You are on page 1of 11

Soal PAS Basa Sunda kelas VIII

Pilih jawaban nu pangbenerna!

1. Baca pupuh ieu dihandap!

Utamana jalma kudu réa ka batur,

Keur silih tulungan, silih titipkeun nya diri,

Budi akal lantaran ti pada jalma

Guru lagu jeung guru wilangan pupuh diluhur nyaéta.....

a. 9a-8i-7a-2i

b. 12u-6a-6i-12a

c. 12a-12u-8a-8u

d. 12a-8i-6a-12u

2. Dumasar kana pupuh diluhur, kunaon pang na jalma kudu réa batur.....

a. Sangkan bisa silih tulungan jeung kulawarga

b. Sangkan bisa silih asih, asah, asuh jeung kulawarga

c. Sangkan silih titipkeun diri tur silih tulungan jeung pada jalma

d. Sangkan dipikanyaah ku guru, kolot jeung babaturan

3. Pupuh pucung téh ngabogaan watek ngagambarkeun.....

a. Pikaseurieun atawa banyol

b. Piwuruk, wawaran atawa kakagét

c. Kaprihatinan atawa pinalangsaeun

d. Laku tamba kesel jeung pangangguran

4. Durma kaasup kana pupuh.....

a. Sekar alit

b. Sekar ageung

c. Rampak sekar

d. Anggana sekar
5. Nu henteu kaasup kana pupuh sekar alit, nyaéta.....

a. Balakbak

b. Durma

c. Landrang

d. Sinom

Baca rumpaka tembang ieu di handap!

(1) Ditanya téh duka teuing

Teuing jeung teuing walonna

Abong-abong bangkar warah

Tingkahna tuna sakola

Kumaha lamun geus kitu

Palias kabarérangan

(2) Demi anu luhur budi

Ajrih taya papadana

Soméah tara jumago

Teu adigung adiguna

Dipiresep balaréa

Nu kitu kudu ditiru

Turutan laku lampahna

6. Dina rumpaka pada kahiji, saha nu ditanya teu bisa ngajawab téh.....

a. Jalma anu teu tuhu kana aturan

b. Jalma anu tuna sakola

c. Jalma anu getol sakola

d. Jalma anu dipikaresep balaréa

7. Kumaha ciri-ciri jalma nu luhur budi teh, iwal.....

a. Ajrih

b. Soméah

c. Tara jumago
d. Balaga

8. Kalakuan nu kumaha nu kudu ditiru sangkan dipikaresep ku balaréa teh.....

a. Ulah getol teuing di ajar

b. Ulah adigung adiguna

c. Ulah loba nyarita

d. Ulah loba ulin

9. Anu dimaksud guru lagu téh nyaéta.....

a. Ngahaleuang keun guguritan

b. Jumlah lobana engang dina unggal padalisan

c. Sora (vokal) dina engang panungtung kecap unggal padalisan

d. Karangan pondok wangun ugeran anu disusun ku wanda pupuh

10. Puisi anu kauger (boga patokan; katangtuan) ku guru lagu, guru wilangan jeung jumlah padalisan
dina sapadana disebut.....

a. Sisindiran

b. Pupujian

c. Pupuh

d. Sajak

11. Guguritan asalna tina kecap gurit, tina basa ..... Grath anu hartina nyusun karangan

a. Kawi

b. Sansekerta

c. Latin

d. India

12. Guguritan dina sastra sunda nyaeta karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok ditulisna
dumasar kana patokan.....

a. Novel

b. Carpon

c. Sajak

d. Pupuh
13. ..... kagolong kana karangan ugeran dina wangun puisi heubeul. Pangna disebut karangan
ugeran lantaran kaiket ku patokan anu tangtu, nya eta patokan pupuh

a. Puisi

b. Guguritan

c. Sajak

d. Pupuh

14. Pupuh..... watekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan. Unggal pada diwangun ku tujuh
padalisan

a. Asmarandana

b. Sinom

c. Kinanti

d. Magatru

15. Pupuh..... watekna bungah atawa agung. Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan

a. Asmarandana

b. Dangdanggula

c. Kinanti

d. Magatru

16. Dina acara ngistrénan pupuhu OSIS nu kapapancénan jadi pangjejer acara téh nyaéta.....

a. Tanti

b. Ahmad Mubarok

c. Siti Aisyah

d. Tatan Rustandi

Sholawat miwah salam mangga urang haturkeun ka jungjunan urang sadaya, nabi Muhammad
saw, ka para sohabatna, kulawargina tug dugi ka urang salaku umatna

17. Ungkara diluhur téh diomongkeun ku pangjejer acara dina bagéan.....

a. Panutup

b. Bubuka

c. Eusi
d. Du'a

18. Saréréa rampak ngawihkeun lagu kabangsaan "Indonesia raya" kecap rampak dina kalimah
diluhur téh sarua hartina jeung.....

a. Duaan

b. Sorangan

c. Raramean

d. Babarengan

Bilih aya kacalétot basa salami ngajejeran, hapunten ka sadayana.

19. Ungkara diluhur téh biasana diomongkeun ku pangjejer acara dina bagéan.....

a. Panutup

b. Bubuka

c. Eusi

d. Du'a

20. Ieu dihandap anu teu kaasup istilah jalma anu ngajejeran acara, nyaéta.....

a. Pangjejer acara

b. Panata acara

c. Pamandu acara

d. Pawarta acara

21. Pancén utama pangjejer acara, nyaéta.....

a. Ngatur jalanna acara sangkan tartib tur lancar

b. Ngatur anu boga hajat sangkan tartib

c. Ngatur pamaén nu rék manggung

d. Ngatur pamaén nu rék minton

22. Ieu dihandap anu teu kaasup kana acara resmi diatur ku pangjejer acara, nyaéta.....

a. Upacara adat di nu hajat

b. Upacara ngistrénan

c. Upacara bendera
d. Ulang taun

23. Ieu dihandap ditataan runtuyan nu sok aya dina acara resmi, iwal.....

a. Pangbagéa/pangjajap (sambutan)

b. Niup lilin jeung ngeureut kuéh

c. Acara poko

d. Bubuka

24. Tatakrama waktu ngajejeran acara, iwal.....

a. Maké pakéan anu sopan tur luyu jeung sipat acara

b. Basa nu dipaké kudu diréka sing merenah

c. Kudu geulis jeung bisa ngahaleuang

d. Sora kudu ngoncrang atawa bedas

25. Ngalarapkeun kecap haturkeun nu merenah aya dina kalimah.....

a. Sholawat miwah salam urang haturkeun ka kanjeng Nabi Muhammad saw

b. Haturkeun kasadayana, bilihna abdi lepat

c. Ieu kuéh téh haturkeun ka abdi ti réréncangan

d. Kasadayana, mangga dihaturanan linggih

Samemeh ngeusian nomer 26-29, baca heula sempalan carpon ieu di handap!

...

Kalan-kalan aral ngaliwatan ieu jalan teh. Pangpangna nya mun usum ngijih eta. Keur usum
ngijih mah mindeng atuh kuring atawa babaturan teu tulus indit ka sakola alatan labuh lebah
ieu tanjakan. Malah hiji mangsa mah nepi ka aya sapuluh urang anu teu tulus indit ka sakola.
Alatanana, nya labuh tea. Labuh babarengan. Enya, apan ari leumpang teh na pudunan mah
sok nguntuy. Kabeneran harita anu labuh tehy anu labuh pang tukangna. Si Diding mun teu slah
mah. Ari labuhna tisorodot ka hareup, sedeng di hareup batur keur nguntuy, geus pasti atuh
batur tehkasurungkeun. Mangkaning jalan keur leueur lain lalaworakeun. Blag-blig-blug we
atuh lalabuh. Ari kuring anu leumpang beh tengah, keuheul aya hayang seuri ayaku kajadian
labuh babarengan teh. Keuheul, pangpangna kanu labuh pangheulana. Ku naon labuh teh lain
sosorangananwe atuh, ulah teuing make nyurungkeun batur nu antukna jadi cilaka sarerea.
Hayang suerina, enya atuda lucu nempo batur anu hareupeun kuring kuat ka nguntuy blag-blig-
blug.

...

26. Naon anu ngalantarankeun “kuring” teu tulus indit ka sakola...


a. Nempo anu labuh pauntuy-untuy

b. Cape leumpang dina pudunan

c. Labuh lebah tanjakan

d. Lantaran usum ngijih

27. Sahanu labuh pangtukangna dina pudunan teh...

a. Kuring

b. Si Diding

c. Babaturan

d. Batur

28. Kajadian anu pikaseurieun dina sempalan carpon di luhur teh...

a. Nempo babaturan huhujanan

b. Nempo nu labuh nguntuy dina pudunan

c. Nempo Si Diding disurungkeun ku babaturan

d. Nempo babaturan keur leumpang dina pudunan

29. Kecap ngijih dina sempalan carpon di luhur hartina...

a. Usum halodo

b. Usum hujan

c. Usum tigerat

d. Usum paceklik

30. Karya sastra anu direka dina wangun basa lancaran (prosa) kalawan ukuranna pondok disebut...

a. Wawaran

b. Novel

c. Sajak

d. Carpon

31. Majalah anu pangheulana ngamuat carpon Sunda dina taun 1920 teh...

a. Mangle

b. Galura

c. Giwangkara
d. parahyangan

32. Buku kumpulan carpon anu judulna kayaah kolot teh karya...

a. Caraka

b. Ahmad Bakri

c. Iskandarwassid

d. Karna Yudibrata

33. Tokoh anu ngalalakon dina carpon disebutna...

a. Lalakon

b. Palaku

c. Galur

d. Latar

34. Anu disebut latar dina carpon teh nyaeta...

a. Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita

b. Gagasan anu ditepikeun ku pangarang dina karyana

c. Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita

d. Perkara anu bisa dilenyepan tina eusi carita ku nu maca

35. Buku kumpulan carpon munggaran dina taun 1930 nyaeta...

a. Halimun Peuting karya Iskandarwassid

b. Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata

c. Carita Biasa karya RAF

d. Dogdog Pangrewong karya G.S

36. Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita disebut...

a. Tema

b. Latar

c. Galur

d. Amanat

37. Kecap sawang di tambahan ku rarangken di- artina...

a. Dipikir
b. Dibayang

c. Diinget

d. Disimpen

38. Kecap tedun di tambahan rarangken ka-an nyaeta jadi kecap..

a. Barang

b. Sipat

c. Pagawean

d. Idiom

39. Kajadian anu istimewa disebutna...

a. Informasi

b. Warta

c. Fakta

d. Peristiwa

40. Ringkesan ngeunaan hiji kagiatan, kaayaan, atawa hal naon wae anu geus kaalaman atawa
kalaksanakeun, disebutna...

a. Informasi

b. Warta

c. Fakta

d. Laporan

41. Laporan ditilik tina eusina dibagi jadi...

a. 2

b. 3

c. 4

d. 5

42. Laporan jurnalistik sok disebut oge laporan...

a. Kagiatan

b. Kauangan

c. Akunting
d. Lalampahan

43. Ciri laporan peristiwa iwal ti...

a. Perkara anu dilaporkeun kudu aya mangpaatna keur nu maca

b. Judulna kudu pikatajieun batur

c. Eusi laporanna ulah ngahina batur

d. Eusina panjang tur jelas

44. Aya sawatara hal anu perlu dititenan dina nyusun laporan peristiwa nyaeta, iwal ti...

a. Eusi laporan kudu singget

b. Eusi laporan kudu sistematis

c. Eusi laporan kudu pikarespeun nu maca

d. Eusi laporan fiktif

45. Laporan peristiwa umumna dilaksanakeun ku...

a. Siswa

b. Panalungtik

c. Wartawan

d. Guru

46. Pakakas internet keur kapentingan balarea dihasilkeun ku...

a. Tim Microsoft Word

b. Fisikawan Tim Berners

c. Tim google

d. Tim apple

47. Dasar walungan ge katingali magrupa babatuan nu laleueur anu caina...

a. Herang

b. Kiruh

c. Ngagulidag

d. Deet

48. “babakuna sieun ku cai walungan anu sok ngadadak naek”.

Gundukan kecap sok ngadadak naek ngandung harti...


a. Caah ngagulindang

b. Saat ngoletrak

c. Ngeuyeumbeu

d. Herang ngagenclang

49. Dina laporan peristiwa anu kudu disebutkeun...

a. Judul, saha anu nyieun, jeung tempatna

b. Judul, bubuka, eusi, jeung pamungkas

c. Judul, tempat, tujuan, jeung eusi

d. Judul, bubuka, tempat jeung eusi

50. Laporan anu eusina ngeunaan lalampahan wartawan dina ngaliput hijin tempat atawa hiji hal
anu dipandang aya manpaatna keur batur disebut...

a. Laporan kagiatan

b. Laporan kauangan

c. Laporan lalampahan

d. Laporan jurnalistik

You might also like