You are on page 1of 1

BUDAYA NYAWAH URANG SUNDA

Nyawah, ngawuluku urang Sunda nu dumuk di pilemburan, pakasabanana umumna kana tatanen.
Ari tatanen anu poko nyaeta melak pare. Baheula mah ilaharna ngahuma, nyaeta melak pare di
lamping atawa di pasir ku cara diaseuk.

Ayeuna mah geus langka anu ngahuma teh da leuweungna oge geus teu aya. Melak pare ayeuna
mah di sawah, disebutna nyawah. Kaasup tatanen poko nyawah teh, da ari tatanen nu sejenna mah,
upamana bae melak sampeu atawa palawija, kaasup kana pagawean sambilan, minangka
panayelang tina melak pare.

Prak-prakan nyawah te ngawengku sababaraha tahap. Pagawean anu munggaran ngabaladah,


nyaeta nyacar jarami atawa jujukutan nu aya dina kotakan sawah. Geus kitu tuluy macul, malikkeun
taneuh ku pacul ngarah bagian taneuh anu suburna aya di luhur. Rengse macul ditema ku
ngawuluku, nyaeta ngancurkeun taneuh beunang macul make parabot wuluku atawa singkal.

Maksudna ngarah taneuh anu rek dipelakan pare jadi ledok. Wuluku teh dijieunna tina kai,
digunakeunana sok ditarik ku munding. Ayeuna mah geus loba patani ngagunakeun traktor,
minangka gaganti wuluku.

Samemeh macul ilaharna patani sok sasadiaan binih pare heula. Melakkeun binih pare (gabah)
disebutna tebar. Ilaharna tebar teh dina babaladon, nyaeta kotakan anu panglendona. Lamun
umurna geus cukup, binih pare teh dirabut pikeun dipelakkeun dina kotakan sawah.

Sanggeus ngawuluku, tuluy ngangler, ngararata taneuh. Geus kitu mah kari tandur, nyaeta
melakkeun binih pare dina kotakan sawah tea. Engke lamun pare geus jadi, jujukutan nu milu jaradi
kudu diberesihab, disebutna ngarambet. Rengse dua atawa tilu kali ngarambet mah kari nungguan
usum panen.

Baheula mah matak resep lamun geus cunduk usum nyawah teh, pangpangna lamun geus tereh
usum panen. Pasawahan jadi haneuteun. Barudak oge milu digawe, tunggu manuk di saung sawah.
Dina mangsa pare geus koneng mah manuk teh sok ngabubuhan datangna, ngadon macokan pare.

Nu matak patani sok nyarieun kenca, tali anu dipasang ranteng ka ditu ka dieu bari dirarawisan ku
kaen bubututan. Tungtung kenca teh ditalikeun kana kokoprak dijieun tina awi saruas, dibeulah sarta
ditihangan. Upama tali kenca dicentok, kokoprak teh disada gogoloprakan.

Aya oge anu nyieun bebegig, jejelemaan anu ditancebkeun di tengah sawah. Boh kenca boh
bebegig, maksudna sarua pikeun nyingsieunan manuk. Ayeuna mah geus teu kitu, bubuhan prak-
prakan nyawahna geus robah. Dina ngala pare upamana, baheula mah ngagunakeun etem, tuluy
ranggeuyan pare teh ditalian disebutna digeugeus.

Pare geugeusan teh sok digaringkeun (disangsangkeun) dina lantayan. Ayeuna mah ngalana geus
beda deui, tangkalna dibabad tuluy digebot ngarah buah parena muruluk, engke tuluy diwadahan
kana karung. Nu matak lamun sakalieun aya nu nanyakeun hasil panen teh ayeuna mah tara ku
ukuran geugeus, tapi ukuran karung, da gabahna tea diwadahan make karung.

You might also like