You are on page 1of 1

C.

Nepikeun Biantara
Hidep ge kudu diajar nepikeun biantara, ngarah wanter jeung paseh dina
ngagunakeun basa Sunda. Pek saurang-saurang nepikeun biantara di hareupeun
babaturan.
Urang bisa nyonto cara-cara batur nepikeun hiji biantara. Utamana nyonto
ka jalma-jalma anu salila ieu dianggap punjul nepikeun biantara. Éta jalma téh
sok disebut orator. Di urang teu réa orator téh. Anu kawentar antarana baé
Présidén Républik Indonésia anu munggaran, Ir. Sukarno. Para mubalég deuih nu
sok alus biantara téh. Da puguh anjeunna mah pancénna nepikeun da’wah anu
kudu dipikaresep ku balaréa. Antarana baé di Sunda mah aya almarhum K.H. A.F.
Ghazali jeung K.H. Abdullah Gymnastiar.
Pancen 3

Pék tepikeun biantara hidep. Sangkan biantara anu rék ditepikeun ku urang
hadé jeung tartib, boh prakprakanana boh basana, alusna maké léngkah-léngkah
kagiatanana ieu di handap.

1 Pilih topik/téma biantara anu aktual kalawan dina kemerdekaan.


2 Susun heula teks na, apalkeun sarta engkena ditepikeun dina
biantara.
3 Dina biantara urang kudu ngestokeun unsur-unsur T-A-M-A-N.
Umpana; seselan biantara urang ku babasan, paribahasa, sisindiran
atawa kalimah-kalimah pilihan (kata-kata mutiara). Kitu deui
sangan muncul eusina, hadena make rurujukan (referensi), bisa
nyutat ayat Al Qur’an atawa hadis, bisa diembohan ku data tina
koran, majalah atawa internet.
4 Biantara ulah panjang teuing. Mun bisa mah saeutik tapi patri.
Durasina cukup 2-3 menit bae. Engke ditepikeun kanu video nu alus
kirimkeun ka ibu guru.

You might also like