You are on page 1of 5

GAGAK HAYANG JADI MERAK

BABAK 1

Di hiji leuweung geledegan, aya dua tangkal kiara anu kacida gedena. Perenahna di sisi
sampalan paranti sato jarah nyatuan. Eta tangkal kiara teh sok dipake panonoban bangsa manuk. Anu
hiji panonoban bangsa gagak, ari anu hiji deui panonoban bangsa merak. Kacaritakeun di antara
bangsa gagak, aya hiji gagak ngora, gagak jalu keur meujeuhna belekesentreng, ngarana si Candrika.
Si Candrika mah loba onjoyna dibandingkeun jeung gagak-gagak sejenna, Awakna leuwih keker,
uteukna oge leuwih pinter. Ngan dihiji mangsa si Candrika teh beda ti sasari. Candrika nu biasana
lincah, ayeuna mah jadi cicingeun. Kusabab eta, loba gagak nu ngomongkeun si Candrika.

Gagak 1 : “Eh olot, tingali geura si Candrika. Nu biasana ngomong pang tarikna,
ayeuna mah teu kadenge saeutik-eutik acan.” (bari nyampeurkeun kokolot gagak)

Kokolot Gagak : “Keun bae antepkeun, mereun keur mangsana mangkat birahi!”

Gagak 1 : “Teu umum Olot! Anu keur mangkat birahi mah biasana sok leuwih
motah!”

Kokolot Gagak : “Sing inget atuh, Si Candrika mah beda jeung batur-baturna, tong disaruakeun jeung
gagak anu biasa-biasa atuh!” (bari ambek ka Gagak Ngora)

Gagak 1 : “Enya ari kitu tea mah, anu boga kaleuwihan mah biasana oge sok loba
kaanehanana.”

Kokolot Gagak : “Keun, engke oge cageur sorangan!”

Gagak 1 : “Heeh lot, sing weh geura cageur. Kuring mah kangen ka si Candrika nu
baheula.”

Padangantep teh si Candrika kalah beuki resep nyorangan. Lamun keur cinutrung dina dahan
anu sini, gawena ngan nyerangkeun bangsa merak. Komo mun isuk-isuk atawa pasosore mah, dina
mangsana bangsa manuk midang. Panonna terus melong ka merak jalu anu keur meberkeun buntutna.

Candrika : “Leuh, tada teuing resepna lamun aing jadi merak. Bulu endah, patinggurilap mun
katojo panonpoe. Na ari aing, bulu hideung lestreung suku pacer, pamatuk gede, mani
teu mararatut!” (bari ngabandingkeun awak sorangan jeung merak nu ditempo)

Si Candrika geus lila hayang jadi merak. Sabab ceuk si Candrika mah merak teh endah di
tingali na.

Candrika : “Duh aing mah manuk pang goreng-gorengna saalam sadunya. Manuk anu pangsial-
sialna. Tong boroning bangsa manuk deui, malahan bangsa manusa oge loba anu teu
resepeun ka kuring teh. Pokona aing kudu jadi merak!”

Kusabab eta, si Candrika teh hayang jadi merak. Lamun keur nyorangan, si Candrika teh sok
nurutan paripolah merak. Leumpang rada diaced-aced, terus meberkeun buntutna.

Candrika : “Leuh, lamun seug aing jadi merak! Naha atuh aing teh bet kudu jadi gagak?” (bari
kesel ka diri sorangan)
BABAK 2

Hiji poe si Candrika jeung gagak ngora hiber neangan kahakanan, bari angger mikiran
kahayangna, nyaeta hayang jadi merak. Barang ngaliwat ka hiji walungan, si Candrika nenjo baju
merak, nambru di sisi walungan.

Candrika : “Rak, kela ereun heula didieu.” (bari metot gagak ngora nu keur hiber di
hareupeunna)

Gagak 1 : “Aya naon kitu Can?”

Candrika : “Geus, cicing heula weh didieu. Aing rek ka walungan heula kedeung.”

Gagak 1 : “Lila moal Can?”

Candrika : “Moal mereun. Tapi, mun arek tiheula mah sok weh.”

Gagak 1 : “Heeh atuh.”

Gagak ngora ngaleos ninggalkeun si Candrika. Teu kungsi lila, si Candrika teh nyampeurkeun
baju merak nu aya di sisi walungan. Buru-buru bae baju merak teh disamber, dibawa hiber ka nu jauh
ti dinya. Cle dina tangkal nu suni. Tap baju merak teh dipake ku si Candrika.

Candrika : “Naha, ari baju teh meni logor. Jigana mah kudu dirapet heula.” (bari neangan nu
bisa ngarapetkeun)

Henteu talangke, manehna ngala leugeut tereup. Tuluy diulas-oles kana awakna jeung kana
baju merak tea. Dicobaan dipake hiber, najan karasa beurat, tapi leuwih ngenaheun tibatan tadi.

Candrika : “Laksana ayeuna aing jadi merak!” (bari ngagorowok)

Teu kungsi lila si Candrika ngagorowok. Pek teh datang si Culindra, baturan leutik si
Candrika.

Culindra : “Keur naon sakadang merak, hulang-huleng di dieu?” (bari ngadekeutan si


Candrika)

Candrika : “Si Culindra teu apaleun ka aing, padahal batur ulin aing ti leleutik.” (ngomong dina
jero hate)

Si Candrika heran, naha si Culindra teu apaleun ka manehna. Tapi, si Candrika teu paduli
kana eta. Sabab ayeuna manehna teh geus jadi merak. Kudu jadi merak.

Candrika : “Tunya-tanya teuing atuh!” (bari nembongkeun bulu anyarna)

Culindra : “Pilkadar nanya, wajar we da urang teh tatangga.” (bari ambek ka si Candrika)

Candrika : “Tatangga sih tatangga, tapi bangsa maneh mah teu pantes cacampuran jeung
bangsa aing. Sing ngarumasakeun maneh we atuh, boga rupa goreng patut, bulu
hideung lestreng teu beda ti areng! Beda pisan jeung bangsa aing mah. Sirah
dimakuta kukuncung, buntut hurung-herang enda taya babandinganana.”

Culindra : “ Na ari sia teh sombong-sombong teuing, Sakadang merak! (kesel ka si Candrika)
Candrika : “Ari geus, da kitu buktina!”

Culindra : “Ngahina ka sasama makhluk!”

Candrika : “Da bangsa maneh mah hinaeun!”

Si Culindra teu ngomong deui, geleber bae hiber ninggalkeun si Candrika, anu ayeuna geus
make baju merak.

Candrika : “ Enya, ayeuna mah aing teh geus jadi merak. Buktina si Culindra oge, batur urang
ti leleutik, teu apaleun. Malah nyebutna oge Sakadang Merak! Aing geus jadi merak!
Aing Merak! Merak!” (bari igel-igelan bakating ku bungahna)

BABAK 3

Pasosore, wanci bangsa manuk baralik ka panonobanana, Si Candrika oge balik. Ngan ayeuna
mah balikna lain kana tangkal kiara panonoban gagak, tapi kana kiara panonoban merak. Saperti
biasa, unggal sore merak-merak jalu sok nembongkeun kamonesanana, adu manis meberkeun
buntutna. Si Candrika oge teu katinggaleun. Tayohna mah sagala tindak tanduk si Candrika
diserangkeun ku kokolot merak di dinya. Kokolot merak nyampeurkeun Si Candrika.

Kokolot Merak : “Ke heula, Lur, ari maneh teh merak timana?” (bari nyampeurkeun Si Candrika)

Candrika : “Kuring ti dieu, ti ieu leuweung.” (bari gugup, bakating ku reuwasna)

Kokolot Merak : “Lain, Lur, salila nyunyuhun kuncung, kuring kakara nenjo bangsa merak kawas
maneh. Suku pacer, pamatuk koneng, sora serak teu beda ti gagak.” (heran)

Candrika : “Kuring mah merak Indo, puguh keur serak ieu teh!”

Kokolot Merak : “Lain, Maneh mah lain bangsa merak! Salila nyunyuhun kuncung, can kabejakeun
aya merak Indo!”

Candrika : “Kuring mah merak, tingali bulu kuring, apan bulu merak!”

Kokolot Merak : “Maneh mah lain bangsa merak, sigana mah bangsa gagak anu make baju merak!”

Rob teh bangsa merak-merak sejen ngaronom si Candrika

Merak 1 : “Rek ngacowkeun bangsa merak eta mah!”

Merak 2 : “Laan bajuna!”

Merak 3 : “Usir! Usir!”

Paramerak ngepung si Candrika. Si Candrika dipaksa ngalaan bajuna. Tapi, lantaran si


Candrika tanagana leuwih bedas, Si Candrika bisa leupas tina kepungan paramerak. Geleber hiber,
kalayang kakalayangan sakeudeung, cle bae dina kiara panonoban gagak.

Gagak 1 : “Aya merak, euy!” (bari ngagorowok tarik)

Candrika : “Kuring lain merak, kuring si Candrika, baturan maneh!”

Torojol teh kokolot gagak


Kokolot Gagak : “Rek naon anjeun ka dieu? Tuh, di ditu panonoban merak mah! Rek ngacowkeun di
dieu?”

Candrika : “Kuring lain merak, kuring si Candrika, piraku Olot poho ka kuring?”

Kokolot Gagak : “Kana sorana kuring apal, kana matana oge kuring apal. Tapi da Si Candrika mah
bangsa gagak, buluna hideung kawas kuring, henteu hurung-herang kawas maneh.
Maneh teh bangsa merak anu nyamur jadi si Candrika!”

Culindra : “Tah, ieu merak anu tadi ngahina bangsa gagak teh!” (torojol datang ka gigireun
kokolot gagak)

Candrika : “Culindra, kuring sobat anjeun, Si Candrika!”

Culindra : “Teu bisa! Si Candrika mah bangsa gagak. Kuring apal enya ka Si Candrika,
manehna mah moal mungkin ngahampas bangsana sorangan!”

Candrika : “Kuring Si Candrika!” (bari ugal-igel rek ngalaan baju merakna, tapi teu bisa da
geus pageuh napelna.)

Gagak 2 : “Eta mah pangacow!”

Gagak 3 : “Usir! Usir!”

Gagak 2 : “Podaran weh sakalian!”

BABAK 4

Gagak-gagak reang bari rek ngarempug si Candrika. Nenjo galagat kitu, Si Candrika buru-
buru hiber. Si Candrika kacida nalangsana. Ku bangsa merak teu diaku, sumawonna ku bangsana
sorangan. Anu matak peurih mah teu diaku jeung diusir ku bangsana sorangan, bangsa gagak anu
ngagedekeun manehna.

Candrika : “Kamana aing kudu lumampah? Ka bangsa manusa we kitu?”

Geus gilig dina hatena, si Candrika teh rek nepungan bangsa manusa. Isukna, wanci haneut
moyan, Si Candrika hiber ngajugjug ka pilemburan. Nepi ka pilemburan, cle dina hiji suhunan.

Manusa 1 : “Aya merak! Aya merak!!” (ngagorowok)

Manusa 2 : “Dimana lur?”

Manusa 1 : “Eta diluhur suhunan!”

Manusa 3 : “Eh heeh gening!”

Manusa 2 : “Euleuh, itu mani endah kitu!”

Manusa 3 : “Patinggurilap nya, euy, kawas berlian!”

Manusa 1 : “Nyaho kitu silaing berlian?

Manusa 3 : “Henteu..”
Kokolot lembur : “Halik barudak, ulah ngahalangan, urang tembak!” (torojol datang bari mawa bedil
angin)

Pamajikan : “Kade ulah keuna kana buntutna, lebar!”

Kokolot lembur : “Moal atuh, da kuring teh geus biasa kana tumbak-tembak mah!”

Dikeceng sakeudeung, ceplek bedil anginna dibekaskeun. Mimisna keuna pisan kana hulu si
Candrika. Koleang si Candrika ragrag, teu inget di bumi alam.

Teu lila ti harita, buntut merak si Candrika jadi papaes di tepas imah kokolot lembur.
Sakapeung aya hiji-dua anu dibawa ngapung, dipake bubuntut langlayangan.

You might also like