You are on page 1of 7

TUGAS PENGGANTI

ULASAN / REVIEW MATERI BAHASAN BUDAYA SUNDA

PELAJARAN BAHASA SUNDA KELAS XII TAHUN PELAJARAN 2021/2022

M Ridwan Faturrohman / NIS 192010406

Kelas XII IPA 7

MIKAWANOH TRADISI SUNDA

Tradisi
Tradisi asal kecapna ti bahasa inggris nyaeta tradition, upami ti bahasa laten nyaeta
traditio anu ngandung hartos “diteraskeun” , upami saur istilahnamah tradisi teh
nyaeta kabiasaan adat tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih
dilaksanakeun dina pakumbuhan masyarakat, tradisi tos jadi bagian tina kahirupan
sapopoe, kangge ngamumule tradisi teh dilaksanakeun ku cara di wariskeun ti kolot
ka anakna, tatalepa boh ku cara lisan, kalakuan, atanapi pinulis.

Adat kabiasaan
Adat kabiasaan nyaeta tata polah anu angger tur turun tumurun ti hiji entragan ka
entragan satuluyna minangka warisan anu dalit jeung pakumbuhan masyarakatna, adat
kabiasaan sifatna seremonial atawa upacara nu patali jeung kapercayaan.

Adat kabiasaan nu patali jeung kahirupan sapopoe


- Adat nu nyiram
- Adat ngariksa nu kakandungan (tingkeban 7 bulanan)
- Adat ngariksa nu ngalahirkeun
- Adat mulasara bali
- Adat sunatan
- Adat ngawinkeun
- Adat papatenan
Adat kabiasaan anu khusus
- Seren taunan ciptagelar
- Labuh saji di palabuan ratu
- Suroan di Cirebon
- Ngabungbang di cikakak sukabumi
- Rebo wekasan di bogor
- Nisfuan di cianjur
BAHASAN BUDAYA SUNDA

Bahasan sok disebut Oge pedaran, nyaeta karangan basa lancaran anu eusina ngaguar,
medar, ngabahas, atawa ngadadarkeun hiji perkara. Anu dipiharep Sangkan anu maca
menang Keterangan atawa informasi anu tetela ngenaan hiji perkara. Dina istilah
Tatabasa bahasan kaasup Kana prosa eksposisi, ku kituna bahasan teh kudu:

- Puguh entep seureuhna (sistematis)


- wincik sarta mertelaken kalawan tetela
- ngagunakeun basa anu sahinasna (lugas) saujratna sarta loba raehan jeung
- ngagunakeun istilah-istilah anu geus maneuh

Arti kecap budaya asalna Tina bahasa Sansekerta anu ngandung Harti pikiran, akal,
pangaweruh. kiwari ngandung Harti Sagala rupa hasil pikiran akal, jeung pangaweruh
manusa. budaya Sunda nyaeta hasil budaya Seler bangsa urang Sunda.

Secara Jembar budaya ngawengku unsur-unsur

- kesenian
- teknologi jeung pakakas
- tata cara hirup kumbuh di masyarakat
- basa
- pangupa jiwa jeung ekonomi
- elmu pangaweruh
- kepercayaan (agama)

Budaya Sunda ngawujud dina gagasan, tindakan, jeung hasil karya orang Sunda ti
bihari nepi ka kiwari anu mangrupa gagasan ide-ide aturan tata Titi jeung segala hal
anu sifatna abstrak. anu mangrupa tindakan nyata anu raket patalina jeung tindak-
tanduk Dina campur gaul jeung hirup kumbuh di masyarakat. Ari anu mangrupa hasil
karyanya Eta Sagala rupa hal atau barang hasil dina pikiran, pagawean, jeung
karancagean. Unggal bangsa atauan Seler bangsa miboga budaya anu Mandiri anu
beda jeung bangsa atawa Seler bangsa sejenna. sanajan Aya Dina Amparan Pulau anu
Sarua upamana Seler bangsa Sunda miboga budaya anu beda jeung seler bangsa Jawa.
Contona angklung nu mangrupa waditra anu dijieun tina Awi. kaasup kana waditra
Sunda Buhun salah sahiji buktina kabeh upacara adat di Tatar Sunda ngagunakeun
angklung minangka pamirigna, utamana mah dina helaran.

Cagar budaya nyaeta wangunan titinggal sajarah anu raket patalina jeung kabudayaan,
anu kaasup Kana cagar budaya teh nyaeta:

- barang-barang cagar budaya


- wangunan cagar budaya
- struktur cagar budaya
- situs cagar budaya jeung
- wewengkon cagar budaya
cagar budaya teh teu meunang digunasika komo nepi ka di runtagkeun pisan mah,
barang-barang cagar budaya ditangtayungan ku pamarentah ngaliwatan undang-
undang Republik Indonesia Nomor 11 tahun 2010. Kukitu na hayu urang jaga eta
cagar budaya the

NULIS BAHASAN BUDAYA

Lengkah-lengkah nulis bahasan

- Nangtukeun jejer
- Nangtukeun tujuan
- Ngumpulkeun bahan
- Milih bahan
- Nyieun rangkay karangan bahasan
- Mekarkeun rangkay karangan

Tehnik nulis bahasan

- Tehnik identifikasi (neangan jeuung medar ciri-ciri)


- Tehnik klasifikasi (neangan jeung nyieun papasing)
- Tehnik definisi (neangan jeung mere wangenan)
- Tehnik ilustrasi (neangan jeung mere gambaran)
- Tehnik proses (neangan jeung mere gambaran proses)

Struktur bahasan

- Bubuka
Eusina midangkeun hal-hal umum perkara eusi pedaran alesan milih topik,
pentingna jejer, legana pedaran, watesan jejer pedaran, tujuan jeung
gunana pedaran
- Eusi
Midangkeun objek nu dipedar, saperti wujud jeung wanguna objek, wanda
atawa tipena objek, dll
- Panutup
Eusina midangkeun dua hala. Kacindekan tina eusi pedaran, saran-saran

PANUTUP

Bahasan teh kedah terus di mumule ku urang sadayana sangkan orang sunda, ku
kituna hayu baca sing seueur bahasan anu aya di Koran, majalaah, internet, jeung
sajabana atanapi ngadameul karangan bahasan pikeun ngamumule karangan bahasan
tur cagar budaya anu di gaduhan ku urang sadaya
TUGAS PENGGANTI

SOAL MATERI BAHASAN BUDAYA SUNDA

PELAJARAN BAHASA SUNDA KELAS XII TAHUN PELAJARAN 2021/2022

M Ridwan Faturrohman / NIS 192010406

Kelas XII IPA 7

SOAL PG
1. Aya sabaraha lengkah dina nulis pedaran, ieu dihandap minangka lengkah kahiji
nyaeta……
a. Nulis judul
b. Nangtukeun jejer
c. Nulis rangka karangan
d. Nyaritakeun eusi
e. Neangan ide
2. Struktur tulisan pedaran diwangun ku bubuka, panutup, jeung eusi. Bubuka teh
minangka……
a. Panganteur tulisan
b. Bubuka
c. Kasang tukang tulisan
d. Nyaritakeun asal muasal kajadian
e. Salam pamuka
3. Wacana anu eusina ngajentrekeun tur medar hiji objek, prosesna, tujuanana jeung
gunana sok disebut…..
a. Eksposisi
b. Argumentasi
c. Narasi
d. Deskripsi
e. Anatomi
4. Sanggeus nangtukeun jejer, jieun rangka tulisan dumasar kana struktur tulisan
bahasan, nu ngawengku…..
a. Bubuka, eusi, kacindekan
b. Salam pamuka, eusi, salam panutup
c. Salam pamuka, pedaran, salam panutup
d. Bubuka, eusi, panutup
e. Prolog, eusi, epilog
5. Nu kaasup cagar budaya nyaeta di handap ieu, iwal….
a. Barang barang cagar budaya
b. Wangunan cagar budaya
c. Adat
d. Struktur cagar budaya
e. Wewengkon cagar budaya
SOAL ESSAY
1. Naon ari tulisan pedaran teh?
pedaran nyaeta karangan basa lancaran anu eusina ngaguar, medar, ngabahas,
atawa ngadadarkeun hiji perkara. Anu dipiharep Sangkan anu maca menang
Keterangan atawa informasi anu tetela ngenaan hiji perkara
2. Jentrekeun struktur pedaran!
- Bubuka
Eusina midangkeun hal-hal umum perkara eusi pedaran alesan milih topik,
pentingna jejer, legana pedaran, watesan jejer pedaran, tujuan jeung gunana
pedaran
- Eusi
Midangkeun objek nu dipedar, saperti wujud jeung wanguna objek, wanda atawa
tipena objek, dll
- Panutup
Eusina midangkeun dua hala. Kacindekan tina eusi pedaran, saran-saran

You might also like