You are on page 1of 2

SASAKALA SUGANANGAN

Ku Giwangkara Sumirat

Saurang jajaka geus saged. Baju kamprét jeung sirahna diiket. Gembolan geus na taktak. Seja
miang milari luang, ngitung lembur ngajajah milangan kori. Ngeusi diri ku pangarti malar
jembar pangabisa. Munjungan ka ibu ramana.
“Bral kasép Bandansari, geura nungtut élmu geusan bekel hirup,” ceuk bapana bari
ngusapan. Ibuna mah ukur bisa murubut cipanon lantaran anak nu ngan hiji-hijina seja
ninggalkeun lembur matuh banjar karang pamidangan.
“Mangga Ama. Wasiat Ama diéstokeun pisan,” pokna bari tuluy cengkat.
Léngkahna ajeg, diteuteup ku dua pasang panon nu ngembeng cimata. Basa léngkah katujuh
Bandasari ngarandeg terus ngalieuk ka tukang neuteup ka kolotna. Bandansari unggut, terus
kebat lumampah mapay-mapay jalan tincakan nutur-nutur indung suku.
Héjo lémbok wewengkon nu kaliwatan éstu matak pikaresepeun. Hiliwir angin nu nebak
dangdaunan ting arulang lir nu ngagupayan. Récét sora manuk nimbrung jadi panambah
éndah kaayaan.
Bandansari geus aya sabulan lumampah. Nepi palebah mumunggang Bandansari neuteup
landeuh. Katénjo aya runggunuk suhunan. Lamun disebut saung ukuranna rada gedé.
Meureum payus mun disebut imah pibasaeunana. Haténa bungah, sugan aya nu bogana.
Maksud Bandansari hayang milu ngareureuh. Laju muru éta tempat. Rada rusuh ampir
lumpat. Sanggeus nepi Bandansari uluk salam.
“Sampurasun,” pokna.
“Rampes,” témbal nu boga imah.
Panto muka lalaunan, barang bray Bandansari olohok ngembang kadu. Pon kitu deui nu muka
panto ngandon mata simeuteun. Ngajengjen na lawang.
“Hapunten ngiring tumaros?” Bandansari maksakeun nyarita. Nyimas Lengganghérang mah
masih kénéh siga nu lingsem.
“Rék nanya naon, Jang?” ceuk saurang lalaki nu norojol ti pipir imah.
“Euleuh...punten Abah dupi ieu téh wewengkon naon?” tanya Bandansari.
“Ah, can boga ngaran Jang wewengkon ieu mah. Karék Abah sakulawarga nu nempatanna
ogé,” tembal lalaki nu norojol tadi, sing horéng éta téh bapana anu mukakeun panto tadi.
“Oh...kitu Pa,” ceuk Bandansari.
“ Ari Ujang saha, jeung rék ka mana?” tanya bapana nu mukakeun panto.
“Bandansari wasta mah, Bah. Maksud seja milari pangabisa, mung kaleresan ngalangkung
ka dieu.” Bandansari ngajelaskeun lalampahanana.
“Nyimas Léngganghérang, ajak ka jero atuh, naha ngadon ngajengjen baé na panto,” ceuk
bapana. Si horéng nu mukakeun panto tadi téh namina Nyimas Léngganghérang. Satuluyna
Bandarsari disumanggakeun ka lebet. Ngan édas panon duanana terus silih rérét, silih intip,
sakapeung tingbelenyeh seuri.
Aya rasa nu dumadakan nyaliara dina rasa masing-masing. Bandansari bet kataji ku Nyimas
Léngganghérang kitu deui sabalikna. Niat Bandansari nungtut élmu ngadadak leungit saharita
ka ganti ku niat séjén. Dalah dikumaha aya rasa tresna nu ujug-ujug nyampay kanu geulis
Nyimas Léngganghérang. Bandansari jadi katarik ati kagendam asmara. Bandansari nu tadi
niat nungtut élmu jadi niat mileuleuheungkeun nu geulis pikeun jadi batur hirup, ngambah
sagara rumah tangga.
Bandansari balaka ka bapana. Nyimas Léngganghérang. Gilig pikir moal bisa dipungpang,
sedengkeun Nyimas Léngganghérang ogé pada-pada satujuan.
“Teu salah éta téh? Tujuan utama hidep téh néang pangabisa, lain néang pipamajikaneun.”
Bapana Nyimas Léngganghérang ngawawadian.
“Henteu, Abah. Abdi duaan tos paheut,” ceuk Bandansari.
“Heug atuh. Ngan tangtu aya sarat nu kudu dicumponan,” ceuk bapana Nyimas
Léngganghérang.
“Naon saratna, Bah?” Bandansari panasaran.
“Pangnyieunkeun heula lahan pikeun tatanén, ngan omat ulah maké pakakas nanaon. Cukup
ku suku Ujang baé. Kadua pangnyieunkeun hawangan pikeun nyaian éta lahan nu geus
dijieun ku Ujang.” Bapana Nyimas Léngganghérang méré tanjakan ka Bandansari.
“Mangga, Abah,” Bandansari nyanggupan.
“Sugan ari boga lahan tatanén mah hidep duaan bisa dangan,” ceuk bapana Nyimas
Léngganghérang.
“Muhun, Abah Sugan dangan,” pokna Nyimas Léngganghérang mairan.
Ti harita éta wéwéngkon dingaranan Sugandangan nu hartina sugan rinéh, sugan nyalsé,
atawa sugan senang. Kiwari mah katelah Suganangan. Lahan tatanén anu dijieun ku
Bandansari bari teu maké pakakas nanaon, ngan didupakan baé kiwari nelah sawah dupak.
Hawangan anu dijieun ku Bandasari bari bobogohan, dingaranan cibogoh, nu kiwari nelah
Cipogor.

You might also like