You are on page 1of 7

SOAL PAS BAHASA SUNDA KELAS XI

MULTIPLE CHOICE
1. Wangsalna “simeut”, ari cangkangna nyaéta….
A. Teu beunang dihurang sawah, teu beunang dipikameumeut
B. Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibébénjokeun
C. Teu beunang dirangkong kolong, teu beunang dipikahayang
D. Kembang bodas buah bunder, nyaheruk nya pipikiran
E. Maung tutul saba kasur, diri teu gareunah cicing
ANS: A

2. Mark Zuckerberg téh mahasiswa Harvard College nu nyiptakeun….


A. Facebook
B. Yagoo
C. Google
D. Blackberry
E. Microsoft
ANS: A

3. Aya sawatara kagoréngan tina ayana Facebook, iwal….


A. Siwa teu migawé PR lantaran OL waé
B. Loba nu ngahina ka batur atawa ka pamaréntah
C. Loba nu nyebarkeun wartos anu wadul
D. Bisa ngobrol jeung babaturan nu geus lila teu panggih
E. Teu bisa ngirimkeun surat elektronik atawa é-mail
ANS: D

4. Kagiatan ngadu pamadegan (adu argumentasi) boh sorangan-sorangan boh ngelompok


(grup) disebutna….
A. Sawala
B. Debat
C. Repungan
D. Rapat
E. Panél
ANS: B

5. Panumbu catur dina debat téh jalma anu boga wewenang pikeun….
A. Ngatur lumangsungna debat ti mimiti nepi ka réngsé
B. Milih alus henteuna kelompok nu debat
C. Meunteun kelompok anu alus dina debat
D. Nuliskeun kacindekan tina debat
E. Muhak kas alahsahiji kelompok pangjejer debat
ANS: A

6. Ieu dihandap sawatara pancénpangjejer dina debat, nyaéta…


A. Nepikeun pamadegan ngeunaan pasualan nu didebatkeun
B. Némpas atawa mairan pamadegan ti pangjejer séjén nu teu sapaham
C. Ngagugu kana aturan anu ditepikeunku panumbu catur
D. Ngatur lancan henteuna debat ti mimiti nepi ka réngsé
E. Ngajejeléh panumbu catur jeung kelompok pangjejer séjén
ANS: A

7. Wanda debat anus ok dipasanggirikeun atawa dilomakeun, nyaéta debat….


A. Pasanggiri
B. Kompetitif
C. Parlemen
D. Anggota legislative
E. Kusir
ANS: B

8. Pasanggiri (kajuaraan) debat tingkatdunya anu pamilonna barudak sakola nyaéta….


A. World School Debatting Championship (WSDC)
B. Indonesian School DEbatting Championship (ISDC)
C. Apresiasi Debat, Sastra, jeung Seni Daerah (ABSSD)
D. Debat anggota legislative (DPR/MPR)
E. National School Debatting Championship (NSDC)
ANS: A

9. Ieu dihandap kaliimah-kalimah anu henteu ngandung kecap sipat, nyaéta….


A. Bu Dini mah bageur pisan
B. Katumbiri ktingal aya warna beureum, konéng, jeung kayas.
C. Abdi mios ka Bogor énjing-énjing
D. Tengah poé karasana panas kacida
E. Jang Adun sukuna bareuh urut tijalikeuh
ANS: C

10. Ieu dihandap kecap-kecap sipat anu boga harti lalawanan langsung, iwal….
A. Luhur x handap
B. Panjang x pondok
C. Jangkung x pendek
D. Gendut x begang
E. Buleud x pasagi
ANS: D

11. Kecap sipat dina basa sunda réa nu bisa dituturkeun ku kecap katerangan sipat, iwal….
A. Beureum euceuy
B. Hideung cakeutreuk
C. Hejo carulang
D. Ipis nyepring
E. Poek mongkleng
ANS: C
12. Karya sastra anu diréka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranana
pondok,disebutna….
A. Fikmin
B. Romanse
C. Novelet
D. Carnyam
E. Carpon
ANS: E

13. Ieu dihandap anu henteu kaasup kana ciri-ciri carpon, nyaéta….
A. Wangun karanganana pondok
B. Sifat caritana naratif jeung fiktif
C. Palaku caritana kaitung rea
D. Eusina kaharti ku akal atawa realistis
E. Biasana nyaritakeun huju kajadian
ANS: C

14. Anu henteu kaasup kana unsur-unsur carita dina carpon, nyaéta….
A. Tema
B. Rasa
C. Palaku
D. Latar
E. Galur
ANS: B

15. Buku kumpulan carpon dina sastra sunda leuwih ti heula batan buku kumpulan carpon
dina sastra Indonésia. Buku kumpulan carpon nu munggaran dina sastra sunda, nyaéta….
A. Carita biasa karya R.A.F
B. Papancangan karya Rusman Sutiasumarga
C. Hujan Munggran karya Ayatrohaedi
D. Dogdog Pangréwong karya G.S
E. Ceurik Santri karya Usép Romlin HM
ANS: D

16. Latar kajadian dina carpon “Gunung nu Ėndah” karya Asmiranti, nyaéta….
A. Daerah Maja
B. Daerah Kuningan
C. Gunung Ciremay
D. Daerah Cikijing
E. Daerah Kadipaten
ANS: A

17. Karakter Si Narsim téh dina carpon “Tukang Koran”, nyaéta….


A. Teu kaopan
B. Sabar
C. Barangasan
D. Barbarian
E. Eraan
ANS: B

18. Si Narsim téh dagang koranna dina waktu….


A. Unggal poe
B. Poe pere
C. Balik sakola
D. Poe ahad
E. Isuk-isuk
ANS: C

19. Ieu dihandap anu teu kaasup kana kalimah pasif, nyaéta….
A. Adang katarajang kasakit panas
B. Mang Kurdi Kadupak beca
C. Manuk diparaban ku kuring
D. Barudak dibawa piknik ku guruna
E. Manehna diajar ngawih di sanggar
ANS: A

20. Ieu dihandap kalimah aktif anu teu bisa dirobah jadi kalimah pasif, nyaéta….
A. Mamah keur ngamandia Dédé
B. Kuring mangmeulikeun buku keur adé
C. Dadang ngangkutan sayuran ti kebon
D. Mang Mahdi dagang sayur dipasar
E. Aki nuju ngala lauk di balong
ANS: D

21. Baca nu daria éta sempalan panumbu catur!


Assalamu’alaikum wr. wb. Sampurasun! Ti payun urang sanggakeun puji sareng sukur ka
Gusti Nu Maha Suci anu tos masihan kaséhatan ka urang sadaya. Hatur nuhun ka sadérék
panata acara anu tos masihan kasempetan ka sim kuring janten panumbu catur dina ieu
kagiatan.
Sempalan téks pancén panumbu caur di luhur ka asup bagéan…..
A. Bubuka édék ngamimitian acara
B. Ngawilujengkeun ka pamilon jeung nepikeun pedaran singget kagiatan
C. Ngawanohkeun narasumber jeung topik.
D. Méré waktu ka narasumber pikeun medar matéri.
E. Méré kasempetan nanya ka pamilon
ANS: A

22. Mun urang jadi panumbu catur téh kudu méré kasempetan nanya ka pamilon, téks
dihandap mana nu nuduhkeun méré kasempatan ka pamilon….
A. Supaya ieu acara lumangsung kalawan kalancaran, sim kuring Ujang Pahrudin,
badé ngamoderatoran atanapi jadi panumbu catur dugi ka réngséna. Ka Bapa
Amin Supandin sumangga dihaturanan kanggo ngabahas matéri kaséhatan salami
10 menit.
B. ieu kagiatan téh tos réngsé. muga-muga aya mangpaat sareng jadi panyumanget
kanggo urang dina ngajaga lingkungan. Hapunten tina sagala kalepatan. Mangga
nyanggakeun deui ka panata acara. Wassalamualaikum wr.wb.
C. Tah, mangga ayeuna ka pamilon ieu diskusi bisi aya anu can paham atawa
panasaran kumaha ngajaga kaberesihan lingkungaan, dipasihan waktu kanggo
ngadugikeun pertanyaan ka narasumber. Tong hilap sebutkeun nami sareng ti
mana asal.
D. Wilujeng sumping ka para pamiloN. Ieu diskusi téh dilaksanakeun lantaran ayana
rasa prihatin kana kaayaan lingkungan anu beuki dieu téh beuki ruksak,
dilantarankeun miceun runtan di mana waé, nu antukna nimbulkeun caah atawa
banjir. Tujuan ieu diskusi téh nyaéta kumaha sangkan urang bisa ngajaga
lingkungan sangkan beresih, séhat, jeung henteu nimbulkeun musibah.
E. Dina ieu kasempetan narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina widang kaséhatan
lingkungan, badé medar matéri ngeunaan ‘Ngajaga Kaberesihan jeung Kaséhatan
Lingkungan’.
ANS: C

23. Baca sing gemet éta sempalan panumbu catur!


Dina ieu kasempetan narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina widang kaséhatan
lingkungan, badé medar matéri ngeunaan ‘Ngajaga Kaberesihan jeung Kaséhatan
Lingkungan’.
Sempalan téks pancén panumbu catur di luhur ka asup bagéan ……
A. Bubuka
B. Ngawilujengkeun ka pamilon
C. Ngawanohkeun narasumber jeung topik diskusi.
D. Méré waktu ka narasumber pikeun medar matéri.
E. Méré kasempetan nanya ka pamilon
ANS: C

24. Baca nu daria éta sempalan panumbu catur di handap!


Ieu diskusi téh dilaksanakeun lantaran ayana rasa prihatin kana kaayaan lingkungan anu
beuki dieu téh beuki ruksak, di antarana dilantarankeun ku miceun runtan di mana waé,
nu antukna nimbulkeun caah atawa banjir. Tujuan ieu diskusi téh nyaéta kumaha sangkan
urang bisa ngajaga lingkungan sangkan beresih, séhat, jeung henteu nimbulkeun
musibah.
Sempalan téks pancén panumbu catur di luhur ka asup bagéan …
A. Ngawanohkeun narasumber jeung topik diskusi.
B. Méré waktu ka narasumber pikeun medar matéri.
C. Méré kasempetan nanya ka pamilon.
D. Nepikeun pedaran singget kagiatan diskusi.
E. Mariksa sagalarupa hal nu ngadukung lumangsungna diskusi.
ANS: D

25. Baca nu taliti éta pedara sikep panumbu catur téh!


1) Maca heula biodata unggal narasumber kalawan bener.
2) Mikanyaho riwayat hirup jeung kalungguhan/pagawéan narasumber, sangkan teu
salah nyebut ngaran atawa pagawéan narasumber.
3) Ngatur diskusi, ngatur nu nanya, jeung bisa jadi panengah upama aya konflik
jeung bébédaan pamadegan atawa pamahaman.
4) Ngawasa masalah anu luyu jeung téma kagiatan. Hadéna mah urang geus maca
heula makalah atawa matéri unggal narasumber.
5) Mikanyaho kaayaan pamilon nu hadir dina kagiatan diskusi. Moderator kudu bisa
ngatur pamilon sangkan sumanget dina miluan kagiatan diskusi.
6) Nyindekkeun hasil diskusi.
Saméméh ngalaksanakeun tugas jadi panumbu catur, aya sawatara hal sikep
anu perlu dilakonan nyaéta…
A. 2, 4, 5
B. 1, 2, 3
C. 2, 3, 4
D. 4, 5, 6
E. 3, 4, 5
ANS: A

26. Panumbu catur nyaéta nu ngatur lumangsungna kagiatan diskusi atawa rapat. Tugasna
béda jeung panata acara atawa MC, arti MC nya éta…
A. Women of ceremony
B. Moderator of ceremony
C. Master of ceremony
D. Monster of ceremony
E. Momentum of ceremony
ANS: C

27. Pancén/tugas utama panumbu catur nya éta…


A. méré mikrofon ka narasumber
B. méré buku catetan ka narasumber
C. nitah datang leuwih ti heula ka narasumber
D. minangka panengah atawa wasit dina kagiatan.
E. minangka mére matéri ka pamilon
ANS: D

28. Panumbu catur kudu boga sikep nétral atawa teu mihak ka salasahiji pihak, aya sawatara
sikep anu perlu dilakonan ku patumbu catur…
A. Tilu
B. Opat
C. Genep
D. Dalapan
E. Salapan
ANS: C

29. Struktur omongan panumbu catur téh ngawengku aya……


A. Opat
B. Genep
C. Tujuh
D. Dalapan
E. Sapuluh
ANS: B

30. Mun Jadi panumbu catur téh kudu mawa media keur ngaringkes hasil guneman/obrolan
narasumber, média naon nu pas keur nyumponan kana pancénna…
A. Kaméra
B. Mikrofon
C. Pulpén
D. Mikrofon jeung pulpén
E. Pulpén jeung buku catetan
ANS: E

You might also like