You are on page 1of 6

UJIAN AKHIR SEMESTER

BASA SUNDA
KELAS XI

I. Soal Pilihan Ganda


Cakra (X) dina pilihan jawaban A, B, C, D atawa E anu ku hidep dianggap bener!
1. Biantara téh nyaéta nyarita di hareupeun ….
A. kulawarga
B. kepala sekolah
C. babaturan
D. guru
E. balaréa

2. Dina biantara aya nu disebut biantara resmi jeung teu resmi, ieu di handap mana nu kaasup kana biantara teu
resmi ….
A. biantara ngaresmikeun sakola anyar
B. biantara dina rapat DPR
C. biantara sukuran boga imah anyar
D. biantara kapala sakola jeung kolot siswa
E. biantara dina upacara

3. Métodeu/téknik dina nepikeun biantara ku cara nuliskeun poin-poin nu dianggap penting nyaéta….
A. ngapalkeun biantarana
B. impromtu
C. ékstémporan
D. persuasif
E. maca naskah biantara

4. Sadaya puji kagungan Gusti Nu Maha Suci. Solawat sinareng salam mugi tetep ngocor ngagolontor ka Jungjunan
urang sadaya, Nabi Muhammad Saw.
Kalimah di luhur mangrupa bagian tina ….
A. salam bubuka
B. mukadimah
C. ngahaturkeun nuhun
D. eusi biantara
E. sanduk-sanduk
5. Bagian dina struktur biantara anu eusina ménta pangampura bisi aya kasalahan dina nyarita nyaéta ....
A. salam bubuka
B. mukadimah
C. ngahaturkeun nuhun
D. eusi biantara
E. sanduk-sanduk
6. Dina nyusun téks biantara eusina kudu mundel, naon harti tina kecap mundel téh….
A. loba mangpaat jeung loba pulunganeunana
B. luyu jeung aturan nyieun téks biantara
C. kudu loba maké kecap anu éndah dina biantara
D. merhatikeun kaédah-kaédah biantara
E. dumasar kana struktur biantara
7. Dina nyusun téks biantara, urang kudu bisa ngagunakeun jejer anu aktual. Naon ari nu dimaksud aktual téh? ....
A. eusina kudu bener-bener nyata
B. teu meunang ngarang ku sorangan
C. strukturna kudu bener
D. jejerna kudu luyu jeung situasi sarta kondisi kiwari
E. basa nu digunakeunna kudu kaharti
8. Dina nepikeun biantara urang kudu merhatikeun sora anu bedas sangkan kadéngé ku balaréa. Béntés dina
nepikeun kecap jeung kalimah dina biantara, ulah loba ngarandeg dina nyarita. Éta pedaran téh kaasup kana ....
A. lentong (intonasi)
B. sora (artikulasi)
C. pasang peta
D. wirahma
E. nada

9. Basa anu digunakeun dina biantara biasana diluyukeun jeung situasi jeung kondisi sabudeureun. Anu teu kaasup
kana situasi jeung kondisi anu kudu diperhatikeun dina biantara téh nyaéta ….
A. saha anu ngahadiran éta acara
B. jenis acara anu dilaksanakeun
C. kalungguhan nu haladir
D. jumlah hadirin anu aya
E. kapentingan acara
10. Rupina cekap sakitu pamapag ti sim kuring, bilih aya langkung saur bahé carék,
bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun, mugi jembar pangampura. Paribasa bobo sapanon
carang sapakan ngandung harti ….
A. aya nu dipikangéwa ku hadirin
B. sauyunan babarengan jeung baraya
C. teu puguh undak-usukna, teu puguh éntép seureuhna
D. dijéntrékeun maksud jeung tujuanna
E. hayoh mamatahan batur ari ka sorangan henteu
11. Karya sastra wangun puisi anu diwangun ku cangkang jeung eusi disebut ....
A. sisindiran
B. guguritan
C. wawacan
D. pupuh
E. sajak
12. Sisindiran anu kecap-kecap awal padalisan cangkangna dipaké atawa dibalikan deui dina padalisan eusi nepi
ka siga masang atawa ngarakit disebut ….
A. paparikan
B. rarakitan
C. wawangsalan
D. sésébréd
E. piwuruk
13. Cangkang dina sisindiran aya dina padalisan….
A. kahiji, katilu
B. kahiji, kadua
C. kadua, katilu
D. kadua, kaopat
E. katilu, kaopat
13. Meuncit meri dina rakit, boboko wadah bakatul. Lain nyeri ku panyakit, kabogoh direbut batur
Sisindiran di luhur kaasup kana wangun ….
A. rarakitan
B. paparikan
C. wawangsalan
D. tatarucingan
E. piwuruk
14. Sisindiran anu diwangun ku dua padalisan sarta ngandung unsur tatarucingan disebut ….
A. rarakitan
B. paparikan
C. wawangsalan
D. guguritan
E. wawacan
15. Tokyo ibu kotana,
tos tepang teras paanggang.

Eusi wawangsalan di luhur téh nyaéta ….


A. Beijing
B. Cina
C. India
D. Jepang
E. Thailand
16. Tas Juli méméh Séptémber, putus gé teu panasaran.

Eusi wawangsalan di luhur téh nyaéta ….


A. Juni
B. Juli
C. Agustus
D. Séptémber
E. Oktober
17. Nu teu kaasup kana ciri-ciri sisindiran nyaéta….
A. sapadana diwangun ku opat padalisan
B. unggal jajaranana diwangun ku dalapan engang
C. padalisan kahiji jeung kadua disebutna cangkang
D. padalisan katilu jeung kaopat disebutna eusi
E. padalisan kahiji jeung katilu disebutna cangkang
18. Nilik kana eusina sisindiran téh kabagi jadi tilu bagian, nyaéta….
A. piwuruk, piwejang, naséhat
B. piwuruk, naséhat, silih asih
C. piwuruk, naséhat, sésébréd
D. piwuruk, silih asih, sésébréd
E. silih asih, asmara, sésébréd
19. (1) Sing getol nginum jajamu, nu guna nguatkeun urat. Sing getol néangan élmu, nu guna dunya ahérat.
(2) Daun kélor dan ganas, kuciat jeung pacar keling. Hutang motor tacan lunas, sakilat aya nu maling.
(3) Los ka kulah los ka talun, rék néangan bongborosan. Insya Allah taun payun, nepangan badé narosan.
(4) Aya lumut dina batu, aya kuya di muara. Sing tumut kana waktu,
di dunya ukur ngumbara.
Sisindiran anu eusina ngandung piwuruk aya dina nomer ….
A. (1) jeung (2)
B. (1) jeung (3)
C. (2) jeung (3)
D. (2) jeung (4)
E. (1) jeung (4)
20. Istilah séjén tina panumbu catur téh nyaéta ....
A. panata acara
B. moderator
C. narasumber
D. sekretaris
E. pamilon
21. Tugas utama panumbu catur dina diskusi téh minangka ....
A. panglengkep
B. panengah
C. pamilon
D. pananya
E. pamaca
22. Dina kagiatan naon panumbu catur ngalaksanakeun tugasna?
A. ulang taun
B. kasenian
C. diskusi
D. pemilu
E. olahraga
23. Salasahiji tugas panumbu catur saméméh lumangsungna diskusi nyaéta ....
A. ngawasa masalah anu luyu jeung téma diskusi
B. teu kudu ngawasa masalah anu luyu jeung téma diskusi
C. henteu jadi panengah lamun aya konflik
D. teu méré kasempetan ka pamilon pikeun nanya
E. teu kudu ngatur lumangsungna diskusi
24. Panumbu catur téh kudu nyaho kana waktu nu disadiakeun pikeun diskusi, sangkan ....
A. diskusi lila waktuna
B. diskusi réa konflikna
C. diskusi réa nu nanya
D. diskusi bérés dina waktuna
E. diskusi teu saluyu jeung téma
25. Alhamdulillah, ieu kagiatan diskusi téh tos réngsé. Muga-muga mangpaat sareng jadi panyumanget kanggo
urang dina ngajaga lingkungan. Hapunten tina sagala kalepatan. Wassalamualaikum wr.wb.
Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian ....
A. bubuka
B. ngawanohkeun narasumber
C. méré kasempetetan nanya
D. pedaran singget diskusi
E. panutup
26. Assalam’ualaikum wr. wb. Sampurasun! Ti payun urang sanggakeun puji sareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci
anu tos masihan kaséhatan ka urang sadaya. Hatur nuhun ka sadérék panata acara anu tos masihan
kasempetan ka sim kuring kanggo janten panumbu catur dina ieu kagiatan.
Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongn panumbu catur dina bagian ....
A. bubuka
B. ngawanohkeun narasumber
C. méré kasempetetan nanya
D. pedaran singget diskusi
E. panutup
27. Tugas panata acara mah béda jeung panumbu catur, sabab panata acara mah ....
A. mingpin sakabéh runtuyan acara
B. ngatur lumangsungna diskusi
C. jadi panengah dina diskusi
D. méré kasempetan nanya ka pamilon
E. méré pedaran singget kagiatan diskusi
28. Dina ieu kasempetan narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina widang kaséhatan lingkungan, badé ngabahas
matéri ngeunaan ‘Ngajaga Kaberesihan jeung Kaséhatan Lingkungan’.
Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian ....
A. bubuka
B. ngawanohkeun narasumber
C. méré kasempetetan nanya
D. pedaran singget diskusi
E. panutup
29. Tah, ayeuna ka pamilon ieu diskusi bisi aya anu can paham atawa panasaran kumaha ngajaga kaberesihan
lingkungaan, mangga dipasihan waktu kanggo ngadugikeun pertanyaan ka narasumber.
Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian ....
A. bubuka
B. ngawanohkeun narasumber
C. méré kasempetetan nanya
D. pedaran singget diskusi
E. panutup
30. Sabada maca carpon di luhur, peristiwa naon saenyana anu kajadian téh?
A. kahuruan
B. kamalingan
C. kasurupan
D. karusuhan
E. kamerekaan
31. Srog Wa Alkasan ka hareup. Nu rék kaliwatan daréngdék méréan pijalaneun.
Gék sila mendeko hareupeun nu keur ngocomang. Geus ngahuleng sakeudeung,
ngarérét ka lawang dapur.

Dina téks di luhur, aya kecap ngocomang, anu hartina nyaéta ....
A. ngomong sorangan
B. teu daék cicing
C. ngalamun waé
D. rewog dahar
E. ulin waé
32. Dina carpon "Kasurupan" aya sawatara tokoh anu ngalalakon, nurutkeun hidep saha ngaran tokoh nu
kasurupan téh?
A. Wa Haji Karim
B. Jang Enal
C. Jang Ili
D. Ki Uri
E. Kang Ulis
33. Istilah carita pondok atawa sok disingget carpon téh karya sastra sampeuran. Disebut sampeuran téh lantaran
A. pangaruh ti sastra Éropah.
B. geus aya ti baheula
C. kakara aya sabada merdéka
D. pangaruh ti sastra Amérika
E. sumebarna tinulis
34. Dina carita pangarang téh miboga kereteg nu hayang ditepikeun ka nu maca. Éta hal téh biasana sok disebut ....
A. téma
B. alur
C. latar
D. puseur sawangan
E. palaku
35. Salian ti sumebar sacara tinulis, carpon ogé miboga ciri ....
A. anonim
B. unsurna réalis atawa enya-enya bisa kajadian
C. faktual
D. galurna ngarancabang
E. tokohna réa

Soal Uraian
1. Sebutkeun dua conto biantara resmi jeung teu resmi nu sok kapanggih dina kahirupan sapopoé!
2. Jieun hiji sempalan panutup biantara kalawan ngagunakeun basa anu merenah!
3. Sebutkeun naon waé ciri-ciri sisindiran téh?
4. Naon anu disebut panumbu catur téh?
5. Naon anu ngabédakeun antara carita pondok jeung dongéng?

You might also like