You are on page 1of 4

Nganalisis Unsur-unsur Kawih

Unsur-unsur kawih ngawengku: (penjelasanna tiasa dibaca deui dina materi minggu Kamari)
1. Jejer/Tema, nya éta poko pikiran anu rék ditepikeun ku pangarang sarta ngajiwaan eusi
rumpaka kawih. Téma sifatna umum, luas, bisana sok kapanggih téma-téma anu
ngébréhkeun masalah social, agama, kadeudeuh/kaasih (cinta), jsté.
2. Rumpaka (lirik), biasana diwangun ku sisindiran, sa’ir atawa puisi bebas.
3. Diksi, nya éta pilihan kata anu digunakeun dina éta rumpaka kawih, aya anus ok make
kekecapan saperti basa sapopoé, aya oge anu sok make basa pinilih kawas basa dina sajak
(puitis).
4. Nada, nya éta ngagambarkeun sikep pangarang kana poko pasualan dina éta rumpaka
kawih
5. Rasa, nya éta suasana anu diciptakeun sarta karasa, atawa anu hayang ditepikeun ku
pangarang kanu ngaregepkeun éta kawih. Upamana suasanana sedih, nalanga, agul,
sumanget, gumbira, jsté.
6. Purwakanti, padeukeutna sora antara kecap kecap anu aya dina kawih. Purwakanti téh
aya purwakanti rantayan (sora anu sarua dina sabaris), purwakanti runtuyan (sora anu
sarua antar baris), purwakanti mindoan kawit (aya kecap awala nu diulang dina baris
berikutna/baris sahandapeunana), purwakanti mindoan wekas ( aya kecap anu diulang
dina sabaris). (penjelasanana baca deui dina catetan tina penjelasan anu tos didugikeun ku
ibu di minggu kamari).
7. Amanat, nya éta papatah aatawa nasehat anu haying ditepikeun ku pangarang ka nu
ngaregepkeun kawih.

Contoh Analisis Kawih


Manuk Dadali

Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang


Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Kukuna rangaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hibeurna tarik nyuruwuk
Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung pertentang taya bandingannana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan ka sieun leber wawanenna
Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk dadali pangkokoncarana
Resep nghiji rukun sakabehna
Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati                
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna bangsa di Nagara Indonesia.

1. Makna/Eusi Kawih Manuk Dadali


Eusi kawih manuk dadali nyaeta nnyaritakeun ngeunaan manuk dadali anu miboga
maksud sarua jeung manuk garuda, nyaeta lambang nagara, anu mangrupa manuk anu gagah
jeung wanian, anu dipikasieun ku sasamana. Sanajan kitu, manuk dadali teh manuk anu resep
ngahiji, rukun jeung sasama, hirup babarengan henteu pahiri-hiri, silih mikaasih jeung henteu
sieun maot. Eta sifat-sifat manuk dadali anu kitu teh jadi perlambang bangsa jeung nagara
Indonesia.
2. Jejer/ Téma
Jejer/tema anu aya dina kawih Manuk Dadali téh nya éta ngeunaan nasionalisme
(kareueus ka bangsa jeung nagara).
3. Rumpaka
Rumpaka anu aya dina kawih Manuk Dadali téh nya éta diwangun ku puisi bébas
lantaran henteu kaiket kawas dina sisindiran.
4. Diksi
kekecapan anu digunakeun dina kawih Manuk Dadali téh masih bisa dipikaharti, lantaran
kekecapanana henteu pati loba kecap pinilih saperti kekecapan dina sajak (henteu pati puitis).
Sok sanajan kitu, aya kekecapan anu hésé dipikaharti diantarana kecap:
a. Perténtang hartina pinter ngomong atawa pinter nyarita
b. Siloka hartina lambang
c. Ngapak hartina menyongsong
d. Nyuruwuk hartina cepat
5. Rasa
Sabada urang ngaregepkeun éta kawih bakal karasa ku urang yén anu kagambar dina
kawih manuk dadali téh nya éta ayana rasa sumanget jeung reueus kana kagagahan manuk
dadali anu jadi perlambang Indonesia Jaya.
6. Nada
Nada anu kagambar dina kawih manuk dadali téh nya éta ngagambarkeun rasa sumanget
jeung reueus pangarang kana kagagahan manuk dadali anu jadi perlambang Indonesia Jaya.
7. Purwakanti
Purwakanti anu aya dina éta rumpaka kawih Manuk Dadali nya éta:
a. Purwakanti rantayan
 Saha anu bisa nyusul kana tandangna (sora a)
 Gandang jeung pertentang taya bandingannana (sora a)
b. Purwakanti runtuyan
 Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
(sora a)
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
 Kukuna rangaos reujeung pamatukna ngeluk
(sora u)
Ngapak mega bari hibeurna tarik nyuruwuk
Itu sebagai contoh, upami dibaris berikutna masih aya, serat sadaya dugi ka réngsé!
c. Purwakanti mindoan kawit
Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia Jaya (aya kecap manuk anu diulang di awal baris)
Manuk dadali pangkokoncarana
Resep nghiji rukun sakabehna

d. Purwakanti mindoan wekas (teu aya)


Dina bari kahiji rumpaka kawih Manuk Dadali aya kecap “awang-awan”,
 Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
naha henteu disebat purwakanti mindoan wekas kusabab kecap “awang-awang” di dinya
disebatna kecap rajekan, diétangna masih sakecap. Teras saupama purwakanti mindoan
wekas mah kecap anu diulangna kedah diawal kalimah sareng diahir baris contona:
 Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang mesat

8. Amanat
Amanat anuhayang ditepikeun ku pangarang dina ieu kawih nya éta kudu bisa hirup
babarengan, ulah sok pahiri-hiri (sisirikan) ka batur, silih mikanyaah, sarta kudu gagah boga
kawani pikeun ngabéla kabeneran.

You might also like