You are on page 1of 2

A.

PERKARA LAPORAN KAGIATAN

Laporan kagiatan eusina mangrupa sagala hal anu patali jeung kagiatan anu geus lumangsung.
Infromasi anu diutamakeun dina laporan kagiatan utamana mah muser lumangsungna eta kagiatan,
waragad, bangbulah atawa rereged, jeung pasualan-pasualan tehnis. Ari wangun laporan kagiatan
teh kudu formal sarta biasana dijieu ku organisasi atawa lembaga. Di jerona kudu ngamuat informasi
jeung pakta anu bisa dipertanggungjawabkeun bener henteuna.

Laporan téh mangrupa hasil atawa naon-naon anu dilaporkeun. Kagiatan nepikeun laporan disebut
ngalaporkeun, ari kagiatan nyusunna disebut nyusun laporan. Laporan kagiatan nya éta tulisan
atawa omongan anu eusina nepikeun gambaran tina hasil kagiatan anu geus dilaksanakeun.
Kagiatanana bisa mangrupa kagiatan lalampahan, kagiatan maca, nongton jrrd.

B. SAWATARA HAL ANU KUDU AYA DINA LAPORAN KAGIATAN

1. Bubuka

Eusina panganter pikeun mawa anu maca kana pasualan anu rek dilaporkeun. Dina ieu bagean
diterangkeun naon-naon wae anu jadi marga lantaran diayakeunana dina hiji kagiatan, katut rasa
sukur yen jeung rengse ngalaksanakeun kagiatan.

2. Waktu Jeung Tempat kajadian

Hal ieu perlu aya dina laporan sangkan puguh iraha jeung dimana eta kagiatan teh dilaksanakeun.

Contona :

Ieu kagiatan dilaksanakeun ping 3 Juni 2020, jam 08.00 – 10.00 di Bale pamidangan (aula) Riyadhul
Jannah. Jl. Prapatan Bandung, Jalancagak, Subang.

3. Pamilon

Lamun kagiatan mangrupa lalampahan anu disebutkeun teh cukup sababaraha jeung saha wae
pamilona.

4. WARAGAD

Eusina ngadadarkeu timana meunang warag teh, wincikna dipakena era waragad sarta jumlahna. Ieu
teh penting pikeun ngalaporkeun sababaraha jumlah anu katarima sarta anu dikaluarkeun. Tangtuna
kudu jeung kaayan sabenerna. Pangpangna mah mun dipake pikeun laporan ka pihak nu mere
waragad.

Conto :

Waragad pikeun kagiatan nu katarima nyaeta Rp. 3.000.000 anu sumberna tina anggaran sakola Rp.
2.000.000 jeung jumlah ti sponsor Penerbit Dunia Pustaka Jaya Rp. 1.000.000. Eta waragad teh
dipake pikeun rupa-rupa kaperluan jeung pagelaran.

5. Pedaran

Kagiatan jeung hasil nu dicangkingna dina ieu bagian, didadarkeu lumangsungna kagiatan jeung hasil
anu dicangking sabeda eta kagiatan geus rengse. Runtuyan acara sarta saha nu ngeusina diperlukeun
luyu jeung prak-prakanana. Ieu kabegan kacida pentingna, sabab, midangkeun enya henteuna katut
hade goreng hiji kagiatan.

6. Panutup
Bagian panutup eusina mangrupa pungkisan laporan, euisna bisa kacindekan, saran jeung kadaling
rasa tumarimana nu nyusun laporan ka sakumna pihak anu geus ngajorong kanu kagiatan.

You might also like