You are on page 1of 17

MAKALAH

MACA TALAAH EUSI

Diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji pancén Mata Kuliah Membaca Inténsif
nu di ampu ku :
Drs. O. Solehudin, M. Pd
Yatun Romdonah Awaliyah, M. Pd.

Disusun ku: Kelompok 1

Elsa Raysa Agustina 2000698

Gunara Fahrizal 2008577

Fajri Aliansyah 2007033

Masrini 2003920

Muhammad Miqdad Jihad 2009918

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA SUNDA


FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONÉSIA
BANDUNG
2021
2
PANGJAJAP

Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh


Puji sinareng sukur urang panjatkeun ka hadirat Allah SWT, nu mana
Mantenna parantos maparinan rahmat sareng hidayahna ka urang sadaya, kanggo
ngaréngsékeun ieu makalah. Shalawat sinareng salam mugia ngocor ngagolontor
ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, sohabatna,
sinareng umatna anu satia dugi ka ahir zaman. Kalawan rahmat sareng hidayahna
panyusun tiasa ngaréngsékeun ieu makalah anu judulna “Maca Talaah Eusi” nepi
ka tiasa diréngsékeun dina waktos nu tos ditangtukeun.
Makalah ieu disusun pikeun nyumponan pancén Bapa Drs. O. Solehudin,
M. Pd sareng Ibu Yatun Romdonah Awaliyah, M. Pd. dina mata kuliah Maca
Inténsif di Universitas Pendidikan Indonesia. Salian ti éta, panulis ogé miharep
sangkan ieu makalah téh bisa nambahan wawasan katut pangaweruh ka para
pamaca ngeunaan maca talaah eusi.

Panulis ngahaturkeun nuhun saageung-ageungna ka Bapa Drs. O.


Solehudin, M. Pd sareng Ibu Yatun Romdonah Awaliyah, M. Pd salaku dosén mata
kuliah Maca Inténsif. Ieu laporan téh eusina jauh kénéh kana kasampurnaan, loba
kénéh kakuranganna. Ku kituna panulis kacida nganti-ngantina kana saran jeung
kritikna sangkan ieu laporan téh leuwih muneul sakumaha nu dipiharep ku urang
sadayana. Najan kitu, panulis teu weleh miharep sangkan sisieureun sabeunyeureun
ieu laporan téh méré mangpaat ka urang sadaya.

Wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh

Bandung, 12 Fébruari 2021

Panyusun

3
DAFTAR EUSI

COVER...................................................................................................................1

PANGJAJAP..........................................................................................................3

DAFTAR EUSI.......................................................................................................4

BAB I BUBUKA.....................................................................................................5
A. Kasang Tukang...........................................................................................5
B. Rumusan Masalah......................................................................................6
C. Tujuan.........................................................................................................6
D. Mangpaat....................................................................................................6
BAB II PEDARAN.................................................................................................8
1. Kajian Tiori.................................................................................................8
2. Maca Talaah Eusi.......................................................................................8
A. Maca Taliti..................................................................................................9
B. Maca Pamahaman....................................................................................10
C. Maca Kritis................................................................................................12
D. Maca Ide....................................................................................................13

BAB III PANUTUP..............................................................................................16

A. Kacindekan...............................................................................................16
B. Saran..........................................................................................................16

DAPTAR PABUKON..........................................................................................17

4
BAB I

BUBUKA

A. Kasang Tukang
Maca mangrupa salah sahiji prosés nu dilakukeun sarta digunakeun ku para
pamaca pikeun meunangkeun pesen atawa ma’na nu ditepikeun ku panulis
ngaliwatan média kekecapan atawa basa tulisan. Salah sahiji prosés dimana
kelompok kecap nu mangrupa hiji kamanunggalan nu katingalu dina salah sahiji
panempoan saliwat jeung ma’na kecap sacara individual bisa dipikanyaho.
Numutkeun Agussur maca nyaéta hiji prosés ngalisankeun jeung
ngahartikeun atawa ngama’naan basa tinulis ku cara nyangkem, nafsirkeun, ngajén
sarta ngaréaksi kana gagasan anu diébréhkeun tina basa tinulis.

Kagiatan maca miboga tujuan numutkeun pamadegan Ahuja (2010: 15),


tujuan maca téh kabagi jadi dalapan nya éta:

1. Pikeun hiburan,

2. Pikeun ngahirupkeun deui pangalaman-pangalaman sapopoé,

3. Pikeun ngarasakeun kahirupan émosional jeung batur,

4. Pikeun nyugemakeun kapanasaran, hususna naha jalma ngalakukeun hiji hal


maké carana sorangan.

5. Pikeun ngararasakeun situasi drmatik siga urang nu ngalamana sorangan,

6. Pikeun néang informasi ngeunaan dunya anu ku urang ditempatan,

7. Pikeun ngarasakeun kadatangan batur jeung ngarasakeun tempat-tempat nu can


pernah didatangan,

8. Pikeun mikanyaho sakumaha pinterna urang ngaduga-duga jeung ngabéréskeun


hiji pasualan,

Dina kaparigelan maca téh kabagi jadi maca ékstensif nu dijerona aya maca
survéy, maca saliwat jeung maca déét, sarta maca inténsif nu kabagi jadi maca
talaah eusi jeung maca talaah basa. Maca talaah eusi mangrupa salah sahiji
5
kaparigelan dina maca inténsif dimana pamaca hayang mikanyaho leuwih jero eusi
tina bahan bacaan. Dina maca talaah eusi hiji bacaan mikabutuh katalitian,
paamhaman, mikir kritis, sarta kaparigelan nyangkem ideu-ide nu tersirat dina
bahan bacaan.

B. Rumusan Masalah
1. Naon nu di maksud maca talaah eusi ?
2. Naon waé nu kaasup kana maca talaah eusi?
3. Naon nu di maksud maca taliti téh?
4. Naon tujuan maca pamahaman téh?
5. Kumaha aspék-aspék nu aya dina maca pamahaman?
6. Kumaha standar késastraan téh?
7. Naon nu dimaksud maca kritis ?
8. Naon nu dimaksud maca ide?

C. Tujuan
Ditulisna makalah ieu téh mibanda tujuan pikeun nyumponan salah sahiji
pancén mata kuliah Maca Inténsif sarta mangpaat tina matéri nu dipedar diantarana:
mikanyaho naon nu di maksud maca talaah eusi téh, naon wae babagiana, pikeun
mikanyaho naon maca taliti, mikanyaho tujuan maca pamahaman, kumaha aspék-
aspék nu aya dina maca pamahaman, mikanyaho kumaha standar kesastraan,
mikanyaho naon nu di maksud maca kritis jeung mikanyaho naon nu dimaksud
maca ideu.

D. Mangpaat
Makalah ieu dipiharep bisa mangpaaat dina widang téoritis atawa praktis
antara lain :
1. Pikeun mikanyaho naon nu di maksud maca talaah eusi,
2. Pikeun mikanyaho naon waé babagiana tina maca talaah eusi,
3. Pikeun mikanyaho naon maca taliti,
4. Pikeun mikanyaho tujuan maca pamahaman,
5. Pikeun mikanyaho aspék-aspék nu aya dina maca pamahaman,

6
6. Pikeun mikanyaho kumaha standar kesastraan,
7. Pikeun mikanyaho nu dimaksud maca kritis, jeung
8. Pikeun mikanyaho naon nu dimaksud maca ide.

BAB II

PEDARAN

7
1. KAJIAN TIORI
Maca inténsif numutkeun pamadegan Lalremruati (2019: 2) negeskeun yén
maca inténsif nyaéta mangrupa bacaan nu ngawajibkeun pamaca pikeun maca
kalawan inténs konséntrasi.
Tarigan (1986: 35) maca inténsif mikabutuh bacaan nu singget salian ti éta
ogé nungtut ayana hiji pamhaman nu jero sarta ngawinci kana hiji bahan bacaan.
Numutkeun Brown (2001: 297) nambahkeun yén maca inténsif analog kalawan
ngadegkeun inténsif, nu mikabutuh konséntrasi nu luhur.
Aspék-aspék dina maca intensif nyaéta:
1. Kaparigelan mikawanoh kecap
2. Kaparigelan mikawanoh tanda baca
3. Kaparigelan nyangkem ma’na kasurat nu diwincik deui jadi
- Kaparigelan nyangkem ma’na kecap
- Kaparigelan nyangkem ma’na frase
- Kaparigelan nyangkem ma’na kalimah
- Kaparigelan nyangkem ma’na paragraf
- Kaparigelan nyangkem ma’na subbab
- Kaparigelan nyangkem ma’na bab

Maca inténsif ny éta maca anu daria, gemet kanu eusi bacaan sangkan bisa maham
kana eusi bacaan. Dina maca inténsif kabagi jadi dua bagian nyaéta maca talaah
eusi jeung maca talaah basa.

2. MACA TALAAH EUSI

Numutkeun Idriani (2006) dina Bunadi (2014: 2) nétélakeun yén maca


mangrupa kaparigelan dasar nu kudu dipikaboga ku sakabéh jalma. Leuwih nyosok
jero deui dina maca téh kabagi sababaraha rupa salah sahijina aya maca inténsif..
Dimana dina maca inténsif téh aya nu disebut telaah eusi, nyaéta maca nalaah atawa
nalungtik eusi hiji bahan bacaan anu nungtut katalitian, pamahaman, kakritisan
pikiran jeung kaparigelan meunangkeun ide-ide anu aya dina bahan bacaan, Dina
nalaah eusi bacaan, urang henteu ngan saukur maca tapi kudu bisa meunangkeun

8
maksud jeung tujuan dina téks bacaan. Maca talaah eusi téh dibagi jadi sababaraha
bagian nyaéta:

1. Maca Taliti
2. Maca Pamahaman
3. Maca Kritis
4. Maca Ide

Dihandap ieu bakal diwincik deui naon nu maksud maca taliti, maca
pamahaman, maca kritis jeung maca ide.

A. Maca Taliti

Maca taliti mangrupa hiji kagiatan nu dilakukeun sarta ngabutuhkeun


katalitian. Maca taliti téh ngabutuhkeun sababaraha kaparigelan, diantarana nyaéta
survéy nu gancang pikeun merhatikeun jeung ningali organisasi, maca sababaraha
balikan pikeun manggihan kalimah-kalimah judul penting, sarta manggihan
pakaitna unggal paragraf jeung sakabéh tulisan.

1. Maca paragraf dina wangenan


Hiji paragraf nu ditulis biasana miboga hiji pikiran poko atawa central
thought. Biasana kecap pikiran poko ayana dina hiji kalimah judul (topic sentence)
dina paragraf munggaran, tapi aya ogé nu dua atawa tilu kalimah. Aya sababaraha
conto tina unggal cara pamekaran pikiran pokok paragraf nya éta:
a. Pemekaran paragraf dina ngadadarkeun alesan,
b. Pamekaran paragraf dina ngadadarkeun wincikan,
c. Pamekaran paragraf dina nengahkeun conto,
d. Pamekaran paragraf dina ngabanding-banding.
2. Maca pilihan nu leuwih panjang
Biasana urang moal mangggih bangbaluh pikeun ngaitkeun hiji bab atawa
artikel nu aya dina paragraf éta. Sarua halna jeung kalimah-kalimah nu
ngamekarkeun pikiran pokok hiji paragraf, pasti milu ngarojong dina
ngamekarkeun pikiran sakabéh bab atawa artikel. Kaparigelan pikeun ngaitkeun
paragraf-paragraf tunggal jeung kelompok-kelompok paragraf pikeun watesan
sakebéh tulisan penting pisan dina maca taliti.
3. Nyieun Catetan

9
Para mahasiswa bisa nyieun catetan ngeunaan pancén-pancén bacaan pikeun
tambahan nilai-nilai catetan , prosés nyieun éta catetan téh bisa ngabantu urang kana
tilu hal penting, nyaéta monolog pikeun nyangkem naon nu dibaca jeung
diregepkeun, nyieun terus-terusan néang fakta atawa ide penting, sarta ngabantu
kamampuh ingetan urang.
4. Nalungtik Pancén
Sangkan siswa bisa ngaréngsékeun pancénna sarta nalungtik kalawan bener,
kudu dibiasakeun maké cara AQ3R. SQ3R nyaéta hiji metode studi nu ngalingkup
lima tahap, Survey, Question, Raad, Recite, jeung Review.

B. Maca Pamahaman
Maca pamahaman nyaéta hiji kagiatan nu tujuanna pikeun meunangkeun
informasi nu héor sarta pamahaman ngeunaan naon nu dibaca. Maca pamahaman
mangrupa pamahaman harti atawa maksud dina hiji bacaan ngaliwatan tulisan.
Définisi ieu nekenkeun pisan kana dua hal nu poko dina maca, nyaéta basa éta
sorangan jeung simbol grafik tulisan nu medar informasi anu wujudna bacaan (
Lado dina Nurhadi, 1987:222)
Maca pamahaman didéfinisikeun ogé salah sahiji rupa maca nu tujuanna
maham eusi bacaan (Sujanto dina Nurhadi, 1987:222)
Numutkeun sababaraha wangenan di luhur, maca pamahaman sacara
saderhana bisa dihartikeun kagiatan maca pikeun maham eusi bacaan, boh nu
kasirat boh nu kasurah dina bahan bacaan .
Tujuan maca pamahaman nyaéta pikeun meunangkeun kasuksésan dina
maham pinuh kana pamadegan-pamadegan nu asup akal, pola-pola téks atawa
urutan-urutan étoris, pola-pola simbolisna, nada-nada tambahan nu sifatna
émosional jeung sarana-sarana linguistik nu digunakeun pikeun ngahontal tujuan
(H.G. Tarigan, 1986:36).
Numutkeun pamadegan Tarigan di luhur, bisa ditingali yén tujuan maca
pamahaman nyoko kana sababaraha hal. Cindekna maca pamahaman diperlukeun
saupama urang hayang diajar jeung maham kana masalah nu ku urang dibaca nepi
kana hal-hal nu detail pisan.

10
Aspék-aspék dina maca pamahaman nyaéta (Broughton dina H.G. Tarigan,
1986:12) :
a. Maham wangenan sederhana (rétorikal, gramatikal, léksikal),
b. Maham signifikasi atawa ma'na (maksud jeung tujuan pangarang
rélévansi/kaayaan kabudayaan, réaksi nu maca)
c. Évaluasi atawa panilaian (eusi, bentuk)
d. Kacepetan maca nu fléksibel sarta babari disaluyukeun jeung kaayaan.
Dina maca pamahaman, nu maca teu ditungtut ngan saukur ngarti jeung
paham eusi bacaan, tapi manéhna ogé kudu mampuh ngaanalisis atawa ngaévaluasi
sarta ngaitkeun jeung pangalaman-pangalaman jeung pangaweruh mimiti nu geus
dipikaboga.
Numutkeun Mc. Laughlin jeung Allen dina Farida Rahim, ngadadarkeun
ngeunaan prinsip-prinsip maca nyaéta :
a. Pamahaman mangrupa prosés konstruktivis sosial,
b. Guru maca nu unggul mangaruhan kana diajar siswa,
c. Stratégi jeung kaparigelan maca bisa diajarkeun,
d. Maca leuwih hadé dilakukeun dina kontéks nu miboga ma'na,
e. Pamaca nu hadé nyemel peran nu stratégis jeung boga peran aktif dina prosés
maca,
f. Kamekaran kosa kecap jeung pembelajaran mangaruhan kana pamahaman maca,
g. Kasaimbangan, kamahéraksaraan nyaéta karangka gawé kurikulum nu ngabantu
kana kamekaran pamahaman,
h. Siswa manggihkeun mangpaat maca ti sababaraha téks dina sagala rupa tingkatan
kelas,
i. Asésmen nu dinamis ngainformasikeun pembelajaran maca pamahaman,
j. Milu ilubiung nyaéta hiji faktor komci dina prosés pamahaman

Aya 4 léngkah nu perlu dilakukeun dina maca numutkeun Suyatmu,


2000:45, nyaéta:

a. Nangtukeun tujuan maca,


b. Maca sakabéh eusi bacaan kalawan taliti sahingga urang bisa manggihan idé
poko nu aya dina tiap pada,
c. Préview hartina maca saliwat panon,
11
d. Ngadadarkeun deui eusi bacaan maké kalimah jeung kecap-kecap sorangan.
Opat tingkatan atawa katégori pamahaman maca numutkeun Burns jeung
Roe; Rubin; jeung Syafi'ie dina Hairuddin, dkk, 2008, nyaéta:
a. Pamahaman kritis nyaéta kamampuh ngaévaluasi matéri téks. Pamahaman kritis
dina dasarna sarua jeung pamahaman évaluatif. Dina pamahaman ieu pamaca
ngabandingkeun informasi nu dipanggihkeun dina téks jeung norma-norma nu
tangtu, pangaweruh, jeung kasang tukang pangalaman pamaca pikeun méré ajén
téks.
b. Pamahaman inféransial mangrupa kamampuh maham informasi nu ditétélakeun
sacara teu langsung (kasirat) dina téks. Dina hal ieu, pamaca ngagunakeun
informasi nu ditétélakeun sacara éksplisit dina téks, kasang tukang pangaweruh,
jeung pangalaman pribadi sacara ngahiji pikeun nyieun hipotésis atawa dugaan.
c. Pamahaman literal mangrupa kamampuh maham informasi nu ditétélakeun
sacara éksplisit dina téks. Pamahaman literal nyaéta pamahaman tingkat paling
handap, tapi pamahaman ieu angger penting dina prosés pamahaman sakabéh
bacaan. Pamahaman literal nyaéta prasyarat pikeun pamahaman nu leuwih
luhur (Burns jeung Roe dina Hairuddin, dkk, 2008).
d. Pamahaman kréatif nyaéta kamampuh pikeun ngedalkeun réspon éstétis jeung
émosional kana téks nu saluyu jeung standar pribadi sarta standar profésional.
Pamahaman kréatif ngalibatkeun sakabéh diménsi kognitif maca sabab patali
jeung dampak psikologi sarta éstétis téks pikeun pamaca. Dina pamahaman ieu,
pamaca ditungtut maké daya imajinasina pikeun meunangkeun gambaran anyar
nu ngaleuwihan naon anu didadarkeun ku panulis (Hafni dina Hairuddin, dkk,
2008)

C. Maca Kritis
Maca kritis nyaéta cara maca pikeun nempo motif panulis, tuluy urang ngajén
éta tulisan. Maca kritis hartina urang kudu bisa nalungtik sangkan urang bisa
nganilai kana hiji bacaan. Ngeunaan hal maca kritis urang salaku nu maca kudu bisa
nalungtik baha bacaan naha eta mangpaat atawa heunteu.

12
Numutkeun Albert (el al) dikutip ku H.G Tarigan (1988: 89), yén maca kritis
téh mangrupa kagiatan maca sacara wijaksana, nyosok jero, evaluative, sarta
talungtik,lain ukur neangan kasalahan hungkul.
Numutkeun Ahmad Selamet (Harras A Kholid 1998: 11.23) medarkeun yén
maca kritis téh mangrupa stratégi maca sangkan paham kana eusi bacaan dumasar
kana panilaian rasional numutkeun kamandang panulis nu bisa di andelkeun. Urang
ngalakonan maca kritis nu maca bakal leuwih paham kana naon nu dibacana, jeung
manéhna bakal miboga kapercayaan diri nu leuwih sigep, Ku kituna maca kritis téh
kudu jadi ciri dina sakabéh kagiatan maca nu boga tujuan sangkan paham nyosok
jero kana eusi nu keur dibacana.
Maca kritis ngeunaan pedaran nu leuwih jero, upaya pikeun meunangkeun
lain ukur ngeunaan sakabéh kabeneran pikeun naon nu di tulis tapi meunangkeun
alesan–alesan naha nu nulis téh medarkeun naon nu dilakonana. Ngan saupama nu
maca meunangkeun lain ukur nu di omngkeunana tapi apal ngeunaan kana naon
anu di tepikeuna hartina manéhna geus kaasup maca kritis.
Dina dunia akademik maca kritis téh penting pisan utamana pikeun calon ahli
hukum. Kamampuan ieu bakal jadi relepan jeung ciri anu khas pikeun ahli hukum,
nalika anjeuna kudu maca sumber hukum primér saperti peraturan perundang –
undangan, putusan hakim atawa arbiter, kontrak atawa perjanjian. Cara nubaris
dipedar tadi tujuana pikeun ngalatih ahli hukum meunangkeun hukumna teknik ieu
disebut metode pola piker yuridik. Teknik pola piker yuridik mangrupa teknik
maca sumber hukum primer. Dina hal ieu nu baris dipedar utamana lain teknik pola
piker yuridik tapi teknik maca kritis sumber hukum sekundér saperti buku, artikel
jeung sajabana.

D. Maca Ide

Maca ide (Tarigan, 2008:120) nyaéta kagiatan maca nu néang, meunangkeun,


sarta ngamangpaatkeun ide-ide nu aya dina bacaan. Aya ogé nu nyebutkeun yén
maca ide téh nyaéta kaparigelan maca pikeun meunangkeun ide poko hiji bacaan
jeung tahapan mimiti pikeun meunangkeun pamahaman tina maksud nu nulis nu
aya dina tulisanana. Bisa dicindekkeun yén maca ide téh magrupa prosés maca nu

13
ngamaksudkeun sangkan manggihan jeung maham ide, gagasan, cita-cita jeung
maksud ti pangarang atawa panulis nu aya dina tulisanana.

Dina hiji bacaan, urang kudu manggihan ide poko tina bacaan éta. Tong
tepikeun ka miceunan waktu keur nengetan detail bacaanana. Dina maca ide, urang
bisa meunangkeun loba mangpaat pikeun tujuan maca nu optimal jeung bisa
ningkatkeun kamampuh basa nu macana. Dina maca ide ogé urang bisa manggihan
gagasan, idu nu aya dina bacaan kalawan gancang jeung bener sangkan ngahémat
waktu jeung tanaga.

Pikeun ningkatkeun kaparigelan maca ide, urang salaku nu maca kudu bisa
jadi pamaca nu hadé. Aya sababaraha cara jadi pamaca nu hadé nyaéta:

1. Apal alesan manéhna maca,


2. Maham naon anu dibaca,
3. Bisa ngagunakeun téhnik maca gancang, jeung
4. Loba apal kana média citak.

Aya cara lian sangkan jadi pamaca nu hadé, nyaéta manggihan jeung
meunangkeun ide poko. Aya sababaraha cara pikeun meunangkeun ide poko
kalawan gancang jeung bener:

1. Mikir jeung nu nulis, nurutkeun struktur jeung gaya tulisanana,


2. Maca kalawan ngadesek, tujuanana pikeun meunangkeun ide poko
sacara bener,
3. Tong maca sakecap-sakecap, nyerep kana ide bacaanana,
4. Maca gancang, ngan tong tepikeun ka leungit wangenanana,
5. Maca gancang, kalawan gancang ngarti kana idena,
6. Néang harti puseur pangartina,
7. Kurangan kabiasaan nengetan hiji detail nu leutik, jeung
8. Gancang ngaréaksi kana poko dina hiji karangan kalawan akurat.

Ngan intina mah, pikeun ningkatkeun kamampuh maca ide téh euweuh
metode nu paling bener, sabab nu maca kudu ngembengkeun stratégi jeung metode-
metode na sorangan dina maca ide.

Patalina maca ide jeung kaparigelan dina maca talaah eusi nu lianna nyaéta:
14
1. Patalina jeung maca taliti
Maca ide dina bacaan, nu maca tangtu kudu leuwih taliti pikeun
meunangkeun ide jeung gagasan tina tulisan nu dibacana. Jadi, maca taliti
mangrupa tahapan pikeun meunangkeun ide jeung gagasan tina hiji bacaan.
2. Patalina jeung maca pamahaman
Urang kudu bisa maham heula kana éta bacaan sangkan manggihan gagasan
nu aya dina éta bacaan.
3. Patalina jeung maca kritis
Pamaca nu kritis moal bisa nganalisis hiji bacaan lamun manéhna sorangan
teu manggihan gagasan jeung ide nu sabenerna nu dimaksud ku nu nulis.
Jadi, maca ideu nya éta salah sahiji tahapan pikeun jadi pamaca nu kritis,
kitu ogé sabalikna.

15
BAB III
PANUTUP
A. Kacindekan
Maca talaah eusi mangrupa kaparigelan dasar nu kudu dipikaboga ku sakabéh
jalma. Leuwih nyosok jero deui dina maca téh kabagi sababaraha rupa salahsahijina
aya maca inténsif. Numutkeun Lalremruati (2019: 2) negeskeun yén maca intensif
nyaéta mangrupa bacaan nu ngwajibkeun pamaca pikeun maca kalawan daria jeung
konséntrasi. Dimana dina maca inténsif téh aya nu disebut telaah eusi nyaéta maca
nalaah atawa nalungtik eusi hiji bahan bacaan anu nungtut katalitian, pamahaman,
kakritisan pikiran jeung kaparigelan meunangkeun ide-ide anu aya dina bahan
bacaan. Dina nalaah eusi bacaan, urang henteu ngan saukur maca tapi kudu bisa
meunangkeun maksud jeung tujuan dina téks bacaan. Maca talaah eusi téh dibagi
jadi sababaraha bagian nyaéta maca taliti, maca pamahaman, maca kritis jeung
maca ideu.

B. Saran
Pikeun jadi jalma nu mampuh kana maca hususna dina maca talaah eusi téh
tangtuna urang kudu mikanyaho naon nu dimaksud maca talaah eusi jeung naon
waé babagianana. Ku kituna, panyusun nyarankeun sangkan prosés maca urang
kudu mampuh dimekarkeun deui ku fakta-fakta nu aya dina salah sahiji bacaan nu
ku urang baca, tujuanana pikeun mikanyaho kana wangenan, cara, aspek-aspek
jeung sakabeh hal nu diperlukeun pisan dina kagiatan diajar téh, hususna pikeun
mahasiswa dina maca talaah eusi.

16
DAPTAR PABUKON

Tarigan, Henry Guntur. 1979. Membaca sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa:


Angkasa
Oka, Gusti Ngurah. 1983. Pengantar Membaca dan Pengajarannya. Surabaya:
Usaha Nasional
Ngalimun, & Noor Alfulaila. 2014. Pembelajaran Keterampilan Berbahasa
Indonesia. Yogyakarta: Aswaja Press Indonesia
Sudarso. 1994. Sistem Membaca Cepat dan Efektif. Jakarta: Gramedia Pustaka
Utama
Sultan. 2018. Membaca Kritis. Yogyakarta: Baksara Media

Danadibrata, R.A. 1970. Kamus Sunda: PT. Kiblat Buku Utama.

Kuswari, Usep. Membaca Intensif


http://file.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND_BAHASA_DAERAH/195901119
86011-USEP_KUSWARI/Membaca_Intensif.pdf

http://www.markijar.com/2017/05/membaca-pemahaman-dan-unsur-
unsurnya.html?m=1

17

You might also like