You are on page 1of 1

Nadzoman wajib di alajar ngaji

Wajib di alajar ngaji, ngan ulah hayang ka puji


Lahir batin sing ngahiji, pan alloh parantos janji
Allah bakal maparinan, ka jalma anu ariman
Umat nabi akhir zaman, di akhirat pasti aman

Geura rek aji elmuna, pek taroskeun ka ahlina


Tong isin dulur datangna, ke’ pasti aya hasilna
Dosa lamun teu di ajar, eta jalma pasti sasar
Bakal leungit sifat sabra, sangsara di alam mahsyar

Nyiar elmu diwajibkeun, ku rosul di parentahkeun


Anu bakal nyalametkeun, pek di ajarna sing leukeun
Nyaeta elmu agama, nu di sebarkeun ulama
Pikeun sadayana jalma, nu hayang hirup utama

Mumpung aya kesempatan, kanggo milarian jalan


Pilari ridho pangeran, ngan ulah jadi aleusan
Abdi ukr ngawartosan, ka sadaya insan –insan
Sabab ajal teh ngantosan, di dunya ngan ukur ngasaan

Geura pilari elmuna, anu aya manfaatna


Ulah ngan ukur capena,teu aya buruhan nana
Ari elmu anu manfaat, eta karaosna nikmat
Ku pada jalma di hormat,kalayan jadi syafa’at

Sabab jalma sadayana,heunteu aya nu sampurna


Seueur ka kirangannana,ngan tong liren milarina
Di ajar elmu tauhid,sing appal tong kulak keulik
Ngarah teu ka bawa palid,elmu piqihna sing mupid

Ari tauhid ka gusti,allah simpen jero ati


Yakina sieun kagusti,ti hirup dugi ka mati
Ngarasa hrup di atur,seneng sehat pakir udur
Ti hirup sampe di kubur,ku allah nu robun gofur

Ulah luntur ka ibunan,ulah kedar ka angina


Ulah laas ka hujanan,percaya kanu kagungan
Sadayana teh ti gusti,allah anu gaduh pasti
Nu ngatur hirup jeung mati,tekadkeun dina jero ati

You might also like