Professional Documents
Culture Documents
VINISIDI
VINISIDI
- Biantara nya éta nyarita dihareupeun jalma réa (orang banyak) ngabahas hal anu dianggap penting,
- Khutbah nya éta nyarita dihareupeun jalma réa ngabahas ngeunaan agama
- Bagian bagian biantara :
1. Bubuka biantara eusina :
a. Salam pamuka
b. Ngucap du’a (puji sukur jst)
Ngucap du’a
c. Kalimah pamuka (sanduk-sanduk/menta maap)
Conto :
Bismillahirrohmanirrohim
Assalamualaikum wr wb. Salam pamuka
Sadaya puji sinareng syukur, urang sanggakeun ka Gusti Nu Murbéng Alam, anu maha welas tur maha asih,
Henteu pilih kasih ka sugri anu kemelip di ieu bumi. Rohmat sinareng salam mugia diduhikeun ka jungjunan
urang Nabi Muhammad SAW, katut keluargana, parasa sahabatna, sareng ka jalmi jalmi anu tumut ka
mantena.
Langkung tipayun simkuring ngahaturkeun nuhun ka panitia calagara anu parantos maparin waktos kanggo
simkuring sasangem dina ieu acara. Hapunten kanu kasuhun upami dina ieu biantara pamapag téh aya
carios anu kirang merenah, boh basana boh tatakramana
Kalimah Pamuka
2. Eusi Biantara : ngébréhkeun ngajelaskeun maksud biantra (bisa ditingali dina inti kalimah tiap-tiap paragraf
Conto :
Dina ieu waktos urang sadaya ngempel téh nya éta badé mieling dibabarkeuna Ibu Radén Dewi Sartika.
Nembe ogé ku sadérék Pupuhu Panata Calagara Parantos didadarkeun, naon margina di sakola urang
diayakeun ieu acara. Rupina ku simkuring teu kedah dipedar deui perkawis éta mah ....
raf
Diayakeuna ieu acara téh minangka tawis panghormat saréng pangajén ka ibu Déwi Sartika anu sakitu
ageung jasana, utaminamah dina widang atikan, jalaran kitu simkuring umajak kasadayana, sumangga ieu
kagiatan téh urang mangpaatkeun kanggo .....
3. Panutup Biantara eusina :
a. Kalimah panutup
b. Salam panutup
Conto :
sakitu anu kapihatur. Boh bilih langkung saur bahé carék. Bobo sapanon carang sapakan, hapunten kanu
di teda
kalimah panutup
1. KAMPUNG NAGA,
- Lokasina di Désa Néglasari, Kec. Salawu, Kabupatén Tasikmalaya. Teu jauh ti jalan gede antara Garut jeung
Tasikmalaya
- Disebut kampung adat, sabab pendudukna masih nyekel adat kabiasaan karuhunna, jeung Pantrang/anti
ngarempak (ngalanggar) kabiasaan karuhun (sesepuh), sabab ngarempak adat sarua jeung henteu
ngahargaan ka karuhun.
- Wewengkon (wilayah) kampung naga legana 5 héktar
a. 1,5 héktar paimahan (perumahan warga), pakarangan, balong, jeung pasawaahan.
b. Sésana leuweung anu disebut leuweung karamat (lantaran aya makam karuhun kampung naga)
c. Wilayah kampung naga aya dina lengkob (lembah) anu subur
d. Batas wilayah :
- Kulon (barat) leuweung larangan
- Kalér (utara) walungan (sungai) Ciwulan
- Wétan (timur) walungan Ciwulan
- Kidul (selatan) lawang (jalan/jalur) asup ka kampung naga
e. Jalur Transportasi, jalan asup nurugtug (menurun) terus disengkéd jalana di tembok maké batu, saolah-
olah keur ngaliwatan gawir (jurang)
f. Ngaran kampung naga : kampung NA Gawir,
g. Wangun imah :
- Kudu imah panggung
- Bahan na tina kai jeung awi (kayu dan Bambu)
- Hateupna (atapnya) wangun julang ngapak,
- Bahan hateupna kudu : injuk, eurih (ilallang), atawa kiray (rumbia)
- Teu meunang maké kenteng
- Teu meunang di tembok
- Sakabéh imah nyanghareup (menghadap) kidul atawa kalér, teu meunang dicat, cukup dikapur
h. Panto imah teu meunang aya nu sajajar/pahareup hareup
i. Jumlah wangungan, di kampung naga ngan aya 113 wangunan 110 wangunan mangrupa imah, sejénna
nya éta bumi ageung (tempat nyimpen pusaka), balé patemon tempat ngayakeun kumpulan warga,
jeung ,masjid. Jumlah wangunan teu meunang nambahan teu meunang ngurangan, mun jumlah
penduduk nambahan wayahna kudu cicing diluar kampung naga
j. Agama nu diagem nya éta Islam
k. Kabiasaan di kampung naga :
– Teu meunang nanggap (melaksanakan) kaseniananu datangna ti luar kampung naga, lalajo
(nongton) hungkul mah teu nanaon. Kasenian anu asalna ti kampung naga nya éta, terbang, beluk,
jeung réngkong, sabab ieu mah warisan turun tumurun.
– Pantrang nyaritakeun ngenaan kampung naga dina poé salasa, rebo, jeung sabtu, lantaran éta poe
nyepi.
l. Nu ngadegkeun (mendirikan) kampung naga nya éta sembah Dalem Singaparna nu dianggap karuhun
kampung naga, anjeuna salah saurang anu nyebarkeun agama Islam.
2. KAMPUNG ADAT.
Kampung adat anu aya di Jawa Barat
1. Kp. Naga, di Kabupaten Tasikmalaya
2. Kp. Pulo & Kampung Dukuh di Kab. Garut
3. Kp. Kuta di Kab. Ciamis
4. Kp. Cireundeu di Cimahi
5. Kp. Kasepuhan Ciptagelar, di Kab Sukabumi
6. Kp. Mahmud, Kp Cikondang, Kp, Arjasari, di Kabupaten Bandung
3. ISTILAH ARTISTEKTUR
Bahan bahan heteup/atap
Kontruksi arsitéktur
Suhunan Jolopong
- Julang Ngapak = wangun suhunan anu handapna kénca katuhuna leuih mébér = dipapadankeun (disesuaikan
kana kana jangjang manuk julang keur ngalayang).
- Jogo anjing = wangunan suhunan anu rata sarta bagian tukangna leuwih handap tibagian hareupna
dipapadankeu kana anjing nu keur jogo (duduk)
- Badak heuay = wangun suhunan anu rata sarta bagian tukangna leuwih handap tibagian hareupna (siga jogo
anjing) bédana dibagian hareupna maké sorondoy deui, dipapadankeun jeung badak anu keur heuay
- Parahu kumereb = wangun suhunan panjang anu tungtung tungtungna maké juré nepi ka katembong siga
parahu tibalik
- Suhunan jolopong = wangun suhunan anu sisina teu maké juré sok disebut ogé suhunan panjang
4. Ngaran wangun jeung Fungsina
- Asrama = tempat ngarereb (istirahat) saheulaanan (sementara), pikeun tentara, barudak sakola, nu keur
latihan atawa diajar ngeunaan hiji hal
- Balandongan = wangunan saheulaanan paranti barang gawé persiapan hiburan dina kariaan (pesta)
- Balé Désa = kantor pemerintahan tingkat désa jeung tempat kumpul masyarakat désa
- Gosali = tempat digawéna panday (ahli besi)
- Karaton = tempat cicingna ratu atawa raja sarta ngokolakeun karajaan
- Tajug = bangunan paranti solat (musola leutik)
- Kobong = tempat saréna santri
- Leuti = tempat neundeun paré
- Lio = tempat meuleum garabah, kenteng atawa bata
- Saung = bangunan biasa paranti reureuh di kebon atawa disawah
5. Ngaran Pakandangan
- Gedogan / istal = Kandang kuda
- Karamba = tempat miara lauk Emas di walungan
- Karapyak = tempat ngampihan munding
- Pagupon = kandang japati
- Paranjé = kandang hayam
- Karangkéng = kandang maung
- Rumpon = kandang Lélé
- Empang = kandang lauk Bandeng