You are on page 1of 4

PUPUH WIRANGRONG

Upload by Nenk Markonah


Mbredets Radio
*
**
***
Barudak mangka ngalarti
Ulah rek kadalon-dalon
Enggon-enggon nungtut elmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun sarerea
Modal bakti ka nagara
*
Nagara jeung lemah cai
Perlu panjaring pangrojong
Ngamumule panyarungsum
Malar tetep jaya sakti
Nagara tetep merdika
Sampurna mukti wibawa
**
(Mangga tiasa ngageol sakedap)
SEKAR TANDAK
He barudak mangka ngarti
Ulah rek kadalon-dalon
Nungtut elmu jeung pangarti
Masing rajin soson-soson
Pibekeleun hirup tandang
Modal bakti ka nagara
Lemah cai anu urang
Perlu dijaga dibela
**
Indonesia nu merdeka
Perlu pangrojong pangjaring
Pamumule nu sampurna
Pangraksa beurang jeung peuting
Jaya sakti
Pinareng unggah darajat
Kaagungan lemah cai
Perlu dijaga diruwat
==sakitu anu kapihatur==
*wilujeng nembang*
PUPUH SINOM
Upload by Nenk Markonah
Mbredets Radio
*
**
***
Harta pada nareangan
Harti pada nyararungsi
Sabab..duanana guna
Harti bisa mere bukti
Harta pon kitu deui
Bisa ngabul nu di maksud
Nedunan sakahayang
Tapi harta gampang leungit
Mungguh harti
Mangpaat dunya akherat
*
Rea nu nampa warisan
Ngadak ngadak sugih mukti
Salieuk beuh hirup ngeunah
Senang ngahenangaheun
Gawe ukur pelesir
Duitna di awur awur
Bandana beuki suda
Paingan ceuk nini aki
Najan gunung ditugaran
Tangtu cepak
**
(Mangga tiasa ngageol sakedap)
SEKAR TANDAK
Harta pada nareangan
Harti pada narambahan
Harta harti sarwa guna
Pada bisa mere bukti
Bisa hasil sapaneja
Sok nyumponan cita- cita
Harta harti sok mangpaat
Dapon diraksa taliti
**
Anu beunghar ku warisan
Ngadak ngadak roroyalan
Lamun hirup kitu laku
Harta teu jadi mangpa’at
Najan harta leuwih cukup
Teu dipake modal hirup
Raja kaya nungtut ledis
Akhirna timbul musibah

==sakitu anu kapihatur==


*wilujeng nembang*

You might also like