You are on page 1of 2

NAMA: ……………………………………...

NO ABSEN : ………………

ULANGAN HARIAN III


BASA SUNDA
I. PILIHAN GANDA
Pilih salasahijina jawaban nu benerna!
1. Baca ieu pupuh!
Ngabogaan sobat dalit urang kudu
Deukeutna ibarat wargi
Perlu pikeun silih tulung
Mun urang meunang kasulit
Tong ieuh sieun kasoro.

Padalisan kahiji sempalan pupuh diluhur Ngabogaan guru wilangan ...


a. 12 engang b. 8 engang
c. 10 engang d. 7 engang

2. Èta pupuh tèh kaasup sempalan tina pupuh. ..


a. Mijil b. Magatru
c. Maskumambang d. Magatru

3. Anu disebut guru lagu dina pupuh téh, nyaéta …


a. Sora nu sarua dina padalisan
b. Sora tungtung dina unggal pada
c. Sora tungtung dina unggal padalisan
d. Sora awal dina unggal padalisan

4. Kalimah anu merenah keur ngalengkepan pupuh ieu dihandap, nyaéta …


Ramo mah salawasna akur jeung batur
Tara hirup sirik pidik,
Komo bari jeung teu akur,
Teu hirup masing-masing,
.........................................
a. Pék conto hirupna ramo
b. Ramo jumlahna lima
c. Kudu hirup kawas curuk
d. Ramo nu panggigirna curuk

5. Katangtuan jumlah engang dina sapadalisan disebutna …


a. Guru lagu b. Guru gatra
c. Guru wilangan d. Guru wirahma

6. Ari anu disebut padalisan dina pupuh téh sarua hartina jeung ...
a. Jajaran b. Bait
c. Kalimah d. Paragraf

7. Watek pupuh magatru téh, nyaéta …


a. Gumbira b. Sedih atawa prihatin
c. Banyol d. Sayaga rék perang

8. Baca pupuh ieu dihandap !


Urang kudu boga sobat dalit
Keur silih tulungan
Silih titipkeun nya diri
Ngarah hirup henteu susah
Pupuh anu diluhur téh kaasup kana pupuh …
a. Magatru b. Kinanti
c. Maskumambang d. Pucung

9. Dina pupuh soal nomor 8, padalisan anu jumlah engangna aya 6 , nyaéta …
a. Padalisan kahiji b. Padalisan kadua
c. Padalisan katilu d. Padalisan kaopat

10. Jumlah guru wilangan padalisan kahiji “ urang kudu boga sobat dalit”, nyaéta …
a. 12 engang b. 7 engang
c. 10 engang d. 8 engang

II. Éséy
Jawab kalawan singget !
1. Baca ieu pupuh !
Basa sunda di paké komunikasi
Hirup babarengan
Keur nepikeun informasi
Keur gaul jeung papada jalma

Tuliskeun guru lagu jeung guru wilangan pupuh di luhur !

2. Jieun pupuh magatru sapada ! guru lagu jeung guru wilanganna kieu : 12-u , 8-i, 8-u, 8-i, 8-o

You might also like