You are on page 1of 9

UJIAN AKHIR SEMESTER TAHUN 2020-2021

A. Pilihan Ganda
Pilih jawaban nu benerna

1. Kaulinan anu prak-prakanana niru-niru sasatoan, nyaeta


a. Galah bandung
b. Oray-orayan
c. Turih oncom
d. Ucing sumput
2. Lamun lalayangan nyereng ka beulah kenca, biasana sisi beulah katuhu sok make ....
a. Hatong
b. Sisinting
c. Bubuntut
d. Tali timba

Jalma anu lampar tangtu leuwih rea pangalamanana batan jalma anu kurung batok.

3. Babasan kurung batok mibanda harti ...


a. Jalma anu pundah-pindah wae imah
b. Jalma anu teu bisa ngeureut neundeun
c. Jalma anu sok dagang batok kalapa
d. Jalma kurang kanyaho lantaran tara daek indit-inditan

Baca sempalan paguneman ieu di handap!

Ahamad : “Wan, urang lalajo mengbal di imah urang, yu...!”

Irwan : “Hayu, ajak atuh nu sejen. Urang lalajo bareng.”

Ahamad : “Kumaha mun ngajak Si Engkus jeung Si Nanang?”

Irwan : Enya atuh, di-SMS we.”


4. Ragam basa anu dipake dina paguneman di luhur teh, nyaeta basa ....
a. Sedeng (wajar)
b. Hormat
c. Kasar
d. Loma
5. Disebut “langlayangan” lantaran barangna di awang-awang ...
a. Ngoleab
b. Terbang
c. Ngapung
d. Ngalayang
6. Istilah “paguneman” teh asalna tina kecap gunem, nu hartina nyarita ...
a. Sorangan
b. Kasar
c. Silihtempas
d. Lemes
7. Pupujian teh salahsahiji karya sastra Sunda dina wangun puisi ....
a. Ugeran
b. Lancaran
c. Drama
d. Prosa
8. Anu kaasup kaulinan has barudak awewe, nyaeta ...
a. Pal-palan
b. Ngadu karbit
c. Ngadu muncang
d. Congkak
9. Ieu di handap ditataan tatakrama nelepon, iwal ...
a. Cekel tuluy angkat gagang telepon lalaunana
b. Usahakeun sing loba ngarenghap salila nyarita
c. Mencret nomer tujuan usahakeun ulah salah mencet
d. Kedalkeun kecap, “Halo!”, salam, atawa ucapan pangwilujeng
10. Babasan nu hartina nunduhkeun watek jalma nu hese di titah ....
a. Hampang leungeun
b. Panjang leungeun
c. Hampang birit
d. Beurat birit
11. Karangan anu eusina ngebrehkeun kajadian anu bener-bener kaalaman disebut
karangan ...
a. Pedaran
b. Sastra
c. Ilmiah
d. Pangalaman

12. Nyieun karangan pangalaman mah teu bisa di wangwang atawa dipapantes, tapi kudu
dumasar ...
a. Data ti babaturan atawa ti kolot anu loba pangalaman
b. Data anu nyata, anu kungsi katempo atawa kaalaman
c. Naon wae anu dipikaresep ku urang atawa ku batur
d. Kanyataan di lapangan atawa anu karasa ku urang

Endeuk-endeukan lagondi
Meunang pecang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki

13. Basa bari kumaha kaulinan endeuk-eundekan ...


a. Nyekel jeung nete dahan dina tangkal
b. Nyekelan tihang bari meungpeun
c. Lulumputan silihudang
d. Ngariung ngawangun kalang
14. Ieu di handap anjen-anjen nu dikandung ku kaulinan barudak “Ucing Kuruling”, iwal...
a. Anjen olahraga
b. Anjen disiplin
c. Anjen kompetensi
d. Anjen kajujuran
15. Wangun jeung harti kecap bebentengan jeung kecap ieu handap, iwal ...
a. Babangkongan
b. Oray-orayan
c. Peupesingan
d. Kukudaan
16. Dina basa Indonesia anu mibanda harti sarua jeung kecap paguneman, nyaeta ...
a. Bercakap
b. Berbicara
c. Percakapan
d. Perintah

Ibunda Siti Aminah


Ramana Sayid Abdullah
Dibabarkeunna di Makkah
Wengi Senen taun Gajah

17. Dumasar rumpaka pupujian di luhur, iraha dibabarkeunana Kanjeng Nabi teh ...
a. Tengah wengi
b. Diutus
c. Dijenengkeun
d. Dilantik
18. Saha nabi anu mulya tur awalna ti bangsa Arab Quraes teh ...
a. Nabi Muhammad SAW
b. Nabi Adam AS
c. Nabi Isa AS
d. Nabi Sulaeman AS
19. Kecap dibabarkeun dina pada kadua rumpaka pupujian di luhur mibanda harti ...
a. Dilahirkeun
b. Diutus
c. Dijenengkeun
d. Dilantik
Baca sempalan pupujian ieu di handap!

Karasana keur sakarat


Nyerina kaliwat-kaliwat
Kana ibadah diliwat
Tara ngalakukeun kerja
20. Pupujian teh asalna tina sai’r, nyaeta puisi nu asalna ti ...
a. Inggris
b. India
c. Jawa
d. Arab
21. Jalma nu kumaha nu bakal ngarasakeun nyerina sakarat teh ...
a. Anu tara ulin
b. Anu teu bisa pupujian
c. Anu teu bisa ngaji
d. Anu tara solat
22. Guru lagu jeung guru wilangan dina pupujian di luhur teh ...
a. 8i-8i-8i-8i
b. 8a-8a-8a-8a
c. 8a-8b-8a-8b
d. 8a-8i-8a-8i
23. Upama nilik wangunna, pupujian teh kauger ku purwakanti, jumlah engang, jeung
jumlah ...
a. Pada
b. Jejer
c. Padalisan
d. Lagu
24. Ngalarapkeun kecap anteuran anu merenah aya dina kalimat ...
a. Berebet diuk dina korsi
b. Cong solat lohor di masjid
c. Gek nginum mani ngalekik
d. Jung dahar cacamuilan
25. Biasana pupujian teh sok digalindeungkeun di ...
a. Sakola atawa di kantin
b. Pasar atawa di toko
c. Masjid atawa di madrasah
d. Imah atawa di saung
26. Sanggeus dibere suuk, monyet teh tuluy ... naek kana tatangkalan.
a. Berebet
b. Nerekel
c. Norolong
d. Gajleng
27. Hal-hal anu kudu diperahatikeun dina waktu nyaritakeu pangalaman teh ...
a. Nutup caritaan sakahayang urang
b. Muka caritaan bisa nitah ka babaturan
c. Ngagunakeun kalimah anu jelas tur sopan
d. Ngagunakeun basa sunda anu cohag
28. Ayeuna mah loba pisan pejabat nu unggah bale watangan lantaran kaabud kasus
korupsi.
Paribasa unggah bale watangan dina kalimah di luhur hartina ...
a. Diancam
b. Dipaehan
c. Dibui
d. Dironghala
29. Moro langlayangan anu pegat lantaran eleh diadu disebutna ...
a. Nyuruwuk
b. Kapakan
c. Ngoleab
d. Gedeg
30. Langlayangan anu ngalengleong pegat kenurna disebutna ...
a. Nyuruwuk
b. Kapakan
c. Ngoleab
d. Gedeg
31. Wangun jeung harti kecap bebentengan sarua jeung kecap ieu di handap, iwal
a. Babangkongan
b. Oray-orayan
c. Peupeusingan
d. Kukudaan
32. Ngagalindeungkeun atawa ngalagukeun teh mangrupa ...
a. Nadoman
b. Deklamasi
c. Monolog
d. Manggung
33. Nyieun karangan pangalaman mah teu bisa di wangwang atawa dipapantes, tapi kudu
dumasar ...
e. Data ti babaturan atawa ti kolot anu loba pangalaman
f. Data anu nyata, anu kungsi katempo atawa kaalaman
g. Naon wae anu dipikaresep ku urang atawa ku batur
h. Kanyataan di lapangan atawa anu karasa ku urang
34. Kalimah ieu di handap ngandung kecap sipat ...
a. Neng lina bogaeun sapatu lima rampasan
b. Kang udin teh sok ngawuruk ngaji di madrasah
c. Budak pajang leungeun mah ulah dibaturan
d. Pangnyokotkeun buku dina kantong hideung
Baca paguneman ieu di handap!

Suci : “Ris, kumaha saratna ngajukeun beasiswa prestasi teh?”


Aris : “Aya tilu sarat.”
Suci : “Naon wae, Ris?”
Aris : “Saratna teh kieu (1) peunteun rapot rata-rata 8; (2) kungsi jadi pinunjul dina
pasanggiri anu dibuktikeun boga piala atawa sertifikat: jeung (3) aya widi ti
kolot..”

Suci : “Oh kitu. Aris rek ngajukeun beasiswa?”


Aris : “Nya arek atuh, sugan we ditarima. Ari Suci.”
Suci : “Abdi ge arek atuh. Bareng nya, Ris, ngurusan sarat-saratna.”
Aris : “mangga.”
35. Naon jejerna paguneman di luhur teh? Sarat-sarat ...
a. Ngajukeun beasiswa prestasi
b. Peunteun rapot alus
c. Ngajukeun sertifikat
d. Miluan pasanggiri
36. Ragam basa Sunda anu dipake ku Aris jeung Suci dina paguneman di luhur teh basa ..
a. Lemes
b. Loma
c. Kasar
d. Garihal
37. Kalimah anu ngandung tatakram basa nu merenah, nyaeta ...
a. Cekel tuluy angkat gagang telepona lalaunana
b. Usahakeun sing loba ngarenghap salila nyarita
c. Mencet nomer tujuan, usaahakeun ulah salah mencet
d. Kedalkeun kecap, “Hallo!”, salam, atawa ucapan pangwilujeung

Nget harita teh poe Ahad. Kira wanci haneut moyan, kuring jeung babaturan geus
ngariung. Maksudna rek ngaliwet di sisi walungan Cikembang.

38. Wanci haneut moyan nuduhkeun waktu kira-kira jam ...


a. 5-6 isuk
b. 8-9 isuk
c. 8-9 peuting
d. 10-11 peuting
39. Mun rek nyaritakeun pangalaman bisa make kalimah bubuka ieu di handap ...
a. Mun seur nu ngarepkeun, sim kuring bade ngadugikeun
b. Dina danget ieu sim kuring bade wawartos ngeunaan pangalaman nu
pikalucueun
c. Dina danget ieu sim kuring bade ngadugikeun pangalaman hirup anu kantos
kaalaman
d. Dina danget ieu sim kuring bade ngawartakeun pangalaman kalayan sasingget-
singgetna
40. Manehna kungsi ... gering ripuh basa keur sakola di kelas VII SMP.
a. Pangalaman
b. Ngalaman
c. Dialaman
d. Alam
B. Essay
Jawab kalayan singget tur jentre
1. Naon anu disebut pengalaman teh ?
2. Naon bedana pangalaman jalma anu lampar jeung jalma anu kurung batok?
3. Kumaha ari tatakrama nelepon teh?
4. Naon anu disebut nadoman teh ?
5. Jelaskeun yen kaulinan barudak teh mibanda fungsi hiburan jeung olahraga!

You might also like