You are on page 1of 1

BAB 4

Pangalaman Lalampahan Pribadi

Pangalaman lalampahan pribadi nyaeta Teks /Tulisan anu nyaritakeun pangalaman perjalanan
pribadi penulis.

Poin-poin penting dina nuliskeun pangalaman lalampahan pribadi nyaeta :


1. Waktu indit
2. Jeung saha wae inditna
3. Kamana anu dituju
4. Kumaha pangalaman salila di jalan
5. Naon wae anu ketempo bala gaos nepi ka tempat tujuan
6. caritakeun lalampahan salila mulang
7. caritakeun kumaha perasaan urang sabada ulin ka eta tempat

BAB 5
Dongeng Sasakala

Dumasar kana eusina dongeng teh dibagi jadi genep golongan nyaeta :

1. Dongeng Sasatoan (Fabel) nyaeta dongeng anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun
kawas jelema, upamana bae bisa nyarita jeung ngagunakeun akal pikiran. Contona : “Sakadang Kuya
jeung Monyet”, “Sakadang Peucang jeung Monyet”, Jsb.

2. Dongeng Sasakala (Legenda) nyaeta dongeng anu eusina nyarikaeun asal muasal kajadian hiji
tempat, barang, sasatoan atawa tutuwuhan. Contona : “Sasakala Situ Bagendit”,”Sasakala
Talagawarna“,Jsb.

3. Dongeng Babat (Sage) nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu
ngandung unsur sajarah,bisa oge palakuna aya dina sajarah tapi kajadian jeung eusi caritana ukur
karangan. Upamana “ Dongeng Kean Santang”, “ Dongeng Prabu Siliwangi”,Jsb.

4. Dongeng Jelema biasa (Parabel) nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun kahirupan jalma biasa.
Contona : “Dongeng Si Kabayan”

5. Dongeng Mite nyaeta carita tradisional anu palakuna mahluk supernatural kalawan make latar
tempat suci sarta latar waktu jaman purba.

6. Dongeng Pamuk nyaeta dongeng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktian hiji jalma

BAB 6
Iklan Layanan Masyarakat
Iklan layanan masyarakat biasana aya nu eusina mangrupa wawaran (Ngabejaan) aya oge eusina
ngajak jeung ngingetan.Contona : “Hayu Ka Posyandu !”,”Leuweung ulah dirusak !”,”Bayar Pajeg
Dina Waktuna !”

Wangun : 1.Wangun Tinulis


Iklan 2.Wangun Audio
3.Wangun Audio Visual

You might also like