You are on page 1of 1

Ku Taya Pisan Cukang,

Barudak Sakola Kudu Meuntas Walungan


Ku: Amra Iska
(SundaNews, Garut) Puguh gé kapaksa. Puluhan murid Madrasah Tsanawiyah (MTs) Al-
Mannar kudu miluan ujian nasional (UN) beri pakéan jalibreg. Éta sakola téh perenahna di Désa
Mekarwangi, Kecamatan Cibalong, Kabupatén Garut. Ana nepi ka jalibreg, lantarang snagkan
bias tepi ka sakola téh kuu turun meuntas Walungan Cibaluk heula. Kawantu taya pisan cukang,
jeung cai walungan keur meneran léb-léban.
Ti jam 06.30 mula, barudak téh geus kumpul di Kampung Sakambangan, Désa
Mekarwangi. Sanggeus taya nu tinggaleun, bring wé mapay galengan jeung gawir, muru ka sisi
Walungan Cibaluk. Méméh meuntas téh maruka heula sapatu jeung calana. Atuh salila di
walungan, leumpangna arati-ati pisan. Ngahaja meuntas kalayan babarengan téh, malar
salamet saréréa. Mun téa mah salah saurang aya nu labuh, nu lian buru-buru nulungan.
Lébarna walungan téh lain meumeueusan, aya kana 40-an meter. Jerona gé rata-rata
leuwih ti sameter. Dina meuntas, suku barudak nyasaran dasar walungan nu pangdéétna. Ngan
orakaya, da dasar walungan gé babataun nu laleueur jeung caina ngagulidag, sakali-kalieun
mah barudak gé aya baé nu ti koséwad.
Munawaroh (15) mah kudu ngalaman babaseuhan ka sakola téh ti SD mula. Karuhan
sapatu jeung alat tulis nu biasa dijingjing mah mineng pisan palid.
“Sedih puguh gé. Ti SD kénéh kedah babaseuhan waé ka sakola téh, da cai walungan téh
kadang-kadang dugi ka saret patuangan. Pami waktos ujian, angkat téh kedah langkung énjing,
supados kabujeng ngagaringkeun heula anggéan, sareng tiasa jejem ngawaler soal ujian,” cék
Munawaroh.
Wisnu (15) malah leuwih prihatin, aya kamungkinan moal waka bisa balik ka imahna.
Babakuna sieun ku cai walungan anu sok ngadadak naék. Atuh manéhna siap sok sanajan kudu
ngéndong di sakola, sangkan bisa deui ngilu UN dina poéan isuk. Tangtu baé Wisnu kacida
miharep sangkan pamaréntah pangwangunkeun cukang nu ngahubungkeun Désa Mekarwangi
jeung Sagara.
Ari pamaréntah tingkat désa mah geus narékahan, pikeun ngawangun cukang téh. Buktina cék
Asép Paslah, Kapala Désa Mekarwangi, pihak désa geus ngajukeun surat sangkan pihak
kabupatén daék nulungan.
”Tos langkung 30 taun cukang gantung nu aya téh pégat ku banjir. Ti harita tacan kantos
didangdosan deui. Mung alhamulillah panampi ti Wakit Bupati téh rada ngagumbirakeun, mugi
baé tiasa dibangun saenggalna,” cék Asép.

Dicutat tina situs http://www.sundanews.com/

You might also like