You are on page 1of 1

Oendang-oendang Dasar

BOEBOEKA:
Satemen-temenna kamerdikaan teh hakna oenggal-oenggal bangsa,
djeung koe sabab eta atoeran pendjadjahan di alam doenja teh koedoe
dileungitkeun sabab henteu sadjalan djeung rasa kamanoesaan djeung
kaadilan.           
Djeung perdjoeangan pergerakan kamerdikaan Indonesia geus nepi
kana sa’atna noe bagdja djeung salamet-santosa nganteur Rajat
Indonesia kana panto Nagara Indonesia, noe merdika,
sabibiloeloengan, ngabogaan daolat, adil djeung mahmoer. 
Koe berkahna Rahmat Toehan Noe Maha Kawasa, djeung disoeroeng
koe angen-angen loehoer, soepaja boga kahiroepan kabangsaan noe
bebas, koe djalan ieu Rajat Indonesia ngakoe kana kamerdikaan
sorangan.
Lian ti eta pikeun ngawangoen Pamarentahan Nagara Indonesia noe
nangtajoengan sakoemna bangsa Indonesia djeung sakoeliah lemah tjai
Indonesia, djeung pikeun ngamadjoekeun karahardjaan oemoem,
ngamadjoekeun kahiroepan bangsa, djeung miloe ngalaksanakeun
katartiban doenja, noe didadasaran kamerdikaan, kaakoeran noe
langgeng djeung kaadilan sosial, nja disoesoen kamerdikaan
kabangsaan Indonesia teh dina hidji Oendang-oendang Dasar Nagara
Indonesia, noe diwangoen dina hidji soesoenan nagara Repoeblik
Indonesia noe rajatna boga daolat djeung didadasaran koe:
Katoehanan Noe Maha Esa, kamanoesaan noe adil djeung adab,
Indonesia noe ngahidji, djeung karajatan noe dipingpin hikmat-
kabidjaksanaan dina permoesjawaratan-perwakilan, bari djeung
ngawoedjoedkeun hidji kaadilan sosial keur sakoemna rajat Indonesia.

You might also like