Warta 2

You might also like

You are on page 1of 2

Rafli Fauzi Athallah

XI AM2

Pancen 2

1. Jelaskeun ku hidep naon definisi warta?

Warta nyaeta beja atawa informasi ngeunaan hiji kajadian anu bener-bener kajadian atawa aktual. Data
anu ditepikeun atawa dilaporkeun dina hiji warta dumasar kana data anu bener atawa valid jeung asli.

2. Jéntrékeun 6 rumus pananya lamun urang rék nulis atawa nyieun warta?

Dina nyusun warta téh urang perlu nedunan unsur warta nyaéta 5W + 1H

what : peristiwa naon anu diinformasikeun

where: dimana éta peristiwa kajadianana

when : iraha éta peristiwa kajadianana

who : saha anu kalibet dina éta kajadian

why : naha éta peristiwa bisa kajadian

how : kumaha kajadianana éta peristiwa

3. Aya 9 lengkah lamun urang hayang nepikeun/maca warta kalawan hadé, jentrékeun!

1. Saacan maca warta, urang kudu paham heula kana eusina kalawan bener

2. Ilo kalawan gemet warta nu rek ditepikeun

3. Perhatikeun kecap-kecap nu nurutkeun urang kaasup hese dipikaharti tur kumaha cara
ngucapkeunana nu bener

4. Dina prakna nepikeun warta, perhatikeun sora urang, sakumaha tarikna sangkan bisa kadenge jelas ku
kaom dangu

5. Artikulasi nu jentre

6. Lentong nu merenah

7. Bisa ngabedakeun iraha waktuna alon jeung iraha waktuna gancang


8. Sikep

9. Paningal, ulah tonggoy teuing kana naskah warta nu keur dibaca, sakali-kali urang kudu ngabagi
paningal ka pamiarsa

4. Kiwari anu jadi mediia warta téh rupa-rupa, sebutkeun tur jelaskeun cara atawa deskripsi
éta média dina nepikeun warta!

Media citak: koran, majalah, jeung sajabana. Media ieu saé pisan dipaké ku pamiarsa anu hayang nyaho
kajadian sacara jéntré tur bisa didokméntasikeun liwat media cetak.

Média éléktronik: televisi, radio, jeung sajabana. Media ieu pohara efektifna dina nyebarkeun warta,
sabab loba masarakat anu teu resep maca jeung teu tiasa ningal sumber kajadian. Lamun siaran warta
ngaliwatan média ieu, sok loba anu raresepeun, bisa nyokot conto “lamun urang asik ningali hiji program
anu dipikaresep ujug-ujug dieureunkeun jeung di hadirkeun ngeunaan kajadian anu lumangsung di
sabudeureun urang”.

Media Online saperti : FB, Twitter, Instagram, Website, Line, jste.

You might also like