You are on page 1of 1

PANCÉN MURID 4

Réngsékeun pasualan ngeunaan pangaweruh novél ieu di handap ku cara ngajodokeun!


1. Salah sahiji carita rékaan (fiksi), eusi jeung A. Novél
jalan caritana panjang tur loba bagian-
bagianana diwangun ku basa lancaran,
palakuna anu ngalakonna loba, masa anu
kacaturna lila sok disebut ....
2. Upama ditilik tina eusi caritana jeung nu B. Rumaja
macana, novél Prasasti nu Ngancik dina Ati di
luhur téh kaasup kana kelompok novél ...
3. Nilik kana masalah nu dicaritakeunana mah C. Silih asih
kaasup kana kelompok novél anu ngandung
téma ...
4. Sanajan eusina novél kaharti ku akal tapi lain D. Diréka-réka deui
carita anu sabenerna. Mémang aya eusi novél
anu didasaran ku kajadian anu sabenerna, tapi
éta kajadian téh ku pangarangna sok ...
5. Carita dina novél sagemblengna mangrupa E. Pangarangna
hasil rékaan jeung imajinasi ...
6. Novél anu pangheulana medal? Éta novél téh F. Taun 1914
judulna Baruang ka nu Ngarora, karangan
Daéng Kanduruan Ardiwinata, nu medalna ....
7. Eusi novél Baruang ka nu Ngarora nyaritakeun G. Ujang Kusén jeung Nyi Rapiah
kahirupan rumah tangga anu ngaran tokoh
utamana ....
8. Méh sarua jeung carita wangun lancaran H. Unsur-unsur novél
séjénna, novél gé diwangun ku palaku,
alur/galur, latar, téma, jeung amanat, nu sok
disebut ....
9. Para palaku nu aya dina novél Prasasti nu I. Pras, Rin, Fauzan, Margarét
Ngancik dina Ati nya éta ....
10. Pesen nu ditepikeun ku pangarang dina carita J. Amanat
novél disebutna ....

You might also like