You are on page 1of 1

NASKAH NARATOR WAYANG

 Kanca pamiarsa sadayana.


Wilujeng wengi, wilujeng tepang sareng lingkung seni sunda wayang golek ......... anu dipimpin ku
pangersana ki dalang ....... ti ....... dina wengi ieu ki dalang dina mancen gawe ngawayang sajabi ti
dipirig ku gamelan “Arbapuspa” miwah para wiyaga ti rombongan ....... ki dalang dina wengi ieu
dipasieup ku (2) juru kawih.
Jurukawih anu kahiji, nu linggihna dipalih katuhu kakasihna ...... . Juru kawih anu palih kenca kakasihna
..... . Kalayan ditema ku haleuangna wiraswara atanapi alok kakasihna ......
Sateuacanna diuningankeun lalakon atanapi judul carios anu baris dipintonkeun ku pangersana ki
dalang, langkung tipayun urang haturkeun lagu .... tawis pangdu’a ka gusti nu maha suci dina wujud
lagu. Sumangga nyanggakeun, wilujeng ngadangukeun.
 Sarengsena lagu kembang gadung, mugia sakur sapamundut ginuluran sapanedja tinekanan. Teu aya
sanes anu dipimaksad ku urang sadayana salamet anu nonton salamet anu ditonton, salamet anu
ngahibur salamet anu dihibur.

 Kanca pamiarsa sadayana.


Wayang teh ngandung perlambang, gambaran hirup manusa nu kumelendang tandang nyandang
kahayang. Rumingkang dina pagelaran sandewara kahirupan dunya. Wayang teh sastra budaya baheula,
mangrupa boneka nu diropea, mapande wujud manusa. Caritana, direka nyutat gelar kahirupan insan,
direka pujangga waskita ngagelar carita nu ngandung siloka lan sasmita. Dianggit ku silib sindir,
sipupuruk ku suluk simbul anu linuhung. Malar ngahudang rasa rumasa manusa, ngageuing ati anu lali
ka purwaning dumadi. Sasieureun sabeunyeureun bahan geusan pieunteungeun ngundang luang tina
wayang. Pagelaran wayang, ti bihari ka kiwari, wayang minangka pagelaran anu adiluhung. Tongtonan
nu ngajadikeun tungtunan, sempal guyon disarengan gogonjakan.
Ki dalang dina wengi ieu, baris minton dina lalakon anu parantos diluyukeun jeung kaayaan jaman
kiwari. Anu judul carios atanapi lalakon nyaeta ........ (carita anu dicutat tina seri mahabharata yasana
resi wiyasa ti nagri India. Carita anu ngagambarkeun laku lampahna manusa wireh manusa kakeunaan
ku sifat salah tur bener.
Kumaha gemblengna leunjeuran ieu carita mangga urang sami-sami sakseni ti kawit dugi ka
wekasannana. Wilujeng nonton ka sadayana.
Wassalamu’alaikum wr wb.

You might also like