You are on page 1of 2

Karéta kilat. Bandung-Jakarta tilu puluh lima menit.

Ibu Guru ngaos judul berita surat kabar ha reupeun


barudak nu geus ti tadi suhud ngabandungan. Memang, ari kana pangajaran nu dimimitian ku maca
berita koran téh, barudak sok saregep. Komo Jang Adul. Sok sayagi catetan sagala rupa.

Ibu Guru :"Tah, barudak," bari ngacungkeun koran.

Ibu Guru:"Mangkukna Bapa Présidén ngaresmikeun pangwangunan jalan karéta Bandung-Jakarta


panganyarna. Karéta nu kacida pisan gancangna. Anggang Bandung-Jakarta 200 kilométer, ukur disorang
tilu puluh lima menit. Ku kandaraan séjén mah apan tilu jam atawa saratus dalapan puluh menit."

Udi:"Hébat nya,Bu?"

Ibu Guru :"Hebat pisan,"

Ibu Guru:"Udi tos ngalaman tumpak karéta?"

Udi:"Parantos,"

Udi:"Ti Cicalengka ka Padalarang"

Bu Guru: “Sabaraha jam?”

Udi:”Duka,da lami.”

Udi ngahuleng bari nginget – nginget

Udi:”Euh muhun.Naek ti cicalengka tabuh salapan,dugi ka Padalarang tabuh sabelas.Dua jam.”

Darman:“Jaba eureun-eureunan.”

Ibu Guru:”Darman ge tos ngalaman tumpak kareta api Cicalengka-Padalarang?”

Darman :"Atos, Bu. Ti Cicalengka, lirén di Rancaékék, Haur-pugur, Kiaracondong, Cikudapateuh,


Bandung, Ciroyom, Cimahi, Cimindi, Padalarang wéh,"

Jang Adul :"Kareta kilat Bandung-Jakarta lirén di mana waé Bu?”

Ibu Guru:"Teu rundag-randeg, karéta kilat mah. Stasion pang inditanana di Bandung engké di Tegalluar,
Gedebage Liréndi statsion Walini, Cikalongwétan, Kabupaten Bandung Barat. Ti dinya mah
ngaberengbeng wé ka Jakarta. Lirén di statsion Halim Perdanakusumah,"

Halimah:"Sami sareng burok, nya Bu?"

Ger barudak saleuseurian. Jang Adul nyenghel. Inget kana dongéng Ustad Hoér ngeunaan kendaraan
Kangjeng Nabi Muhammad Saw, waktos lumampah peuting atawa “Isro” ti Masjidil Harom, Mekkah, ka
Masjidil Aqso di Yerusalem, Palestina. Ngan sakilat dina burok, hiber nembus awang-awang.

Jang Adul :"Tapi burok mah nincak erél, Limah,"


Ibu Guru:"Tos, tos, jempe!"

Ibu Guru:"Tah minggu payun, hidep ditugaskeun medar pangalaman tumpak karéta api."

Budi:"Abdi mah teu acan ngalaman tumpak karéta api, Bu,"

Budi:"Badé medar pangalaman tumpak... kénging teu?"

Ibu Guru:"Tumpak naon?"

Budi:"Tumpak munding”

Budi teu kireum-kireum. Ger deui barudak sakelas seuseurian

You might also like