You are on page 1of 3

RUPA-RUPA POTONGAN AWAK

1. (awak) sampayan: Awak nu alus potonganana, maké papakéan nu kumaha baé teu weléh
pantes katénjona. Dasar Néng Empat awak sampayan, saban-saban ka Cipanas téh, najan
maké naon-naon gé sagala manis, nepi ka kaceluk jadi panggeulisna di pamandian. Néng
Patimah, Candrahayat
2. (awak) satilas: Awak nu hadé potonganana, jangkung lenjang. Biasana dilarapkeun ka
awéwé. Kecap satilas, asalna tina "tilas" (neukteuk). Awi atawa régang nu sakali nilas,
tapakna sok alus, béda jeung nu sababaraha kali ngadék. Ngaranna Siti Juhro, tapi ari
katelahna mah Nyi Iti baé. leu mah éstu geulis manis dibéakkeun ku sorangan. Awak
sampulur sarta satilas, pakulitan héjo carulang, beungeut ngadaun seureuh, panon
cureuleuk, irung bangir, biwir ipis, buukna ombak banyuan, ana digelung sapopoéna mah
karésepna gelung malang. Nyingkirkeun Rurubed, Margasulaksana, 1933
3. aking: ilikan kuru.
4. andihi: Lintuh tapi teu pati imbang, upamana lintuh ka luhur. Meureun ari nu can
nyarahoeun mah kana rupa bapa kuring, kitu baé diimplengna téh, beuteung budayut, gado
jeung beuheung ngahiji, awak andihi nanding kaléng kurupuk ... Warga No. 137, 1955
5. bahénol: Ngeusi (lintuh) tapi matut. Ieu kecap kakara muncul taun 1950-an. Sakapeung sok
dikantétkeun jadi bahénol nérkom. Ngan nu istri anjeunna téh éstu luput, teu terang sama
sakali, saha éta putri ayu, geulis luis andalemi, salira bahénol nérkom. (Pupuh Magatru)
Wawacan "Jamus Kalimusada", Moch. Affandi, 1954
6. bahono, bohono: Lintuh matut bari pakulitan bodas. Sok dilarapkeun ka budak (orok). Geus
dua taun Basri leungitna. Dua taun Lili ditinggalkeun ku Basri, teu aya béja-béjana acan. Dina
jero dua taun Lili teu lésot tina kaprihatinan dipukpruk ku wuyung, kaseundeuhan kasedihan.
Awak anu tadina bahono, ayeuna jadi ngayakas. Laleur Bodas, Samsu, 1940
7. bangbang: Potongan awak (lalaki) nu sedeng, tegep katénjona. Ari bréh téh jelema anyar
pinanggih. Pantesna téh jajaka keur meumeujeuhna, umur lilikuran. Kasép, awak bangbang,
kulit konéng, ngagandong ransel. Dina Kalangkang Panjara, Ahmad Bakri
8. basongkol, bosongkol, basokol: Awak seseg bari rada pikasieuneun. Babandingan: bad
9. bayuhyuh: Lintuh, biasana dilarapkeun ka nu geus umuran, tapi alus kénéh katénjona. Ema
harita mah henteu bayuhyuh cara ayeuna, tapi jangjing lenjang. Cék Bapa mah geulis wé.
Modana, Uton Muchtar & Ki Umbara
10. béké: Pendék bari leutik. Naha atuh ari kuring mah, keur awak béké téh, henteu kumisan,
henteu godégan. Manglé, rubrik "Barakatak", 1977
11. bebeng: Sarua gedéna sapanjang awak, nepi ka cangkéng gé méh teu katara. Ayeuna mah
cangkéngna téh beuki bebeng waé, da beuteungna geus eusian ku utun inji. "Tatangga",
carpon Tien Kustini Maskar
12. bedegul, badigul: Awak seseg tapi teu ngimbang jeung sirah (biasana bari dugul). Kumis
janggot can dikurud, nu kasép nu bangbang awak téh jadi bedegul siga panakol bedug
rautaneun. "Pondok Jodo Didodoho", Candrahayat
13. begang: Teu pati aya dagingan, tapi alatan watekna kitu. Nu watekna begang mah cenah,
sanajan beuki dahar gé tara ngalintuhan. Salila imah-imah, anu kapicangcam téh hayang
ngasaan sakasur jeung lalaki begang, da geuning teu salawasna sugema waktu dirungrum ku
lalaki anu simbar dada téh. "Rasiah Kaopatwelas", carpon Darpan
14. begéng: Leuwih-leuwih ti begang. Kuring mah karunya baé ka Uha, eukeur mah awakna
begéng, katurug-turug saban peuting getihna diseuseupan tumbila. Taman Pamekar III, A.
Sanusi
15. begung: Begang bari leumpangna semu bongkok, upamana keur gering. Matak kacida
watirna nempo kaayaan budak, awak begung, ukur beuteung wé nu bucitreuk. Manglé, 1997
16. besekel: Ilikan busekel.
17. bohono: Ilikan bahono.
18. buntelek: Pendék tur lintuh. Sanghiyang Munget uninga sareng ningali yén pang para déwa
teu kebat nyusulna téh lantaran kasamaran ku anu buntelek hideung téa. Pusaka Sunda,
1923
19. buntet: Pendék, ngeusi, nepi ka semu buleud. Imah leutik tur panggung téh oyag basa aya
awak lintuh buntet asup. Manglé, 1978
20. busekel: Ngeusi tapi rada pendék. Dedeganana deuih nu laju katémbong baé téh, keur
busekel téh nyurup kana rupana nu bosongot. "Janari Hujan Geus Raat", carpon Dian
Héndrayana
21. buteter: Leutik tapi ngeusi (biasana dilarapkeun ka budak).
22. cabol: Pendék pisan (béké). Basa Indonésia: cébol. Bilik cabol, bilik nu pendék. Para putri
keur jongjon jalan-jalan, barang rét naringal aya raksasa cabol nyampeurkeun bari nyarekel
kembang dina leungeunna, puguh baé reuwas pacampur jeung sieun. Babad Maéspati,
Affandié
23. camperenik: Dedegan awéwé nu leutik, geulis, jeung pikalucueun.
24. cengkrang: Jangkung begang bari beuheungna rada ceuleungeung.
25. dadut: Lintuh bari beuteungna gedé.
26. démplon: Potongan awak awéwé nu ngeusi bari mantes katingalna, diwuwuh ku imbitna nu
leuwih gedé.
27. dénok: Geulis bari rada donton. Ilikan donto.
28. dépé, dédépé: Péndék, lintuh, katambah rada moyongkod.
29. dedeg: Jangkung, gedé bari kacirina bedas naker.
30. demplu: Lintuh bati teu pati matut.
31. dohdoy: Ilikan mohmoy.
32. donto: Méh saharti jeung démplon. Émbohna téh, nu donto mah bari semu paleungkeur.
33. gadémol: Lintuh, teu pati mantes, jeung semu euyak (dagingna).
34. gamuleng, gambuleng: Potongan awak awéwé nu ngeusi bari beungeutna semu buleud tur
beresih.
35. gembrot: Bayuhyuh pisan.
36. gembru: Awakna mah leutik, tapi beuteungna gedé.
37. gendut: Lintuh bari gedé beuteungna.
38. haloghog: Jangkung gedé, padahal umur ngora kénéh. Bongsor.
39. harelung jangkung: Jangkung pisan.
40. imbruh: Lintuh tur geus umuran. Martha budak ngora, lanjang kénéh, ari Yémima geus
meunang umur, pangadegna lintuh imbruh, sengkek bekek teu puguh hulu-buntutna,
leumpangna gé henteu jauh ti badawang. Kembang Beureum, 1905.
41. jalugjug: Jangkung pisan.
42. jangkorang: Jangkung bari rada begang.
43. jangkung: Ukuran awak (mun keur nangtung) nu leuwih panjang ti karéréaan. Sabalikna tina
pendék.
44. kambuy: Lintuh tapi kurang séhat.
45. keker: Awak lalaki nu kacirina kuat pisan. Seseg.
46. kuru: Kurang daging. Begang.
47. lampanyat: Pangawakan awéwé nu jangkung leutik. Lenjang.
48. langkonyang, langkoyang: Lenjang bari cangkéngna lengkéh.
49. langsing: Ilikan lenjang.
50. langsip: Lemesna tina kuru.
51. langsit: Sarua jeung langsip.
52. lenggik: Jangkung leutik bari cangkéngna lengkéh.
53. lenjang: Potongan awak awéwé nu jangkung leutik tapi ngeusi, cangkéngna lengkéh.
54. lingsig: Rada lintuh bari kacirina seger tur séhat.
55. lintuh: Awak nu loba teuing daging atawa gajih.
56. mohmoy: Awak (awéwé) nu ngeusi bari matak uruy.
57. molég: Awak ngeusi, mantes, tapi teu pati peungkeur.
58. moléh: Saharti jeung molég.
59. montok: Lintuh bari kacirina séhat (awéwé).
60. ngajalantir: Sesebutan keur pangawakan awéwé nu jangkung leutik.
61. ngajangjawing: Kuru pisan lantaran gering atawa réa pikiran.
62. ngeusi: Réa dagingna, tapi teu lintuh teuing.
63. ngongkoéng: Begang lantaran gering.
64. pécékrék: Pendék pisan.
65. pendék: Ukuran awak (mun keur nangtung) nu leuwih pondok ti karéréaan. Sabalikna tina
jangkung.
66. perekel, peureukeul: Leutik tapi ngeusi.
67. rancunit: Jangkung leutik (awéwé), irungna bangir jeung beungeutna ngadaun seureuh.
68. rangkebong: Begang pisan lantaran gering, nepi ka igana ragas.
69. regéng: Saharti jeung begéng.
70. regong: Begang lantaran kurang barangdahar. Regéng.
71. rengkung: Begang pisan bari semu bongkok.
72. sambada, sembada: Awak lalaki nu jangkung tur keker.
73. sampulur: Potongan awak awéwé nu sieup ti handap nepi ka luhur, méh taya cawadeunana.
74. seblig: Lintuh bari maké baju tara pati matut.
75. seseg: Awak nu ngeusi bari kacirina bedas. Babandingan: keker.

You might also like