Professional Documents
Culture Documents
Proposal Sastra
Proposal Sastra
SETIAWAN DINA
ULIKAN STRUKTURAL, SOSIOLOGI SASTRA JEUNG HASILNA
PIKEUN BAHAN AJAR DONGENG KELAS X
DI SMA PLUS AL-HIDAYAH CILAWU
Diajukan sebagai salah satu tugas pada Ujian Tengah Semester (UTS) Mata
Kuliah Sastra Sunda
Dosen Pengampu : Dr. Dedi Koswara, M.Hum.
Proposal Tesis
Ku :
Yanti Tianawati
NIM. 2105141
2. Rumusan Masalah
Masalah-masalah nu dipedar dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina
wangun patalékan di handap ieu:
a. Kumaha struktur nu ngawengku téma, fakta carita, jeung sarana carita
dongéng “Situ Bagendit” karya A. setiawan?
b. Kumaha sosiologi sastra anu nyangkaruk dina dongéng “Situ Bagendit”
karya A. setiawan?
c. Kumaha hasil panalungtikan pikeun pikeun bahan ajar dongeng di SMA
Plus Al-Hidayah Cilawu?
D. Tujuan Panalungtikan
Tujuan panalungtikan, udagana nyaéta sangkan henteu mengpar tina
rancangan panalungtikan nu geus ditangtukeun, ku kituna ieu panalungtikan
miboga dua tujuan, nyaéta tujuan umum jeung husus. Anapon pedaranana bisa
katitén ieu di handap.
1. Tujuan Umum
Sacara umum, tujuan ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngaidéntifikasi jeung
ngadéskripsikeun karya sastra, hususna carita lagénda ngeunaan “Situ Bagendit”
ngaliwatan ulikan tiori semiotic jeung hermeneutic.
2. Tujuan Khusus
Tujuan nu hayang dihontal dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun
ngadéskripsikeun:
E. Mangpaat Panalungtikan
1. Mangpaat Tioritis
Dina ieu panalungtikan dipiharep aya mangpaatna pikeun ngeuyeuban
hasanah kasundaan dina widang sastra, nyaéta ngeunaan salahsahiji wangun
sastra nu mangrupa dongeng legénda, sarta ngeuyeuban bahan pangajaran
dina pangajaran bahasa sunda di sakola-sakola.
2. Mangpaat Praktis
Dina ieu panalungtikan dipiharep aya mangpaatna sacara praktis pikeun
nambahan pangaweruh sarta usaha dina tarékah ngamumulé kabudayaan
Sunda atawa bisa dijadikeun inventaris budaya.
F. Rangkay Tiori
1. Dongeng (Carita Rayat)
Carita rayat mangrupa bagian tina folklore. Folklor nyaéta bagian
kabudayaan hiji kolektip, anu sumebar jeung diwariskeun turun-tumurun, diantara
kolektip naon waé, sacara tradisional dina versi anu séjén, tiasa dina bentuk lisan
atanapi conto anu dibarengan gerak isyarat atawa alat pangingeutna, (mnemonic
device), Danandjaya (2002:2).
Dumasar wangenan di luhur, folklor bisa diwincik jadi tilu bagian, nyaéta:
(a) folklore lisan (verbal folklore), anu ngawengku basa rayat (folk speech),
ungkapan tradisional, puisi rayat, carita prosa rayat, jeung nyanyian rayat; (b)
folklore satengah lisan, nyaéta folklore anu wangunna campuran antara unsur lisan
jeung unsur lain lisan, saperti kapercayaan rayat kana babatuan nu dianggap
mibanda kakuatan gaib, adat-istiadat, jsb.Folklore lain lisan, seperti arsitektur,
karajinan tangan, pakéan, sora kohkol, musik rayat, jsb.
Danandjaya (2002: 3-5) ngébréhkeun ngeunaan ciri-ciri folklore saperti ieu
di handap :
1) sumebarna jeung diwariskeun sacara lisan, ngaliwatan omongan ti
generasi ka generasi;
2) sipatna tradisional, sumebar dina wangun nu relatip anggeur atawa dina
wangun standar, sumebar dina kolompok nu tangtu;
3) loba rupana, balukar sumebarna turun-tumurun ku cara lisan;
4) teu kapaluruh pangarangna (anonim);
5) biasana mibanda wangun anu anggeur tur tangtu;
6) mibanda kalungguhan pungsi atikan jeung hiburan;
7) eusi katut jalan caritana umumna teu kaharti ku akal atawa loba
pamohalanana;
8) dianggap milik balaréa;
9) polos jeung lugu;
Gelarna sastra lisan di tatar Sunda kira-kira dina jaman buhun anu dicirian
ku ayana pangaruh Hindu (Rosidi, 1983:30). Dina ieu jaman, sastra anu aya teu
kapanggih ngaran pangarangna (anonim) kayaning carita-carita pantun, carita-
carita mithologia, pabel-pabel, jangjawokan, asihan, jampé-jampé, kawih, jsté.
Tétéla pisan sastra lisan leuwih ti heula ayana tibatan sastra tulis. Sastra tulis aya
saba’da urang Sunda wawuh kana tradisi tulis.
Dongéng nyaéta carita pondok kolektip kasusastraan lisan. Aya ogé anu
nepikeun pamadeganana yén dongéng nyaéta prosa rayat nu dianggap bener-bener
kajadian, ngutamakeun hiburan, sanajan loba nu ngalukiskeun bebeneran, anu
eusina ngandung moral, jeung sindiran. Dongéng mangrupa carita singget
ngeunaan hal-hal anu anéh jeung teu asup akal. Rupa-rupa kaajaiban jeung
kasaktian. Biasana ngisahkeun déwa, raja, pangéran, jeung putri. Pedaran
ngeunaan dongéng kadang-kadang dipedar kalayan jero.
Dongéng téh salah sahiji golongan carita, dina wangun prosa (lancaran).
Sakapeung sok kaseulapan bagian anu dikawihkeun, umumna parondok.
Turuntumurunna jeung sumebarna sacara lisan. Tara kapaluruh saha pangarangna
atawa nu nyiptana. Nilik wandana jeung eusina, dongéng téh kaasup rékaan
baheula. Patempatan nu jadi latarna tétéla gambaran kaayaan baheula, tokoh-
tokohna henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk-mahluk
séjénna. Kajadian-kajadian caritana sakapeung pamohalan, corak rékaan heubeul
anu mindeng ngolah siloka atawa alegori pikeun mungkus téma (Iskandarwassid,
2003:31-32). Dongéng kaasup carita balaréa. Hartina geus jadi milik rayat anu
ngagelarkeun éta dongéng, teu puguh saha nu ngarangna.
Dongéng (carita rayat), mangrupa hiji kisah nu diangkat dina pamikiran
piktip jeung kisah nyata, jadi hiji alur perjalanan hirup pinuh pesen moral, nu
ngandung makna hirup jeung cara ngabaur jeung manusa liana. Dongéng ogé
mangrupa dunya hayal jeung imajinasi manusa anu saterusna dicaritakeun sacara
turun-temurun ti generasi ka generasi. Sakapeung kisah dongéng bisa mawa
pandenge kapepende dina jero dunya pantasi, gumantung cara nepikeun dongéng
éta jeung pesen moral nu aya dina éta dongéng.
Nurutkeun Rusyana (2000:208-212) dongéng dibagi kana tilu golongan,
nyaéta : (1). dongéng mite, (2). dongéng legénda, jeung (3) dongéng biasa.
Dongéng mite nyaéta carita tradisional anu palakuna mahluk supernatural nu di
antarana ngabogaan kasaktén jeung bisa milimpah hal-hal anu di luareun
kamampuan manusa biasa, kalayan ngagunakeun latar tempat suci dina jaman
buhun (tempatna teu bisa dipaluruh), misalna kahiangan tempat cicingna batara
jeung widadari. Eusina digambarkeun ngeunaan kajadian asal-muasal dunya katut
sagala eusina jeung parobahanana, misalna asal-muasal tutuwuhan, hal-hal nu
dianggap pamali jeung asal-usul diayakeunana upacara adat. Masarakat nu
migandrungna nganggap ieu carita mangrupa hiji hal nu dipercaya (Rusyana,
2000:208-210).
Rusyana (2000:210-211) nétélakeun yén dongéng legénda nyaéta carita
tradisional anu palakuna aya dina sajarah, lantaran ogé digambarkeun dina
mangsa lumangsungna éta kajadian. Kajadian anu dicaturkeun dina dongéng
legénda dieunya-eunya mangrupa carita sajarah. Dina kajadian caritana aya hal-
hal anu teu ilahar.
Dongéng biasa nyaéta carita tradisional anu palaku jeung latarna
dibayangkeun saperti dina kaayaan sapopoé, sok sanajan dina carita loba kajadian
anu teu ilahar, contona baé sasatoan anu bisa ngomong jeung manusa. Waktuna
digambarkeun dina jaman baheula. Ku masarakat nu migandrungna teu
dipatalikeun jeung kapercayaan atawa sajarah, tapi dianggap carita rékaan biasa
(Rusyana, 2000:211-212).
2. Semiotik
Dina karya sastra, tiori semiotik digunakeun pikeun néangan ma’na jeung
fungsi tina hiji tanda. Dumasar kana pamanggihna Peirce (dina Isnendes, 2010:
95-96) nyebutkeun yén tanda téh dibedakeun jadi tilu jenis dumasar kana sifat nu
ngaitkeun antara tanda jeung denotatumna, nyaéta ikon, indeks jeung symbol.
Jadi, elmu semiotic nyaéta elmu ngeunaan tanda nu ngabahas ngeunaan
sagalarupa hal minangka wawakil atawa bagian tinu hal lainna.
Sacara harfiah, “Semiotik asalna ti bahahasa Yunani: semeion nu hartina
tanda. Semiotik nyaéta model panalungtikan sastra nu dumasar kana tanda-tanda.
Eta tanda-tanda téh dianggap wawakil tina objek sacara representative”
(Endraswara, 2013: 64). Sedengkeunn dumasar kana pamanggihna Hoed (dina
Nurgiyantoro, 2013:66-67) semiotik nyaéta “élmu atawa métode analisis pikeun
ngadeskripsikeun jeung nganalisis tanda. Tanda di dieu nyaéta sagala hal ihwal
minangka wawakil tinu séjénna nu bisa mangrupa pangalaman, perasaan, pikiran,
gagasan, jsb. Jadi, dumasar kana katerangan di luhur semiotik nyaéna élmu
ngeunaan tanda-tanda.
Sedengkeun nurutkeun pamanggihna Endraswara (2013: 64) “Semiotik
ngandung unsur dikotomi basa nu dikembangkan ku de Saussure, yén karya sastra
téh ngabogaan hubungan antara penanda (signifiant) dan petanda (signifie).
Penanda nyaéta aspek formal atawa wangun tina tanda sorangan, sedengkeun
petanda nyaéta aspek ma’na atawa konseptual tina penandana” Jadi, karya sastra
téh ngabogaan hubungan diantara penanda jeung petandana. Petanda sorangan
mangrupa wangunan bentukna, sedengkeun petanda nyaeta makna nu kakandung
dina wangunan bentukna.
Hal ieu sajalan jeung pamanggihna Abrams (dina Nurgiyantoro, 2013: 70).
Nu nyebutkeun yén “wangunan wujud significant (penanda) bisa mangrupa sora-
sora ujaran atawa hurup-hurup tulisan, sedengkeun signifie (petanda) nyaéta unsur
konseptual, gagasan atawa makna nu aya dina penanda éta”. Jadi nurutkeun
Abrams, penanda téh mangrupa wangun ujaran (lisan) atawa tulisan, sedengkeun
petanda nyaéta ma’na tina penandana sorangan.
Hubungan diantara penanda jeung petanda ngabogaan sipat atbitrer. Artina,
hubungan antara wujud formal basa jeung konsep atawa acuanana ngabogaan
sipat “sakahayangna” dumasar kana katangtuan nu geus disaluyuan ku umumna.
Diantara kaduana taya hubungan nu sipatna sarua atawa identic (Nurgiantoro,
2013: 71). Schleirmacher (dina Faruk, 2012:82) nyebutkeun yén hubungan
diantara tanda jeung ma’na dibédakeun jadi dua jenis nyaéta hubungan tina
ma’na kana tanda atawa tina tanda kana ma’na. nya hal éta pisan, hubungan nu
kahiji disebut ekspresip sedengkeun hubungan nu kadua disebutna hubungan
interpretatip.
3. Hermeneutik
Hermeneutik asalna tina kecap “hermeneuein” (Yunani) nu terus robah jadi
“hermeneutics” (inggris) nu hartina, ngungkapkeun pikiran-pikiran hiji jalma
atawa objek dina wangun lisan (Hardiman, 2007: 37).
Hermeneutik dipaké pikeun ngadeskripsi jeung nganalisis hiji teks supaya
bisa mafhum. Gadmer (2008) nyebutkeun yén dina ngadeskripsi jeung nganalisis
karya sastra diperlukan tilu tahapan nu mangrupa pemahaman, penafsiran, jeung
penerapan di kahirupan. Dina proses aplikasina, nu maca bisa paham kana teks
karya sastra nalika asal-usul tina teks ngalebur atawa ngahiji jeung gambaran nu
macana.
Hermeneutik nurutkeun pamandang kritik sastra nyaeta hiji metode pikeun
ngadeskripsi jeung nganalisis teks nu diuréykeun kalawan ditujukeun pikeun
ulikan dina karya sastra. Hermeneutik cocog pisan pikeunmaca karya sastra dina
wangun kajian sastra, naon wae mangrupa wangunna nu aya patalina jeung
aktipitas ienterpretasi (penafsiran).
Kagiatan ngaapresiasi sastra jeung kritik sastra, dina awal jeung akhirna, nu
patali pisan jeung karya sastra nu kudu diinterpretasi jeung dimaknai. Sakabéh
kagiatan kajian sastra utamana dina prosesna pasti kudu ngalibatkeun peranan
hermeneutika. Ku sabab kitu, hermeneutika jadi hal nu prinsipil nu teu bisa
disapirakeun. Ku hal sakitu, hermeneutika perlu pikeun dianalisis sacara
komprehensif pikeun meunangkeun kamampuh nu daria dina widang pendidikan,
hususna dina widang diajar sastra.
G. Metode Panalungtikan
Dumasar kana rumusan jeung tujuan nu hayang dihontal, pamarekan nu
dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta pamarekan metodé kualitatif. Pamarekan
kualitatif mangrupa salah sahiji pamarekan nu ngahasilkeun data déskriptif nu
bisa ditarima ku akal séhat manusa nepi ka meunangkeun bebeneran. Kalayan
pidangan data anu déskriptif analitik nyaéta mangrupa métode anu ngungkulan
pasualan nu aktual ku cara ngumpulkeun, nyusun, atawa milah-milah, dipasing-
pasingkeun, analisis sarta nafsirkeun data. Luyu jeung pamanggih Sukmadinata
(2009, kc. 72) anu nétélakeun yén métode déskriptif analitik téh nyaéta mangrupa
métode pikeun ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun rupa-rupa fénoména, boh
anu sifatna alamiah boh jijieunan atawa rékayasa, kalayan museurkeun ulikanana
kana wangun, kagiatan, karakteristik, parobahan, patalina, sasaruaan sarta bédana
jeung fénoména lianna
Kecap métode asalna tina basa Yunani, nyaéta methodos nu hartina cara
atawa jalan. Métode mangrupa cara nu sistematis pikeun ngahontal tujuan nu
dipikahayang. Hubunganna jeung kagiatan ilmiah, métode patali jeung masalah
cara gawé pikeun maham objék nu jadi target éta élmu. Ku kituna, métode bisa
dihartikeun salaku cara pamarekan, observasi, ngajéntrékeun hiji hal ku cara
ngagunakeun téori. Dina harti nu heureut, métode téh ngan saukur patali jeung
rarancang panalungtikan nu ngawengku prosedur ngumpulkeun data jeung téhnik
analisis data. Sedengkeun dina harti jembar, métode panalungtikan mangrupa cara
jeung prosedur nu sistematis, pikeun nalungtik hiji masalah nu tujuanna pikeun
meunangkeun informasi nu dipaké minangka solusi keur éta masalah. Cara nu
dimaksud nyaéta ku cara ngagunakeun métode ilmiah nu ngawengku ti
sababaraha léngkah (Silalahi, 2010: 12-13).
Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif.
Melly G. Tan dina Silalahi (2010: 29) nétélakeun yén panalungtikan nu
ngagunakeun métode déskriptif téh miboga tujuan ngagambarkeun sacara jéntré
ngeunaan sipatsipat hiji individu, kaayaan, tanda-tanda, atawa hiji kelompok.
Métode ieu digunakeun lamun aya pangaweruh atawa informasi ngeunaan gejala
sosial anu bisa ditalungtik.
Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun
ngadéskripsikeun symbol ma’na jeung fungsi nu nyangkaruk dina carita lagenda
“situ bagendit”. Anapon léngkah-léngkah ieu panalungtikan nyaéta:
1) Ngumpulkeun data, anu mangrupa symbol, ma’na jeung fungsi nu aya dina
carita dongéng legenda “situ bagendit” karangan A. Setiawan.
2) Nganalisis Sosiologi sastra nu nyangkaruk dina dongéng “Situ Bagendit”
3) Ngadéskripsikeun hasil penapsiran tina wawancara, observasi jeung
kacindekan hasil analisis.
H. Desain Panalungtikan
Desain panalungtikan nyaéta rarancang léngkah-léngkah atawa prosés dina
ngalaksanakeun panalungtikan. Dina ieu panalungtikan aya dalapan léngkah nu
dijadikeun rarancang, nyaéta: (1) nangtukeun masalah; (2) ngawatesan jeung
ngarumuskeun masalah; (3) nangtukeun sumber data; (4) nangtukeun instrumen;
(5) ngumpulkeun data; (6) nganalisis jeung ngolah data; (7) nyieun kacindekan;
jeung (8) nyusun laporan. Sangkan leuwih jéntré ieu desain panalungtikanna baris
diébréhkeun.
Nangtukeun Masalah
Ngawatesan jeung Ngarumuskeun Masalah
Nangtukeun Instrumen
Ngumpulkeun Data
Nyieun Kacindekan
Nyusun Laporan
Gambar 1
Desain Panalungtikan
2. Sumber Data
Sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan kabagi tilu, nyaéta: (1)
sumber data informan, (2) wewengkon/tempat panalungtikan, sarta (3) téks
dongéng “ Situ Bagendit” anu bakal dianalisis. Data nu dihasilkeun tina literatur
(studi pustaka) sarta waktu ngumpulkeun katerangan ti pihak-pihak anu
mikanyaho garapan masalah dina panalungtikan, nyaeta panalungtik langsung ka
objék nu rék ditalungtik, sarta pangujian di lapangan.
J. Instrumen Panalungtikan
Instrumén nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta handphone,
kaméra foto, jeung padoman wawancara.
1) Handphone Rekorder
Handphone gunana pikeun ngarékam proses wawancara ka tokoh
masarakat, sesepuh, atawa masarakat ngeunaan data panalungtikan. Data nu
ditalungtik dina ieu panalungtikan nyaéta dongéng “Situ bagendit”.
2) Kaméra Foto
Kaméra foto gunana pikeun ngadokuméntasikeun gambar nu aya
patalina jeung data nu ditalungtik nyaéta dongéng “Situ bagendit”
3) Padoman Wawancara
Padoman wawancara gunana pikeun meunangkeun informasi
ngaliwatan wawancara ka tokoh masarakat, sesepuh atawa masarakat
ngeunaan data nu ditalungtik nyaéta dongéng “Situ bagendit”.
K. Teknik Panalungtikan
Teknik panalungtikan nu digunakeun dina ieu panalungtikan, dibagi kana
dua bagian nyaeta teknik ngumpulkeun jeung teknik ngolah data.
4) Téhnik Dokuméntasi
Ieu téhnik gunana pikeun ngarojong inpormasi data. Datana bisa mangrupa
gambar atawa hasil foto salaku bukti yén panalungtikan téh bener-bener
dilaksanakeun.
L. Data Pustaka
Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta:
Rineka Cipta.
Danandjaja, James. (2002). Folklor Indonesia. Jakarta: Pustaka Utama Grafiti.
Endraswara, Suwardi. (2013). Metode Penelitian Sastra epistimologi, Model,
Teori & Aplikasi. Yogyakarta : FBS UNY.
Faruk, (2012). Metode Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.
Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra
Sunda. Bandung: Pustaka Jaya
LBBS. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Nurgiyantoro, Burhan. (2013). Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada
University Press.
Rosidi, Ajip. (2013). Mengenal Kesusastraan Sunda. Bandung: Pustaka Jaya
Rusyana, Yus. (1984). Metode Pengajaran Sastra. Bandung: Gunung Larang.
Silalahi, Ulber. (2010). Metode Penelitian Sosial. Bandung: PT Refika Aditama.
Sukmadinata, N.S. (2009). Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: PT.
RemajaRosdakarya.
Wellek, Rene & Austin Warren. (2014). Teori Kesusastraan. Jakarta: PT.
Gramedia Pustaka Utama.