You are on page 1of 2

Edgi Axel XI IPA 04

Judul Novel : Baruang Ka Nu Ngarora

Tema : Ngahasut batur

Latar :

 Tempat : Di bumina Haji Abdul Raup, Di bumi Nyi Rapiah, Di Bumi Ujang Kusen, di Bumi Aom
Usman, Di Bumi Abdullah, jeung Di desa Nyi Piah sareng Ujang Kusen.
 Waktu : Sapanjang waktos (Beurang, Peuting)
 Suasana : Bungah waktos Nyi Rapiah jeung Ujang Kusen nikah. Emosi jeung tegang waktos
Nyi Rapiah kabur ti bumina sareng ninggalkeun Ujang Kusen nikah jeung Aom Usman.
Nalangsa waktos Ujang Kusen jadi lalaki teu beneur jeng dibui.

Galur : Maju

Sudut Pandang : Urang Ka-3 Serba Nyaho

Gaya Bahasa : ngagunakeun bahasa sunda halus

Tokoh Dan Penokohan :

a) Nyi Rapiah : bageur jeung polos, tapi saatos nikah jadi berkhianat ka Ujang Kusen
b) Ujang Kusen : sabar, tapi saatos diceraikeun ku Nyi Rapiah jadi lalaki teu bener
c) Aom Usman : bageur tapi licik, ngamanfaatkeun batur
d) Nyi Dampi : Rendah Hati, sok mere ka batur.
e) Haji Abdul Raup : Bageur jeung bijak.
f) Istri Haji Abdul Raup : Penyayang.
g) Haji Samsudin : Bijak.
h) Istri Haji Samsudin : Penyayang.
i) Haji Banisah : Pengasih.
j) Abdullah : licik

Amanat : Urang hidup di dunya teh tong gampang kahasut ku batur, boh eta jalma anu deukeut
jeung urang boh nu karek kenal, ulah sampe urang kabawakeun ka jalan nu teu bener. Lamun urang
geus terjerumus kanu teu bener rugi jeung hanjakal anu aya engkena. Urang oge ulah sok
ngakhianatan batur, mun urang atos ngajanji ka batur kudu dijaga janji na.

Garis Badag Carita :

Malem senen 14 bulan hapit 1291 dibumina Haji Abdul Raup meuni rame pisan, kulantaran anakna
nyaeta Nyi Rapiah rek di lamar ku Ujang Kusen. Teu lami Nyi Rapiah jeung Ujang Kusen akhirna
nikah. Tapi Aom Usman rek ngalamar oge Nyi Rapiah. Kulantaran Ujang Kusen rek ngahindarkeun
Nyi Rapiah jeung Aom Usman, maranehna pindah ka hiji desa nu jauh tina desa kolotna tinggal.
Maranehna pindah diiringan ku ceurik kulantaran Nyi Rapiah teh teu bisa jauh sareng kolotna.
Akhirna Nyi Rapiah sareng Ujang Kusen nepi ka desa di deket gunung nu jauh timana – mana. Nyi
Rapiah tinggal diditu teu pibeutaheun pisan, kulantaran manehna teu biasa tinggal di tempat nu jauh
timana – mana ditambahan diditu Nyi Rapiah jauh ti kahidupan mewah nu biasana manehna
jalankeun.

Tiba tiba dina hiji waktos Nyi Rapiah ngarasa tos teu betah pisan tinggal di imah eta, akhirna Nyi
Rapiah kabur sareng Abdullah bade ka imah kolotna. Singket carita Nyi Rapiah sareng Ujang Kusen
teh papisah anu akhirna Nyi Rapiah nikah ka Aom Usman, tapi teu lila Nyi Rapiah di candung ku Aom
Usman, ceurik weh Nyi Rapiah kulantaran nyesel ninggalkeun Ujang Kusen demi Aom Usman. Tapi
Nyi Rapiah teu bisa naon naon kulantaran tos jadi takdirna manehna di candung. Sami jeung Nyi
Rapiah, Ujang Kusen ge jadi jalma nu teu bener senggeus papisah jeung Nyi Rapiah, sok maen
awewe jeung ngadu, akhirna kulantaran sikapna nu kos kitu Ujang Kusen di bui.

You might also like