You are on page 1of 3

Nyi iteung : “Kang Kabayan......

Kabayan : “ Mmm...... “
Nyi iteung : “Akang...... “
Kabayan : “Aya naon Iteung?“
Nyi iteung : “Ah...si Akang mah,atuh iraha akang rek ngalamar Iteung?“

Kabayan : “Teung.. lain akang mbung ngalamar Iteung, Iteung pan apal
kumaha sikap si Emak ka Akang..”

Nyi iteung : “Halaaah...si Emak mah, padahalkan Iteung nu rek nikahna oge, make rek ngajodohkeun
Iteung ka si Juned sagala. Kumaha ieu akang Iteung mbung ditikahkeun salain ka akang.”

Kabayan : “Euleuh... Si Emak kacida cida teuing atuh nikahkeun Mawar bodas kawas Iteung, ka
jelema kawas si Juned.

Nyi iteung : “Huuussss.... Akang jempe tong tarik tarik, sok padu wae ngomong teh. Sing kadeneun.”

Kabayan : “Kajeun kadengeun oge, paling paling nyamperkeun bari gogorowok *Borokokok* haduh
gusti-gusti, beuki kolot teh lain beuki...”

Abah : (Si Abah tiba tiba muncul bari ngajewer ceuli si kabayan) “Eeeh Beuki naon kabayan...
hmmmmm.......”

Kabayan : “Eeeeeeh....si Emak lepaskeun Mak, nyeuri....”


Nyi iteung : “ Ya Allah Abah eta lepaskeun karunya nyeuri eun...”

Abah : “Keur naon maneh duduaan jeung si Iteung? bari ngomongkeun kuring sagala, Iteung balik
maneh, diimah aya si Juned.”

Nyi iteung : “Abah abah cicing abah, Iteung mbung ditikahkeun jeung si Juned, Iteung bogoh ka Kang
Kabayan..”

Abah : “Ngomong naon maneh Iteung? Sadar si Kabayan teh jalma malarat teu panteus jeung maneh!

Kabayan : “Euleuh Euleuh si Abah,sakumaha hina kuring dimata abah? Kabayan bogoh ka anak
Abah, Kabayan bakal ngabahagiakeun anak Abah.’

Abah : “Hudang Kabayan, maneh boga naon wani wanian hayang ka anak kuring?

Nyi iteung : “Abah.. abah, tega ka Iteung? Abah teu karunya ka Iteung? Bogohna Iteung ka Kang
Kabayan lain ditingal tina duit abah.”

Abah : “Halaaah.... kabayan maneh boa-boa maneh melet si Iteung sugan? Melet dimana maneh? sok
sia, ngaku sia!”

Nyi iteung : “Astagfirullah abah....”

Abah : “Aaaargh.... geus Iteung hayu urang balik! Duduaan wae jeung lalaki kawas kie... Cuiiiih....”

Nyi iteung : “Kang Kabayan......”

Kabayan : “Iteuuuung.....”

* (Mulai tidinya, hirup si Kabayan berubah 180 derajat jauh ti sifat aslina. Si Kabayan jadi sok mabok,
penampilanna oge beda, jeung manehna kapikiran omongan si Abah pikeun melet si iteung. Akhirna
Kabayan datang ka ema dukun pikeun melet si Abah supaya ngarestuan hubungana jeung Nyi Iteung)
(Mulai tidinya, hirup si Kabayan berubah 180’ jauh ti sifat aslina. Si Kabayan jadi sok mabok,
penampilanna oge beda, jeung manehna kapikiran omongan si Abah pikeun melet si iteung. Akhirna
Kabayan datang ka ema dukun pikeun melet si Abah supaya ngarestuan hubungana jeung Nyi Iteung)

Dukun : “ Hahahahahaha........ Diuk maneh! Hah, jadi maneh hayang si Abah ngarestuan hubungan
maneh jeung si Iteng?”

Kabayan : “ Nya Nyi... kuring hayang si Abah jadi bager ka kuring jeung narima kuring jadi mantu.”

Dukun : “ Tenang, maneh teu salah datang kadieu. Naon wae masalah bisa dibereskeun. Hahahaha....,
Ngan aya syarat syaratna.

Syarat nu kahiji nyaeta maneh kudu mandi kembang 7 rasa. kadua maneh kudu nyiapkeun 2 hulu anak
hayam. jeung nu katilu tiap malam minggu maneh kudu nyiapkeun sesajen nu eusina sagelas Luwak
Black Kopi, Tory tory chesee crackers, jeung oreo eskrim rasa orange.”

Kabayan : “ Hah, Jaaarrrukk..”

Dukun : “Hahahahaha.... Isukan syarat syarana kudu geus dilakonan, jeung hiji deui... syarat nu
penting pisan nyaeta.... duit!

Kabayan : “ siap Nyi...”

* (Sangges balik ti dukun si kabayan ngalamun bari jeung ngomekeun ceulina, jeung teu lila manehna
kasarean. Dina sarena si Kabayan ngimpi paeh. Suasana makin mencekam tiba-tiba muncul dan
terdengar suara-suara mistis dan suara malaikat yang bergema didalam kesunyian).

Malaikat: “Kabayan..... Bangun..... bangun.....

Mayat Kabayan : “ (kabayan bangun dengan dengan muka ketakutan dan bingung) Haaaah.... dimana
ieu... poeeeek.... eungaaaap, ari kuring nya geus paeh?

Malaikat : “ Hai,,,Bani Adam .... Marobuka ....

Mayat Kabayan : “ Haah, dibuka? dibuka nanaonan?”

Malaikat : “ Siapa Rasul dan apa kitabmu? JAWAB...”

Mayat Kabayan : “ hah, Rasul? Kitab? duka, duka kuring teu apal, kuring ngan nyaho oge ... .... .....*
guyonan (dance, jaipong jsb)"

Malaikat : “Terlaknat kau kabayan, Kau sudah jauh dari agamamu! Kau berubah hanya karena cinta!
Selama kau hidup kau pergunakan mulutmu untuk membicarakan orang tua, minum alkohol, kakimu
kau langkahkan ke tempat haram dengan datang ke dukun, hatimu kotor dengan niat memelet orangtua.

Sekarang mulutmu akan terkunci, kau tidak akan bisa mengelak dari apa yang telah kau perbuat.
Rasaan pembalasan dari apa yang telah kau perbuat.”

Mayat Kabayan : “ Mbung... Embung... Ampuuuun ampuuun kuring hayang baliiik...”

Malaikat : “ Hahaha... Setiap perbuatan akan diminta pertanggung jawaban, dan sungguh Allah sangat
mencintai umatnya yang selalu taqwa dijalan-Nya, kau rasakan siksa kuburmu... Hahahaha!”

Mayat Kabayan :“Ampuuuun... ampuuun... iteung... iteung... iteung...!"


* (Didinya keneh si kabayan hudang tina ngimpina, teu lila nyi iteung datang bari ceurik)

Nyi iteung : “ Kang Kabayan... akang... kang kabayan...”

Kabayan : “ Iteng? Iteung Iteung... iteung kunaha ceurik?”

Nyi iteung : “ Si Juned kang sijuned nipu iteung.”

Abah : “ Heueuh.. kabayan si juned nipu, padahal mah si juned geus boga anak pamajikan, Abah era
ka maneh kabayan, hampura abah. Ayeunamah ku Abah sorangan direstui jeung si Iteng, asal sifat
maneh hade deui.”

Kabayan : “ Abah bener? heueuh abah, kabayan janji ek ngubah deui sifat kabayan. Tapi Abah Bener?

Abah : “ heueuh.. kabayan soalna si Iteung kekeuh hayang kamaneh.”

Nyi iteung : “ Abah bener?”

Abah ; “ Heueuh..”

Nyi iteung : “Abah bener ?”

Abah :” Heueuh..”

Nyi iteung : “ Abah bener?”

Abah :”eeuh iteung...”

* (Teu lila dukun datang)

Dukun : “ eiiiiits aya naon ieu? Kabayan mana janjimu?

Kabayan: ”eeeh... kadieu heula kadieu... Nyi kuring teu jadi melet si Abah, kuring ek tobat”

Dukun :” Apa?... tong sok maen maen kabayan, janji angger janji!”

Abah : “ Janji naon ieu kabayan?”

Dukun : “ kieu... mun hayang nyaho mah, si kabayan geus boga niat rek melet abahna anu kaseep...
hahaha....!"

Kabayan : “ Abah... hampura kabayan abah, kabayan boga niat ek melet abah, ambeh abah ngarestuan
hubungan kabayan jeung nyi iteng, tapi henteu abah ayeuna mah pan kabayan tobat.”

Nyi iteung : “ Astagfirulloh akaaaang...”

Abah : “geus.. abah ngarti, ayeuna abah percaya kasorangan kabayan, sorangan geus jujur. Jadi geura
tentukeun ek tanggal jeung bulan sabaraha maraneh nikah? tapi tong miheulaan abah nya, abah heula
nu nikah..”

Kabayan + Nyi iteung : “ Hah...Abah ek nikah jeung saha?

Dukun : “ HAHAHAHAHAHAHAHAHA........."

* (Akhirna si Kabayan berubah deui sifatna kusabab mimpi paeh. Kabayan, Nyi Iteung, Abah, Dukun
nu jadi pamajikan si abah hirup bahagia salawasna..)

You might also like