You are on page 1of 2

MANGPAAT LINGKUNGAN HIRUP PIKKEUN MANUSA

LUNA NOVIA RAMADHANI


XII IPS 6

Manusa nyaeta makhluk sosial, kahirupana kedah ditunjang ku lingkungan hirup anu sae nu
aya di sakelilingna. Lamun jalma aya dilingkungan anu beda, tangtu manehana kedah tiasa
nyesuaikeun kana lingkungan hirupna nu anyar.
Lingkungan hirup tiasa ngajadikeun sumber pikeun nunjang kahirupan manusa jeung
makhluk hirup nu sejen. Gusti nu agung atos nyediakeun lingkungan hirup pikeun kahirupan
nu aya di bumi. Urang kedah tiasa ngamanpaatkeun lingkungan hirup sawajarna jeung
ngajagi kalestarian alam nu aya disekitar.
Tangtu mangpaat lingkungan hirup pikeun kalangsungan hirup manusa teh ageng pisan.
Salain pikeun tempat ajang urang cicing, lingkungan hirup nu aya disekitar oge tiasa di
mangfaatkeun, nyaeta pikeun?
 Nambah panghasilan pokok (kabutuhan sandang, pangan, jeung papan)
 Media pikeun sosialisasi atawa interaksi sareng makhluk hirup nu sejen. Misalna
manusa, sasatoan, jeung nu sejena.
 Sumber energi nu bisa dimanfaatkeun pikeun ngadukung kalangsungan hirup
manusa.
 Ekosistem jeung kalestarian flora jeung fauna sarta sumber alam lain anu tiasa
di lestarikeun.
Nah sumber daya alam anu disebutkeun diluhur, tiasa di mangpaatkeun pikeun ngadukung
kabutuhan manusa sareng nu laina. Ku kitu urang kedah ngajagi kalestarian alam nu aya
dilingkungan urang masing-masing, ulah dirusak tapi kedang urang jaga sasarengan. Aya dua
unsur lingkungan hirup teh nyaeta:
 1. Unsur hayati atawa biotik – Nyaeta sagala unsur makhluk hirup nu aya dina
lingkungan hirup, misalna manusa, sasatoan, tatangkalan, jeung sajabana.
 2. Unsur fisik atawa abiotik – Nyaeta sagala unsur lingkungan anu teu aya
nyawana (nu paeh) contona cai, udara, batu, jeung sajabana.
Nah eta dua unsur lingkungan anu mangrupakeun unsur penting pikeun kalangsungan hirup
pikeun sagala makhluk anu hirup nu aya di dunya. Lingkungan hirup mangrupakeun tempat
pusat kahirupan manusa, ayana lingkungan hirup anu alus bisa masihan loba fungsi anu
ageng pikeun manusa.

Lestarikeun lingkungan hirup pikeun anak cucu urang!


Ngalestarikeun lingkungan hirup wajib pikeun urang, sabab kabutuhan hirup manusa teh
ditunjang ku alam. Lain saukur tanggung jawab pamarentah hungkul, tapi eta oge jadi
tanggung jawab urang sadaya nu aya di bumi ieu.

Masing-masing jalmi kedah boga kasadaran pikeun usaha nyalametkeun lingkungan hirup nu
aya disekitarna masing-masing sasuai kamampuan nana. Sabab usaha saletik oge bakal jadi
ageng manfaatna pikeun anak jeung cucu urang engkina.

You might also like