You are on page 1of 52

BUBUKA MANQOBAH

Sugrining puji anu sampurna, sareng pangalem sagemblengna, eta


tetep kagungan Allah anu mikawelas ka abdi-abdina, anu
ngaluhurkeun darajat anu bakti ka Anjeuna. Rahmat sareng salam anu
utami muga tetep ka pangafdol-afdolna Nabi, nyaeta Kangjeng Nabi
Muhammad SAW, anu parantos dikiatan kalawan mu’jizat, anu diutus
jadi rohmat kasadayana alam, sareng kakulawargina, sareng
kasadayana sahabat, sareng kasadayana auliyana Allah anu parantos
diluhurkeun kalawan dipaparin pirang-pirang karomat. Amma ba’du
Mangka ieu sapucuk kitab anu kalintang ringkesna, nyarioskeun
manaqibna Sulthonul Auliya Wa Imàmil ‘Ulama Assayyid ‘Abdul Qodir
Al-Jailani qsn, kenging metik tina kitab ‘Uqùdul Lalali Fi Manaqibil
Jaelì, sareng tina kitab Tafrìhul Khòtir Fì Manàqibis Sayyid ‘Abdul
Qòdir. Mudah-mudahan aya mangfaatna ka sadayana dulur-dulur anu
kersa ngaos atanapi ngadangu kalawan ngagungkeun kanu kagungan
ieu manaqib. Mudah-mudahan kuberkahna anu kagungan ieu manaqib,
Gusti Nu Maha Suci ka urang sadayana nurunkeun rohmat sareng
nulak tina bahla dunya akherat, dihasilkeun pamaksudan diwuwuh
kasalametan.

Amin.

MANQOBAH KA 1 NYARIOSKEUN NASABNA SAYYID ABDUL


QODIR

Ari Sayyid Abdul Qodir teh nyaeta putrana Abi Sholeh Janaki Dasti
putra Abdulloh putra Yahya Azzahid putra Muhammad putra Daud
putra Musa Ats-Tsani putra Abdulloh Tsani putra Musa Al-Jun putra
Abdulloh Al-Mahdi putra Hasan Al-Mutsanna putra Sayyidina Hasan
cucu Kangjeng Rosululloh SAW putra Sayyidina Ali bin Abi Tholib
k.w. sareng putra Siti Fathimah binti Rosululloh SAW. Jadi ayeuna
tetela pisan yen nasabna Sayyid Abdul Qodir teh nasab anu kalintang
luhurna sareng agungna, sahingga satengah ulama ngadamel tawasul
ku Sayyid Abdul Qodir ku rama-ramana dina ngahasilkeun rupi-rupi
pamaksudan, sepertos ieu: “yà robbanà bilhaikalin nùrònì, albàzi
abdul qòdiril jailànì, usluk binà nahjal hhidàyati wahminà, ming
syarri kulli mu’ànidin awjàni, bi-abìhhi ‘abdillàhi farrij karbanà,
waqdli hawà-ija ‘abdikal walhhàni, wa bijinnika dumta ilàhhì
aghninì, waj’alnì fì bahril mahabati fàni, bilquthbi ‘abdillàhi dàwi
‘illatì, wa biyahyà uhyil qolba bil’irfàni, bimuhammadiw wa abìhhi
dàwuda iksinì, tawàbal bahà walwuddi fil ajmàni, bi abìhhi ‘abdillàhi
ashlih sya-nanà, waliwàlidìnà fahfazh minan nuqshòni, walthuf binà
fì kulli mà qoddartahhu, biljùni mùsà jud bikhoiri jinàni, walmahdli
‘abdillàhi lil-ihsàni mahdlòriqinì tsummàksitì bima’ànì, bil-anwàril
hasanil mutsannà nawwiròn, ‘aqlì walà tatruknì lil-akwàni, wa abìhhi
awwala quthbim bàhhiri, sibthinnabiyyil mushthofàl ‘adnàni,
hasanij-jakiyyibnil imàmil murtadlò, hàmìl wagho ghoitsin nadàl
hattàni, yassirlanà kulal umùri wa’àfinà, ming kulli hhammin awbalà
aw’àni.

———————————–

MANQOBAH KA 2 NYARIOSKEUN DIPEDALKEUNANA SAYYID


ABDUL QODIR
Ari dipedalkeunana di nagara Jailan, nyaeta 1 nagara bawahan
Thobristan, dina wengian kaping 1 sasih Romdon taun 471 Hijrah. Ari
pupusna di nagara Baghdad kaping 10 Silihmulud taun 561, jadi
yuswana mung 91 taun. Dina wengian dipedalkeunana aya 5 karomah.
Karomah nu ka 1: Ramana Sayyid Abdul Qodir nyaeta Abì Shòlih
Mùsà Janakì ngimpen kasumpingan Kangjeng Nabi diiring ku
sahabatna sareng ku imam-imam mujtahidin sareng kupara aulia.
Teras Kangjeng Nabi nimbalan ka ramana Sayyid Abdul Qodir,
dawuhanana: “Heh Abù Shòlih, maneh ku Gusti Allah dipaparin anak
lalaki, eta teh anak kaula jeung kakasih kaula jeung kakasihna Gusti
Allah, jeung bakal meunang pangkat anu luhur dina pangkat kawalian
seperti kaluhuran kaula dina pangkat kanabian. Karomah nu ka 2:
Nabi-Nabi oge saba’dana Kangjeng Nabi pada ngabubungah ka
ramana Sayyid Abdul Qodir, yen bakal kagungan putra anu bakal jadi
Sulthònul Auliyà, sareng sadayana wali-wali salian ti imam anu
ma’shum eta di bawah putrana, sareng dampal sampeanana bakal
didampalkeun kana pundakna wali-wali, sareng sadayana wali-wali
anu tunduk ka anjeuna bakal naek pangkatna, anu henteu tunduk ka
anjeuna bakal dilepas ku Gusti Allah tina kawalianana. Karomah nu ka
3: Henteu aya nu dipedalkeun dina wengian dipedalkeun Sayyid
Abdul Qodir di nagara Jailan, anging sadayana pameget, ari seueurna
1100, sadayana jadi wali, sapaos jadi pangiringna. Karomah nu ka 4:
Sayyid Abdul Qodir tibarang dipedalkeun henteu kersaeun nginang
siang dina sasih romdon, ana nginang sok dina waktos boboran.
Karomah nu ka 5: Dina walikatna Sayyid Abdul Qodir katingali tapak
dampal sampean Kangjeng Nabi SAW, nyaeta tilas munggu anjeuna
bade tunggang kana buroq dina wengian mi’roj, sareng waktos
medalna disarengan kucahaya anu pohara, sahingga jalma-jalma
henteu aya anu kuat ningali, ari yuswa ibuna waktos harita yuswana
60 taun, eta oge hiji perkawis anu luar biasa.
————————————————

MANQOBAH KA 3 NYARIOSKEUN NGAOSNA SAYYID ABDUL


QODIR

Saparantos anjeuna ageung, lajeng ngajugjug ka guru-guru anu


laluhur, ka alim-alim anu utami. Didinya anjeuna ngalap pirang-pirang
elmu sareng sifat-sifat kautamian. Sadayana guru anjeuna pada
nyarioskeun kana calakanana. Ari ngaosna elmu fiqih ti Abil Wafa Ali
Bin Aqil sareng ti Abil Khothob Al-Kaludi sareng ti Abil Husain
Muhammad Ibnil Qodli. Ari ngaosna elmu adab ti Abi Zakariyya
At-Tabrizi. Ari ngaos elmu thorekat ti Syekh Abil Khoir Hamad Bin
Muslim Bin Dzirwati Ad-Dibas. Ari anggoan ku anggoan shufiyahna ku
Qodli Abi Sa’id Al-Mubarok. Anjeuna henteu liren-liren nerekel hanjat
kana pangkat kasampurnaan anu luhur kalawan pitulungna anu Maha
Agung, sahingga anjeuna calik dina luhur-luhurna kapangkatan.
Anjeuna singkil kalayan pamaksudan anu tetep sarta kiat, yen bade
nyepeng sareng ngangkek kadali nafsu anjeuna, bade dipengkolkeun
tina karesepna, sahingga anjeuna kenging 25 taun calik dina tegalan
Iroq henteu patepang sareng jalma.

MANQOBAH KA 4 NYARIOSKEUN BUDI PEKERTINA SAYYID


ABDUL QODIR
Ari akhlakna Sayyid Abdul Qodir, tegesna talajakna eta banget sieun
ku Allah, sahingga gampil pisan kaluar cisocana, sareng diijabah
du’ana, pohara barahanana, tebih tina kaawonan, kalintang caketna
kana kasaean, barani sareng kukuh dina haq, bengis dina perkara
mungkarot, tara bendu karna hawa nafsuna, tara nulungan anu lain
karna Allah, tara nolak kanu jajaluk, sanajan anu nyuhunkeun
anggoanana. Anjeuna kawaris akhlakna akhlak Kangjeng Nabi
Muhammad SAW. Kasepna kawaris kakasepan Kangjeng Nabi Yusuf
as. Benerna bener Sayyidina Abu Bakar Shiddiq ra. Adilna adil
Sayyidina Umar ra. Hilimna, tegesna kashobaranana shobar Sayyidina
Utsman ra. Kagagahanana sareng kabaranianana Sayyidina Ali kw.

MANQOBAH KA 5 NYARIOSKEUN ANGGOAN SARENG


KATUANGAN WAKTOS NYANTRI

Ari panganggona nyaeta jubah nu didamel tina bulu domba anu kasar.
Dina mastakana dibeulitan ku saceuwir lawon. Ari angkat-angkatan,
sanaos nyorang cucuk oge tara nganggo tarumpah atanapi sapatu.
Ari katuanganana cekap ku bubuahan bae sareng dangdaunan sisi
wahangan. Ari wengi seseringna tara kulem. Hiji waktos anjeuna
parantos sababaraha dinten henteu tuang leueut, jol aya hiji jalma
ngadeuheusan. Piunjukna eta jalma: “Ieu jisim abdi seja babakti,
nyanggakeun artos. Ari artosna diwadahan dina kanjut kundang.
Hatur lumayan keur ngagaleuh katuangan”. Dawuhan Sayyid Abdul
Qodir: “Nuhun”, sareng eta artos ditampi. Teras Sayyid Abdul Qodir
ngagaleuh roti keur katuangan. Barang anjeuna parantos calik bade
tuang roti, guprak aya serat anu ragrag ti awang-awang. Ari unina eta
serat kieu: “innamà ju’ilatisy syahhwàtu lidlo’afä-i ‘ibàdì liyasta’ìnù
bihhà ‘alàth thò’àti, wa ammàl aqwiyà-u famà lahhum walisy
syahhwàti”. Hartosna: “Pikeun abdi aing anu lembek, memang
dipaparin syahwat kana barang dahar, supaya bisa nulung kana tho’at.
Ari pikeun jalma anu gagah mah naon perluna nurutkeun syahwat?”.
Tidinya roti teh dilesotkeun deui, henteu teras dituang. Teras
anjeuna angkat deui kategalan, margi anjeuna uninga yen eta teh
samata-mata pepeling tinu Agung kana salirana.

MANQOBAH KA 6 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR


DISARENGAN KU NABIYULLOH KHIDIR DI IRAK

Waktos Sayyid Abdul Qodir calik di tegalan Irak, anjeuna


disumpingan ku Kangjeng Nabi Khidir as. Sareng teras Kangjeng Nabi
Khidir nyarengan calik di Irak sawatara lami. Saur Nabiyulloh Khidir:
“Upami salira palay disarengan, ulah nyulayaan, margi ari nyulayaan
teh eta sok matak papisah”. Saparantos kitu, teras Kanjeng Nabi
Khidir mulih, mung jangji ka Sayyid Abdul Qodir bade ngalongokan
sataun sakali. Ari Sayyid Abdul Qodir calik dina tempat panuduhan
Kangjeng Nabi Khidir. Sataun sakali sok dilongokan, kenging 3 taun.

MANQOBAH KA 7 NYARIOSKEUN IBADAHNA SAYYID ABDUL


QODIR
Dawuhan Syekh Abù ‘Abdillah Muhammad Al-Hirowi: “Jisim kuring
ngarencangan Sayyid Abdul Qodir kenging 40 taun. Dina lebet sakitu,
anjeuna sok netepan shubuh ku wudlu isya. Upami anjeuna parantos
netepan isya, teras lebet kapangkeng, teras nyepen dipangkeng dugi
ka shubuh. Malah sok sering pisan bangsa raja-raja anu bade
nepangan ka anjeuna, upami wengi mah tara tiasa nepangan, kapaksa
sok ngantos dugi ka shubuh”. Dawuhan Syekh Muhammad Al-Hirowi:
“Hiji wengi jisim kuring nyarengan ka Sayyid Abdul Qodir henteu
mondok sakerejep-kerejep acan. Ari damelna sonten keneh netepan
sunnat. Ari kawenginakeun teras dzikir. Ari parantos ngalangkung
sepertiluna wengi teras ngaos: “almuhìthur robbusy syahhìdul
hasìbul fa’àlul khollàqul khòliqul bàri-ul mushowwir”. Tidinya
salirana beuki alit-beuki alit, dongkap ka alit pisan. Henteu lami,
salirana ngageungan deui, sepertos tadi. Ari parantos ageung, teras
ngajungjung, beuki luhur-beuki luhur, dugi ka les henteu katingali. Ari
parantos lami, jol deui sumping, teras ngadeg deui netepan, sareng
kalintang lamina dina sujud. Kitu bae damelna, dugi ka duapertiluna
wengi. Ari parantos ngalangkung duapertiluna wengi, teras ngadep
ka kiblat, ngaos pirang-pirang du’a. Tidinya jol cahaya, nyorot ka
anjeuna, dugi ka anjeuna henteu katingali salirana, kabulen ku eta
cahaya, sareng kakuping henteu liren-liren anu uluk salam ka anjeuna
dugi ka bijil fajar”.

MANQOBAH KA 8 NYARIOSKEUN NU DIDAMEL DADASAR


PADAMELAN SAYYID ABDUL QODIR

Sayyid Abdul Qodir ditaros: “Naon anu ku tuan didamel dadasar dina
padamelan?”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “‘Alash shidqi wa mà
kadzibtu qoth”. Hartosna: “Ari tangtungan kaula jeung dadasar
kalakuan kaula, nyaeta bener pantrang bohong”. Dicarioskeun
waktos anjeuna murangkalih, dina ping 9 Rayagung, anjeuna
ngagiringkeun onta, bade diangon di tegalan. Barang eta onta keur
digiringkeun, eta onta ngomong, pokna: “Heh Abdul Qodir, anjeun
mah didamel teh sanes pikeun ngangon onta!”. Anjeuna kaget aya
onta ngomong kitu. Teras eta onta dilesotkeun. Ari anjeuna teras
angkat ka loteng, ka ibuna, teras unjukan. Saurna: “Ibu, tadi onta anu
bade diangon ku abdi teh nyaram ngangon ka abdi, sanggemna:
maneh mah Abdul Qodir, didamel ku Gusti Allah teh lain calon kana
ngangon onta. Kumargi eta, manawi ibu rempag mah, abdi bade
masantren ka Baghdad”. Ibuna ngadangu unjukan putrana, kalintang
bingahna. Saurna: “Atuh nuhun ari ujang hayang masantren mah, ibu
kacida ridona. Tah ieu keur bekelna 40 dinar. Engke, di mana-mana
aya ontan-ontan anu rek ka Baghdad, ujang milu, nurut ludeung. Tapi
ibu wasiat, kudu bener dina sagala ucap-ucapan jeung kalakuan”.
Saur Sayyid Abdul Qodir: “Nyuhunkeun hibar ibu bae”. Henteu kantos
lami ti waktos harita, Sayyid Abdul Qodir teras ngiring sareng
ontan-ontan anu ka Baghdad. Henteu kacarioskeun lamina, Sayyid
Abdul Qodir parantos ngaliwat nagara Hamdan. Barang dongkap
kadinya, burubul aya 60 rampog tarumpak kuda, sarta sadia
parabot-parabotna, teras sadayana sodagar dirampog. Barang
meneran ka Sayyid Abdul Qodir, ceuk hiji rampog: “Silaing boga
naon?”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Boga 40 dinar, dikaput dina
handapeun kelek kaula!”. Ceuk rampog: “Kitu patut boga 40 dinar, jor
bae kaditu mantog!”. Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir liwat. Gok
deui jeung rampog sejena, teras nanya deui cara tadi, ku Sayyid
Abdul Qodir diterangkeun cara kanu tadi. Eta rampog henteu
percayaeun deui bae. Tidinya kabejakeun ka kapalana rampog, yen
aya nu ngaku boga 40 dinar, tapi henteu dipercaya ku sarerea oge.
Ceuk kapalana: “Coba barawa kadieu, silaing mah kawas anu burung,
lain dibuktikeun, boa teuing enya bogaeun 40 dinar”. Tidinya teras
Sayyid Abdul Qodir dibarawa ku rampog teh ka kapalana. Barang
sumping ka kapalana rampog, teras ditaros cacandakanana.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Boga 40 dinar ceuk kaula oge, tah ieu
dikaput handapeun kelek. Lamun anjeun henteu percaya, urang
buktikeun!”. Teras kawayna dibuka. Artosna dibilang anu 40 dinar teh
hareupeunana. Sajongjonan mah kapala rampog teh ngahuleng bae.
Tidinya teras naros ka Sayyid Abdul Qodir: “Naon pangarahan anjeun
nu matak ngaku sabenerna? Kapan deungeun-deungeun mah,
sumawona loba-loba kitu, boga sadinar oge tara ngabejakeun ari
acan ditakol mah?”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Kaula mah henteu
boga pangarahan naon-naon, ngan indung kaula miwarang kudu
bener. Kaula moal nyulayaan kana wasiat indung”. Tidinya segruk eta
kapala rampog teh ceurik, bari ngomong kieu: “Eumh, salira mah, dina
tempat nu sakieu weritna henteu wani ngarempak larangan indung.
Naha ari kaula, geus sababaraha taun gawe teh ngan wungkul
ngarempak larangan Pangeran bae. Mana teuing Pangeran benduna
ka kaula. Tah, ayeuna saksian ku salira, yen kaula tobat ka Gusti
Allah ditangan sampean”. Tidinya rampog anu 60 teh pada tobat.
Barang-barangna anu kenging ngarampog, teras dipulangkeun kanu
gaduhna. Ari saparantos kitu, teras anjeuna angkat ka Baghdad.
Harita yuswana 18 taun.

MANQOBAH KA 9 NYARIOSKEUN NEMBEAN SAYYID ABDUL


QODIR MITUTUR KA JALMA-JALMA DINA LUHUR KORSI

Dawuhan Sayyid Abdul Qodir, dina memeh dzuhur poe salasa tanggal
6 bulan Syawal taun 521: “Kaula ningali Rosululloh SAW, teras
nimbalan ka kaula. Dawuhanana: “He anak Kaula, naha maneh henteu
geura muruk mitutur ka jalma-jalma?”. Teras kaula unjukan: “Kumaha
rek tiasa muruk mitutur, kapan abdi urang Ajam, ari ulama-ulama
Baghdad anu sakitu parasehatna”. Dawuhan Rosululloh: “Coba
bukakeun sungut maneh!”. Tuluy kaula calangap. Tuluy diludahan 7
kali. Saurna: “Jig, maneh geura muruk mitutur. Geura ngajak kana
jalan Pangeran kalawan hikmah jeung pitutur anu aralus”. Saparantos
kitu, tuluy kaula sholat dzuhur. Henteu kungsi lila, burudul
jalma-jalma daratang kacida seueurna. Kaula ngadegdeg, jeung hate
kaula ngageter, henteu bisa pok nyarita. Tidinya jol sumping Sayidina
Ali ngadeg hareupeun kaula. Dawuhanana: “Naha lain geura pok
muruk mitutur teh?”. Unjukan kaula: “Ieu da hate abdi ngageter wae,
gado noroktok.” Dawuhan Sayidina Ali: “Coba calangap!”. Tuluy kaula
calangap. Tuluy diludahan genep kali. Ceuk kaula: “Kumaha margina
henteu tujuh kali?”. Dawuhan Sayidina Ali: “Karana adab ka
Rosululloh”. Tidinya les deui Sayyidina Alì henteu aya. Ari
saparantos kitu mah, tuluy hate kaula caang, henteu aya naon-naon.
Tuluy kaula muruk mitutur. ***

MANQOBAH KA 10 NYARIOSKEUN KUMPULNA 100 ULAMA


BAGHDAD DI MAJLIS SAYYID ABDUL QODIR SARTA
MASING-MASING PADA BOGA MASALAH

Dicarioskeun ku Syekh Abu Muhammad Al-Mufarroj: “Waktu kaula


milu hadir dina majlis Sayyid Abdul Qodir, sarumping 100 ulama
Baghdad. Sadayana pada kagungan masalah, sarta eta masalahna
henteu sami. Barang eta ulama-ulama parantos caralik
dipayuneunana, teras anjeuna tungkul, tuluy bijil cahaya tina leresan
manahna. Eta cahaya teras ngaliwat kana dadana 100 ulama tea.
Saparantos ulama-ulama kaliwatan ku cahaya, teras ulama-ulama
eta sadayana pada bingung, ngadaregdeg, sing jarerit, teras maruka
sirahna. Anggoanana disosoek, teras haranjat kana korsina Sayyid
Abdul Qodir. Teras sampean Sayyid Abdul Qodir diteundeun kana
sirah ulama-ulama ku aranjeuna. Sareng majlis harita kalintang
cekcokna, ngaguruh henteu aya daratanana. Ari saparantos kitu,
teras eta ulama-ulama anu 100 teh ku Sayyid Abdul Qodir
ditangkeupan saurang-saurang. Ari parantos sadayana ditangkeupan,
teras masalah saurang-saurangna dicarioskeun ku Sayyid Abdul
Qodir sareng jawabanana. Sadayana ulama pada kaget ku kapinteran
Sayyid Abdul Qodir dina ngajawab masalah sareng karomatna. ***

MANQOBAH KA 11 NYARIOSKEUN NGADAMPALNA KANGJENG


NABI KANA PUNDAKNA SAYYID ABDUL QODIR

Dicarioskeun ku Syekh Rosyid Bin Muhammad Al-Junaidi: “Dina


wengian mi’roj Kangjeng Nabi, sumping malaikat Jibril nyandak
buroq. Ari talapokna eta buroq ngagebur cara bulan. Ari
paku-pakuna cara bentang. Barang disanggakeun ka Kangjeng Nabi,
eta buroq henteu daekeun cicing. Timbalan Kangjeng Nabi: “Kunaon
buroq, numatak maneh henteu daek cicing, naha maneh teh embung
ditumpakan ku kaula?”. Tuluy eta buroq unjukan. Pokna: “Nyawa abdi
jadi tetebus taneuh gamparan Gusti. Abdi sanes henteu purun
ditunggangan ku Gusti, mung abdi aya panuhun ka Gusti, nyaeta dina
dinten kiamah, nalika Gusti bade lebet ka surga, ulah nunggangan nu
sanes”. Dawuhan Rosululloh: “Heug, dikobul pamenta maneh”.
Unjukan deui eta buroq: “Mugi Gusti kersa nyepengkeun panangan
Gusti kana punduk abdi, supaos jadi tawis dina dinten kiamah”. Teras
panangan Kangjeng Nabi dicepengkeun kana pundukna buroq.
Kumargi eta buroq kalintang bingahna, dugi ka jasadna eta buroq
henteu cekap pikeun wadah ruhna. Kapaksa eta buroq harita keneh
ngajangkungan dugi ka 40 hasta. Tidinya Kangjeng Rosululloh
ngadeg sakedap, wireh ningali buroq sakitu jangkungna, tawaquf
kana titihan anu saneh. Tidinya teras sumping ruhna Ghoutsul A’zhom
Sayyid Abdul Qodir Al-Jailani, teras unjukan: “Gusti, mangga ieu
punduk abdi titih ku Gusti”. Teras Kangjeng Nabi nitih kana punduk
Ghoutsul A’zhom. Teras Ghoutsul A’zhom ngadeg. Teras Kangjeng
Nabi tunggang kana buroq, sareng ngadawuh Kangjeng Nabi: “Ieu
dampal suku kaula nincak kana punduk maneh. Ari dampal suku
maneh eta nincak kana pundukna sakabeh waliyulloh”. ***

MANQOBAH KA 12 NYARIOSKEUN NYAKSIANANA GURU-GURU


SARENG WALI-WALI KALUHURAN MARTABATNA SAYYID ABDUL
QODIR

Dicarioskeun dina kitab Roudlotun Nazhir Fi Manaqibisy Syekh Abdul


Qodir, dina bab ka 6, ti zaman Abi Ali Al-Hasan Al-Bashri dongkap
kalahirna Sayyid Abdul Qodir, henteu aya hiji alim anu muruk agama
islam anging pada nyarioskeun kabingahan bakal zhohirna Sayyid
Abdul Qodir. Sareng eta ulama-ulama pada ngaku kana kawaliyanana
Sayyid Abdul Qodir. Sareng ulama-ulama pada nyarioskeun Sayyid
Abdul Qodir bakal ngembarkeun, yen dampal sampeanana bakal
nincak kana pundukna wali. Sareng wali-wali narima kana eta
embaran, kajaba hiji wali di nagara Ashfahan henteu narima kana eta
embaran. Kumargi henteu narima kana eta embaran, eta wali anu
sakitu luhungna dilepas tina kawaliyanana. Jadi Sayyid Abdul Qodir
teh ampir 300 taun deui kalahirna, parantos masyhur ka8waliyanana.
***

MANQOBAH KA 13 NYARIOSKEUN RUKSAKNA JALMA-JALMA


ANU NYEBUT JENENGAN SAYYID ABDUL QODIR HENTEU GADUH
WUDLU

Dicarioskeun dina kitab Kalzaril Ma’ani, dina nembean Sayyid Abdul


Qodir kenging pangkat kawalian, anjeuna kabuleun ku sifat Jalaliyah,
tegesna sifat kagagahan. Tina margi kitu, jenenganana oge kalintang
ahengna, sahingga upami jenenganana disebut henteu kalawan adab,
nyaeta henteu gaduh wudlu, mangka pegat beuheungna jalma nu
nyebut henteu gaduh wudlu tea. Saparantos kitu Sayyid Abdul Qodir
tepang sareng Kangjeng Nabi SAW. Dawuhan Kangjeng Nabi: “Hey
Abdul Qodir, eta pagawean maneh ulah dipigawe, karunya ka
jalma-jalma di akhir zaman, sabab jaga mah pirang-pirang jalma anu
nyebut jenengan Allah jeung ngaran kami oge henteu kalawan adab”.
Teras eta padamelan ditilar, margi ulama-ulama Baghdad pada
ngadareuheus ka Sayyid Abdul Qodir nyuhunkeun supaos eta
padamelan ditilar, margi hawatos ka jalma-jalma. Dawuhan Sayyid
Abdul Qodir: “Ieu teh lain kahayang kaula. Kaula meunang timbalan ti
Gusti Allah: “Maneh geus ngagungkeun kana jenengan Aing, jadi
ngaran maneh oge diagungkeun ku Aing. Dawuhan satengah ulama:
“Numawi jenenganana kalintang sangetna, anjeuna sok
ngamudawamahkeun ngaos Saefi Hirzil Yamani karangan Sayyidina
Ali kw ‘anhu. ***

MANQOBAH KA 14 NYARIOSKEUN JALMA NU HADIAH KA


SAYYID ABDUL QODIR DIHASILKEUN MAKSUDNA

Dicarioskeun ku guru-guru anu laluhung, saha-saha jalma anu nyebut


jenengan Sayyid Abdul Qodir henteu boga wudlu, mangka eta jalma
ku Gusti Allah dirupekkeun rizkina. Sareng saha-saha jalma anu
nadzar hadiyah ka Sayyid Abdul Qodir, eta kudu dilakonan, supaya
ulah kasebut jalma bedegong, matak kawalat. Sareng saha-saha
jalma anu ngahadiyahkeun amis-amis dina malem jum’ah, teras maca
fatihah dihadiyahkeun ka Sayyid Abdul Qodir, terus eta kadaharanana
dibagikeun ka fakir miskin, sarta eta jalma nyuhunkeun syafa’at
sareng karomatna Sayyid Abdul Qodir dina ngahasilkeun maksudna,
tangtu eta jalma meunang pirang-pirang pertulungan ti Gusti Allah
kalawan karomahna Sayyid Abdul Qodir. Sareng saha-saha jalma nu
maca fatihah rek dahar, tuluy dihadiahkeun ka Sayyid Abdul Qodir,
tangtu eta jalma dibukakeun, dikaluarkeun tina kahesean dunya
akherat. Jeung saha-saha nu nyebut jenengan Sayyid Abdul Qodir
bari boga wudlu tur ikhlas anu sampurna, ngaagungkeun ka anjeuna,
mangka eta jalma ku Gusti Allah dibungahkeun dina eta poe sarta
dilebur dosana. ***
 

MANQOBAH KA 15 NYARIOSKEUN JENENGAN SAYYID ABDUL


QODIR CARA ISMUL A’ZHOM

Dicarioskeun dina kitab Haqoiqul Haqoiq, aya hiji awewe


ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, teras unjukan pokna: “Gusti, abdi
teh gaduh anak mung hiji-hijina, ayeuna ti teuleum di laut. Dupi abdi
gaduh kayakinan, yen Gusti tiasa ngabalikkeun anak abdi sarta hirup.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Enya, jig bae balik. Anak maneh geus
aya di imah”. Tidinya teras eta awewe gura-giru balik. Barang
dongkap ka imahna, anakna henteu aya. Tidinya berengbeng deui
awewe teh ka Sayyid Abdul Qodir bari ruwuh-riwih ceurik, unjukan
yen anakna henteu aya. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Ayeuna mah
tangtu geus aya”. Deregdeg deui eta awewe balik. Ari dongkap ka
imahna, anakna teu acan aya keneh. Gowak deui ceurik. Teras
ngadeuheus deui ka Sayyid Abdul Qodir, bari ceurik mamandapan,
nyuhunkeun anakna hayang hirup deui, hayang aya deui. Tidinya teras
Sayyid Abdul Qodir nungkulkeun sirahna. Barang cengkat, ngadawuh.
Saurna: “Ayeuna mah moal salah deui, anak maneh geus aya”. Tidinya
teras eta awewe balik. Barang dongkap, anakna geus aya di imahna
sarta salamet. Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir munajat. Piunjukna:
“Jisim abdi kalintang isinna ku eta awewe, dugi ka tilu kali nembe aya
anakna. Kumaha margina, sareng naon hikmahna numawi dielatkeun,
dugi ka abdi kawirangan dua kali?”. Dawuhan Gusti Allah: “Omongan
maneh ka eta awewe kabeh oge bener. Barang mimiti disebutkeun
aya teh bener, tapi kakara dikumpulkeun ku malaikat jiwa ragana nu
geus pabencar. Ka dua kali oge bener, tapi kakara jejeg anggahotana
sarta dihirupan. Ka tilu kalina eta awewe datang ka imahna, geus
dihanjatkeun ti laut, didatangkeun ka imahna”. Tidinya teras Sayyid
Abdul Qodir unjukan deui: “Gusti mah ngadamel makhluk anu sakieu
poharana henteu kalawan kasusahan. Nya kitu deui dina ba’atsna
ngumpulkeun sakabeh jiwa raga makhluk nu sakitu seueurna mung
sakedet netra. Ari ieu mah hiji budak, naon hikmahna Gusti numawi
sakitu lamina?”. Dawuhan Gusti Allah: “Abdul Qodir, maneh entong
jadi raheut hate. Ayeuna pek geura menta, maneh hayang naon,
tangtu dipaparin ku aing?”. Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir sujud
sarta unjukan. Saurna: “Gusti kholik anu ngadamel, ari abdi makhluk
anu didamel. Naon-naon oge paparin Gusti, abdi kalintang nuhunna”.
Dawuhan Gusti Allah: “Saha anu nenjo kamaneh dina poe juma’ah, ku
aing didamel wali. Jeung lamun maneh nenjo kana taneuh, tangtu jadi
emas”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Gusti, ieu duanana oge henteu
pati aya mangfaatna ka abdi. Abdi nyuhunkeun anu agung ti eta,
sareng tetep mangfaatna saparantos maot abdi”. Dawuhan Gusti
Allah: “Ngaran maneh dijieun seperti ngaran kami dina ganjaranana
jeung manjurna. Saha-saha anu maca kana ngaran maneh, ganjaranana
sarua jeung maca jenengan kami”. ————————-

MANQOBAH KA 16 NYARIOSKEUN NGAHIRUPKEUN HIJI JALMA


TI JERO KUBUR

Dicarioskeun dina kitab Asroruth Tholibin, Sayyid Abdul Qodir hiji


waktos ngalangkung kana hiji tempat. Anjeuna mendak jalma islam
keur paadu paloba-loba omong jeung bangsa nashroni. Teras ku
Sayyid Abdul Qodir dipariksa sabab-sababna papaduan. Ceuk bangsa
islam: “Eta Gusti, paalus-alus nabi. Sanggem abdi, utami Kangjeng
Nabi Muhammad SAW. Ari sanggem ieu nashroni, utami Nabi Isa”.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir ka nashroni: “Eta maneh nyebutkeun
utami Nabi Isa, naon dalilna?”. Ceuk nashroni: “Eta, Nabi Isa mah sok
tiasa ngahirupkeun jalma nu geus maot”. Dawuhan Sayyid Abdul
Qodir: “Maneh nyaho kaula lain nabi, ngan saukur anu anut jeung
nyekel agama Nabi Muhammad?”. Ceuk nashroni: “Kantenan bae
terang mah”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Lamun kaula bisa
ngahirupkeun anu geus maot, maneh rek iman ka Nabi Muhammad?”.
Jawabna: “Kantenan bade iman”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Coba
urang neangan kuburan anu geus heubeul”. Nya manggih kuburan anu
kira-kira geus 500 taun lamina. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Nabi
Isa ari ngahirupkeun anu geus maot, kumaha pokna?”. Ceuk nashroni:
“Qum bi idznillàh”. Hartosna: “Hudang maneh kalawan idzin Allah” .
“Geura kami mah dengekeun kieu: Qum bi idznì”. Hartosna:
“Nangtung maneh kalawan idzin kami!”. Tidinya tuluy eta kuburan
beulah. Tuluy eta mayit teh bijil ti kuburna bari nembang. Tadina eta
jalma tukang tembang, Teras eta nashroni asup islam.———-

MANQOBAH KA 17 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR


NGAREBUT NYAWA KHODAMNA TI MALAKAL MAUT

Dicarioskeun ku Abbil Abbas Ahmad Rifa’i: “Salah sawios khodamna


Sayyid Abdul Qodir maot. Teras pamajikanana ngadeuheus ka Sayyid
Abdul Qodir, keukeuh nyuhunkeun salakina hayang hirup deui. Tidinya
teras Sayyid Abdul Qodir muroqobah, mangka ningali anjeuna dina
alam bathin, malakal maot keur hanjat ka langit nyandak roh nu
dicabut dina poe eta, diwadahan dina wadah ma’nawi sarupi zambil.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Heh Malakal Maut, eureun heula,
jeung kadieukeun roh bujang kaula si anu ngarana !”. Saur Malakal
Maut: “Moal tiasa masihkeun, margi kaula nyabutan arwah teh lain
sakarep-karep kaula, tapi kalawan parentahan Pangeran, sarta kudu
disetorkeun ka anjeuna”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Enya, kaula
oge terang. Tapi eta mah roh bujang kaula, kadieukeun bae”. Saur
Malakal Maut: “Moal tiasa !”. Keukeuh anu nyuhunkeun sareng
keukeuh anu henteu maparinkeun. Tungtungna dawuhan Sayyid Abdul
Qodir: “Kalawan kamahabbahan kaula ka Gusti Allah, kadieukeun eta
roh bujang kaula !”. Bari teras eta wadah arwah teh direbut ku Sayyid
Abdul Qodir. Teras diucutkeun. Atuh budal sadayana roh anu kenging
nyabutan ti isuk teh laleupasan, baralik deui kana jasadna. Tidinya
teras Malakal Maut teh unjukan ka Gusti Allah Anu Maha Suci.
Piunjukna: “Beu Gusti, Gusti langkung uninga kana kaayaan kakasih
Gusti, wali Gusti Abdul Qodir”. Dawuhan Gusti Allah: “Enya eta Abdul
Qodir teh kakasih aing. Bongan roh bujangna kumaneh henteu
dibikeun, jadi bae roh anu sakitu lobana mawur. Ayeuna maneh
hanjakal henteu dibikeun”. ***

MANQOBAH KA 18 NGAJADIKEUNANA SAYYID ABDUL QODIR


BUDAK AWEWE JADI LALAKI

Dicarioskeun ku Syekh Hawad Al-Qodiri: “Aya hiji lalaki ngadeuheus


ka Sayyid Abdul Qodir, unjukan hayang gaduh anak lalaki. Dawuhan
Sayyid Abdul Qodir: “Maneh menta barang anu gholib, heug moal
henteu boga”. Tidinya eta jalma saban dinten henteu petot-petot
hadir di majlis Sayyid Abdul Qodir. Barang parantos lami, eta jalma
kalawan kapastian tinu Maha Kawasa gaduh anak, tapi anak awewe.
Teras eta anakna dicandak ka SAQ. Piunjukna: “Gusti, kapungkur abdi
nyuhunkeun anak lalaki. Dupi ieu gening awewe?”. Dawuhan Sayyid
Abdul Qodir: “Eta orok buntel. Jig balik. Tangtu engke jadi lalaki !”.
Teras eta orok dibuntel dibawa balik. Barang dibuka di imahna, eta
budak jadi budak lalaki kalawan idzin Allah Ta’ala. ***

MANQOBAH KA 19 NYARIOSKEUN SALAMETNA 1 JALMA PASEK


KU JAWABANANA ABDUL QODIR KA MALAIKAT MUNGKAR WA
NAKIR

Kacarioskeun di jaman Sayyid Abdul Qodir, aya hiji jalma pasek. Tapi
eta jalma kacida mahabbahna ka Sayyid Abdul Qodir. Saeunggeus
eta jalma maot, di jero kubur disual ku Malaikat Mungkar wa Nakir.
Henteu aya deui jawabna eta jalma ngan Abdul Qodir. Tidinya
sumping timbalan ti Gusti Allah: “He Mungkar wa Nakir, eta jalma
bener pasek, siksaeun. Tapi kulantaran manehanana mahabbah ka
kakasih aing, ayeuna dihampura ku aing”. ***

MANQOBAH KA 20 NYARIOSKEUN MANUK NGALUHURAN KA


ANJEUNA TERUS PAEH

Hiji waktos SAQ nuju abdas, aya 1 manuk hiber kaluhureun


anjeuna.Barang eta manuk ditingali,guprak eta manuk teh ragrag,
paeh.Tidinya teras anjeuna nyeuseuh kawayna,teras eta kawayna
disidkohkeun,saurna: “Bisi kaula dosa,tah ieu baju kifarat dosa”. ***

MANQOBAH KA 21 NYARIOSKEUN NGAHIRUPKEUN DEUI


ALAP-ALAP

Dicarioskeun hiji waktos anjeuna nuju ngawuruk di madrosahna, ari


angin nuju ngagalebug. Kalayang aya alap-alap bari hantem disada
kokoreakan, dugi ka anjeuna kapaksa liren, margi baribin ku sora
alap-alap. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “He angin, cokot hulu
alap-alap nu ngagandengan teh!”. Tidinya bet eta alap-alap teh
pegat beuheungna, huluna papisah jeung awakna. Guprak ragrag
kapayuneun Sayyid Abdul Qodir. Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir
turun tina korsina, nyandak alap-alap tea. Teras eta alap-alap diusap
kupananganana, bari ngaos: “bismillàhir rohmànir rohìm”. Geleber eta
alap-alap teh hiber. Sadayana santri-santri pada naringali. ***

MANQOBAH KA 22 NYARIOSKEUN NGAMERDEKAKEUN ABID


SARENG ANGGOANANA

Dicarioskeun dina sapalihna kitab, Sayyid Abdul Qodir dina


saban-saban lebaran sok ngagaleuh pirang-pirang abid. Kenging
ngagaleuh teh teras dimerdekakeun, sareng sadayana sina wushul ka
Allah. Ari anggoanana kalintang saraena. Ana nganggo sok anu
pangaosna 10 jene saelona. Ari dasterna pangaos 70 rebu jene.
Gamparanana ditaretes ku inten, jamrud sareng berlian. Pakuna
perak. Nanging anggoanana anu sakitu seueurna teh, upami aya anu
nyuhunkeun, sok dipasihkeun. ***

MANQOBAH KA 23 NYARIOSKEUN TURUN KADAHARAN TI


LANGIT

Dicarioskeun waktos Sayyid Abdul Qodir tapa 40 dinten, anjeuna


moal ngadahar sareng moal ngaleueut kadaharan dunya, kajabi upami
turun kadaharan ti langit, sareng kajabi cai dina waktos boboran.
Barang 2 dinten deui ka 40 dinten, bray lalangit bumina molongo. Jol
hiji pameget nyandak wadah kenca katuhu, sareng pinuh ku rupa-rupa
buah anu araneh. Teras diteundeun, disanggakeun ka Sayyid Abdul
Qodir. Dawuhanana Sayyid Abdul Qodir: “Ti mana ieu teh?”. Saur anu
nyandak: “Ti alam malakut, tuangeun salira”. Dawuhan Sayyid Abdul
Qodir: “Jauhkeun ti kaula, sabab wadah emas-perak diharamkeun ku
Rosululloh!”. Teras wadah emas sareng perak duanana dicandak
deui. Barang parantos boboran, sumping malaikat nyandak baki pinuh
ku kadaharan. Saurna eta malaikat: “Heh Sayyid Abdul Qodir, ieu
pangjamu ti Gusti Allah!”. Teras eta baki ditampi, sareng teras
dituang sareng rencang-rencangna. ***
 

MANQOBAH KA 24 NYARIOSKEUN CALAGEURNA JALMA2 KU


NGADAHAR JUJUKUTAN SARENG NGALEUEUT CAI
MADROSAHNA SAYYID ABDUL QODIR

Dicarioskeun ku ulama-ulama, di jaman Sayyid Abdul Qodir aya


tho’un, nepi ka aya ratus rebuna jalma-jalma anu maraot dina
sapoe-sapoena teh, teras arunjukan ka Sayyid Abdul Qodir,
dawuhanana: “Saha-saha jalma anu ngahakan jujukutan madrosah
kaula, dicageurkeun ku Allah tina tho’un”. Tina margi seueurna jalmi,
jadi henteu cekap jujukutan pikeun ubar anu ku tho’un. Dawuhan
Sayyid Abdul Qodir: “Saha-saha anu nginum cai madrosah kaula,
dicageurkeun ku Gusti Allah”. Teras eta jalma-jalma ngaleueut tina
cai madrosahna, sareng sadayana daramang, sareng leungit eta
tho’un. ***

MANQOBAH KA 25 NYARIOSKEUN NGAHIRUPKEUNANA SAYYID


ABDUL QODIR KANA HAYAM

Dicarioskeun, aya hiji istri ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir


masrahkeun putrana sina masantren. Teras ku Sayyid Abdul Qodir
ditampi sareng dipernahkeun dina tempat kholwat, tempat anu sepi.
Parantos rada lami, eta awewe teh ngalongok, kasampak anakna
keur ngadahar bubur kunyit, awakna kuru, teras ngadeuheus ka
Sayyid Abdul Qodir. Kasondong nuju tuang sareng opor hayam. Teras
eta istri unjukan: “Gusti, ari Gusti mah tuang sakitu sayagina, dupi
anak abdi dugi kakuru, margi nedana mung saukur bubur kunyit. Teras
Sayyid Abdul Qodir ngumpulkeun tulang hayam, dawuhan Sayyid
Abdul Qodir: “Qum bi idznillàh, hirup maneh kalawan idzin Allah”.
Teras eta tulang jadi hayam hirup deui. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
“Tah, lamun anak maneh geus bisa kieu, meunang dahar
sakarep-karep, asal anu halal”. Saur eta istri: “Mugi Gusti henteu
bendu. Eta anak abdi nyanggakeun kumaha kersa Gusti”. ***

MANQOBAH KA 26 NYARIOSKEUN ANJING ANU TUNGGU


ISTALNA GEUS MAEHAN MAUNG

Dicarioskeun, Syekh Ahmad Zandah, ana sumping ka aulia-aulia sok


tunggang maung, sareng sok disaruguhan 1 sapi parab meongna.
Barang sumping ka Sayyid Abdul Qodir, teras miwarang marabkeun
sapi paranti nimba. Barang eta sapi rek dirontok ku maung, di dinya
aya anjing dina lawang istal, gabrug maung teh dirontok ku anjing
dipaehan. Tidinya teras Syekh Ahmad Zandah ngadeuheus ka Sayyid
Abdul Qodir sareng nyium kana pananganana. ***

MANQOBAH KA 27 NYARIOSKEUN NGAGALEUH 40 KUDA ANU


SARAE NYAWISAN NU TEU DAMANG
Dicarioskeun aya hiji jalma ti nagara anu anggang ka Baghdad,
sarehna eta jalma teh ngadangu kana kamasyhuranana Sayyid Abdul
Qodir, teras anjeuna ngadeuheus sumping ka Baghdad. Barang
sumping ka Baghdad, ningali istal kagungan Sayyid Abdul Qodir anu
kalintang saena. Tatabanana emas sareng perak, sebrak sareng
selana sutra anu kalintang saraena, kudana aya 40 anu moal aya
bangsana saena. Tidinya eta jalma teh ngomong dina hatena: “Cenah
ieu teh Waliyulloh, tapi buktina tukang Hubud Dunya, piraku aya wali
resep-resep teuing kana dunya, anu kieu petana mah henteu pantes
disebut Wali”. Tidinya eta jalma teh goreng sangkana. Teras
manehna nyemah di hiji jalma, henteu kersa ngadeuheus ka Sayid
Abdul Qodir. Saparantos kitu, brek eta jalma teh gering anu kalintang
repotna, sahingga dokter-dokter oge henteu aya nu sanggemeun
ngubaran. Tidinya aya sahiji ulama hikmah, saurna: “Ieu panyakit moal
cageur lamun henteu di ubaran ku hate kuda 40, sarta kudana anu
kieu sipatanana”. Ceuk jalma-jalma: “Moal aya anu kagunganeun kuda
anu sarupa kitu mah, sarta sakitu seueurna jabi ti Sayyid Abdul Qodir,
tapi coba-coba bae urang suhunkeun, da anjeunana mah kalintang
barahanana teh”. Tidinya teras eta kuda teh disaruhunkeun.
Unggal-unggal poe dipareuncitan, diarah hatena, dugi ka seep
sadayana. Saparantos eta kuda seep, anu teu damang teh teras
damang, sareng teras ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir bade
nganuhunkeun. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Lamun maneh henteu
terang, eta kuda teh, pangna dibeuli ku kami, keur nyawisan maneh,
sabab kami nyaho, yen maneh datang kadieu samata-mata resep ka
kami, jeung bakal meunang panyakit, moal aya piubareunana jaba ti
40 hate kuda nu kitu sipatna, tapi maneh henteu nyaho, buktina
nyemah oge dinu sejen. Tidinya teras eta jalma teh tobat, sareng
dilereskeun patekadanana. ***
 

MANQOBAH KA 28 NYARIOSKEUN SAKABEH JIN IPRIT AYA DINA


BAWAHAN KAKAWASAANANA

Dicarioskeun, Kangjeng Nabi Sulaeman dina hiji waktos kagungan


manah melang ka jalma-jalma di akhir zaman, margi bangsa jin
kalintang barengalna, sarta carulangungna. Saurna: “Kumaha engke
saenggeus henteu aya aing eta bangsa jin jeung syetan? Mana teuing
moal ngahargaanana ka bangsa manusa. Cacak ayeuna oge keur aya
keneh aing sakitu barengalna”. Tidinya aya sora tinu ghoib: “Anjeun
entong melang, sabab engke aya panutup Nabi, nyaeta Nabi
Muhammad SAW. Salah sahiji putrana aya anu jenengan Abdul Qodir.
Tah eta anu bakal dipaparin kakawasaan ngabawah bangsa Jin
sareng syetan. Moal aya hiji jin atawa syetan anu henteu turut ka
anjeuna”. ***

MANQOBAH KA 29 NYARIOSKEUN NGAHAMPURA RAJA JIN KA


JALMA ANU MAEHAN PUTRANA

Dicarioskeun ku ulama Baghdad, di Baghdad aya hiji alim. Saba’da


jum’ah anjeuna angkat ziarah ka kuburan diiring ku santri-santrina.
Barang di jalan, mendak oray hideung, teras diteunggeul ku
tungkedna dongkap kapaeh. Saparantos maehan oray, reup poek ku
mega. Les alim teh teu aya. Santri-santrina kalintang karageteunana,
teras pada milari, tapi weleh henteu kapendak. Kinten-kinten sajam
ti waktos henteu aya, eta alim teh sumping deui, sarta ginding luar
biasa. Teras ku santri-santri dibarujeng sareng ditaros. Saur ulama:
“Tadi teh basa poek, kaula dibarawa ku pirang-pirang jin ka hiji pulo.
Tuluy dibarawa ka jero laut, ka nagara jin. Tuluy kaula dideuheuskeun
ka rajana. Kasampak rajana keur ngadeg dina kartil karajaan.
Dipayuneun raja aya mayit dijolopongkeun dina luhur dipan anu kacida
alusna. Sirahna beulah. Getihna ngucur keneh kana awakna. Tidinya
tuluy mariksa ka jin anu mawa kaula. Saurna: “Saha ieu teh?”. Saur
balad2na: “Ieu teh jalma anu maehan putra Gusti tea!”. Tidinya tuluy
eta raja ningali kakaula. Ningalna bangun pohara benduna. Saurna:
“Naha maneh make maehan anak kaula henteu kalawan dosa? Piraku
maneh henteu nyaho dosana maehan? Kapan maneh kasebut
ajengan?”. Dijawab ku kaula: “Perkawis maehan tuang putra, jisim
abdi henteu pisan-pisan. Sumawonten maehan, pependak oge
henteu!”. Saur raja: “Maneh moal bisa mungkir, sabab tah saksi sakitu
lobana”. Dijawab deui ku kaula: “Sadayana oge bohong, fitnah
wungkul”. Sanggem saksi-saksi: “Cobi ku Gusti parios getih anu aya
dina iteukna”. Saur raja: “Ari eta dina iteuk maneh getih naon?”.
Jawab kaula: “Ieu mah getih tina maehan oray”. Saur raja: “Maneh
jalma pangbodo-bodona. Mun teu nyaho, tah oray teh anak kaula”.
Tidinya kaula bingung henteu bisa ngajawab deui. Bumi alam asa
rapet tina bawaning ku susah. Tuluy raja ngalieuk kapanghulu.
Saurna: “Ieu jalma geus ngaku maehan anak kaula, geura bere
putusan hukum pati!”. Tidinya tuluy panghulu mere putusan, yen
kaula kudu dipaehan. Tuluy kaula dipasrahkeun ka logojo. Barang
kaula rek disabet ku logojo, kaula ngajerit dina hate, nyuhunkeun
tulung ka Sayyid Abdul Qodir. Barang kaula ngajerit, jol aya hiji lalaki
anu mancur cahayana. Ceuk eta lalaki: “Ieu jalma ulah dipaehan,
sabab muridna Sayyid Abdul Qodir. Lamun ku anjeun dipaehan,
kumaha pijawabeun anjeun ka Sayyid Abdul Qodir upami anjeuna
bendu?”. Saur raja: “Ajengan, kulantaran kaula ngagungkeun ka Sayyid
Abdul Qodir, dosa anjeun anu sakitu gedena dihampura kukaula, ngan
memeh mulang, pangimamkeun heula nyalatan anak kaula jeung
pangmacakeun istighfar”. Tuluy kaula dibere papakean. Sanggeus
beres nyalatan, tuluy kaula dianteurkeun deui kadieu. ***

MANQOBAH KA 30 NYARIOSKEUN TAMBANA JALMA ANU


DIHEUREUYAN JIN

Dicarioskeun ku Syekh Jalalul Bukhori: Saha-saha jalma anu


diheureuyan jin,baca tompokeun kana ceulina: “yà hadlrotasy syekh
quthbul ‘àlami muhyil haqqi waddìnis sayyid ‘abdul qòdiril kailànì”,
Insya Allah cageur. Jeung saha-saha jalma anu sieun kurampog
atawa kumusuh,tuluy nyokot taneuh hideung,baca jenengan SAQ dina
eta taneuh,tuluy awurkeun kajihat anu dipikasieun tea,Insya Allah
diraksa ku Gusti Allah. Jeung saha-saha anu meunang kasusahan
atawa kahesean,tuluy tawasul ku SAQ tangtu ku Gusti Allah
kasusahanana diganti kukabungahan, kaheseanana diganti ku
kagampangan. ***

MANQOBAH KA 31 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR NYIUM


PANANGAN KANGJENG NABI WAKTOS ZIARAH

Hiji waktos anjeuna angkat ziarah ka eyangna ka Madinah. Barang


sumping ka Hujroh Syarifah, Pakuleman Anu Mulya, anjeuna ngadeg
di payuneunana kenging 40 dinten. Panangan duanana di kana
dadakeun, bari munajat ku ieu 2 bet: “Dzunùbì kamaujil bahri bal hhiya
aktsaru, kamitslil jibàlits tsummi bal hhiya akbaru. Walàkinnahà
‘ingdal karìmi idzà ‘afà, janàhum minal bu’ùdli bal hhiya ashghoru”.
Hartosna: “Ari dosa sim abdi ibarat budah laut, ibarat gunung luhur,
malihan langkung ageung. Nanging upami Gusti nu loman
ngahampura, ibarat jangjang rametuk, malih kirang”. Teras anjeuna
munajat deui ku ieu 2 bet: “Fì hàlatil bu’di rùhì kungtu ursiluhà,
tuqobbilul ardlo ‘annì wahya nà-ibanì. Wa hhàdzihhì naubatul asybàhi
qod hadlorot, famdud yamìnaka kay tuhzhò bihhà syafatì”.
Hartosna: “Waktos tebih ti Gusti, ruh sim amdi dijurung,
ngadeuheusan ka dampal Gusti wawakil abdi. Dupi ayeuna abdi
pribadi dumeuheus, mugi panangan Gusti kaluarkeun ka abdi”. Barang
parantos kitu, jol panangan anu mulya kaluar tina Hujroh Syarifah.
Teras ku Sayyid Abdul Qodir dicepeng, sareng diambung, sareng
disimpen dina luhur mastakana. ***

MANQOBAH KA 32 NYARIOSKEUN BOBORANANA DI 70 BUMI


MURIDNA DINA HIJI WAKTOS

Dicarioskeun, dina hiji waktos sasih siyam, Sayyid Abdul Qodir


diundang boboran ku 70 murid. Masing-masing palay disumpingan
kabumina, sareng itu-ieu henteu tarerangeun pada ngundang ka
Sayyid Abdul Qodir. Barang dongkap kana waktos boboran, eta nu
70 bumi, kasumpingan, kasubadanan ku Sayyid Abdul Qodir, sareng
anjeuna aya boboran di bumina. Hal kajadian ieu kalintang pisan
masyhurna di Baghdad. ***
 

MANQOBAH KA 33 NYARIOSKEUN NYALAMETKEUN HIJI ISTRI


MURIDNA SAYYID ABDUL QODIR TINA KHIANATNA HIJI LALAKI
PASEK

Di Baghdad aya hiji istri kalintang geulisna. Eta istri memeh lebet
kana golongan muridna Sayyid Abdul Qodir, dipikahayang ku hiji lalaki
pasek, sareng kahayangna ku eta istri henteu dilayanan, tapi eta
lalaki teh henteu eureun neangan jalan supaya laksana maksudna.
Barang dina hiji dinten, eta istri aya kaperyogian angkat ka hiji guha
nyalira. Henteu gaduh sangka eta lalaki nuturkeun pungkureunana.
Barang parantos dongkap kana guha, terus eta lalaki rek khianat, rek
ngarumpak kahormatan istri tea. Tidinya eta istri ngagero ka Sayyid
Abdul Qodir. Waktos harita Sayyid Abdul Qodir nuju abdas di
madrosahna, teras gamparan anjeuna duanana dibaledogkeun ka
jihat guha. Barang si lalaki pasek bade maksa ka eta istri,
gedag-gedag gamparan anu dua teh narenggeulan ka lalaki tea tepi
kapaeh harita keneh. Saparantos kitu, eta dua gamparan dicandak ku
eta istri, disanggakeun ka Sayyid Abdul Qodir, sareng nyarioskeun
lalakon di payuneun jalma seueur. ***

MANQOBAH KA 34 NYARIOSKEUN NULUNGAN HIJI WALI ANU


DILEPAS TINA KAWALIANANA
Dicarioskeun di zaman Sayyid Abdul Qodir aya hiji wali anu dilepas
tina kawaliyanana. Teras eta wali nyuhunkeun pertulungan wali-wali
anu sanes supaos tiasa diangkat deui kana pangkat wali. Saur wali:
“Kaula geus nyuhunkeun ka Gusti Allah supaya salira diangkat deui
jadi wali, tapi paneda kaula henteu aya anu ditarima. Ayeuna henteu
aya deui pamuntangan sadayana oge ngan Sayyid Abdul Qodir”.
Teras eta wali angkat ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, sareng
nyuhunkeun syafa’at. Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir nyuhunkeun
syafa’at ka Gusti Allah pikeun eta wali. Tidinya teras sumping
dawuhan tinu Ghoib. Dawuhanana: “Geus loba pisan wali-wali anu
nyuhunkeun syafa’at pikeun eta wali, tapi henteu aya saurang-urang
acan anu diijabah. Ayeuna maneh oge entong menta syafa’at pikeun
eta wali anu dilepas teh”. Barang Sayyid Abdul Qodir ngadangu eta
dawuhan, teras anjeuna nyandak sajadahna bade angkat ka tegalan.
Barang jut turun nembe salengkah, aya anu nyaur tinu ghoib. Saurna:
“Heh Ghoutsul A’zhom, heh Abdul Qodir, eta jalma teh jeung 1000 nu
bangsa kitu geus dihampura ku Aing”. Barang ngalengkah deui
kaduana, aya deui anu nyaur. Saurna: “Eta jalma jeung 2000 bangsa
kitu geus dihampura ku aing”. Barang Sayyid Abdul Qodir ngalengkah
katiluna, aya deui anu nyaur. Saurna: “Heh Abdul Qodi, eta jalma jeung
3000 bangsana, ku aing geus dihampura karna arah-arah maneh”.
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir nganuhunkeun ka Gusti kana
nugrahana, sareng eta wali nu dilepas tea, kenging deui pangkat
kawalianana. ***

MANQOBAH KA 35 NYARIOSKEUN SYEKH AHMAD KANJI JADI


MURIDNA SAYYID ABDUL QODIR KALAWAN PITUDUH GURUNA

Kacarioskeun hiji waktos Syekh Ahmad Kanji nuju abdas, aya kereteg
dina manahna yen thorekatna Sayyid Abdul Qodir leuwih dipikaresep
tibatan thorekat-thorekat sejena. Kereteg Syekh Ahmad Kanji kitu
teh kauninga ku guruna, Syekh Abi Ishaq Maghribi. Saur guruna:
“Nyaho maneh martabatna Sayyid Abdul Qodir?”. Saur Ahmad Kanji:
“Henteu !”. Saur guruna: “Sayyid Abdul Qodir teh kagungan 12 sifat.
Lamun lautan dijieun mangsina, tatangkalan dijieun kalamna, manusa
jeung jin jeung malaikat anu nuliskeunana, tangtu moal katuliskeun
sahiji sifat oge”. Barang Syekh Ahmad Kanji ngadangu cariosan
guruna kitu teh, anjeuna banget mahabbahna ka Sayyid Abdul Qodir,
sareng banget ngarep-ngarepna palay ulah waka pupus upama teu
acan lebet kana thorekatna. Tidinya teras anjeuna angkat ka
Baghdad. Barang nembe dongkap ka hiji gunung di jajahan Ajmir,
anjeuna mendak hiji wahangan, teras abdas. Saparantos abdas teras
netepan. Saparantos netepan anjeuna teras kulem. Dina kulem
anjeuna kasumpingan Sayyid Abdul Qodir nyandak makuta beureum
sareng sorban hejo, teras Syekh Ahmad ngadeg ngahurmat ka Sayyid
Abdul Qodir. “Kadieu sing deukeut”, saur Sayyid Abdul Qodir. Teras
Syekh Ahmad Kanji nyaketan, teras makuta beureum sareng sorban
hejo teh dianggokeun ka anjeuna. Saur Sayyid Abdul Qodir: “Heh
Ahmad Kanji, ayeuna maneh geus jadi anak murid kaula, jeung maneh
geus jadi tina satengahna Rizalulloh”. Les deui Sayyid Abdul Qodir
teh henteu aya. Barang Syekh Ahmad Kanji gugah, makuta sareng
sorban aya dina mastakana, teras Syekh Ahmad Kanji syukur ka Gusti
Allah, sareng teras mulih deui ka guruna, nyarioskeun lalakona
sareng ningalikeun makutana. Saur guruna: “Heh Ahmad Kanji, ieu
makuta jeung sorban kaberkahan pikeun maneh. Pohara maneh
dipikaasihna ku Sayyid Abdul Qodir, jeung ayeuna maneh jadi
pangunjulna wali”. Teras Syekh Abi Ishaq Maghribi ngalap berkah,
nganggo makuta sareng sorban tea. Tidinya dipasihkeun deui ka
Syekh Ahmad. ***

MANQOBAH KA 36 NYARIOSKEUN SYEKH AHMAD KANJI NGALA


SULUH BARANG BADE DISUHUN SULUHNA NGAPUNG
KALUHUREUN SIRAH SYEKH AHMAD

Syekh Ahmad Kanji teh khidmahna atanapi padamelanana ngala suluh


kangge masak roti faqir-faqir.Barang saparantos nganggo makuta ti
SAQ,saur guruna: “Ahmad Kanji,ayeuna mah maneh henteu
layak,ngewa ngala suluh,sabab sirah maneh geus dimakutaan ku
makuta mulya”. Tidinya Syek Ahmad Kanji maksa nyuhunkeun widi ti
guruna,saur guruna: “Nya ari keukeuh mah,jig bae”. Tidinya teras
Syekh Ahmad Kanji angkat ka gunung,teras ngempelkeun
suluh,tidinya teras dibeungkeut.Barang bade disuhun,suluh teh jung
ngapung kana luhureun sirah Syekh Ahmad,cicing di awang-awang
kira-kira sahasta tina sirahna syekh Ahmad. Tidinya teras Syekh
Ahmad mulih ka guruna.Beungkeutan suluh teh ngalayang bae di
awang-awang nuturkeun Syekh Ahmad. Barang sumping ka
guruna,nyaeta Syekh Abi Ishaq Maghribi tea,saur guruna: “Tah Syekh
Ahmad,tadi ceuk kaula kumaha,sirah maneh henteu pantes dipake
nyuhun suluh,sabab geus ditetepan makuta jeung sorban anu mulya,ti
waktu ayeuna meugeus entong deui-deui ngala suluh,maneh ku SAQ
geus ditepikeun kana pangkat Rijalulloh”. ***
 

MANQOBAH 37 NYARIOSKEUN HIJI ISTRI KAGUNGAN PUTRA 7


KUPANGDU’ANA SAYYID ABDUL QODIR

Dicarioskeun dina kitab Mungtakhob Jawahiril Qola-id: Aya hiji istri


ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir nyuhunkeun du’a palay kagungan
putra. Barang ditingali dina Lauhilmahfuzh, eta istri teh henteu aya
tulisanana bakal kagungan putra. Teras Sayyid Abdul Qodir
nyuhunkeun ka Gusti Allah supaya eta istri dipaparin putra 2. Tidinya
aya timbalan: “Kapan kumaneh katingali dina Lauhil Mahfuzh,1 oge
henteu aya tulisanana, ayeuna maneh menta 2”. Saur Sayyid Abdul
Qodir: “Muga dipaparin 3, Gusti”. Tidinya aya deui timbalan: “Kapan 1
oge geus henteu aya, ayeuna maneh menta 3?”. Saur Sayyid Abdul
Qodir: “Nyuhunkeun 4, Gusti”. Aya deui timbalan: “1 oge henteu aya
tulisanana”. Saur Sayyid Abdul Qodir: “Nyuhunkeun 5,Gusti”. Kitu bae
nyuhunkeun naek-naek dugi ka 7. Barang dugi ka 7, aya timbalan deui:
“Cukup, heh Abdul Qodir, ulah leuwih ti 7. Ayeuna diqobulkeun
pamenta maneh”. Teras Sayyid Abdul Qodir nganuhunkeun kana eta
paparin, sareng teras nyomot taneuh, teras dipaparinkeun ka eta
istri, teras eta taneuh didamel gagantel kongkorong, dibungkus ku
perak. Henteu sabaraha lamina ti waktos harita, eta istri kagungan
putra 7. Sadayana pameget sareng mulus dugi ka arageung. Barang
lami-lami eta istri teh robah kapercayaanana. Sanggeumna: “Ieu
taneh make digantelkeun dina beuheung, asa henteu aya gunana.
Ayeuna boga anak eunggeus?!”. Kumargi eta istri ngomong sakitu,
eta putrana anu 7 teh maraot sadayana. Saparantos kitu, teras eta
istri ngadeuheus deui ka Sayyid Abdul Qodir, ceurik sareng tobat.
Saur Sayyid Abdul Qodir: “Jig geura bali. Kumaha bae paniatan
maneh tangtu kapanggih kumaneh”. Teras eta istri mulih. Barang
dongkap ka bumina, putrana anu parantos maraot teh, sadayana
hirup deui. ***

MANQOBAH 38 NYARIOSKEUN NYALAMETKEUN HIJI MURIDNA


TINA SIKSA MUNGKAR WA NAKIR

Aya hiji jalma kacida bodona kana agama, tapi kacida mahabbahna ka
Sayyid Abdul Qodir. Barang eta jalma maot, di kubur disual ku
Mungkar wa Nakir. Saur malaikat: “Saha Pangeran maneh? Saha Nabi
maneh? Naon agama maneh?”. Jawabna: “Duka henteu terang, da
katerang abdi mah guru abdi bae, Sayyid Abdul Qodir!”. Kumargi eta
jalma ngambat-ngambat ka Sayyid Abdul Qodir, malaikat Mungkar
wa Nakir teh bingung, teras unjukan ka Gusti Allah. Saurna: “Gusti
langkung uninga kana jawaban hiji abdi si anu. Kumargi eta
sadaya-sadaya, kumaha kersa Gusti”. Dawuhan Gusti Allah: “Siksa
sakumaha mistina!”. Barang eta jalma rek disiksa, sumping Sayyid
Abdul Qodir sareng ngadawuh: “Heh Malaikat Mungkar wa Nakir, eta
jalma ulah disiksa, kulantaran eta jalma kana agama euweuh pisan
kanyahona. Kanyahona teh ngan ka kaula. Ayeuna kaula anu bakal
mangjawabkeun. Kaula anu nyaho kana pertanyaan anjeun. Prak rek
nanya masalah naon?”. Malaikat Mungkar wa Nakir beuki bingung.
Teras unjukan deui ka Gusti Allah. Saurna: “Gusti langkung uninga
kana kaayaan abdi Gusti anu tea”. Dawuhan Gusti Allah: “Siksa
sakumaha perluna!”. Tidinya malaikat teras nyandak gada. Barang
eta jalma rek ditinggang kumalaikat, gadana direbut ku Sayyid Abdul
Qodir, bari ngadawuh kieu: “Nyalingkir, sabab kamahabbahan dina
batin kaula henteu aya keur nyaruakeun. Lamun ieu jalma keukeuh
rek disiksa, tangtu surga jeung naraka diduruk ku kaula”, hartosna di
naraka moal ripuh, di surga moal senang. Tidinya sumping dawuhan:
“Heh Mungkar wa Nakir, Aing geus ngahampura ka eta jalma karana
arah-arah kakasih Aing, Abdul Qodir. Keun eta jalma entong disiksa!”.
***

MANQOBAH KA 39 NYARIOSKEUN UNGGAL DATANG TAUN


ANYAR SOK ULUK SALAM KA ANJEUNA JEUNG SOK
NYARITAKEUN NAON-NAON NU BAKAL KAJADIAN DINA TAUN
ETA

Dicarioskeun dina Kitab Bahjatul Asror, Sayyid Abdul Qodir hiji


waktos ngalayang di awang-awang di luhureun mangrebu-rebu jalma
di majlis anjeuna, bari sasauran kieu: “Henteu bijil mata poe anging
mere salam ka kaula. Jeung unggal datang taun anyar, kudu bae
mere salam ka kaula jeung nyaritakeun naon barang anu bakal
kajadian dina eta taun. Jeung datang bulan, mere salam ka kaula
jeung nyaritakeun naon barang nu bakal kajadian dina eta bulan.
Jeung datang minggu jeung poena, mere salam ka kaula jeung
nyaritakeun naon-naon barang anu bakal kajadian dina eta minggu
jeung poe. Demi kamulyaan Pangeran kaula, jalma-jalma anu bagja
anu cilaka, kabeh diasongkeun ka kaula. Jeung jejelmaan panon
kaula aya dina Lauhilmahfuzh, jeung kaula teuleum dina lautan
elmuna Allah jeung lautan musyahadah, jeung kaula hujjahna Allah ka
maraneh. Jeung kaula nu jadi gagantì Rosululloh SAW. Jeung kaula
ahli warisna di bumi. Manusa aya guruna, jin aya guruna, malaikat aya
guruna, ari kaula guruna kabeh”. ***

MANQOBAH KA 40 NYARIOSKEUN ANJEUNA DIPAPARIN BUKU


PIKEUN NULISKEUN MURID-MURIDNA DUGI KA YAUMIL KIAMAH

Dicarioskeun dina Kitab Bahjatul Asror, Sayyid Abdul Qodir


ngadawuhkeun kieu: “Kaula dipaparin buku, ari gedena satungtung
paningali, nyaeta pikeun nuliskeun ngaran murid-murid kaula nepi ka
poe kiamah, jeung eta murid dipasrahkeun ka kaula, geus jadi kaboga
kaula. Lamun murid kaula henteu alus, kaula anu alus. Demi
kamulyaan Pangeran kaula, leungeun kaula henteu lesot tina sirah
murid kaula, sanajan kaula aya di masyrik, murid kaula aya di maghrib.
Lamun murid kaula katembong oratna, tangtu ditutupan ku kaula.
Demi kamulyaan Pangeran kaula, dina poe kiamah, kaula rek
nangtung dina lawang jahanam, bisi aya murid kaula anu diasupkeun
kana jahanam, karana Gusti Allah maparin ka kaula, yen murid kaula
moal diasupkeun kana jahanam. Saha-saha nu ngaku Guru jeung
mahabbah ka kaula, tangtu ditarima ku kaula, jeung tangtu kaula
nyanghareup ka eta jalma. Malaikat Mungkar wa Nakir geus jangji ka
kaula, di kubur moal mere pikareuwaseun ka murid kaula. ***

MANQOBAH KA 41 NYARIOSKEUN HIJI JALMI NGENYOT


RAMONA TERAS HENTEU PALAY BARANG TUANG

Dawuhan Syekh Al-Arif Abu Muhammad Syawir As-Sibti: “Kaula hiji


waktu ngajugjug ka Baghdad, ziarah ka Sayyid Abdul Qodir, sarta
terus kaula ngarencangan kenging sawatara zaman. Barang kaula
rek balik ka Mesir, teras unjukan ka guru kaula, Sayyid Abdul Qodir.
Saurna: “Jig, didu’akeun ku kaula, moal manggih naon-naon”, sareng
anjeuna maparinkeun ramona miwarang dikenyot, sareng anjeuna
wasiat: “Di jalan ulah rek jajaluk”. Teras kaula indit ti Baghdad, teu
mekel naon-naon. Ti sabarang kaula indit ti Baghdad, tepi kadatang
ka Mesir, kaula henteu ngarasa hayang barang dahar atawa ngarasa
dahaga, tapi kakuatan kaula, kajagjagan kaula henteu kurang
naon-naon”. ***

MANQOBAH KA 42 NYARIOSKEUN SYEKH SHON’ANI KUMARGI


HENTEU TUMUT KANA DAWUHAN SAYYID ABDUL QODIR DUGI
KA MUPUNGGU ANAK BAGONG

Waktos Sayyid Abdul Qodir nampi dawuhan yen dampal sampeanana


nincak kana pundukna wali-wali, teras eta dawuhan diembarkeun
kasadayana, sareng teras sadayana wali-wali anu hadir anu goib pada
nendeun dampal sampean Sayyid Abdul Qodir kana pundukna karana
ngahurmat sareng ngagungkeun, mung aya sahiji wali jenengan Syekh
Shon’ani,saurna: “Kaula oge mahabbah ka Sayyid Abdul Qodir, tapi ari
ditincak punduk mah henteu kudu”. Eta cariosan Syekh Shon’ani kitu
teh kauninga ku Sayyid Abdul Qodir. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
“Dampal suku kaula bakal nincak kana pundukna tukang ngangon
bagong”. Henteu sabaraha lamina ti waktos harita, Syekh Shon’ani
angkat ziarah ka Mekkah, diiring ku 400 santri-santrina. Kalawan
kapastian tinu Maha Agung, barang Syekh Shon’ani ngalangkung ka
nagara kafir, di hiji warung anjeuna ningali hiji istri bangsa nashroni
tukang ngajual arak. Eta istri pilih tanding kageulisanana, jarang
pameget anu henteu kagendam ku eta istri. Syekh Shon’ani oge geus
henteu isin ku santri-santrina anu ngiring ka anjeuna, teras babantu ka
eta istri, sareng kalintang suhudna, sagala pagawean dicabak tara
kungsi dipetakeun, sareng pohara senangna sareng gumbirana.
Barang hiji dinten eta istri miwarang ngangon bagong ka Syekh
Shon’ani. Anakna anu leutik keneh kudu dipanggul, bisi katincak ku
indungna. Syekh Shon’ani dipiwarang ngangon bagong teh henteu
ngarasa hina, atoh bae dipiwarang kunu geulis. Teras saban-saban
dinten ngagiring-giring bagong, ana mulih manggul anak bagong anu
leutik keneh. Barang santri-santrina ningali kaayaan kitu teh teras
naringgalkeun. Anu ngiring sareng Syekh Shon’ani kantun duaan,
nyaeta Syekh Fariduddin sareng Syekh Mahmud Maghribi. Saur eta
dua murid: “Beu,ieu urusan moal bisa beres deui lamun henteu
diomean ti huluwotannana. Ieu teh moal salah deui panyapaan Sayyid
Abdul Qodir”. Saur Syekh Fariduddin: “Ayeuna jisim kuring rek
ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, ari anjeun tungguan di dieu Syekh
Shon’ani”. Teras Syekh Fariduddin angkat ka Baghdad. Barang
sumping ka Baghdad, teras milari padamelan di Sayyid Abdul Qodir,
nanging henteu aya lowongan. Tidinya teras anjeuna ngabantu
padamelan anu kacida hinana, nyaeta miceunan kokotor ti kakus.
Barang hiji dinten katingali sareng kauninga ku Sayyid Abdul Qodir,
Syekh Fariduddin keur waktos hujan nyuhun hiji tong anu pinuh ku
kokotor, atuh nyurucud kana salirana. Tidinya teras disauran ku
Sayyid Abdul Qodir sareng ditaros jenenganana. Saur Syekh
Fariduddin: “Jisim abdi teh Fariduddin, rencangna Syekh Shon’ani”.
Saur Sayyid Abdul Qodir: “Maneh hayang naon, pek geura menta?”.
Saur Syekh Fariduddin: “Tuan langkung uninga kana pakarepan jisim
abdi”. Saur Sayyid Abdul Qodir: “Heug, maneh dipaparin maqom anu
luhur jeung dihampura guru maneh”. Saur Syekh Fariduddin: “Henteu
aya maqom anu luhur tibatan dihampura dosa guru abdi”. Dawuhan
Sayyid Abdul Qodir: “Enya, geus dihampura dosa guru maneh karna
arah-arah maneh !”. Dina menit harita Sayyid Abdul Qodir
ngahampura, menit eta keneh Syekh Shon’ani ngorejat, eling tina
lalina, teras istighfar, sareng dina manahna banget cumantel sareng
mahabbah ka Sayyid Abdul Qodir, teras anjeuna angkat ka Baghdad,
tobat ka Sayyid Abdul Qodir. Ari eta istri nashroni teras ngiring ka
Syekh Shon’ani lebet agama islam. ***

MANQOBAH KA 43 LAUK WAHANGAN DAJLAH


NGADAREUHEUSAN NYARIUMAN KANA DAMPAL SAMPEANANA

Ngandika Syekh Sahal Bin Abdillah At-Tastari r.a. dina


mukasyafahna: “Hiji poe urang nagara Baghdad kaleungitan Sayyid
Abdul Qodir, teras ditareangan. Kapendak keur calik diluhureun cai
wahangan Dajlah, keur digimbung ku lauk mani pagulung-gulung,
paboro-boro nyariuman panangan sareng sampeanana. Saur Syekh
Sahal: “Kaula henteu bosen-bosen ningali pagulung-gulungna lauk
anu rupa-rupa tingkahna reujeung beda-beda kaayaanana, jeung
warnana, nepika manjing waktu zhuhur. Tidinya kaula ningali sajadah
hejo disulam ku benang emas jeung perak ditulisan dua jajar. Ka 1:
“alå inna auliyå allòhhi là khoufun ‘alaihim wa là hhum yahzanuun”. Ka
2: “salàmun ‘alaikum ahhlal baiti innahù hamìdum majìdu”. Eta sajadah
ngampar di awang-awang luhureun wahangan Dajlah. Teras Sayyid
Abdul Qodir calik dina eta sajadah. Henteu lami burubul
pirang-pirang pameget karasep sareng matak isin matak ajrih
ngiringkeun hiji pameget anu pinunjul tinu sanesna kasepna sareng
hebatna. Sadayana pada ngadeug payuneun sajadah kalawan adab.
Tidinya Sayyid Abdul Qodir netepan berjama’ah, ngimaman
kasadayana. Nya kitu deui sadayana wali Baghdad ngiring netepan.
Samangsa-mangsa Sayyid Abdul Qodir maca takbir ingtiqòl, malaikat
anu ngagotong ‘arasy oge takbir. Sayyid Abdul Qodir maca tasbeh,
malaikat anu aya di langit oge ngiring maca tasbeh. Saparantos
netepan, teras anjeuna ngadu’a supaos murid-murid anjeuna istri
pameget, maotna dina jero tobat. Diaminan ku malaikat. Tidinya aya
timbalan tinu Agung: “Heh Abdul Qodir, ayeuna du’a maneh geus
diijabah”. ***

MANQOBAH KA 44 NYARIOSKEUN WALI MARDUD DIDAMEL WALI


MAKBUL

Kacarioskeun di zaman Sayyid Abdul Qodir, aya hiji wali anu


dikaluarkeun tina pangkat kawalianana, sareng jalma-jalma anu
ageung anu alit pada terang yen eta wali teh wali anu ditolak ku
Robbul ‘Alamin. Tidinya teras eta wali muntang nyuhunkeun syafa’at
ka 360 aulia, supaos anjeuna didamel wali deui. Teras aulia-ulia
sadayana nyuhunkeun syafa’at ka Gusti Alloh supados eta wali anu
mardud didamel makbul deui, nanging henteu aya hiji-hiji acan anu
diijabah du’ana. Tidinya teras naringali ka Lauhil Mahfudz. Barang
ditaringali, tetela jenengan eta wali teh parantos ditulis dihijikeun
sareng golongan anu cilaka. Tidinya teras eta wali dipiwarang
nawiskeun kahinaan, teras ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir.
Barang jol sumping, saur Sayyid Abdul Qodir: “Heh Ki Anu, kadieu
maneh sing deukeut. Maneh ku Gusti Alloh geus dimardud,
dikaluarkeun tina kawalian, tapi kaula bisa ngajadikeun maneh sing
jadi makbul, ditampi deui jadi waliyulloh kalawan idzin ti Gusti Allah”.
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir nyuhunkeun supaos eta wali
mardud didamel wali makbul deui. Tidinya aya timbalan tinu Agung:
“Heh Abdul Qodir, naha maneh henteu terang aya 360 aulia anu pada
nyuhunkeun syafa’at pikeun eta wali mardud, tapi henteu aya hiji oge
anu diijabah, sabab ngarana eta jalma geus dituliskeun dina Lauhil
Mahfudz jalma cilaka”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Gusti, kapan
Gusti kawasa. Naon pamenganana anu mardud didamel makbul, anu
makbul didamel mardud. Naha atuh letah abdi ku Gusti sina
nyanggupan ngajadikeun makbul upami ku Gusti moal didamel
makbul mah?”. Tidinya aya timbalan: “Heh Abdul Qodir, heug bae
kumaha karep maneh. Anu dimakbul kumaneh, jadi makbul. Anu
dimardud kumaneh, ku Aing oge dimardud. Jeung Aing masrahkeun
kamaneh ngajenengkeun atawa ngaluarkeun tina kawalian”. ***

MANQOBAH KA 45 NYARIOSKEUN NYALAMETKEUN MURIDNA


TINA SEUNEU DUNYA AKHERAT

Ngadawuh Syekh Miyan ‘Uzhmatulloh, imamna ulama bangsa ‘arifin:


“Di nagara kaula Burhaniun, kaula boga tatangga bangsa hindu.
Kabeungharanana teu wudu. Ari ibadahna kana seuneu. Tapi eta
hindu teh kacida mahabbahna ka Sayyid Abdul Qodir. Geus teu
euleum-euleum ngaku jadi muridna Sayyid Abdul Qodir teh.
Saban-saban taun eta hindu teh osok ngadamel riungan tuang anu
peryogi pisan ngondang bangsa ulama-ulama, menak-menak,
somawonten bangsa fakir mah. Tempatna sok di pucuk nganggo
kekembangan sareng minyak anu sareungit. Pangna ngadamel kitu,
cenah mahabbah ka Sayyid Abdul Qodir. Barang eta hindu maot,
teras dipulasara ku bangsana numutkeun sacara agama hindu, teras
diduruk. Barang diriksakeun, salirana katut ka rambut-rambutna oge
henteu teurak salambar-lambar acan. Tidinya teras mufakat
kaom-kaomna kudu dipalidkeun, teras dibobontot dipalidkeun.
Tidinya aya hiji wali di eta nagara kasumpingan Sayyid Abdul Qodir.
Dawuhanana: “Si Anu bangsa hindu, eta satengah tina murid kaula. Ku
kaula dingaranan Sa’dulloh. Kusabab kitu, gancang hanjatkeun ti
wahangan, tuluy pulasara sakumaha kawajiban Islam, karna Gusti
Allah maparin jangji ka kaula moal ngaduruk murid kaula ku seuneu
dunya jeung ku seuneu akherat”. ***

MANQOBAH KA 46 NYARIOSKEUN IEU WUJUD WUJUD AKI


KAULA LAIN WUJUD ABDUL QODIR

Kacarioskeun putrana Sayyid Abdul Qodir anu jenengan Abdul


Jabbar cacarios ka ramana. Saurna: “Mama, Kangjeng Rosululloh
SAW upami kabeuratan, kahampangan, sok teras kokotorna
diseuseup ku bumi. Sareng cikaringetna seungit minyak kasturi.
Sareng laleur tara daekeun eunteup kana salirana. Tah ieu sadayana
waktos ayeuna buktos di mama”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
“Satemen-temena Abdul Qodir geus fana, geus tetep dina dzat
eyana SAW. Jadi ieu wujud teh wujud eyang, lain wujud Abdul Qodir
qs”. ***

MANQOBAH KA 47 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR DICOBA


DIGODA SETAN

Hiji waktos anjeuna ditojo ku cahaya anu pohara, dugi ka ngagebray


caang sakuriling bungking. Tina eta cahaya jol aya rupa anu kacida
alusna sarta nyaur ka Sayyid Abdul Qodir: “Heh Abdul Qodir, ieu kaula
Pangeran maneh. Ayeuna kaula kamaneh geus ngawenangkeun
migawe sakabeh paharaman!”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “A’ùdzu
billàhi minasy syaithònir rojìm, mantog siah syetan!”. Reup cahaya
jadi poek. Belegedeg rupa anu alus teh jadi haseup. Jerit syetana
ngajerit bari ngomong: “Salamet maneh Abdul Qodir. Kaula geus
nyilakakeun kutipu bangsa bieu 70 kaom anu keur ngambah ka
Pangeran”. Santri-santrina naros: “Kumaha katawisna eta anu nyarios
teh syetan?”. Saurna: “Kami nyaho yen eta syetan tina omonganana,
ngawenangkeun migawe paharaman”. ***

 
MANQOBAH KA 48 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR
NYABOK SETAN

Hiji waktos dongkap hiji syetan ka Sayyid Abdul Qodir, kacida goreng
patutna. Pakeanana rudin bararau. Ceuk eta syetan: “Jisim abdi
numawi dumeuheus seja ngakhodaman kasalira, muga kersa nampi”.
Henteu diwalonan naon-naon, gaplok bae dicabok ku Sayyid Abdul
Qodir. Les syetan teh leungit, ilang tampa lebih. Na ari datang deui
teh mawa seuneu ngagugudag rek ngaduruk ka Sayyid Abdul Qodir.
Sayyid Abdul Qodir nyandak pedang. Kakara serepet pedang dicabut,
syetan geus kabur. Teu kungsi lila, eta syetan jol deui datang, ceurik
bari ampun moal deui-deui ngagoda, bari nembongkeun rupa-rupa
parabot, rupa-rupa akal tarekah paranti ngagoda manusa. Saur
Sayyid Abdul Qodir: “Nyingkir siah syetan, datang deui datang deui
bae. Aing mah moal beunang kagoda!”. Teras parabot-parabotna
syetan ku anjeuna diruksak, dirampung-rampungkeun. Syetana kabur.
***

MANQOBAH KA 49 NYARIOSKEUN RAJA HADIAH ARTOS JADI


GETIH

Dicarioskeun, satemen-temena Yusuf Abil Muzhoffar, raja Baghdad


ngintunkeun artos 10 karung digotong ku 10 jalma. Eta artos ku
Sayyid Abdul Qodir henteu ditampi. Tidinya sumping raja ku anjeun.
Saurna: “Kaula hadiah artos 10 karung ulah henteu ditampi”. Tidinya
Sayyid Abdul Qodir nyandak 2 karung, teras dipencet
kupananganana. Ari burusut teh getih ngocor tina karung. Saur
Sayyid Abdul Qodir: “Tuh tingali, karung teh eusina getih jalma,
kenging anjeun meresan ti jalma-jalma, mangkaning kudu ditarima?”.
Raja kalintang isineunana ku Sayyid Abdul Qodir. Pameunteuna reup
beureum ray pias. Saur Sayyid Abdul Qodir: “Demi kamulyaan Dzat
Allah, lamun nasabna henteu teras ka Rosululloh SAW, tangtu ieu
getih teh ngawahangan ngocor kabumina”. ***

MANQOBAH KA 50 NYARIOSKEUN RAJA NYUHUNKEUN BUAH


APEL DINA LAIN WAKTUNA

iji waktos, raja sumping kabumina. Saurna: “Cing nyuhunkeun karomah


nu sakinten jadi katentreman kana hate”. Dawuhan Sayyid Abdul
Qodir: “Palay naon atuh?”. Saur raja: “Hoyong buah apel”.
Mangkaning harita teh sanes usumna. Tidinya teras panangan Sayyid
Abdul Qodir diangkatkeun ka awang-awang. Ari dikahandapkeun deui,
dina pananganana aya buah apel dua. Anu hiji dibeulah kuanjeuna, anu
hiji deui disanggakeun ka raja. Ari nu dibeulah ku raja dijerona pinuh
kubilatung. Saur raja: “Naha ieu mah pinuh kubilatung?”. Saur Sayyid
Abdul Qodir: “Margi eta mah parantos dicabak ku panangan anu
zholim”. Tidinya eta raja teras istighfar tobat dipayuneun Sayyid
Abdul Qodir, sareng teras ngarencangan dugi kapupusna Sayyid
Abdul Qodir. ***

 
 

MANQOBAH KA 51 NYARIOSKEUN WASIAT SAYYID ABDUL


QODIR

Anjeuna parantos wasiat ka putrana anu jenengan Abdur Rozàq


kalawan pirang-pirang wasiat. Sapalihna nyaeta: “Heh anak
mama,maneh kudu sieun ku Allah. Jeung kudu tho’at ka Allah. Jeung
kudu nyekel kana syara’. Jeung kudu ngaraksa kana bates-batesna
syara’. Jeung kudu alus hate. Jeung kudu barahan tangan. Jeung
kudu daek tulung tinulung kana kahadean. Jeung ulah bedegong.
Jeung kudu wayahna kana pilara. Jeung kudu ngaraksa kana
kahormatan guru-guru. Jeung kudu ngahampura kana kasalahan
batur. Jeung kudu nyaah ka fakir-miskin. Jeung kudu alus
reureujeungan jeung batur-batur. Jeung kudu daek nganasehatan
kanu gede kanu leutik. Jeung ulah papaduan anging dina perkara
agama. Jeung kudu nyaho ari hakekatna faqir eta butuh kabangsa
maneh, ari hakekatna sugih eta henteu butuh kabangsa maneh.
Jeung kudu nyaho ari tashowwuf eta tingkahna jalma anu henteu
loba omong. Jeung upama nenjo jalma faqir ulah dimimitian kalawan
elmu sabab matak lingas, sabalikna kudu dimimitian ku kanyaah
sabab matak lindeuk. Jeung kudu nyaho maneh satemen-temena
tashowwuf eta diadegkeunana kana 8 perkara:
Barahan.

Ridlo.

Shobar.

Isyarah.

Ngumbara.

Make pakean bangsa bulu.

Leuleuweungan.

Faqir.

Ari barahan eta dipaparinkeun ka Nabi Ibròhhìm as, ari ridlo ka Nabi
Ishàq as, ari shobar ka Nabi Ayyùb as, ari isyarah ka Nabi Zakariyyà
as, ari ngumbara ka Nabi Yùsuf as, ari make bangsa bulu ka Nabi
Yahyà as, ari leuleuweungan ka Nabi ‘Isà as, ari faqir ka Kangjeng
Nabi Muhammad SAW. Jeung kudu tembongkeun kumaneh
kagagahan kabaranian maneh upama reureujeungan jeung anu
beunghar. Jeung kudu rendah upama reureujeungan jeung faqir.
Jeung maneh kudu ikhlas. Jeung kudu langgeng nenjo ka Allah.
Jeung ulah salah sangka ka Allah tina sakabeh sabab. Jeung kudu
pasrah ka Allah dina sakabeh hal sakabeh tingkah. Jeung ulah
tatagenan ka hiji jalma lantaran baraya atawa sobat. Jeung kudu
ngakhodaman fuqoro kalawan 3 perkara. Ka 1: Tawadlo.

Ka 2: Alus budi pekerti.

Ka 3: Bersih hate.

Jeung kudu nyaho maneh satemen-temena anu


pangdeukeut-deukeutna ka Allah eta nu pangalusna budi pekertina.
Ari pangutamana amal nyaeta ngaraksa hate tina ngaleret kasalian
Allah. Jeung lamun kumpul jeung fuqoro kudu wasiat kalawan
shobar jeung haq. Jeung cukup kamaneh tina dunya 2 perkara.

Ka 1: Reureujeungan jeung faqir

Ka 2: Ngahormat wali,

Jeung ulah dipake sugih hiji perkara salian ti Allah. Jeung kudu nyaho
upama gagah kasasama eta dlo’if, tegesna henteu kasebut gagah.
Upama gagah kasaluhureun eta kumuluhung. Jeung kudu nyaho
satemen-temena tashowwuf jeung faqir eta duanana perkara
sabener-benerna, lain heureuy, kusabab kitu ulah dicampuran
heureuy. Tah sakitu wasiat mama teh. Muga-muga Gusti Allah
maparin taufiq kamaneh jeung kasakabeh murid-murid. Jeung anu
ngadenge wasiat mama ieu sing barisa ngamalkeunana kalawan
ka-Agungan Gustina sakabeh utusan. Amin”. ***

MANQOBAH KA 52 NYARIOSKEUN SHOLAT HAJAT SARENG


NYUHUNKEUN TULUNG KA SAYYID ABDUL QODIR

Dicarioskeun tina kitab Bahjatul Asror, dawuhan Sayyid Abdul Qodir:


“Saha-saha anu menta tulung ka kaula dina kasusahan, mangka
dileungitkeun kasusahanana. Jeung saha-saha anu ngagero nyebut
ngaran kaula dina kapayahan, tangtu dibungahkeun. Jeung saha-saha
anu tawasul ka kaula dina ngahasilkeun pangabutuhna, tangtu
dihasilkeun maksudna. Jeung saha-saha anu Sholat Sunnat Hajat 2
rakaat, dina unggal-unggal ba’da fatihah maca surat Al-Ikhlas 11x, ari
geus salam tuluy ngalengkah ka jihat Iroq 11 lengkah jeung sebut
ngaran kaula jeung hajatna dina unggal-unggal salengkah, mangka
dihasilkeun maksudna”. Ari pertingkahna sholat hajat: “ushollì
sholàta qodlò-il hàjati taqorruban ilallòhi ta’àlà wang qithò’an ‘an
ghoirihhi ilà jihhatil ka’batisy syarìfati allàhu akbar”. Tuluy maca
fatihah, tuluy maca qulhu, maca sholawat sabelas-sabelas kali, tuluy
ruku sujud biasa. Rakaat kadua cara bieu bae. Sanggeus salam tuluy
sujud, maca ieu 11x: “yà syaikhots tsaqolaini, ya quthbar robbànì, yà
ghoutsash shomadànì, ya mahbùbas subhànì, yà muhyaddìn aà
muhammad as sayyid ‘abdul qòdiril jailànì aghitsnì wa amidnì fì
qodlò-i hàjati hhàdzihhì yà qòdliyal hàjàti”. Tuluy nangtung. Tuluy
ngalengkah salengkah ka jihat Iroq (ari jihat Iroq teh ti urang mah, ti
pulo jawa, tina qiblat sholat teh ngaler keneh, ampir nyela bumi,
ampir antara kulon sareng kaler), tuluy maca: “yà syaikhots
tsaqolaini, ya quthbar robbànì, ya ghoutsash shomadànì, ya
mahbùbas subhànì abà muhammadìn as sayyid ‘abdul qòdir
al-jailànì”. Kitu bae bacaanana tepi ka 11 lengkah, tuluy dampal
sukuna anu katuhu tumpangkeun kana suku kenca, tuluy maca
sholawat 11, fatihah,qulhu, idzàja anashrulloh sabelas-sabelas kali,
tuluy maca: “yà junùdallòhhi wa yà ‘ibàdallòhhi aghìtsùnì wa amiddùnì
fì qodlò-i hàjatì hhàdzihhì yà qodliyal hàjati, amìn, amìn, ya syaikhots
tsaqolaini, ya quthbar robànì yà ghoutsash shomadànì, yà mahbùbas
subhànì, yà muhyaddìn abà muhammadin as sayyid ‘abdul qòdir al
jailànì”. Sanggeus kitu tuluy diuk dina pangsholatan kalawan
muroqobah, hadirkeun hate ka Allah sarta maca: “là ilàha illallòh”
108x, tuluy sujud deui bari maca: “yà rùhal qudùs, wa yà junùdallòhhi
wa yà ‘ibàdallòh, aghìtsùnì wa amiddùnì fì qodlö-i hàjati hhàdzihhì yà
qòdliyal hàjat, amìn, amìn”. Jeung memeh prak sholat, kudu ngukus
heula anu seungit, jeung kudu sidkoh ka sabelas faqir, ku sidqoh
naon bae.————————–

MANQOBAH KA 53 NYARIOSKEUN PUPUSNA SAYYID ABDUL


QODIR

Barang parantaos caket kana pupusna Sayyid Abdul Qodir, sumping


Malaikat ‘izroil dina waktu surup mata poe nyandak tulisan,
addresna: “yashilu hhàdzal maktùbu minal muhibbi ilal mahbùbi”.
Hartosna: “Datangna ieu tulisan tinu mikaasih kanu diasih”. Teras eta
serat ku malaikat disanggakeun ka putrana, Abdul Wahàb. Barang
putrana ningali eta serat, teras nangis. Tidinya teras lebet sareng
anjeuna ka Sayyid Abdul Qodir. Ari pupusna dina malem senen ba’da
isya, kaping 10 atanapi 11 Silihmulud taun 561 Hijriyyah. Barangna
bade pupus, nimbalan ka putra-putrana: “Sing jarauh maraneh ti kaula,
sabab kaula zhohirna jeung maraneh, bathina jeung lian maraneh,
jeung legaan ieu tempat, sabab geus hadir lian maraneh, jeung kudu
aradab maraneh”. Sareng dina sadinten sawengi henteu liren-liren
ngaos: “wa ‘alaikumus salàm wa rohmatullòhhi wa barokàtuh,
ghofarollòhu lìwalakum, tàballòhhu ‘alayya wa ‘alaikum, bismillàhi
ghoiro mawdi’ìna”. Sareng ngaos: “tùbù wad khulù fìsh-shoffil
awwali idzan ajì-u ilaikum”. Sareng ngaos: “rifqon rifqon wa
‘alaikumus salàmu ajì-u ilaikum”. Sareng ngaos: “qifù atàhul haqqu
wa sakarotul mauti”. Sareng dawuhanana: “Ulah aya nu nanyakeun ka
kaula hiji perkara saba’da kaula bulak-balik dina elmuna Allah”.
Sareng ngaos: “ista’angtu bilà ilàhha illallòhu subhànahhu wa ta’àlà
wal hayyil ladzì là yahsyàl ghoutsu subhàna mang ta’azzaza
bilqudroti wa qohhharo ‘ibàdahhù bilmauti là ilàhha illallòhhu
muhammadur rosùlullòh ta’azzaza ta’azzaza Allòhu Allòhu Allòhu”.
Sowantena bedas, teras lalaunan pupus ridlwànullòh ‘alaihh.
————————-

DU’A MANQOBAH

ilà hadlroti sulthònul auliyå-i wa qudwatil ashfiyà-i quthbir robànì


wal ghoutsush shomadànì sayyidì assayyid ‘abdul qòdir aljailànì
-alfàtihah- allòhhumma sholli wa sallim ‘alà sayyidinà wa habìbìna
wa syafi’ìnà wa maulànà muhammadiw wa ‘alà àlihhì wa
ashhàbihhì ajma’ìna. -àmìn- allòhhumma bi asmà-ikal husnà wa
bi-asmà-i nabiyyikal mushthofà wa bi-asma-i waliyyika ‘abdul qòdiril
mujtabà thohhhir qulùbanà ming kulli washfiy yubà’idunà ‘ang
musyàhhadatika wa mahabbatika wa amitnà ‘alàs sunnati wal
jamà’ati wa syarrih bihhà shudùronà wa yassir bihhà umùronà wa
farij bihhà hhumùmanà waksyif bihhà ghumù manà waghfir bihhà
dzunùbanà waqdli bihhà duyùnanà wa ashlih bihhà ahwàlanà wa
balligh bihhà åmàlanà wa taqobal bihhà taubatanaa waghshil bihhà
haubatanà wangshur bihhà hujjatanà waj ‘alnà bihhà minal
muttabi’ìna lisyarì’ati nabiyyikal muttashifìna bimahabbatihhìl
muhtadìna bihhadyihhì wa sìrotihhì wa taffanà bihhà ‘alà sunnatihhì
wa là tahrimnà fadl-la syafà’atihhì wahsyurnà fì zumrotihhì wa
atbà’ihhìl ghurril muhajjalìna wa asy-yà’ihhis sàbiqìna wa
ash-hàbihhil yamìni yå arhamar ròhimìna.

You might also like