You are on page 1of 2

Unsur carita novel basa sunda

Sapertos nu tos disebutkeun diluhur yén novel oge


miboga unsur nu sarua jeung sastra lianna nya éta
téma, alur, latar, penokohan, sudut pandang, jeung
amanat.

1. Téma
Nya éta inti pikiran atawa puseur implengan tina carita
novel.
2. Alur
Mangrupakeun leunjeuran carita atawa lumangsungna
carita. alur carita novel dibagi tilu nya éta:

 Ngaguluyur: Nyaritakeun carita ti awal nepi ka


ahir
 Bobok tengah: Langsung kana masalah atawa ka
tengah-tengah carita
 Ti tukang: Nyaritakeun ti tungtung carita
3. Palaku
Bèda jeung palaku anu ngalalakon dina sastra buhun,
palaku dina novel mah umumna manusa. Salaku
pribadi, palaku anu ngalalakon miboga watek sewing-
sèwangan. Demi watek anu ngancik dina diri palaku
bisa dièbrèhkeun ku sababaraha cara.

Kahiji, ku tingkah lacuna. Kadua, ku jalan pikiranana.


Katilu, ku ucapanana anu dikedalkeun dina
paguneman. Kaopat, ku gambaran wujudna. Kaima, ku
gambaran langsung.

Ngeunaan jumlahna, palaku anu ngalalakon tèh aya


anu ngan saurang jeung aya anu leuwih ti saurang.
Palaku anu sifatna protagonist nya èta palaku utama,
sedengkeun palaku anu sifatna antagonis nya èta
palaku tambahan

 Palaku utama
 Palaku pembantu
 Palaku tambahan

You might also like