You are on page 1of 13

DONGENG

PANGAJARAN PIKEUN KELAS X SMA PGII 1 BANDUNG


Dongéng téh carita rékaan (fiksi) anu ngandung hal-hal pamohalan.
Contona baé sasatoan jeung tatangkalan boga paripolah sarta bisa
ngomong jiga jelema, parahu robah jadi gunung, atawa jelema jadi
maung kajajadéan. Dongéng kaasup kana karya balaréa, lantaran
henteu kanyahoan saha anu ngarangna.
Unggal wewengkon miboga dongéng séwang-séwangan, anu raket
patalina jeung kaayaan tempat katu kapercayaan masarakatna. Éta
sababna dongéng mangrupa bagian tina folklore (carita rakyat).
CONTO DONGÉNG TI
SABABARAHA
WEWENGKON
• Sasakala Gunung Geulis ti Kab. Bandung
• Sasakala Gunung Tangkuban Parahu ti Kab. Bandung Barat
• Sasakala Cigondéwah ti Kota Bandung
• Sasakala Kampung Kranggan ti Kab. Bekasi
• Sasakala Talaga Warna ti Kab. Bogor
• Putri Kandita ti Kota Bogor
• Sasakala Maung Panjalu ti Kab. Ciamis
• Jaka Susuruh ti kab. Cianjur
• Nyi Rambut Kasih ti Kab. Majalengka
• Hanjuang di Kutamaya ti Kab. Sumedang
1. Dongéng sasatoan atawa
dongéng fabél, nyaéta dongéng anu
palakuna sasatoan. Contona:
•Sakadang Kuya jeung Sakadang RUPA-RUPA
Monyét
DONGÉNG
•Peucang Keuna ku Leugeut
•Gajah Éléh ku Sireum
2. Dongéng sasakala, nyaéta
dongéng anu aya patalina jeung
asal-muasalna hiji tempat, barang
atawa hal séjénna. Contona: RUPA-RUPA
•Sasakala Gunung Tangkubanparahu DONGÉNG
•Sasakala Gagak Buluna Hideung
•Sasakala Kalapagenep
3. Dongéng sajarah/ carita babad,
nyaéta dongéng anu aya patalina
jeung tokoh-tokoh sajarah atawa RUPA-RUPA
patempatan anu ngandung sajarah.
DONGÉNG
•Hanjuang di Kutamaya
•Arca Domas
•Syéh Maulana Akbar
4. Dongéng jalma biasa, nyaéta
dongéng anu palakuna jalma biasa.
Contona:
•Si Kabayan Ngala Roay
RUPA-RUPA
•Cikaracak Ninggang Batu, DONGÉNG
Laun-laun Jadi Legok
•Tukang Cukur Panipuan
NGADONGÉNG
Ngadongéng téh mangrupa salahsahiji kaparigelan
nyarita. Ngadongéng henteu sarua jeung maca
dongéng. Anu matak dina ngadongéng mah urang
kudu bener-bener apal kana dongéng anu rék
didongéngkeun. Copélna apal kana jalan caritana.
Saméméh ngadongéng, urang kudu:
•Maham kana eusi dongéng
•Maham kana palaku katut
pasipatanana HAL NU KUDU
DIPERHATIKEUN
•Maham kana hal-hal anu
NALIKA KEUR
dicaritakeun dina dongéng NGADONGÉNG
Dina prakna ngadongéng, urang kudu:
• Ngagunakeun sora anu bedas
• Ngedalkeun kekecapana béntés
• Bisa ngatur témpo, henteu gancang
teuing jeung henteu kendor teuing HAL NU KUDU
• Wirahmana luyu jeung ungkara nu DIPERHATIKEUN
dikedalkeun NALIKA KEUR
• Paromanna luyu jeung anu keur NGADONGÉNG
didongéngkeun
• Pasang petana luyu jeung eusi dongéng
• Sikep sawajarna, henteu kaleuleuwihi
Dina pasanggiri ngadongéng, anu diajén téh sacara umum mah
ngawengku:
• Vokal : bedas henteu na sora
• Intonasi : lentong jeung wirahma
• Artikulasi : béntés henteuna ngunikeun kecap
• Éksprési : paroman jeung pasang peta

You might also like