Professional Documents
Culture Documents
Final Skenario
Final Skenario
PAMAEN/TOKOH
NYI SARIKINGKIN : ANDINI
RAJA PANANGGEUHAN : LILI ANGGA
INDUNG SARINGKING : EKA
NYI PANGERAN : VALINA
NYI PURBA ASIH : INTAN AYUNDASARI
NYI PURBA RATNA : FADILA ADZAKIYAH
PENGAWAL RAJA PANGGEUHAN : SUHERDI WIJAYA
AHMAD PANCA
M.SAFWAH
ALBERT STEVEN
ASEP
ARIEL TEGAR
SUPIR NYI SARIKINGKIN : " ARIEL TEGAR
RAJA NARPATI NGASTA NAGARA : IQBAL WAHYUDI
ISTRI RAJA NARPATI : RETNA
PANGERAN AMON : AJI RAMDANI
PATIH ARIA : FAQIH
PENGATAR UNDANGAN : KIKI
NYI POHACI : DEWI KARTIKA
JURU HIAS : EKA
DUKUN : IQBAL
SUTRADARA : M.LUFTPAN
SKENARIO : HILMI SIDKI
IMAN WIJAYA KUSUMA
KAMERAMEN : DIMAS SATRIO
RUDI VALENTINO
M.FAUZAN
EDITOR : SUBHAN MARIO
ABDUL REJA
Baheula,aya salah sahiji karajaan nu boga raja anu bager pisan,darmawan,someah,asih,sareng
darmawan ka para rakyatna teh,ku kituna di pangagung ku rakyat rakyat na teh.namina nyaeta pangeran
panagehan.
Pangeran panagehan boga anak awewe mejehna parawan.gelisna kawanti wanti,endah na kabina
bina,ku kitu kalakuan hade pisan.nyai saringkin namina.
Ti leleutik nyai saringking tara di ogo ciga putra putri raja anu lain.anggoana tara anu alus²,biasa wae.ku
kituna ge lain indung bapa na teu nyaah atawa ulah.tapi nyi saringking paur make baju nu kasebut teu
hade.
Nya ku kitu nyai saringking,anu pinuh ku piwulang,kasipuh ku kepuh,adatna henteu minculak,hade basa
tata ka sasama.henteu sombong ciga abong aing anak raja.amun boga kahayang tara sok menta indung
bapa.upamana kitu oge engges di siapkeun ku indung bapana.
Hiji waktu indung na si nyai teh keur gering parah,ntos di ubaran ku saha wae,sampe ka daratang dukun
ti mana mana anu arek nagbales ka hadean raja. Tapi angger teu bisa di ubaran panyakitna teh.
Indungna kingkin : " Ambu geus teu kiat deui neng "
Indungna kingkin : " Kang Kade si kingkin nya mihape kingkin nepi ka Panggih sareung jodohna "
Raja : " Enya si kingkin ku kakang bakal diuruskeun nepi KA gede moal bakal nepi nalangsa sabab iyeu
putri akang NU geulis "
Isukna teh engges di umumkeun ka mana² bahwamana indung na nyi saringking teh ntos maot,terus
para pangagung raja daratang ka karajaan,rek bela sungkawa sareng jajap layon ka kuburan.
Saangges di sholatan mayitna tur di gotong ka kuburan ku kulawarga pangeran panageuh an.loba pisan
anu ngiring na teh.
Kasedihan pangeran panagehan jeng nyai saringking geus lain caritakeunen,komo sabalikna ti kuburan
mah,hente angges angges nyi saringking ceurik,raja panageuhan mah ngan ukur bisa camebluk
ngalamun.
Lewat satahun santos maotna jenat,pangeran panaggeuhan kagungan mana keur neangan deui
pamajikan deui anu kos jenat.
Raja : Neng Bapa teh Bade milarian deui panglanjut Ambu kos jenatna Ambu Eneng? Wios teu neng?
Engges lila pangeran neangan pamajikan nu cocok akhirna kapanggih oge,anu nyaaheun ka nyi
saringkingkin,terus Awewe teh boga dua anak sapantaran nyi saringkingkin awewe dua nana,jadi ku
kitu bisa silih pihapekeun.
Gancang na eta awewe teh ntos jadi kulawarga pangeran pananngeuhan.da ku raja ntos di tingali ti ka
nyaah na eta awewe ka nyai saringkingkin sae pisan kalakuana mirip almarhumah.
Tapi da ngarana ge jelema bisa rubah kalakuana,sarua kos pamajikan pangeran panageuhan nu anyar ge
nya kitu,lewat tilu bulan ganti kalakuana teh,mulai goreng adatnateh,da emang bohongan kalakuan
hadena mah.ambeh bisa ka pandang ku pangeran panageuhan hungkul.
Nu tadi na adatna hade jeung someah naha jadi sok sesentak ka para prajurit prajurit raja,malahan aya
nu sampe rek di usir.
NYI pangeran : " Herdi NU bener atuh maneh gawe teh "
NYI pangeran Maneh nage sarua lain mah jaga malah heureuy "
Raja ge jadi binggung nu aya,karek manggihan nu barangasan da tiheula mah teu kos kieu.komo nyi
saringking kin mah unggal peuting teh sok kaluar cai mata da ngarasa di bedakeun ku duduluran anyarna
tea.nyi purba asih jeung nyi purba ratna mah da puguh sok make baju anu aralus.ari nyi saringkingkin
mah baju na kucel teu bisa di sebut biasa² acan.nya intinamah teu pantes anak raja makena.
NYI Asih : " kumaha urang nyieun si kingkin digeuleuhan ku bapana "
NYI Ratna : " heeuh hayu teh, tapi kumaha carana "
NYI Asih : " urang fitnah si kingkin nyokot perhiasan teteh "
NYI Ratna : " heeuh hayu teh ngke Ratna NU nunda perhiasanna "
Tuluy teh datang NYI asih Jeung indung terena.nyi asih tuluy ningali perhiasan lengit nyalahkeun Nyi
Sarikingkin
NYI Sarikingkin : " kingkin mah teu nyandak perhiasan teteh tatadi ge mereskeun kamar teteh doang "
NYI Asih : " geuning perhiasan asih iye eweh NU Aya dikamar kan maneh doang "
NYI pangeran : " nggeus hayu ngilu maneh kingkin ka bapa maneh "
Raja : piraku ah nyai , da si kingkin mah ti leletik ge bageur budak na Tara cukat cokot "
NYI pangeran : " Ari akang teu percaya ka nyai teh, tah sok tanyakeun ka si asih Ari akang teu percara ka
nyai mah "
Nyi asih : " Muhun bapa perhiasan asih te Aya di kamar . Da NU Aya dikamar asih si kingkin dong teu Aya
deui sasaha "
Raja : " Neng eta NU bener nyandak perhiasan teh asih henteu ? "
NYI Sarikingkin : " henteu pa kingkin mah cuma mereskeun kamarna teh asih doang "
NYI Ratna : " maneh mah sirik wae kingkin jadi na nyokot perhiasan asih "
NYI Sarikingkin : " sok coba hayu pariksaan kamar kingkin Aya henteu perhiasan teh asih "
Dikamarna NYI Sarikingkin sakabeh kaluwargi raja sareng 2 pengawalna mariksaan kamarna kingkin
NYI Sarikingkin : " hoh gening eta bisa Aya didinya perhiasanna teh asih "
NYI pangeran : " Tah Rama bener tingali anak Rama NU ku akang di reueus pisan "
Raja : " bapa teu nyangka ka Eneng , kunaon Eneng ngalakukeun NU kos Kitu,da bapa mah te ngajarkeun
Eneng kos Kitu.Dina kalakuan Eneng eta bakal Aya pangwalesna nyaeta Eneng bakal dipindahkeun
kamarna ka kamar NU Aya di pang tukangna "
NYI Sarikingkin : " henteu Rama kingkin mah tatadi ge cuma ngabantosan teh asih mereskeun kamar
doang " ( sabarian ceurik)
NYI pangeran : Ari iyeu naon maneh teh? Dek ngawadul naon Deui?
pengawal herdi : " Punteun nya neng abdi mah cuma ngalakukeun parintah hungkul "
Saengges si kingkin dikamar Indung tere na terus ngagogoreng si kingkin di hereupen raja,nepi ka raja ge
kapaksa ngajauhan si kingkin anu teu dosa jeng teu salah nanaon.da engges ka hasut ku istrina nu
ayeuna.beuki lila beuki di bedakuen NYI Sarikingkin teh.
Kamarna deuket kamar prajurit ,amun aya raramean nyai saringkingkin mah tara katingali,amun sakalina
di candak ge di icingkeun ku indung terena teh.Pangeran panageuhan teu nyadar,anak kandung na teh
di nyeyeri ku kulawarga nu anyarna teh
Leuwih dua tahun nyi saringkingkin di nyenyeri ku indung terena teh,amun di kamarna teh pray cai mata
sasambat ka indung nu ngges teu aya.
Prajurit Raja Narpati : Punteun tuan iyeu Aya uleman ti karaton raja Narpati "
Prajurit Raja Narpati : " Saurna ceuk Raja Bade ngayakeun acara jejeg NU ka 50 taun sareung Bade
mulung mantu kanggo pangeran Anom "
Raja Pananggeuhan : " Muhun atuh ngkin datang sareung kulawarga abdi "
Di pesta eta teh aya acara pemilihan jodoh.nu di hadiran ku putraraja pangeran amon anu di gadang
gadang bakal ngagantikeun bapana.
Pitilupoen deui kana brengna pesta karajaan eunggeus di hias ku sagala parabotan,para menak istri
ataupun pameget geus siap make baju nu aralus.
Kingkin : " biasa nage urang diajakan kunaon ayeuna henteu ( ngadumel teu puguh )
NYI pangeran: "Kang itu kingkin ngadumel wae kekeuh hayang ngilu"
Raja : "Wayahna geulis teu di bawa heula sakali ieu mah,da bareto ge basa ibu aya keneh,leuwih ti lima
kalina di bawa kana pesta karaton teh"
Teu percaya bapana sorangan ngomong kitu leuwih milih indung tere na daripada anak sorangan.Nyai
saringkingkin ngan ukur tungkul hnte di tembalan² acan,tapi di jero hatena mah ngajerit sasambat ka
indung na nu geus teu aya.
NYI Purba Asih : "Lah budak leutik sagala hayang ngilu ka pesta gede pieraeun wae".
NYI Purba Ratna : "heeh nya teh,meuning ge ditu buruan mangkat ka kebon".duaan nana keur ngarintip
dinu balik jendela.
Tuluy mangkat nyi saringkingkin teh ka kebon,sanangges nepi ka kebon ngan bray cai mata ngagoak nyi
saringkingkin ka indungna kahayang hiji hiji na teu di turut keun ku bapana.
Kingkin : " kunaon Kitu nya kingkin hayang ngilu ka pesta ku bapa teu diturutkeun" (ceurik)
Para prajurit : "Duh nyai naha ceurik bari sasambat ka almarhumah?ku naon di nyenyeri ku ibu kawalon
deui?ntos ayeunamah engtong di anggo manah,da biasana ari ibu kawalon mah tara aya nu bageur,ntos
nyai ayeunamah ulah sasambat kanu ntos teu aya kirang sae,anggursi doakeun sing kenging rahmat
kubur,didieu nyai heunteu nyalira seueur keneh nu mikaasih.nkin ge jalmi nu kitu mah aya balesan na ti
nu kawasa nu murah asih ka abdina"
Barang bedug maghrib para anak anak raja ngges darangdan nganggo baju anu aralus ngan nyi purba
asih jeung nyi purba ratna mah ncan siap siap acan da hese di pakean itu ieu teu cocok,tur nyalah keuna
na ka juruhias ngan ukur sesengor teu puguh,
NYI Ratna : " Ari maraneh teh bisa ngadangdanan henteu sih " (nyentak)
Juruhias : " bisa atuh putri "
Juruhias : " nya putri na Weh didangdanan ge harese iye salah itu salah "
NYI Asih jeung NYI Ratna : " nembalan wae bejakeun oge ka Ambu "
NYI Asih jeng NYI Ratna : " Bu Tah si juruhiasna teh teu bisaeun ngadangdanan"
NYI pangeran : "Saria teh bisa teu sih ngadangdanan,anak aing tebegug begug acan"
Juru hias : "Nya hapunten pisan nyi pangeran,da hnt aya acuk anu pas sareng anjeuna teh"
NYI pangeran : "Teu bisa mah ngomong weh teu bisa,ulah sagala aleusan baju lah naon lah,eh ari si
kingkin mun teu sala bisa ngadangdanan coba cinah kadieu"
Nyi purba pangeran : "kingkin cenah maneh bisa dangdan,Jung itu bantosan lancekna,titadi dangdana
teu acan angges wae,amun maneh bisa berarti maneh teh pinter"
Nyi saringkingkin lain ku sabab atoh di olo,ngan aya pangarahan saeutik,sugan bisa di ajak lalajo ka
karaton sanajan teu kudu dangdan ku nu aralus oge.
Tur nyi saringkingkin asup ka kamar lancekna.duaana teh narempo nyi saringkingkin.
NYI Purba Asih : "Rek naon maneh kadie,rek dangdan jeung naon da moal di ajakan barinage"
NYI Purba Ratna : "Bener,awewe pantar maneh mah ngilu lalajo jeung para putra putri pangagung moal
pantes sing boga kaera jadi jelema teh coba"
Nyi sarikingkin hente ngajawab omongan eta da paur aya ucapan nu teu hade.kanyeri kapeurih ngan di
legleg wae ku nyi saringkingkin teh.
Ku kituna Nyi saringkingkin ngan keur leutik doang di dangdanan ku juruhias teh ari geus gede mah tara
ngahesekeun ka batur,nutur ka indungna.tina gancang jeung biasana nu ngadangdanan sakeudeung ge
engges angges sarta enya alusna teh deui,tur tuluy ka luar deui ti kamar.
Indung tere na panasaran hayangen nyaho kana bebenangana nyi saringkingkin teh,barang di tempo
indung terena ngan molohok,kesel ningali anak na nu ngges di pakean baju nu alus ku nyi saring kingkin
teh.
NYI pangeran : " Kin bereskeun heula eta pakean urut lancek maneh tadi"
NYI pangeran : " heeuh sok bereskeun Weh heula eta pakean NU awut awutan"
Pangeran panageuhan jeung nu lain geus marangkat tiheula,nyi saringkingkin nempo tina jendela bari
nyusitan cai mata,ningali inditana kulawargana.
Saengges kareta teu katingali segruk nyi saringkingkin ceurik,ngarasa di siksa ku indung terena sagala
karesep sok di cokot,nu di pikahayang sok di halangan.
NYI Sarikingkin : "Padahal kudu namah nu di ondang ku pangeran teh urang,indung tere jeung lanceuk
tere mah henteu"
Di tempat lain nyi pohaci nyaeta sesepuh nagara eta,keur diuk di gunung payung,nyaksian iincuanana di
nyeyeri ku indung terena.
NYI pohaci : "tadinamah rek diantep wae eta nyi pangeran anyar teh,sugan jeung sugan nyi pangeran
anyar balik mikir.eling nyiksa jelema nu hente dosa,tapi beuki lila beuki tambah nemen"
NYI Sarikingkin :"Bu geuning indung Tere teh kos Kitu sugan teh bageur kos Ambu"
NYI pohaci nempokeun wae kingkin NU ker ceurik terus ngagoroan kingkin
NYI pohaci : "Geulis,kingkin ntos ulah ceurik wae,meuning kadieu kaluar tepungan nini"
NYI pohaci : "Geulis,bisa jadi oge samar ka nini,sabab nini geus lila tara papanggih jeung geulis,nya ni
pohaci teh,datang ka dieu hayang nyaho kaayaan di diedieu saangges di nyenyeri ku ambu"
Geus ngadangu nyi pohaci ngomong kitu,nyi saringkingkin nyuuh ka sukuna bari ceurik.di jero
hatenamah asa ka ingetkeun ka indung na nu engges maot.emang nyi saringkingkin engges ngadangu ti
indungna,nyi pohaci teh pas nyi saringkingkin pas orok keneh sok di aasuh ku nyi pohaci.nu matak nyi
saringkingkin beda ti anak anak raja raja nu sejen.
NYI pohaci : "Geulis meureun hayang milu masamoan jeung para putra pangeran di karaton,tapi ulaheun
ku ambu kawalon nya?"
NYI Sarikingkin : "Ni,langkung tingali tina perkawis kaayaan abdi,anu tangtos teu kedah unjukan deui"
Nyi pohaci geus nyahoen adat na nyi saringkingkin persis kos indung na,tara osok bebeja ka batur amun
boga masalah teh.
NYI pohaci : "Geulis ulah sok nangis bari sasambat ka nu geus teu aya,pamali.engke deui ari aya ka susah
,hade sasambat ka nini wae sugan weh bisa nulungan,ayeuna meureun geulis henteu sadia papakean
keur kaditu.tah ieu pake geulis"
Nyi pohaci tulu muka buntelan nu isi na papakean jeung perhiasan anu pohara aralusna.eweh
bandinganana jeung nu di pake jeung anak raja nu sejen da papakeana meunang ti kahiayang.
NYI Sarikingkin : " Rewas !"ni geuning kingkin bisa jadi kieu nya"
NYI pohaci : " enya kingkin ku Nini didangdanan jadi nambah geulis wae"
Ku nyi pohaci di geberan kekemben cinde sutra.tuluy di kaleng ku nyi pohaci di bawa ka latar bari di
bejaan pisaureun keur engke di pasamoan.
NYI pohaci : " geulis ngke Mun ges tepi dipesta kudu ngaku jadi NYI putri terus kudu papangih jeng
pangeran "
NYI pohaci : " tapi Kade uihna ulah lewat ti jam 12 "
NYI pohaci : " Sabab eta papakean teh menang minjem ka ratu widadari eta sarat ti NU boga pakeanna"
NYI pohaci : " eta pakean jeng kareta teh balik deui kanu bogana"
NYI pohaci "Ari tanda mata ti nini mah ngan eta wae,sapatu buludru pulas cai di tabur ku berlian jeung
mirah delima talina sutra wilis,pusaka ti ratu jin,ayeuna mah geura clak bae tumpak kareta,bisa
enggesan manten"
Saengges ngomong kitu nyi pohaci,leus leungit teu katempo tapak bujurna acan.ari nyi saringkingkin
tuluy tunggang kareta,gredeg maju ka alun alun rek ka pasamoan.
Barang nepi ka alun alun,kusir nabeuh pecut tarik pisan, nga arawaskeun jelema ka kenca
katuhu,marolohok ningalkeun kareta alusna.kabeh mata ningalieun ka nu numpak na.
Rupa rupa pisan omongan jalma anu hareraneun ku kageulisan nyi saringkingkin.mantri jaga tamu
gugup,tuluy,mere isyarat ka tukang,kudu nyeunget kembang api.jegur bae meriem di sada ,breng
tatabehan muni deui.
Aria patih mapag tamu nu karek datang.dina pangirana moal salah deui nu datang teh ratu
sabrang.sabab ngan manehna tamu nu ncan datang teh.di sangka kapal na teu menang angin,tapi
barang di tingali amprok jeung tamu anyar nilik kana anggoana,anu sakitu marodelna,ciga lain anak raja
deukeut deukeut.
Nyi saringkingkin geus nyangkan aria patih bakal panglingen ka manehna.tuluy manehna nanya bari api
api teu wawuh
NYI Sarikingkin : "Bilih teu acan uninga ka sim kuring,aim kuring teh putri sabrang pang dongkap
kadieu ,ngiring rama prabu nu di lungsur linggih ku sang raja di ieu nagara,nagging kapal nu
ditunggangan ku rama prabu teu tiasa majeng jalaran teu kenging angin"
Nurutkeun nu di bejaan ku nyi pohaci tea,tujuan nyi putri kadieu hayang di wawuhkeun jeung putra
pangagung.
Patih Aria : " hayu putri ngiring urang ka pasoaman terus ngke di panggihkeun ka sang raja jeung
prameswarina"
Harita tatabeuhan jep jempe,kabeh nu aya didinya ngan neutep nyi putri nu keur sasauran jeng
prameswari.komo pangeran anom mah meunis geus samar polah.dina hatena teu eren eren sasambat
ka nu kawasa.
Pangeran Anom : "Duh gusti samoga eta NYI putri bisa di kapiwargi nu abdi"jero hate
Teu lila putri sabrang teh di samperkeun ku pangeran anom jeung pamuda pamudi nu aya di pasamoan
"deuket jodoh"teh da di ajak ku prameswari.sakabeh di ajak ngomong eweuh nu kalewat,komo nyi
purba sari jeung nyi purba ratnamah tuang kueh sakeureut ge nepi ka di potong tilu.
NYI putri " punten,nepangkeun nabi abdi nyi putri,ti nagara sabrang,dupi abdi terang saha nami
aranjeun teh?"
NYI Asih "Nya nyi putri nami abdi nyi purba asih ari ieu adi abdi nami na nyi purba ratna"
Dua lanceukna teu pisan nyahoeun eta teh nyi saringkingkin.
Dina lobana menak nu barang sareuri,ngan saurang nu simeblak,pangran panageuhan ingeten ka anakna
nyi saringkingkin.
Putri sabrang" karunya ka nyi kingkin ,meureun hayangeun campur jeung batur dina pasamoan
gede .naha mana teu di bawa ku aing teh?,jeung ari nilik kana rupa mah asa moal sabaraha katitihna
keser
Harita geus arek jam dua belas dipasamoan mejeuhna keur rame pisan.
Jero hate nyi saringkingkin : " aduh abdi kudu balik jam dua belas"
NYI Sarikingkin:"kang,punten pisan nya abdi bade uih moal pamit ka sasaha,hatur nuhunya pestana
resep pisan,jalmi jalmi na barager"
Pangeran Anom : "moal pamit ka rama prabu sareng perwasari,atau anu sanes,soalna aya nu asa
kaleungitan siah upami eneng bade balik,palaur enjing moal datang deui"
Putri sabrang"tapi abdi moal bisa janji,bejakeun weh anu kaleungitan eta,abdi bakal ngusahakeun rek
kadieu deui enjing"
Gancang na nyi putri pangeran anom ka latar pamengkang,barang balik ka latar kapangeranan,kareta
jeung pakeanan lusles laleungitan.nu tinggal teh ngan kari anggoam anjeuna nu tadi di pake rangkep.
Isukan nana nyi purba asih jeung ratna nyaritakeun maranehna motong kueh jeung nyi putri sabrang ka
nyi saringkingkin. Ngan manehna malah parabut nu potong kueh jeung nyi putri.lila ka lilaan manehna
raribut,terus nyi pangeran datang.nyangkaken nyi sarikingking nu ngadu domba lanceukna.
Nyi purba asih:kingkin kadie heula urang rek bebeja keur peuting siah
Nyi purba ratna bari judes ka nyi purba asih:"lain ngan ka maneh doang oge,ka urang ge kitu"
Nyi purba ratna bari ngajorongkeun:"naon maneh nyebutkeun urg teu didieu,titadi didieu oge teu boga
mata maneh"
Nyi pangeran:"aya naon sih ribut ribut kei,aing sebeuh ku heran da aya budak nu sok ngadu ngadukeun
lanceukna teh"
Nyi saringkingkin mangkat hnteu ngajawab,tuluy ngs di luar nyisari kingkin kaluar cai mata tuly datang
nyi pohaci ngarepehkeun.
Nyi pohaci:aya naon neng ceurik,ku ambu kawalon deui nya,ntos neng jelema kos kitu mah engke ge aya
balesnan ti nu kawasa.
Nyi sarikingkin:"muhun ni,haturnuhun nya nini sok aya amun kingkin keur kos kieu"
Peuting deui acara utama di pasamoan deuket jodoh pangeran anom milih pamajikan,terus lancek² na
jeung nyi putri sabrang ngabaris,terus nyi putri di pilih ku pangeran.
Ari patih bunyiin gelas:ting ting ting,punten ka sadaya tamu,ayeuna bade ka acara utama di pasamoan
deukeut jodo nyaeta acara pangeran milih jodo keur di jadikeun perwasari.
Pangeran anom bari seunyum,ngalirik ka nyi putri api api teu wawuh:ari ieu namina saha nya..
Pangeran anom:upami anjeun teu acan aya nu ngabogaan.daek teu anjeun jadi salaku perwesari saker
abdi.
Nyi putri sabrang ekeur senyum:kumaha nya,nya ntos atuh muhun akang.
Jero hate nyi putri pangeran:aduh engges jam dua belas geuning,kudu buburu balik ieu mah.
tuluy nyi putri sabrang lumpat kabur,tisandung sapatuna copot sabeulah.tapi nyi putri angges kabur rek
balik.sapatuna di cokot ku pangeran.
Nyi pohaci:maneh teu bisa deui minjeum papakean widadari,saban maneh nggs ngalanggar parentah ti
nu boga nyaeta kudu balik jam dua belas
Isukanana nepi ka saminggu nyi putri teh teu tembong deui ka kraton pangeran teh.terus aya nu
ngusulkeun amun pangeran neangan jelema anu pas jeung sapatu anu di pulung pangeran harita.
Jero hate pangeran:aduh si nyi putri kamana nya,apa ngges balik ka nagara na deuinya?
Aria patih:punten aya naon pangeran ciga nu bingung,mikiran nyi putri deuinya?
Pangeran rewas :eh maneh(ngaran lalakon),nya engges saminggu si nyi putri teu kadieu deui"
Ari patih:nggs atuh ulah ngalamun wae,amun arek mah usaha ambeh aya hasil.
Aria patih dapet ide:pangeran masih nyimpen sapatu anu itu tea kan,teangan weh jelema nu suku na
pas jeung eta sapatu sugan jeung sugan weh kapanggih nyi putri.
Lila kalilaan pangeran terus neangan ka kabeh awewe di nagara eta.kapanggih weh ka kraton raja
panageuhan.tapi ku sabab pangeran kadinya,indung terena ngurung nyi saringkingkin ku sabab bising
anak na kaelehkeun.
Nyi purba asih dan nyi purba ratna:nya ambu bade naon?.
Di tempat sejen.....
Jero hate Nyi sarikingkin,bari ceurik:Aduh gusti nu agung tulungan abdi anu teu bisa kukumaha ieu.
Nyi pohaci kadenge suara na doang:kingkin ieu nini,dengekeun ku nini arek di pangbukakeun.tapi engkin
kingkin langsung ka pangeran ngajaran sapatu terus ngaku bahwa kingkin nyaeta nyi putri sebrang,tuluy
tunjukeun cingcin anu pernah di berekeun ku anjeuna.
Tapi pas kitu nyi saringkingkin di tulungan ku nyi pohaci,tuluy kaluar indung tere na jeung lancek
lancekna hernaeun ku naon si kingkin bisa kaluar. Terus sabab sapatu na teu marahi ka lanceukna,di
ajaran ka nyi saringkingkin. Terus mahi.
.....
Nyi sarikingkin bari nunjukeun cingcin:nepangkeun nami abdi nyi sarikingkin putra rama pangeran
panageuhan kagungan putra alias nyi putri sabrang anu bade di perwasari ku putra raja pangeran anom.
Narator:nyi sarikingkin sareng pangeran anom nikah,pangeran neruskeun ramana jadi raja tuluy, dua
nana hidup bagja saterusna.