َواَ ْش َـه ُد اَ َّن، ك الْ َعالَ ُم ُ اَ ْش َه ُد اَ ْن الَالـهَ االَّ اهللُ الْ َمال. ان َواْ ِإل ْسالَِم َْ ْ َ ََ ْ َْ ص ـ َحابِِه ِِ ٍ ِ ِ ِ ْ َص ـ ِّل َو َس ـلِّ ْم َعلَى َس ـيِّدنَا حُمَ َّمد َّو َعلَى ال ــه َوا َ اَللّ ُه َّم.ث َرمْح َ ـةً لاْل َنَــام ُ حُمَ َّم ًدا َعْبـ ُـدهُ َو َر ُس ـ ْولُهُ الْ َمْبعُـ ْـو ِ اُو ِصي ُك ـ ــم واِيَّــاي بَِت ْـقـوى, َفيــا اَيُّ ـهـا احْل ا ِض ـرو َن: اََّما بعـ ُـد.ض ـ ِل واإْلِ ْنعـ ِـام . اهلل َف َقـ ْد فَـ َـاز الْ ُمتـَّ ُق ْو َـن َ َ َ ْ ْ ْ ْ ُ َ َ َ َْ َ َ ْ ذُ ْو الْ َف ِ بِ ۡس ِم ٱهَّلل ِ ٱلر َّۡح ٰ َم ِن ٱلر. ان الـ َّـر ِجْي ِم ٰيَٓأَيُّهَا. َّح ِيم ِ َ أَعــوذُ بِااللّـ ِـه ِمن ال َّش ـيط، ِأن الْ َكـ ِرمْي ْ َ ُْ ِ ـال اللّــه َتعـاىَل ىِف الْ ُقــر ْ َ ُ َ َوقَـ ُّض ۚا أَي ُِحب ُ وا َواَل يَ ۡغتَب ب َّۡع ً ض ُكم بَ ۡع ُ ۖم َو اَل تَ َجسٞ ض ٱلظَّنِّ إِ ۡث ْ َّس َ يرا ِّمنَ ٱلظَّنِّ إِ َّن بَ ۡع ٗ ِوا َكث ْ ُٱجتَنِب ۡ واْ ُٱلَّ ِذينَ َءا َمن ْ ُأَ َح ُد ُكمۡ أَن يَ ۡأ ُك َل لَ ۡح َم أَ ِخي ِه َم ۡي ٗتا فَ َك ِر ۡهتُ ُمو ۚهُ َوٱتَّق ٞ وا ٱهَّلل ۚ َ إِ َّن ٱهَّلل َ تَ َّو ١٢ يمٞ اب َّر ِح Hadirin Ahli Jum’ah Rohimakumulloh Dina ayat anu nembe diaos diantawisna Gusti Alloh ngadawuhkeun yen jalmi anu ngupat (nyarioskeun kaawonan batur) diibaratkeun jalmi anu nuang daging dulurna anu tos maot. Jalaran sakitu urang kedah sadar sareng uninga ari nyarioskeun kaawonan batur teh ageung bahayana, maka kedah diusahakeun sakiat tanagi tiasa nebihan eta padamelan. Namina jalmi biasa moal salawasna nincak dina sae sareng leres da sanes malaikat; moal salawasna nincak dina awon sareng lepat da sanes syetan. Sakapeung nincak dina lepat sakapeng nincak dina leres, sanaos salawasna hoyong leres alim lepat. Atuh batur oge sami sapertos urang aya kalemahan, kakirangan sareng kalepatan. Kumargi osok aya lepatna, atuh setiap manusa kedah tiasa ngoreksi, nitenan kalepatan-kalepatan awak nyalira. Imam Al-Gozali dina kitab Bidayatul Hidayah, kaca 67, anjeuna nyaurkeun, sing saha jalmi anu hayang apal kana aeb nyalira maka kedah nyukcruk opat cara : 1. Kedah gaduh guru, kersa calik (shohbah) masamoan sareng guru. Guru anu terangeun kana kalemahan sareng kacacadan anu janten muridna. Guru anu nyaah, deudeuh kanu janten muridna, guru anu nuduhkeun kana jalan pisalameten sareng ngageuing dimana nincak jalan anu lepat. Sanes guru anu sakadar ngadugikeun elmuna. 2. Milari sobat anu jujur tur seueur jujurna, anu rajin dina ngamalkeun syare’at agamana, anu sok ngangkeun kana kalemahan sareng kaaeban dirina. Sobat anu kersa ngageuing dimana lepat sareng ngajak kana amal soleh. Sobat anu tara ngabolekerkeun kacacadan sareng aeb baturna. Sobat anu dimana anjeun bungah, anjeunana bungah; sedih dimana anjeun kenging kasedih. Sanes anu sabalikna, anu kitu mah musuh namina. حِل ِ ِ َّ َ ِك َوحَيَْز ُن ُ ْجن ك َ الصديْ ُق ُه َو َم ْن َي ْفَر ُح ل َف ْر ِح Hartosna: “Ari namina sobat teh nyaeta jalmi anu bungah karana bungahna anjeun jeung anu sedih karana kasedihan anjeun.” 3. Cariosan jalmi anu ceuceub anu ngamusuh ka diri urang kedah dijantenkeun alat kanggo nitenan kalepatan diri. Moal pati-pati dicarioskeun ku batur kajabi eta anu dicarioskeun teh aya di diri urang, boh cariosan sae atanapi cariosan anu awon. Mung tetep teu kenging percanten teuing kana eta cariosan margi namina oge cariosan jalmi anu ceuceub, anu ngamusuh, mungkin bae aya cariosan lepatna, teu akur sareng saleresna. 4. Ku campur gaul sareng sasama, kedah tiasa dianggo ngoreksi diri. Urang tiasa nitenan, geuning batur osok lepat, osok kaliru, keuna ku midamel dosa. Tangtos diri oge sami sareng batur, margi sami- sami gaduh nafsu, gaduh kahoyong, batur osok hilap urang oge tangtos osok hilap, batur dosa urang oge tangtos aya dosa mah,. Mung pedah mungkin teu samijenis sareng rupi padamelan dosana. Ari jalmi iman kanggo jalmi iman anu sanesna tiasa diangge pienteungeun.