You are on page 1of 2

BIANTARA

Assalamu’alaikum wr.wb

Sampurasun

Wiwitan ngancik pamuji ka Nu Maha Suci, wuwuh rasaning sukur ka Nu Maha Gofur, nu
parantos manjingkeun urang, tiasa ngariung di ieu pajemuhan. Dugi ka sim kuring kendat
ngedalkeun, balong lega tengah kota haturan wilujeng tepang.

Hadirin nu sami linggih, daun tuhur na tangkalna ari ras ka diri abdi, estu sepi pangarti
tuna ku pangabisa, neda widi ka sadayana, seja ngadugikeun hiji hal anu tumalina sareng basa.
Urang jejeran “ Basa Teh Tali Mimitran”.

Parantos teu bireuk deui, hiji alat nu kalintang diperyogikeun enggoning hirup kumbuh
sadidinten taya sanes nyaeta basa. Ku basa urang tiasa ngedalkeun naon nu aya dina emutan oge
rasa urang. Ku basa, urang silihpikawanoh. Ku ayana basa, urang mibanda ajen atanapi identitas
salaku hiji seler bangsa nu aya di sakuliah dunya.

Hadirin nu dipihormat, dumasar kana ambahanana basa teh aya nu disebat basa indung,
basa gugunungan, basa deungeun atanapi basa kosta. Ari basa indung, nyaeta basa nu ambahanana
sawates seler bangsa atanapi suku bangsa tea. Aya basa Sunda, basa Jawa, Basa Madura sareng
sajabina. Oge ilaharna nami basa teh diluyukeun sareng seler bangsana. Aya deui basa nu disebat
basa Gugunungan. Basa gugunungan mah ambahanana langkung lega. Nya eta basa nu dianggo ku
hiji nagara. Upami di urang mah nu disebat Bahasa Persatuan cindekna Basa atanapi Bahasa
Indonesia tea.

Salajengna aya deui basa nu kawilang luar ti lemah cai urang temahna luar ti Indonesia. Ieu
nu disebat basa kosta atanapi basa deungeun. Aya sawatara basa kosta nu ambahannana ngadunya
diantawisna Basa Inggris, Cina, jepang, sareng sajabi ti eta.

Urang salaku urang sunda, mibanda basa nu disebat basa indung nya eta basa Sunda. Tali
mimitran tiasa dipupusti ku basa Sunda. Namung sawates urang sunda wungkul atana pi singsaha
bae nu tiasa basa Sunda. Ngabewarakeun hiji hal atanapi gunem catur tiasa lumangsung kalayan
lancar. Namung pikeun nu teu paham basa Sunda, tinangtos moal tiasa kitu bae. Perelu nganggo
basa nu sapaham nya eta basa indonesia atanapi basa deungeun.

Hadirin nu dipihormat, ku hal eta, urang salaku seler Sunda taya lepatna mibanda
kaparigelan ngawasa basa Gugunungan oge basa deungeun. Margi salaku nonoman urang mibanda
pancen atanapi misi sinareng visi ngamumule tur ngawanohkeun kabudayan, hirup huripna
kasundaan.

Cindekna, dina tarekah mimitraan bakal silih wanohkeun ajen diri sewang-sewangan. Boh
pribadi atanapi kasang tukang kahirupan. Saeutik ageungna tiasa silih tukeur kabudayaan. Ku naon
tiasa kitu? Taya sanes , basa nu janten cukang lantaran.

Sateuacan undur, luyu sareng jejer nu kasebat, sim kuring umajak , salaku nonoman Sunda
hayu urang mumule basa indung, urang biasakeun basa Indonesia, urang sungsi basa deungeun.
Sangkan urang tiasa ngungkulan barobahna jaman. Sangkan tiasa mimitraan sareng manusa saalam
dunya.

Hadirin nu dipihormat, rupina mung sakitu nu tiasa kadugikeun, kirang langkungna tawakuf
anu kasuhun hampura anu kateda.

Assalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh

Sampurasun.....

You might also like