You are on page 1of 2

Sumur Bandung, Sumur Karahayuan

Sumur Bandung mèrè karahayuan ka rahavat Bandung


Sumur Bandung mèrè karahayuan ka Dayeuh Bandung
Sumur Bandung rahayuning Dayeuh Bandung

(Bandung 25 Mèi 1811. Radèn Adipati Wiranatakusumah II)

Kawasna teu loba anu apal kana tulisan di luhur. Éta tulisan téh mangrupa prasasti nu jadi
titimangsa ayana sumur Bandung. Dina éta prasasti jelas pisan ditulis Sumur Bandung méré
karahayuan ka rahayat Bandung.
Sumur Bandung téh mangrupa cikal bakal lahir jeung ngadegna Kota Bandung nepi ka ayeuna.
Hanjakalna, ayana Sumur Bandung téh teu loba dipikanyaho boh ku urang Bandungna sorangan
boh ku urang ti luar Bandung. Padahal, lamun ditilik tina saiarahna, Sumur Bandung téh
perenahna di puseur Kota Bandung.
Sumur Bandung dijieun ku Adipati Wiranatakusumah II dina tanggal 25 Méi 1811. Teu jauh ti
éta tempat diwangun ogé Masjid Agung, Pendopo Bupati, jeung alun-alun. Kiwari, Sumur
Bandung téh perenahna di tukangeun Kantor PLN Cabang Jabar-Banten, Jln. Cikapundung
Timur Bandung, atawa kurang Ieuwih 100 méter wétaneun Alun-alun Bandung tur pagédéng-
gédéng jeung Jln. Asia Afrika Bandung. Perenahna mémang rada nyingkur, lantaran kahalangan
ku Gedong P LIN, padahal mun geus dijugjug mah Sumur Bandung téh ayana diwewengkon
bagian tukang gedong PLN.
Pa Engkus Kusnadi, anu nyesepuhan di Sumur Bandung, waktu jumeneng kénéh dina taun
kungsi nyaritakeun sajarahna. Cenah gé kieu: Cék ujaring carita, Sumur Bandung téh didamel ku
Bupati Bandung ka-2, Radén Adipati Wiranatakusumah ll. Harita, samulihna ti Subang, kairing
ku para ponggawa Radén Adipati Wiranatakusumah II reus di hiji Ieuweung. Anu dipimaksud
Ieuweung dina ieu tulisan nya éta tempat anu ayeuna jadi Sumur Bandung téa. Bakat ku nahnay,
kawuwuh tos jengkar ti tempat anu tebih, Radén Adipati Wiranatakusumah II nyarandékeun
salirana kana hiji tangkal gedé. Teteken nu dicandakna, ditancebkeun kana taneuh. Lajeng
anjeuna mah kulem ditungguan ku para ponggawa satiana.
Kira-kira meunang sapanyeupahan, Radén Adipati Wiranatakusumah II lugay, ngadeg, teras
nyabut tetekenna. Barang teteken dicabut, tina urut teteken téa ngaburial cai. Ceuk ujaring carita,
salasaurang ponggawa tumanya: "Gamparan, geuning tina tilas teteken téh kaluar cai, dupi éta
cai naon?"
"Enya... éta cai Sumur Bandung. Cai nu isuk jaganing géto bakal jadi kahuripan jeung
karahayuan urang Bandung,"' waler Radén Adipati Wiranatakusumah II.
Satuluyna, cenah, ku kasaktén Raden Adipati Wiranatakusumah nu jelas henteu samanéa,
dina waktu sapeuting, urut teteken téh dijadikeun sumur. Teu aya anu apal kalayan pasti sabaraha
jerona Sumur Bandung téh. Ngan anu geus pasti, kaahèngan Sumur Bandung tèh, ti baheula nepi
ka ayeuna caina teu kungsi saat jeung teu kapangaruhan ku cai solokan Cikapundung nu aya
wètaneunana tur kawates ku tèmbok Gedong PLN. Cai Sumur Bandung canèmbrang hèrang.
Lian ti éta, nimba cai ti Sumur Bandung teu bisa sagawayah, kudu tartib jeung ditimba ku jalma
anu dipercaya ku sesepuh (harita Pa Engkus Kusnadi tèa) atawa jalma anu geus biasa. Timbana
émbér leutik disambung ku tali rapia anu panjangna kurang Ieuwih saméter satengah.
Aya tata cara anu kudu dilaksanakeun keur sing saha waè anu rèk datang ka Sumur Bandung.
Awak kudu dina kaayaan beresih atawa boga wudu. Keur jaman almarhum Pa Engkus Kusnadi
mah, mun aya tamu nu ngahaja ka Sumur Bandung tur can katingal ka cai, sok diparéntah kudu
wudu heula. Kaharti ari kituna mah, lantaran masarakat anu datang ka Sumur Bandung biasana
sok ngadon ngadu'a. Jadi pantes mun urang kudu boga wudu oge. Lian ti éta, salila aya di
wewengkon Sumur Bandung teu meunang héhéotan, ribut jeung teu meunang suaban. Mun éta
dirempak, cenah tinggal ngadagoan akibatna.
Kiwari Sumur Bandung téh geus kaasup situs nu aya di Kota Bandung. Tangtu wé kudu
dipiara, dimumulé, tur diwanohkeun ka balaréa. leu hal luyu jeung Peraturan Daerah (Perda)
Jawa Barat Nomer 7 Taun 2003, ngeunaan "Nilai Sejarah dan Benda Kepurbakalaan". Tapi
kumaha buktina? Teu kabéh urang Bandung apal lamun di sabudeureun Gedong P LN deukeut
alun-alun Bandung, aya situs anu ngandung ajén sajarah Bandung. Malah duka kumaha nasibna
mun Sumur Bandung aya saluareun gedong P LN jeung teu diurus ku pagawé kantor PLN? Boa-
boa bakal jadi situs nu taya ajéna.

Tina hasil wawancara jeung Bapa E. Kusnadi


(Karyawan PLN Distribusi Jabar — Banten
ogé sesepuh Sumur Bandung) dina taun 2005.

You might also like