You are on page 1of 2

Pupujian (1)

PÉPÉLING
Hayu geura saradia,
meungpeung keur hirup di dunya
amal keur sampeureun téa
di ahir moal sulaya.

Geuning maot ngadodoho,


boro sok dipoho-poho,
datangna teu méré nyaho,
ngageretak taya témpo.

Taya beurang taya peuting,


taya raja taya kuring,
di mana ajal geus sumping,
teu meunang tempo anaking.

Horéng nyawa reujeung badan,


nu geus lila babarengan,
datang mangsa pipisahan,
paturay tineung amitan.

Lain meureun lain sugan,


da ieu mah kanyataan,
kabéh pasti ngarandapan,
geuning awak urang pisan.

Pupujian (2)
ANAK ADAM
Anak Adam anjeun di dunya ngumbara,
hirup anjeun di dunya téh moal lila.

Umur anjeun unggal poé dikurangan,


beurang-peuting umur anjeun dicontangan.

Anak Adam anjeun ulah kajongjonan,


néangan harta banda teu jeung jeujeuhan.

Kana ibadah anjeun geus mopohokeun,


poho rukun Islam reujeung rukun iman.

Anak Adam naha anjeun henteu sadar,


hirup urang didunya téh moal megar.

Perhitungan engké di yaumal ahir,


ku Gusti Alloh urang mo bisa mungkir.

Anak Adam naon anu rék dibawa,


naha mobil imah reujeung rajakaya.

Eta kabéh pasti nu mawa mamala,


lamun urang henteu bisa ngadalian.

Lamun anak soléh nu pasti nulungan,


nyait tina panas Naraka Jahanam.
Sabab kitu omat ulah kajongjonan,
ulah arék mopohokeun kawajiban.

You might also like