You are on page 1of 3

A.

Maca Téks Biantara

Assalamu’alaikum wr. wb.


Sampurasun!
Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja
salawasna urang sangggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng
salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu
mulya, Muhammad saw.
Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun réwu nuhun, réh tos
dipasihan kasempetan kanggo ngadugikeun biantara di payuneun Bapa
miwah Ibu, ogé sadérék sadayana. Dupi anu badé didugikeun dina biantara
sim kuring téh nyaéta perkara “Pamuda Hébat Anti Narkoba”.

Hadirin hormateun sim kuring.


Nonoman, atanapi pamuda téh sok disebat generasi emas. Naon pangna
disebat kitu? Margi nya pamuda anu bakal nuluykeun kahirupan ka payun,
ngagentos generasi sepuh. Mangga émutan, saupama para pamudana ruksak,
bakal kumaha bangsa urang pikahareupeunana?
Namung hanjakalna, kanyataanana seueur nonoman urang anu geus
ruksak méméh anjeunna jadi déwasa. Lir kembang muguran saméméh mekar.
Di antara anu jadi sababna, aranjeunna kajiret kana narkoba!
Numutkeun hasil survéy Badan Narkotika Nasional atanapi BNN,
kiwari kacatet aya 921.695 urang, atawa 4,7% jumlah tina total pelajar jeung
mahasiswa di Indonésia ngagunakeun narkoba. Padahal urang terang, sakali
anjeunna kajiret ku narkoba, bakal hésé ngubaranana. Ku hal éta, taya jalan
deui pikeun urang keur leupas tina jiret narkoba, lian ti ngajauhan nu disebut
narkoba.
Nu matak salempang ayana anggapan di lingkungan nonoman urang
yén ngagunakeun narkoba téh bagian tina gaya hirup. Ngarasa yén ku cara
kitu aranjeunna ‘gaol gitcuh lokh’. Padahal nu saéstuna, aranjeunna téh
satemenna keur ngaruksak dirina sorangan.
Badan Pusat Statistik nyebatkeun yén rata-rata umur urang Indonésia
téh 63 taun. Mun dina umur wewelasan atawa dua puluhan taun urang geus
kajiret narkoba, hartina urang geus ngamubadirkeun hirup. Leuwihna ti éta,
saenyana urang geus ngamubadirkeun kasempetan pikeun milu ngabagjakeun
kulawarga, milu ngamajukeun bangsa, sarta milu nanjeurkeun agama.
Sabalikna, lamun urang geus kajiret narkoba, teu kurang teu leuwih saenyana
urang geus jadi runtah masarakat.
Ku hal éta, jelas yén pamuda anu hébat téh nyaéta pamuda anu anti
narkoba. Lantaran pamuda anu anti narkoba, saéstuna pamuda anu sadar yén
lalampahan hirupna panjang kénéh. Pamuda anu anti narkoba sadar yén
dirina boga kasempetan pikeun ngamajukeun bangsana, jeung nanjeurkeun
agamana. Pamuda anu anti narkoba, sadar embung jadi runtah masarakat.
Pamuda anti narkoba, boga visi anu jelas keur pikahareupeun hirupna.

Hadirin hormateun sim kuring.


Di antara masalah nu disanghareupan ku urang téh nyaéta lobana
gogoda ka nonoman nu antukna nonoman urang tigebrus kana narkoba. Di
antarana dicontoan ku public figure atawa sélébriti nu ngagunakeun narkoba.
Anjeunna siga teu sadar yéh posisi jeung kalakuanana minangka public figure
bisa nimbulkeun balukar nu awon ka masarakat. Popularitas jeung harta,
saolah-olah nutupan akal séhatna pikeun jauh tina narkoba.
Harepan urang taya lian, saha baé, boh institusi nagara boh masarakat
biasa, kudu ngalawan usaha-usaha nu bakal ngaruksak nonoman akibat
narkoba. Urang kudu perang! Nonoman kudu jadi garda panghareupna
pikeun ngalawan bandar jeung nyebarna narkoba. Lantaran mun teu kitu,
nonoman anu bakal jadi korban pangheulana!
Tuduhkeun, yén urang lain nonoman anu heureut pikir. Lain generasi
anu teu boga visi, ogé lain generasi anu prustasi. Urang generasi anu sadar
yén hirup kudu dieusi ku pikiran séhat, hirup kudu dieusi ku gawé rancagé,
hirup kudu dieusi ku amal soléh, saméméh urang cumpon nyangking pancén
jadi manusa di alam dunya minangka mahluk Alloh Swt.
Hayu! Hayu! Hayu! Perangan narkoba!
Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya nu pondok
nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakan,
langkung saur bahé carék, hapunten anu kasuhun, jembar pangampura anu diteda.
Wassalamu’alaikum wr. wb!
Pancén 1
Pék diskusikeun!
1.Mana nu kaasup kana bubuka, eusi, jeung panutup biantara di
luhur? Tangtukeun atawa tandaan paragrafna. Upamana:
a. Bubuka
Paragaraf ka ....
Paragaraf ka ....
Jst.
b. Eusi
Paragaraf ka ....
Paragaraf ka ....
Paragaraf ka ....
jst.
c. Panutup
Paragaraf ka ....
Jst.
2. Lengkepan!
Aspék Analisis!
a. Perkara naon nu dimasalahkeun?
b. Kumaha suasana nu karasa ku urang?
c. Di hareupeun saha ditepikeunana?

You might also like