu Mursih
15. Eusi warta téh kudu nétral, maksudna …
a teu meunang mihak ka salasahiji pihak
b. teu meunang mihak ka anu boga médiana
c. teu meunang mihak ka pamingpin
d. teu meunang mihak ka balaréa
16. Warta mah teu sarua jeung éséy. Dina tulisan warta mah dipahing pisan ngamuatkeun ...
a. fakta anu kasaksian ku nu nulisna c. opini ti nu nulisna
b. data anu kapanggih ku nu nulisna d. katerangan anu kaguar ku nu nulisna
17. Kecap leutik, lamun dirajék ngagunakeun rajékan dwimurni, jadi …
a. laleutik c. leuleutik
b. leutik-leutik d. lutak-leutik
18. Dina warta aya anu disebut pamaca warta, disebutna …
a. narasumber c. jurnalistik
b. juru warta d. reporter
19. Mang Ading mésér minyak salétér. Éta kalimah téh kaasup kana kalimah …
a. sipat c. pagawéan
b. barang d. bilangan
20. Béja atawa informasi ngeunaan hiji kajadian anu bener-bener kajadian atawa aktual
disebut …
a. pupuh c. artikel
c. sisindiran d. warta
21. Rumpaka kawih anu wangunna sisindiran nyaéta …
a. Cikapundung c. Bandung
b. Tanah Sunda d. Lemah Cai
22. Kajadian anu bisa dijadikeun warta téh nyaéta kajadian …
a. anu dianggap penting pikeun balaréa
b. anu dianggap penting pikeun urang
c. anu dianggap penting pikeun juru warta
d. anu dianggap penting pikeun pamingpin
23. Dina seuseuhanana mah warta téh dijieun dina wangun …
a. kajadian c. tinulis
b. carita d. lisan
24. Kecap rajékan anu diwangun kucara nyebut dua kali engang mimiti wangun dasarna
nyaéta …
a. rajékan dwipurwa c. rajékan dwimadya
b. rajékan twilingga d. rajékan dwimurni
25. Média citak anu eusina ngamuat warta di antarana ...
a. koran jeung radio c. koran jeung majalah
b. koran jeung telévisi d. koran jeung internet

You might also like