You are on page 1of 8

SOAL PAS BAHASA SUNDA KELAS 8

1. Salapan sasih lamina


Urang dikandung ku indung
Salapan sasih lamina
Tapi indung henteu pundung
Ti minggu ka minggu
Indung nunggu-nunggu
Najan susah tapi indung tetep bungah
Ti bulan ka bulan
Pinuh pangorbanan
Najan ripuh tapi indung henteu ngangluh
Siang wengi indung meredih ka Hyang Widi
Utun inji walagri lahir ka bumi
Taya basa nu kaliwat namplokeun kanyaah
Sangkan hirup bagja tur waluya
Nurutkeun eusi rumpakana, jejer rumpaka kawih di luhur nya éta ….
A. Kanyaah indung
B. Indung nu ngalahirkeun
C. Atikan indung
D. Ripuhna indung nu ngandung
2. Amanat nu kaunggel tina rumpaka kawih di luhur, nya éta ….
A. Do’a sangkan sakabéh dosana dihampura ku Alloh SWT
B. Kudu nyaah kanu jadi indung anu geus ngalimpahkeun sadaya kanyaahna kanu jadi
anak
C. Jelema nu loba dosa sok sanajan geus ménta pangampura tapi tetep ngalakukeun dosa
D. Sakabéh jalma tinangtu keuna ku dosa jeung ngan ka Alloh tempat ménta pangampura dosa
3. Rasa nu kaunggel dina rumpaka kawih di luhur, nya éta …
A. Gumbira
B. Sedih
C. Pangharepan
D. Waas
4. Ti bulan ka bulan, Pinuh pangorbanan
Najan ripuh tapi indung henteu ngangluh
Maksud kecap henteu ngangluh, nya éta ….
A. Teu ngarasa sedih
B. Teu ngarasa kabebanan
C. Teu ngarasa nanaon
D. Teu ngarasa bungah
5. Siang wengi indung meredih ka Hyang Widi
utun inji walagri lahir ka bumi
taya mangsa nu kaliwat
namplokeun kanyaah
sangkan hirup bagja tur waluya
Kawih di luhur nyaritakeun ....
A. Kulawarga
B. Jalan kahirupan
C. Harepan nu jadi indung
D. Upaya sangkan bagja jeung waluya
5. Judul kawih nu eusina ngagambarkeun gagahna Bangsa Indonesia nyaeta....
A. Lemah cai
B. Manuk Dadali
C. Isola
D. Tanah Sunda
6. Ka mana nya kedah lumampah, ngarah teu salah ngaléngkah
Milari pijalmieunana nu kersa ngajadi bapa
Kamana nya kedah lumaku,sangkan diri teu kalangsu
Milari pijalmieunana nu kersa ngajadi indung
Kacindekan eusi rumpaka diluhur nyaeta...
A. Budak anu teu boga indung bapa
B. Budak anu bingung teu boga pangbalikan
C. Lalampahan budak minggat
D. Kaayaan budak anu teu puguh leumpang
7. Kecap lumaku dina rumpaka kawih diluhur nu ngagunakeun rarangken....
A. Tukang
B. Tengah
C. Hareup
D. Barung
1 2
Es lilin mah ceuceu kalapa muda Ririungan urang karumpul
Dibantun mah dibantun ka sukajadi Meumpeung deukeut hayu urang
Abdi isin ceuceu samar kaduga sosonoan
Sok sieun mah aduh henteu ngajadi Macangkrama bari ngawadul
Urang silih tempas silih eledan
8. Nu ngabedakeun rumpaka kawih diluhur ditilik tina wangun rumpakana jeung eusina nyaeta...
a. Kawih 1 rumpakana wangun sajak, eusina ngeunaan kadaharan, kawih 2 rumpakana wangun
sisindiran eusina ngeunaan hirup sauyunan
b. Kawih 1 rumpakana wangun sisindiran, eusina hirup sauyunan, kawih 2 rumpakana wangun
sisindiran eusina ngeunaan kadaharan
c. Kawih 1 rumpakana wangun sajak, eusina kadaharan, kawih 2 rumpakana wangun sisindiran
eusina ngeunaan kadaharan
d. Kawih 1 rumpakana wangun sisindiran, eusina kadaharan, kawih 2 rumpakana
wangun sajak eusina ngeunaan hirup sauyunan
9. Duh indung ngaraksa ngajaring anak, najan rungsing matak pusing
Henteu weléh deudeuh mikanyaah asih.,dimomong jeung dititimang
Kecap rajekan dina kecap dititimang dina rumpaka kawih di luhur, kaasup kecap rajekan
nyaeta….
A. Dwimadya
B. Dwilingga
C. Dwireka
D. Dwipurwa
10. Tina sempalan kawih di luhur (duh indung) rumpaka nu murwakanti nyaeta...
a. Duh indung ngaraksa ngajaring anak
b. Dimomong jeung ditimang
c. Najan rungsing matak pusing
d. Henteu weleh deudeuh mikanyaah asih
11.Gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil, sacara resmi medalkeun program munggaranna geusan
ngadéngékeun sora wargana, program disebut Jabar Quick Response (JQR). Ieu program
mangrupa sistem aspirasi nu ngamalirkeun “kutuk gendeng” warga alatan kakuciwaan
nyanghareupan kaayaan. JQR diémbarkeun di Gedong Saté, Jalan Diponegoro, Salasa (18/9).
Ideu pokok tina warta di luhur nya éta ….
A. JQR program unggulan Pamaréntah Jawa Barat
B. Geusan ngamalirkeun sora rahayatna, Gubernur Jawa Barat nyieun program JQR
C. Program JQR bakal dilaksanakeun di wilayah Propinsi Jawa Barat ku gubernur
D. Program JQR wajib dirojong ku masarakat Jawa Barat
12. “Kabupaten lebak mibanda rupa-rupa potensi wisata anu kacida dimekarkeun. Eta teh
kulantaran budaya anu unik sarta kaendahan alam nu narik ati. Mimiti ti basisir, curug, gunung
katut wisata argo. Hal kitu teh didugikeun ku bapa wakil bupatilebak. Dina biantarana basa
muka pameran seni rupa nu jejerna :BADUY ON CANVAS” dina raraga ngareuah-reuah
upacara adat SEBA BADUY 2017. Pa wabup ngajennan diayakeunna pameran seni rupa ku
dewan kasenian kabupaten lebak (dicutat tina sunda midang 2017).
Ideu poko tina sempalan warta ti luhur nyaeta...
A. Kabupaten lebak mibanda rupa-rupa potensi wisata
B. Kabupaten lebak, banten ngayakeun upacara adat seba
C. Pameran seni dibuka ku wakil bupati kabupaten lebak
D. Pameran seni dijejeran ku dewan kasenian kabupaten lebak
13. Naon anu jadi potensi wisata unggulan dikabupaten lebak teh?
A. Cagaralam, gunung, curug, basisir
B. Gunung, wisata argo, guha, basisir
C. Basisir, curug, gunung, wisata argo
D. Cagar alam, basisir, wisata argo, guha
14. Dimana pameran seni rupa ‘BADUY ON CANVAS” teh dilaksanakeunna....
A. Kabupaten pandeglang
B. Kabupaten serang
C. Kabupaten bandung
D. Kabupaten lebak
15. Nu muka kagiatan pameran seni “BADUY ON CANVAS” nyaeta wakil bupati lebak .
Sempalan warta diluhur tangtuna jawaban tina konsep 5W +1 H nyaeta...
A. What
B. Who
C. Where
D. When
Warta 1 Warta 2
Poe sabtu tanggal 7
Juli 2018 mah, Deny juanda
wewengkon guha pawon pupuhu nu ngokolakeun
nu pernahna di bale geopark ciletuh
riung, padalarang, kabupaten sukabumi
kabupaten bandung jawa barat. Netelakeun
barat., beda ti sasarina. yen kiwari geopark
Rebun-rebun keneh geus ciletuh geus mibanda
jul jol jalma nu rek sertifikat unesco global
ngabandungan pedaran ti geoparks (UGG).
tim pengabdian pada Ku ditarimana
masarakat (PPM) sertifikat ti UNESCO
HIU) Universitas ngandung harti eta
Padjajaran. Eusi tina eta wawakil ti PBB oge bakal
pedaran netelakeun yen ngawanohkeun ka
wewengkon karst citatah sakuliah dunya yen di
nu aya di padalarang, indonesia geus aya
kabupaten bandung tempat tujuan wisata
barat, horeng mibanda alam taraf internasional.
potensi wisata kaendahan Ku kituna
alam, pinunjul. Ngan pamerentah provinsi
hanjakalna, ieu jawa barat nguatkeun
wewengkon nu boga tekad pikeun terus
obyek wisata situs ngawangun sagala rupa
purbakala guha pawon pasilitas, nu bisa
jeung stone garden ngarojongkana kamajuan
geopark teh kurang ka jeung mekarna geopark
ekspos tur ngan saukur ciletuh ka sakuliah
jadi liliwatan (dicutat dunya. Curug, puncak
tina mangle) darma, basisir, puncak
tugu jadi bagian destinasi
wisata di ciletuh.
16. Bandingkeun pola midangkeunn warta dina sempalan warta di luhur...
A. Warta 1 : iraha-dimana-saha-naon
Warta 2 : saha- dimana- naon- kumaha
B. Warta 1 : saha- kunaon- iraha- naon
Warta 2 : iraha- naon- dimana- saha
C. Warta 1 : iraha- saha- naon- kunaon
Warta 2: naon- iraha- dimana- saha
D. Warta 1 ( kunaon – iraha – saha- naon
Warta 2 : naon- iraha- saha- dimana
17. Eusi nu sarua dina dua sempalan warta diluhur nyaeta...
A. Ngajaga alam kawajiban sarerea
B. Potensi wisata nu pinunjul
C. Kaendahan alam tanah sunda
D. Tarekah pamarentah ngajaga alam

1. Sabenerna tina kualitas sapatu buatan urang geus satata malahan leuwih onjoy tibatan sapatu
buatan luar negeri
2. Komo deui dina nyanghareupan pasar bebas ASEAN nu geus dilaksanakeun ti taun 2015
3. Kiwari tinggal ditarekahan kumaha carana sapatu cibaduyur bisa go internasional
4. Sapatu buatan cibaduyut bandung boga kasempetan gede pikeun diekspor
18. Susunan kalimah –kalimah di luhur sangkan jadi warta nu merenah nururtkeun kaidah nulis
warta...
A. 1-4-3-2
B. 2-3-1-4
C. 3-4-1-2
D. 4-2-1-3

19. Kajadian lini jeung tsunami di Sulawesi “ngoyagkeun’ rasa dulur sabangsa di Nusantara.
Gubernur Jawa Barat Ridwan Kamil kalayan asmana pamaréntah Provinsi Jawa Barat
nyayagikeun sumbangan Rp. 2 milyar.
“Pemprov Jabar tos nyiapkeun kirang langkung dua milyar,” ceuk Ridwan Kamil sabada
silaturahmi jeung Pangurus MUI Provinsi Jawa Barat di Bandung, Senén (1/10). Bantuan
ditujukeun pikeun bantuan logistik, da ilaharna nu di pangungsian mah teu kaburu mawa nanaon.
Informasi nu rek ditepikeun dina warta di luhur nya éta ….
A. Pamaréntah Jawa Barat méré bantuan ka nu kamusibahan lini jeung tsunami di
Sulawesi Rp. 2 milyar ngaliwatan pangurus MUI.
B. Pamaréntah Jawa Barat jeung pangurus MUI méré bantuan ka nu kamusibahan ku cara méré
bantuan logistik.
C. Lantaran ngarasa “kaoyagkeun” dulur sabangsa, rahayat Jawa Barat numpulkeun bantuan
logistik ka Sulawesi.
D. Pamaréntah Jawa Barat méré bantuan logistik nu hargana kurang-leuwih 2 milyar
pikeun masarakat nu kamusibahan lini jeung tsunami di Sulawesi.
20. Basisir kidul téh gudangna tempat wisata alam. Di saban wewengkon kabupatén di pakidulan
Jawa Barat tara tuna ti tempat wisata alam nu boga ciri mandiri. Ti mimiti wewengkon
Sukabumi, Cianjur, Garut, Tasik jeung Pangandaran, pada-pada boga panorama alam éndah
ropéaeun keur pariwisata.
Gagasan utama dina warta di luhur nyaeta ….
a. Basisir kidul loba tempat wisata alam nu perlu diropéa
b. Tiap-tiap kabupatén ngabogaan tempat wisata nuboga ciri mandiri
c. Wisata alam perlu diropéa pikeun tempat pangjugjugan masarakat
d. Sangkan wisata alam kasohor, perlu ciri mandiri diunggal tempatna
21. Pikeun nangtukeun warna kalimah tangtuna ditilik tina predikatna, anu kaasup kana wanda
kalimah sipat nyaeta...
A. tisna dipikaresep ku barudak
B. asep keur ulin jeung babaturanna
C. bapana indra teh pulisi
D. Téh Mimin pinter pisan
22. Mun rek nyaba ka Cisaga
Tong poho beja talatah
Mun hayang asup sawarga
Tong poho amal ibadah
Dumasar kana wangunna sisindiran di luhur kaasup kana wanda …
A. Rarakitan
B. Wawangsalan
C. Paparikan
D. Pantun
23. Ditilik tina eusi sisindiran di luhur kaasup wanda...
A. sesebred
B.banyol
C.silih asih
D.pepeling/piwuruk
24. Meuli lontong reujeung cipe
Bari ulin dipalataran
..................................................
.................................................
Eusi anu luyu pikeun ngeusian baris ka 3 jeung 4 dina sisindiran di luhur nyaeta ….
A. Ulah loba nyoo hape
Matak poho pelajaran
B. Mantakna hayang kopi
Ngarah bari mamatahan
C. Bae cape keur diajar
Keur ngahontal cita-cita
D. Diajar mah kudu bener
Sangkan bagja anu ahirna
25. . ....................................................................
Dag-dig-dug rasaning ati
(wangsalna : bedug)
Bagian cangkang nu cocog keur
wawangsalan di luhur nya éta ….
A. Teu puguh monyét hideungna
B. Lamun ka palupuh nangtung
C. Kendang gedé pakauman
D. Belut sisit saba darat
26. Sisindiran nu kaasup kana wangun rarakitan nyaeta...
A. bebeja arek ka pasar
padahal nongkrong di bale
bebebja arek diajar
padahal ngan ukur sare
B. mawa hayam ka cigugur
mang udin ngajak badami
lamun hayang loba dulur
C. itu aya manuk puter
eunteup dina tangkal paku
lamun urang hayang pinter
kudu daek maca buku
D. karinding palapah kawung
ditiup ku nu paranti
nu ginding ulah adigung
sing apik ngariksa diri

28. Sisindiran anu kaasup kana wangun paparikan nyaeta...


A. lamun urang rek dahar es
ulah loba teuing piring
lamun urang hayang sukses
ulah loba ulin peuting
B. sok hayang nyaba ka bandung
sok hayang nyaho nanjakna
sok hayang nanya nu pundung
sok hayang nyaho nyentakna
C. hampelas raraga jati
palataran babalean
ikhlas raga reujeung pati
ngabelaan bebeneran
D. sapanjang jalan soreang
moal weleh diaspalan
sapanjang tacan kasorang
moal weleh diakalan

1. Keur ditutu pikeun hajat


2.Ngoprek hape sapopoe
3.Rek mihape poe pare
4.Beak waktu teu mangpaat
29. Susun kalimah diluhur sangkan jadi wangun sisindiran nyaeta....
a. 4, 1,2, 3
b. 3,1,2,4
c. 2, 1, 3, 4
d. 1,2, 3, 4
30. Wawangsalan anu luyu keur kecap nu wangsalna ‘SOLAT’ nyaeta...
A. nahan lapar waktu beurang
Kade ulah asa-asa
B. Sing ikhlas ngalakonanna
Tinangtu ningkatkeun harkat
C. kalimah pinuh ku tekad
jadi sah sagala maksud
E. beak waktu teu mangpaat
omat ulah osok telat
31. Salah sahiji sisindiran nu ngabogaan sipat silihasih nya éta ….
A. Ka kulah nyiar kapiting
ngocok lobak bobodasna
ulah sok liar ti peuting
osok loba gogodana
B. Itu gunung ieu gunung
diadukeun pakbeledug
itu pundung ieu pundung
marebutkeun mojang budug
C. Rarasaan ngala kupa
Teu nyaho ngala bangkuang
Rarasaan alus rupa
Teu nyaho kawas badawang
D. Lamun jadi saliara
meureun kaala buahna
lamun jadi ka salira
meureun kacida bungahna

32.Wawangsalan nu luyu keur kecap nu wangsalna “seblak” nyaeta....


A. Buah buleud cangkang koneng
Ngaheruk nya pipikiran
B. Kurupuk baseuh dioseng
Teu kenging galak ka abdi
C. Biasa ngadodol gula
Abdi henteu dipaduli
D.dahareun asli ti sunda
Hate teh eukeur baranang
33. Teu puguh monyét hideungna
Asa teu puguh tungtungna
(wangsalna : .........)
A. belut
B. monyet
C. eurih
D. lutung

Calung renteng mangrupa salah sahiji waditra sunda nu dijieun tina awina ditabeuh dina seni
tradisi upacara adat mangsa panen. Wangunna panjang saperti gambang anu dikantet-kantetkeun
ku tali. Anu matak di sawatara daerah mah sok disebut calung gambang. Cara ngamaenkeunnana,
salah sahiji tungtungna ditalikeun kana tihang, tungtungna anu hiji deui ditalikeun kana awak
pamaenna. Ditabehna ditakol bari diuk.
(dicutat tina : basa sunda urang)
34. Kecap waditra dina paragraf di luhur nya eta...
A. seni sunda
B. alat musik
C. alat calung
D. gamelan sunda
35. Ideu pokok tina sempalan artikel di luhur nyaeta...
A. calung renteng dijieunna tina awi ditabeuh nalika upacara adat panen
B. wangunna panjang saperti gambang anu dikantetkeun ku tali
C. anu matak disawatara daerah mah sok disebut calung gambang
D. cara nabeuhna ditalikeun kana awak pamaenna ditakol bari diuk

Artikel 1 Artikel 2
Goong renteng nyaeta salah Di urang mah penca teh
sahiji gamelan khas sunda geus teu bireuk deui,
nu geus dipikawanoh ti abad babakuna keur urang sunda.
16 nu kasebar di daerah Lamun aya nu hajat
jawa barat. nyunatan sok nanggap
Numutkeun jakob kunsi, kendang penca. Upama
goong renteng ayana di kendang penca geus
cileunyi jeung cikebo ditabeuh, di pakalangan sok
(wilayah tanjungsari, aya nu ngibing dipirig ku
sumedang), lebakwangi kendang penca geus
(wilayah pameungpeuk, ditabeuh, tarompet, jeung
bandung) jeung karaton kempul.
kanoman cirebon. Goong Wirahmana aya nu disebut
renteng aya oge di daerah tepak dua., tepak tilu,
cigugur (kuningan), talaga pareredan, golempang,
(majalengka), ciwaru jeung padungdung.
(sumedang), mayung, Seni penca teh asli milik
suranenggala, jeung tegalan urang sunda, sanajan
(cirebon). saenyana ayeuna mah geus
Istilah goong renteng nyaeta lain milik uran sunda
mangrupakeun gabungan wungkul, tapi geus walatra
tina kecap “goong” jeung nyebar di sakuliah
“renteng” kecap goong indonesia.
mangrupakeun istilah sunda Di masarakat sunda
kuno anu hartina gamelan, dipikawanoh rupa-rupa
sedengkeun kecap renteng wanda penca; aya cimande,
kaitanana jeung panempatan cikalong, timbangan,sera
pencon—Pencon kolenang jeung sahbandar. Kiwari
goong renteng ceuk bahasa henteu ngan ukur
mah nyaeta goong nu dipikaresep ku urang sunda
dijajarkeun. wungkul tapi oge geud
dipikawanoh jeung
dipikaresep ku bangsa
deungeun, malah geus
nyebar ka sakuliah dunya.
(dicutat tina: basa sunda.
Com)
36. Dumasar kana artikel 1, goong renteng geus dipikawanoh kira-kira ti abad...
A. Abad 15
B. Abad 16
C. Abad 17
D. Abad 18
37. Artikel 2 ngagambarkeun kabeungharan seni sunda. Nu jadi poko pikiran nyaeta...
A. Seni penca teh asli milik urang sunda, nu geus sumebar ka sakuliah dunya
B. Kendang penca biasana dipintonkeun lamun aya keur hajat nyunatan
C. Wirahmana penca nya eta tepak dua, tepak tilu, pareredan, golempang
D. urang sunda wanohwanda penca saperti cimande, timbangan jeung sera
38. Ditilik tina eusina, nu ngabedakeun artikel 1 jeung artikel 2 nya eta...
A. artikel 1 obyek caritana nyaeta waditra, artikel 2 obyek caritana nyaeta kendang
B. artikel 1 obyek caritana nyaeta seni, artikel 2 obyek caritana nyaeta waditra
C. artikel 1 obyek caritana nyaeta waditra, artikel 2 obyek caritana nyaeta seni
D. artikel 1 obyek caritana nyaeta kendang, artikel 2 obyek caritana nyaeta waditra
kasenian jaipong mangrupa kasenian nu asalna ti jawa barat sanajan ayeuna teh geus jadi
kesenian nasional. Lain bae urang sunda nu mikaresep jaipong teh, tapi oge dipikaresep ku seler
bangsa sejen. Ambahan kamekarannana jelas leuwih lega, lain ngan di tatar sunda sunda wungkul.
Malah, ceuk beja, urang mancanegara oge loba nu mikaresep. Lamun seug ditalungtik geus loba
sanggar seni jaiponggan di mancanegara.
39. Poko pikiran dina sempalan artikel diluhur nyaeta...
A. Kasenian jaipong geus jadi kasenian nasional
B. Kasenian jaipong dipikaresep sakumna bangsa
C. Kasenian jaipong kudu dijaga sangkan tetep aya
D. Kasenian jaipong geus sumebar ka mancanegara
40. Salah sahiji kaunggulan seni jaipongan kiwari nyaeta..
A. jaipongan geus jadi kasenian nasional
B. jaipongan mangrupa seni asli ti jawa barat
C. kasenian jaipongan kudu dijaga sangkan tetep aya
D. jaipongan geus mekar di unggal kabupaten/kota

You might also like