You are on page 1of 2

Ujian Praktek Bahasa Sunda

Kelompok 3 :
-Dzulfi (Kabayan)
-Rani (Emak Kabayan)
-Rianti (Narator)
-Sandri (Kang Ndit)
-Tiara (Iteung)

Si Kabayan Ngala Nangka

Nyi Iteung pamajikanana Kabayan téh nuju hamil ngora. Manéhna téh ngidam hoyong
pisan Nangka, tapi Si Kabayan nu dasarna kebluk, tara daék ngala Nangka. Dina hiji isuk,
Iteung nyamperkeun Kabayan nu keur sasaréan di balé hareupeun imah.

Iteung : (Ngagangguan Kabayan) "Kang, hayu atuh pangalakeun Nangka kanggo Iteung!"
Kabayan : (Melék hiji soca, langsung saré deui) "Haduh, Nyai,
engké weh nya, isukan. Akang téh tunduh kènèh!"
Iteung : (Ngambek) "Huh, si Akang mah teu sayang ka Iteung!"
Kabayan : (Ngorok)

Saking keheulna, Nyi Iteung angkat ka bumi emakna Kabayan.

Iteung : (Lumpat sabari ceurik langsung nangkeup emak) "Emaaakkkkk...."


Emak Kabayan : (Reuwas) "Eleuh-eleuh, aya naon ieu, Nyai?"
Iteung : "Eta, Ma! Si Kabayan! Kuring téh ngidam, hoyong pisan
Nangka, tapina manéhna tara daék pangalakeun!"
Emak Kabayan : "Geus tong ceurik atuh! Keun wéh, Emak nu ngomong
ka si Kabayan!"

Emak sareng Iteung balik deui ka imah Kabayan. Sanepina di imah Kabayan, Emak
sareng Iteung ningali Kabayan nu saré kénéh dina balé.

Emak Kabayan : "Héh! Kabayan, kebluk! Hudang héh!"


Kabayan : "Naon sih mak? Isuk kénéh geus adat-adatan!"
Emak Kabayan : "Manéh téh kumaha sih! Geus nyaho si Iteung keur
hamil, ngidam Nangka! Lain mah diturutkeun kahayangna! Malah gogoléran teu puguh!"
Kabayan : "Heueuh mak, sakedeung deui dipangalakeun!"
Emak Kabayan : "Buru atuh! Ayeuna geura mangkat néangan Nangka! Nu kolot nya
ngalana".
Kabayan : (Hudang) "Heueuh! Kuring mangkat ayeuna lah!"

Kabayan mangkat néangan Nangka. Tapi Kabayan teu terang, tangkal Nangka nu keur
buahan téh dimana. Sapanjang jalan, manéhna luak-lieuk néangan Nangka. Akhirna
manéhna manggih hiji tangkal Nangka nu buahna leubeut.
Kabayan : "Hahhh! Akhirna kuring manggihan Nangka! Karolot deui Nangkana!"

Kabayan langsung naék kana tangkal Nangka nyokot hiji Nangka nu pang kolotna. Teu
lila anu boga kebon datang. Kabayan langsung turun ti tangkal Nangka.

Kabayan : "Haduh kumaha ieu! Kang Ndit datang! Mana kacida galakna deui!"

Kabayan lumpat ka susukan nu aya di tukangeun kebon. Kabayan malidkeun eta


Nangka.

Kabayan : "Nangka, jung balik tiheula nya! Kuring rek kabur heula!"

Nangka teh kabawa palid ku cai, teu lila, nu boga kebon datang.

Kang Ndit : "Héh! Kabayan keur naon siah di kebon kuring! Manéh rék maling?

Kabayan : "Henteu atuh kang".


Kang Ndit : "Ah! Alesan waé! Ngaku wéh ari rék nyopét mah!"
Kabayan : "Bener kang, abdi mah teu bohong!"
Kang Ndit : "Demi naon siah, Kabayan?"
Kabayan : "Demi Nyi Iteung, kang!"
Kang Ndit : "Alah, siah! Nyopét mamawa ngaran pamajikan! Hayu
milu jeung urang! Urang ka imah Pak RT!"
Kabayan : "Duh, kang! Ulah atuh! Bener abdi teh teu nyopet! Sok mana barang buktina!"
Kang Ndit : (Mariksa Kabayan) "Heueuh geuning, euweuh! Jung lah geura mangkat! Ulah
kadieu deui!"
Kabayan : (Lumpat bari ngalieuk) Dadah, akang!!

Kabayan balik ka imahna.

Iteung : "Euleuh, akang! Tos dongkap?"


Emak Kabayan : "Meunang teu Nangka téh?"
Kabayan : "Meunang atuh, mak! Kolot jeung gede deuih!"
Iteung : "Mana atuh Nangkana, Kang?"
Kabayan : "Hahh? Emang can nepi eta Nangka?"
Emak Kabayan : "Hah? Nepi kumaha, Kabayan?"
Kabayan : "Si Nangka téh dipalidkeun, dititah balik tiheula ku
kuring! Geuningan can nepi? Apan eta Nangka téh geus kolot, piraku teu nyaho jalan balik!"
Iteung : "Heueuh nya, Kang! Eta Nangka teh geuning teu nyaho jalan balik!"
Emak Kabayan : "Ari manéh! Ku belet-belet teuing, Kabayan! Maenya Nangka bisa balik
sorangan! Teu hideng!
Kabayan : "Yeuh, si Nangka nu teu hideng mah, Mak!"
Emak Kabayan : "Duh gustiii, ngimpi naon, kuring téh boga anak pinter-pinter teuing".

Emak langsung ngaleos. Kabayan sareng Iteung ngantosan éta Nangka di sisi susukan,
tapi Nangkana teu datang-datang.

You might also like